Nyai Endit


Eros cengkat tina diukna. Manehna muka laci lomari jati nu aya digigireun ranjang. Buku diari nu sapopoe jadi tempat pangaduan hatena di tempoan, manehna neangan diari nu nyimpen hiji rusiah tina lalampahan sababaraha waktu katukang. Hiji hiji, buku diari di tempoan, nu ieu lain, nu itu lain. Eros inget, warna kayas buku diarina teh.

Laci ditutupkeun, Eros muka laci nu hiji deui, eusina masih keneh buku-buku diari. Teu kungsi lila, breh, aya buku bungkusna kayas. Ah, geuning, aya keneh, piraku leungit, da tara aya nu kakaratak kana laci, jaba dikonci deuih, koncina ditunda dibuni -buni, gerentes Eros dina hatena.

Karek nempo bungkusna wungkul ge leungeunna geus ngadegdeg, hatena ngageter. Laci ditutupkeun deui, buku diari diteundeun luhureun ranjang. Eros nutupkeun panto kamar, tuluy ngabeubeutkeun awakna kana kasur. Buku diari dicokot, di usapan bungkusna bari diteuteup. Moal kitu ieu buku diari bakal kapanggih ku Kang Agus? tada teuing Kang Agus ambekna mun maca eusi ieu diari. Boa kuring bakal narima talak ayeuna keneh? Eros hatena noroweco.

Bungkus diari dibuka.

“Wilujeng sumping kaasih, wilujeng sumping kadeudeuh, bageakaeun diri kuring ku diri anjeun”.

Eta kalimah nu ditulis ku Eros dina kaca kahiji. Hiji kalimah nu ukur Eros nu apal kana hartina. Kalimah nu jadi konci tina rusiah manehna. Lamunan Eros mimiti kumalayang, nineung ka mangsa nu harita kungsi kalakonan. Jaka, saurang lalaki nu minuhan hatena sabot Eros ngarasa diculjeunkeun ku salakina. Hiji lalaki nu ngubaran raheut hatena, ku alatan Agus ngahianat iketan rumah tanggana. Agus salingkuh jeung batur sakantorna. Dina kaayaan rumah tangga nu keur ruwet kitu, Jaka datang jeung sajak-sajakna, sajak endah nu bisa nenangkeun batin jeung lelembutan Eros. Jaka nu unggal poe nelepon jeung ngirim sms ka maneha.

Lembar kadua dibuka, aya tanggal nu ditulis diluhureunana, Bandung, 06 Juni.

Saha nu maok, saha nu dipaok, saha nu maok teuteup? Hate kuring milu kapaok.

Eros seuri sorangan waktu maca kalimah dina kaca kadua. Manehna inget harita Jaka maling teuteup ka manehna. Sabenerna, Eros nyaho yen Jaka keur merhatikeun manehna. Tapi Eros pura-pura teu apal. Tapi ceuk pikirna, keun wae da manehna ge sarua resep nempo manehna. Eros imut ngagelenyu, asa era ku dirina sorangan.

Eros narik bantal hareupeunana. Bantal dijadikeun panahan dadana, leungeunna nalungkup, awakna angger nangkuban. Eros narik napas panjang, bari tuluy imut sorangan. Leungeunna mukakeun deui lembaran nu satuluyna, aya sajak pamere ti Jaka, dikirimkeun ngaliwatan SMS, nu harita geuwat dicutat kana diari manehna.

Imut anjeun jungjunan, kembang eros nu ligar diburuan. Sora anjeun jungjunan, kembang eros nu ngaharewos katebak angin. Peuting nyaring ku dalingding, beurang beunta ku seungitna. Reup peuting teu bisa tibra, bray beunta teu puguh rampa.

Sakali deui eta sajak ku Eros dibaca. Karasa keneh bagjana cara basa harita manehna narina eta sajak ti Jaka. Ah, ayeuna oge, sanajan hubunganana jeung Jaka geus pegat, angger wae ari dina hatena mah nyidem keneh rasa kasono.

Eros nyumputkeun beungeutna kana bantal, hatena ngajerit, duh Gusti, naha abdi teu diamprokkeun sareng Jaka basa nuju lalagasan keneh? Cangkeul palebah siku leungeunna, Eros terus nyangigir, bari diari mah angger dicepeng ku dua leungenna.

Muka kaca nu kaopat, Eros imut sorangan, pedah eusina nyaritakeun waktu manehna jeung Jaka huhujanan duaan. Kawas budak mun dipikir mah, saaya-aya tempat keur ngiuhan, ngadon milih lulumpatan, antukna baju jibreg jeung asup angin. Ti kajadian harita, sababaraha poe wae mah maranehna teu panggih. Najan kitu, ari komunikasi mah tetep jalan, ngaliwatan telepon jeung SMS.

Aya SMS nu nepi ka ayeuna Eros ingeteun keneh.

Basa hujan megatkeun lalampahan urang poe harita, salira moal apal, leungeun ngusiwel ngaluarkeun kembang eros, diseuseup bari geugeut, ngaganti jirim salira.

Kitu eusi SMS-na teh. Eros nangkarak, neuteup lalangit nu dicet ku warna bodas. Pikirianana kumalayang, hatena noroweco, bener, dihargaan kuring mah ku Jaka teh. Saestuna dianggap awewe nu butuh diusap, dijaga, tur di puspusti. Beda jeung Kang Agus nu geus ngahianat jeung nganyeyeri hate awewe. Tapi, lain Jaka ge sarua, geus ngahianat ka pamajikanna? Geus nganyeyeri hate pamajikanna? Ari kitu mah sarua meureun pada pada tega ka awewe. Ah, teu bisa disaruakeun, da Jaka mah deudeuh ka kuring, karunya ka kuring.

Reup, Eros peureum, tuluy gigideug. Moal, Jaka mah moal nepi ka kitu. Diari ditutup, Eros pikiranana kumalayang ka jauhna, nyipta-nyipta Jaka. Naha anjeun mikiran kuring ayeuna? Sono teu ka kuring ayeuna? Siga sono kuring ka anjeun, kuring rumasa teu bisa mopohokeun.

Sabot Eros keur nyawang, hape di hareupeunana disada, lamunanana kagareuwahkeun.

“Assalamu’alaikum. Mah, Papah moal uih deui ayeuna, meeting-na diperpanjang dua dinten deui,” sora Agus dina telepon.

“Wa’alaikum salam Pah. Naha meni lami-lami teuing? Meni dugi ka genep dinten?” Tanya Eros panasaran.

“Muhun Mah, teu tiasa ditolak, da Pa Cukra nu nugaskeun,” sambung nu ti peuntaseun telepon. Emh, Pa Cukra dijadikeun tameng. Baku ari alesanana Pa cukra nu nugaskeun teh. Maenya euweuh pagawe nu sejen deui pikeun ditugaskeun? Cek Eros dina hatena.

Sanggeus nutup telepon, manehna muka deui diari, tuluy anteng maca kaca nu kalima.

Mega nu umpal-umpalan, jadi saksi urang duaan, poe ieu urang nyacapkeun rasa kasono, rasa kacinta. Ngebrehkeun sakabeh rasa urang, pikir urang, dihijikeun dina asih nu saestuna nyalahan.

Panon Eros cirambay, inget waktu manehna jeung Jaka nekad indit ninggalkeun imahna sewang-sewangan. Manehna ninggalkeun Agus, salakina, Jaka ninggalkeun pamajikanana, demi rasa cinta maranehna. Tilu poe Eros kakaburan jeung Jaka, nyewa villa di hiji tempat nu jauh ti tempat maranehma. Inget harita Eros narima telepon ti indungna nu nyaritakeun yen Agus menta dihampura. Eros daek balik deui ka imahna, manehna kapaksa ninggalkeun Jaka di villa nu pinuh ku carita.

Jaka, tiharita, anjeun euweuh ibarna deui, euweuh nelepon, euweuh ngirim SMS. Geus ratusan kali kuring nelepon, nomerna teu aktif. Ditanyakeun ka babaturan gawena, pajarkeun anjeun geus teu gawe deui di dinya.

Hape disada deui, gancang ku Eros ditempo, aya tulisan ngaran Pa Cukra.

“Hallo, Bu Eros? Saya Pa Cukra, beberapa hari ini, kenapa Pa Agus tidak masuk kerja, Bu? Apa dia sakit?” Gebeg, Eros ngagebeg lain dikieuna.

“Euh, iya Pa, dia kurang enak badan beberapa hari ini. Maaf kalau suami saya belum ngasih kabar, Pa,“ Eros nutupan salakina nu ingkar tina pagawean.

“Oh, ya enggak apa-apa kalo gitu mah, biar Pa Agus sehat aja dulu, makasih ya, Bu.”

Asa katinggang langit nu runtuh karasana ku Eros, sanggeus nampa telepon ti Pa Cukra, dunungan salakina. Jadi salila ieu, salaki kuring ka mana? Jeung saha? Eros hatena beuki noroweco. Ambek teu kabendung, Eros gancang nelepon salakina, teu nyambung. Dicoba sakali deui, sarua. Nepi ka sababaraha kali telepon salakina teu aya nu ngangkat.

Kang Agus, naha tega anjeun ka kuring. Mun enya akang geus teu suka, serahkeun kuring ayeuna, ulah diganggayong kieu. Eros nyegruk, bohak hatena kasuat-suat deui.
Eros inget aya nomer telepon Jaka hiji deui, nu ditulis dina diari, geuwat ku manehna diteang, susuganan nomer teh aktif keneh. Pinuh ku harepan, Eros mencetan nomer nu dituju. Nomer masih aktif keneh, kadenge aya nada sambung.

“Hallo, wilujeng siang,” sora nu teu bireuk keur manehna manehna kadenge deui.

“Jaka, kadieu, Jaka, kuring butuh anjeun ayeuna keneh. Bawa kuring ti dieu Jaka, kuring geus teu kuat di dieu,” cek Eros dibarung ku eueuriheun.
2 Responses
  1. tah,geuning tos tiasa posting nyalira heuheu


  2. Nyai Endit Says:

    hehehehheh ..... hatur nuhun Ibu Admin ... hatur nuhun ...


Posting Komentar