Nyai Endit

Sudirja, juragan beas, kasohor jelema beunghar. Boga budak awewe ti salah saurang simpenan-ana. Ma’lum Sudirja, loba harta banda, teu aneh mun loba awewe nu daraekeun ka manehna. Pama-jikan Sudirja nu di kawin mah aya tilu. Tapi nu teu dikawin mah, teuing sabaraha hiji.

Sudirja nyaaheun pisan ka anakna nu awewe teh. Sabab lian ti geulis teh pinter dagang deuih. Beda jeung lanceuk lanceuk terena, nu bisana ukur  meakkeun duit bapa-na wungkul.

Budak awewe Sudirja teh ngaranna Rukmini, umurna jejeg salapan welas taun, keur memeujeuhna beger . Rukmini  hahadean jeung Permana. Hanjakal Permana teh lain budak jelema aya, lain jelema sakolaan deuih. Ukur budak ti panyawah kulawarga Sudirja. Permana teu apaleun saha bapana, lantaran indungna teu kungsi betus mun ditanyakeun riwayat  Bapana.

Pasosore,di sisi walungan nu aya di lemburna, Permana jeung Rukmini uplek ngobrol paduduaan. Maranehna nyacapkeun kasono, silih ebrehkeun eusi hate.

“Kang, kumaha atuh, da gening bapa teh teu robih wae pamadegan-ana, Nyai bade ditikahkeun ka Ruslan,” ceuk Rukmini. Permana ngarenghap, bari neuteup seukeut panon Rukmini nu mimiti baseuh ku cimata.

“Sabar geulis, urang antosan wae, sugan isuk pageto, juragan tiasa nampi urang!” ceuk  Permana nenangkeun hate bebenena.

“Akang, kumaha pami bapa maksa nyai teras? Da saurna satuju teu satuju, nyai kedah kersa ditikahkeun sareng Kang Ruslan!” ceuk Rukmini bari nyegruk.

Tangkal awi oyag katebak angin, daunna patingkeresek, keur maranehna mah kadengena siga sora tembang katunggaraan. Sora manuk piit kadengena bangun ngalelewe. Permana teu nyarita nanaon deui da puguh manehna ge bingung. Dalah dikumahakeun oge Sudirja moal mikeun budakna. Saha atuh ari manehna, saha ari Rukmini. Ibarat bumi jeung Langit, najan ajol ajolan  moal bisa ngahiji.

Layung beureum geus bijil, nandakeun maranehna kudu mulang  ka tempatna sewang sewangan. Rukmini mulang ka imahna nu agreng. Sedeng Permana, ka saung reyod. Tapi, harita mah duanana ge euweuh nu jengkat ti eta tempat. Nepi ka teu inget, maranehna teu kuat ku panggoda setan, milampah dosa nu dipahing ku agama jeung darigama.

Bulan jeung bentang meungpeun. Era nempo kalakuan eta dua manusa, nu keur milampah dosa. Mega hideung lalumpatan, teu wasa nempo maranehna. Peuting nu simpe, peuting nu geus ngahijikeun hate maranehna. Saung butut  jadi saksina.

Isukna, juragan Sudirja ngagedor panto kamar Rukmini, tarik pisan gegedorna teh.

”Rukmini! Rukmini! buka panto! Geus timana maneh tadi peuting?” Sudirja hohoak ti luar kamar.

Rukmini nu keur tibra, ngorejat, reuwas  ngadenge sora bapana hohoak ti luar kamar. Buru buru manehna hudang, tuluy muka panto.

 “Geus timana maneh tadi peuting Rukmini? heueuh maneh balik tadi subuh? Jawab nu jujur Rukmini!” Sudirja nanya bangun nu teu mere kasempetan Rukmini pikeun ngajawab.

“Euh, abdi ngendong di bumi Saraswati, Pa!”, jawab Rukmini ngabohong.

“Awas siah mun bohong! Dipodaran ku aing”, Sudirja ngancam.

Dua bulan ti harita, Rukmini gering, manehna remen utah utahan, seueul beuteng, jeung awakna babareuhan. Rukmini sadar, yen eta teh ladang pagawean nu geus dilakonan jeung Permana. 

Hiji mangsa, isuk isuk keneh, Rukmini hudang, rek maksakeun nepungan Permana ka imahna, rek ngabejaan yen manehna keur kakandungan. Rukmini dianteur ku Bi Imah, rencangna. Bi Imah nu ngurus Rukmini ti leuleutik, nyaaheun pisan ka Rukmini leuwih - leuwih ti indungna sorangan. 

“Neng, tebih keneh ieu teh?” Bi Imah nanya satengahing jalan.

“Tos caket Bi, tuh nu aya tangkal asem,”  Rukmini bari nunjuk ka saung butut nu teu jauh ti dinya.
Bi Imah ngarandeg. Panonna melong ka saung butut nu bieu dituduhkeun. Satengah teu percaya, Bi Imah  olohok mata simeuteun.

“Ieuh, bibi, aya naon meni olohok kitu? hayu enggal mapahna,”ceuk Rukmini bari noel Bi Imah. Nu ditoel katempo bangun nu reuwaseun.

Sanggeus nepi, Rukmini uluk salam. Teu kungsi lila torojol awewe kira kira umur opat puluh taunan kaluar ti jero saung. Beungeutna katingali aya sari sari geulis keneh, dedeganna jangkung lenjang, buuk panjang ngarumbay hideung meles.

Barang nempo Rukmini, maneh-na katempo reuwas.Tapi leuwih reuwas deui basa manehna nempo Bi Imah.

"Saha tea nya?" ceuk pribumi bari neges neges semah.

“Abdi, Rukmini,” ceuk Rukmini.

”Dupi Permana aya di bumi? pokna deui. 

“Permana mah nuju ka leuweung, ngala suluh.  Aya naon milarian Permana? Aya padamelan panginten nya?” indungna Permana nanya deui. Ari Bi Imah katempo bangun nu asa-asa ka indungna Permana teh.

Teu lila nganjang teh, da nu diteangna euweuh. Sapanjang jalan balik Bi Imah teu loba ngomong. Ngan Rukmini nu noroweco teh ngomongkeun kumaha bageur jeung geulisna indung Permana. Rukmini teu sadar, yen nu di ajak ngomongna mah, pikiranana keur kumalayang ka mangsa katukang.

“Imah, Imah!” ceuk sora awewe ti lebah tangkal kacapiring. Barang ret, katempo ku Bi Imah nu ngageroan teh indungna Permana. Manehna tuluy nyampeurkeun.

”Darsih ieu teh?” ceuk Bi Imah.

”Enya Imah, kuring Darsih!” tembal Darsih.

“Imah, kuring rek nanya, ari Rukmini teh anak saha, Rukmini teh Kananga tea lain? anak kuring jeung Sudirja?” Hiji patalekan nu beurat di jawab ku Imah. Imah ngan saukur unggeuk. taya ucap  nu kaluar.

Barang nempo Bi Imah unggeuk, Darsih awakna ngeleper, rarasaanna asa kabentar gelap.Pangna kitu, ceuk pikirna piraku  Permana rek ngawin adina.

Kocap Sudirja, sanggeus apal Rukmini kakandungan, manehna ambek lain meumeueusan. Panyangkana Sudirja langsung ka Permana, da ceuk pikirna saha deui lalaki nu deukeut jeung anakna iwal ti si Permana.

“Uja, brewok, Peang, ka dieu!” Sudirja ngageroan jongosna. Nu digeroan lalumpatan nyampeurkeun.

“Teangan mangkeluk nu ngaranna Permana, bawa kadieu, rek di podaran ku aing!” ceuk Sudirja.

“ Omat ulah waka dikukumaha, ku aing diurusna!" pokna deui.

Rukmini nu titadi ngadedengekeun, buru buru indit, rek ngabejaan Permana yen bapana keur neangan manehna. Rukmini leumpang rurusuhan, sakapeung bari lulumpatan, sieun kapiheulaan ku jongos titahan bapana. Ku kabeneran, di tengah jalan, Rukmini panggih jeung Permana nu rek indit ka leuweung. 

“Akang, bapa nuju milari akang. Anjeunna apaleun abdi kakandungan!”,ceuk Rukmini. Permana ukur  ngahuleng.Sabot kitu kadenge aya sora nu ngagareuwahkeun.

“ Permana, kadieu silaing, juragan kuring aya perlu jeung maneh! montong lumpat siah !” si Uja nu hahaok kitu teh. Permana jeung Rukmini siga sahate, maranehna lumpat muru ka walungan, tempat nu biasa ku maranehna dipake nyacapkeun kasono.

Barang anjog ka sisi walungan, duanana ngajanteng, silih teuteup, euweuh ucap nu kaluar. Cipanon Rukmini teu bisa di tahan, kitu deui Permana, peuriheun hatena. Keur kitu torojol Nyi Darsih, disusul ku Sudirja jeung sawatara pagawena.

”Ulah kadieu! mun ngadeukeutan kuring jeung Rukmini rek ngagejeburkeun maneh ka walungan!” Permana ngancam. 
"Permana, ujang, ieu ema, naha ujang rek tega ninggalkeun ema?" Darsih ngelingan bari rawah - riwih.

"Rukmini, ulah geulis, ulah tega geulis, sing emut!" pokna deui ka Rukmini.

"Dengekeun ku kabeh, naha kuring jeung Rukmini teu meunang ngahiji? kuring nyaah ka Rukmini. Rukmini ge nyaah ka kuring! Naha bet ulah? Naon salah kuring jeung Rukmini?" tatag Permana nyarita bari neuteup seukeut ka Sudirja.

Sudirja teu langsung ngajawab, manehna katempo bingung pisan. Sudirja neuteup ka nyi Darsih, tuluy neuteup ka Rukmini. 

“Permana, Rukmini, sabenerna anjeun duaan teh dulur, adi jeung lanceuk, sagetih, sasusuan! Kuring bapa maneh duaan!”.

Permana jeung Rukmini ngagebeg lain meumeueusan ngadenge Sudirja nyarita kitu. Maranehna silih teuteup.

"Akang!" biwir Rukmini ukur kaluar ucap sakitu.

“Rukmini!" tembal Permana.

Bangun nu sapikiran, duanana unggeuk lalaunan. Teu kungsi lila gajleng maranehna luncat ka walungan nu caina umpal umpalan.

Hawar hawar, kadenge sora Sudirja jeung  Darsih nu ting jarerit, kitu deui nu lianna. Tapi ukur bisa ngajerit, teu bisa kukumaha.

Permana jeung Rukmini kabawa palid, nepi ka lesna teu katempo deui jirimna.





Kantos dimuat dina majalah dwi bahasa KATARA
edisi sasih Agustus 2010



0 Responses

Posting Komentar