Anonim
Carpon : Taufik Rahayu
(dimuat dina majalah Mangle, maret 2011)

Ti keur leutik geus wanoh kana roko téh, sok mindeng katiténan kolot bangun nu nikmat kacida nyeuseupan haseup roko. Sabatang-sabatang matak uruy ningalina. Komo mun tas dahar, nu pangheulana dirongkong pasti roko kadua korékna.
Isuk-isuk nya kitu kénéh, hudang saré téh bapa geus pelenyun kana udud, dibaturan kopi hideung bangun pogot naker. Ari keur leutik mah asa teu kaharti, naon ngeunahna ari roko? Haseupna? Kararagok kudu nyeuseupan haseup tina sabatang roko mah, mending kénéh nyieun durukan nu ngaluarkeun haseup loba, ban mobil atawa pelastik. Geus kitu kari diseuseupan, seubeuh meureun. Moal kawas roko, unggal usik. Matak kaluman ningalina, talung mun murah. Nu puguh mah duit jajan sok dikorteng waé ku indung. Béak dipaké roko bapa manéh majarkeun téh cenah.
Nya naon ngeunahna atuh? keur kuring mah, karék ngambeu haseupna ogé irung karasa arateul teu puguh rarasaan, eungap. Kaditu pasti matak jadi batuk.
Kungsi nanya ka aki, naon pangna resep kana roko? aki ukur mésem, “Tong sok ngabiasakeun wawuh jeung roko sia mah, jauhan. Matak teu gableg kaboga. Montong nurutan bapa sia.” kituna téh bari teu euren-eureun ngenyotan bako nu dibungkus daun kawung, katémbong bangun nu nikmat kacida. Béak salintingan, tuluy ngalinting deui, kecrék gasolin kameuemutna dihurungkeun, pelenyun deui.
Asup SMP kuring ogé mimiti ngaroko téh. Mimitina sok mindeng katingali babaturan sakola ngadon ngararoko, kuring asa mobok manggih gorowong. Nanyakeun  naon ngeunahna ari roko. Maranéhna ogé sarua siga bapa jeung aki, bangun nu nikmat pisan. Selebung-selebung. “Gaul mén, lalaki nu teu ngaroko mah banci siah…” ceuk babaturan bari ngasongkeun roko ka kuring, “cobaan geura, tong sok bébéncongan ngéwa jadi lalaki mah.”
Rada asa-asa rék nampanan roko téh, kawantu baheula ogé kungsi ngalaman nyeuseup, kalah batuk jeung murel. Tapi ke heula, embung teuing kudu disebut banci mah. Roko ditampanan, dikenyot lalaunan. Haseup munggaran asup ngaliwatan genggerong, eureun sakeudeung dina dada, paru-paru pahibut ngompakeun haseup ka sakabéh awak, kana jantung, kana urat-urat, kana otak, narapel dina daging, namper dina tulang, ngahiji jadi getih, tuluy lalauna haseup dikaluarkeun deui. “huuuhhh…” karasa nikmat geuning roko téh. Dikenyot deui, dikaluarkeun deui, dikenyot dikaluarkeun tina irung, ditahan sakeudeung na dada, dikaluarkeun dibuleud-buleud. Beuki dieu beuki karasa ngeunahna haseup roko téh, matak deudeuieun, nu antukna nyandu.
Sabada meunang pagawéan, kana roko mingkin maceuh. Geus teu kudu deui nyusahkeun kolot. Kana roko lir kana oksigén, unggal nyaring teu weleh ngebul, unggal hawa nu dikenyot kudu waé aya kekebul bodasaan. Nepi ka boga pamajikan, boga budak. Roko geus jadi getih jadi daging. Sabungkus, dua bungkus, tilu bungkus, geus teu ka itung deui.

*

Karasa gararing baham téh, geus sababaraha minggu ti saprak di rumah sakit teu bisa nyeuseup roko. Ceuk dokter kuring kudu eureun ngaroko, éta oge ari hayang hirup leuwih lila. Kangker paru-paru ganas geus parna pisan. Staging, tingkat opat, cenah.
Kudu eureun ngaroko? Tangtu waé teu bisa ditarima kitu waé, kawantu roko téh geus ngadarah ngadaging ngajadi jiwa keur kuring mah. Teu bisa ngaroko mah sarua waé jeung nitah paéh.
Da enya atuh, sanggeus kaluar ti rumah sakit, pamajikan jeung anak kuring siga nu geus baradami. Sagala hal nu aya pakuat pakait jeung roko téh dipiceun, asbak nu biasana aya di unggal juru korédas, kitu ogé roko nu biasa maturan téh teu buntut-buntutna acan. Kuring ngan ngaheruk, rék ingkah awak teu walakaya. Sadrah kana kaayaan diri.
Baham beuki gararing, mun pareng diasupan sangu ogé geus teu karasa nanaon. Geus teu apal kumaha tiis jeung panas, komo rasa kadaharan mah. Létah siga nu geus paéh. Rék naon waé nu diasupkeun, angger euweuh rasana, hambar. Nu aya dina pikiran mah keukeuh montél kana roko. Euweuh deui, ukur roko nu boga sayuta rasa mah. Pareng mun diseuseup ngageleser asup ngaliwatan genggerong, ereun sakeudeung dina dada, bayah pahibut ngompakeun haseup ka sakabéh awak, kana jantung, kana urat-urat, kana otak, narapel dina daging, namper dina tulang, ngahiji jadi getih, tuluy lalaunan haseup dikaluarkeun deui.
“Huuuhhh…” kabayang karasa nikmatna roko téh.
Ayeuna mah neureuy ogé karasa beuki nyeri. Sangu bubur hésé rék asupna. Diteureuy ngaganjel dina genggerong lir batu teuas, seuseut kacida. Euweuh deui nu matak mawa kanikmatan mah. Ngan haseup roko, teu kudu sangu. Ku haseup roko mah langsung jagjag, sok najan ku bako atawa kuntung panyésaan ogé.
Mindeng pisan batukna ayeuna mah, malah pacampur jeung getih nu semu hideung. Rarasaan téh ari ku ngaroko mah batuk téh sok leungit, genggerong jadi haneut. Dada karasa ngaremplong.
Ti saprak eureun ngaroko, awak beuki ngorotan. Mun pareng kuring nanyakeun roko, pamajikan jeung anak langsung jejebris. Padahal ubar nu matih keur kuring mah euweuh deui ngan hiji. Nya éta haseup roko. Teu kudu di Radioterapi, Kemoterapi, Targeted therapy  sok komo kudu dibedah mah, lebar kahambur-hambur biaya.
Panénjo asa kurang awas, sirah mingkin beurat. Baham beuki garing, ciduh téh teuing kamarana miisna. Dedegan roko keukeuh lir nu gugupay dina jero sirah. Kungsi dibéré roko elektrik, nu teu kudu maké seuneu atawa haseup, matak séhat majarkeun téh. Tapi da keur kuring mah, justru kanikmatan sabatang roko téh koncina aya dina seuneu jeung haseupna. Asa ngahina ari kudu dibéré roko elektrik kitu mah, asa jadi budak nu dibéré cocooan. Teu harayang teuing.
Poé ka poé awak mingkin karasa ngorotan, dada beuki seuseuk, genggerong beuki teu puguh rasa, napas heureut. Pamajikan  bur-ber tatamba ka ditu-ka dieu, ti dokter mah puguh. Malah aprak-aprakan mapay lembur-lembur pasisian. Geus disaréatan ka mana-mana cenah.
Sok keueung ogé mun pareng ngadéngé pamajikan ngaji, maca yasin. Sok sanajan ngagerenyem tapi da kadéngé matak kareueung. Sakapeung kadéngé inghakna nu marengan doa-doanna. Asa geus béak pangharepan. Kahayang kalah ayang-ayangan. Karesel kudu nambru dina kasur unggal poé kieu mah.
Hiji peuting maksakeun hudang, karasa beurat jeung lieur sirah téh. Awak ngeleper, napas mingkin sesak, mengi. Sakapeung pacampur batuk jeung getihna. Leumpang lalaunan mapay-mapay témbok imah. Kuring inget baheula kungsi nunda bako jeung daun kawungna digudang. Ngahaja piparantieun mun pareng teu boga duit keur meuli roko. Ditéang susuganan aya kénéh, geus teu kuat ku awak nu mingkin teu puguh rasana.
Asa jauh pohara gudang téh, padahal lamun keur séhat mah moal samenit-menit acan. Luut léét késang, suku geus teu kuat ku léngkah. Haseup tuluy gugupay, sumanget hayang cageur beuki ngagedur, ngeureuyeuh ngised-ngisedkeun léngkah.
Nepi di gudang, karasa awak mingkin lungsé, panon ranyay, rénghap napas nu parendek karasa peurih. Ku sésa-sésa tanaga, gura giru néangan kotak kai hideung panundaan bako. Ngahaja dikotakan kawantu aya sajarahna. Titinggalan aki, lengkep jeung gasolin klasikna, pasagi hérang, tina almunium. Tara kuat ari geus mindeung kana roko mah kana bako téh. Harita basa aki maot, kuring pangangguran nyokot gasolin klasikna. Sakalian jeung bako moléna, bisi butuh cekeng téh. Itung-itung kenang-kenangan waé.
Peti kai dibuka. Asa manggih milik gedé barang nénjo bako nu dibungkus pelastik leutik. Dina bungkusan éta kénéh aya sababaraha lambar daun kawung nu geus garing jeung pahpir.
Nyewol bako, karasa tiis jeung rada ngabagel. Diambeuan karasa bauna seungit asup kana alam pikiran. Daun kawung dibébér-bébér, bako nu diambeuan digulungkeun. Dilinting leutik. Gap kana gasolin, hésé hurung, cekés cekés cekés… sanggeus sababaraha kali karék.
Bako diseungeut, karasa haseupna ngageleser asup ngaliwatan genggerong, ereun sakeudeung dina dada, bayah pahibut ngompakeun haseup ka sakabéh awak, kana jantung, kana urat-urat, kana otak, narapel dina daging, namper dina tulang, ngahiji jadi getih. Eureun sakedapan, jajantung, napas, wanci… haseup.
Panon peureum ngararasaeun haseup nu kaluar asup minuhan awak.
Haseup ka luar deui ngabreng paheula-heula, moékeun pangeusi gudang, moékeun sakabéhna, tuluy ngajaul nembus ka langit. Karasa awak harampang, asa ngalayang, napas ngemplong, awak cageur sabihara-sabihari deui. Nyaah beunta, katinggal haseup ngelun ngahalangan téténjoan.
Hawar-hawar ti rohangan tengah aya nu ceurik ngabangingik, sakapeung diselang ku nu ngaji yasin patémbalan. Gura-giru kuring nyampeurkeun. Horéng di tengah imah geus loba jalma ngagimbung, karérét pamajikan mah teu ingeteun dina lahunan tatangga. Budak jeung dulur-dulur rarambisak. Di tengah-tengah katémbong aya nu ngajepat dikurungan samping.
Bet asa reuwas, nya saha éta? Disampeurkeun, lalaunan dibukakeun samping nu nutupan. Ngagebeg. Asa leuleus saawak-awak. Horéng kuring nu ngajepat téu nyawaan téh. Teu kawawa undur-unduran ngajauhan layon.
Ngagorowok satarikna, jelema-jelama bangun nu teu miroséa. Jejeritan mingkin tarik angger taya nu ngadéngé. Kalah jarongjon mulasaraan layon kuring. Geus béak déngkak. Diuk cindekul luhureun sirah layon kuring. Rét kana layon nu ngajengjen, rét ka diri nu ayeuna geus mangrupa haseup. Semu hideung ngabelegbeg. ***

Cisompét, bulan katilu 2011
1 Response
  1. Fitri W Says:

    hatur nuhun,Pik ...tos posting dina ieu blog. mdh2an carpon-na langkung seueur nu dimuat ^_^


Posting Komentar