Nyai Endit

 Leumpang mapay galengan sawah nu aya di kiduleun lembur. Tujuan ayeuna, rek apel ka bebene hate, Neng Dewi si denok demplon kameumeut hate. Pujaan ati jeung diri kuring. Geus lila kuring bobogohan jeung manehna, mun di itung itung mah aya kana tilu taunna.

Hese  meunangkeun Neng Dewi teh, pinuh ku pangorbanan, ti mimiti saingan jeung si Uju urang bandrek, si Emod urang kampung bobodolan, nepi ka saingan jeung si Lurah Encang.

Neng Dewi geulis kawanti wanti, bageur euweuh codeka. Numatak, lalaki mana nu teu kapelet ku manehna?. Najan teu make elmu pelet ge, lalaki normal mah bakal ngudag ngudag, paboro boro, wani padungdung meunangkeun dirina.

Ceuk pikir, kuring jelema pangsabar sabarna. Pek weh pikiran, basa si Uju nangtang gelut, pan kuring mah teu ngalayanan. Lain sieun, tapi era! maenya geus kolot kudu padungdung mah, mun kitu budak olol leho.

Inget harita basa si Uju ngurunyung bari pinuh ku amarah.
”Kardi! aing rek balitungan jeung maneh, ceuk si Dewi, maneh ngaheureuyan ka si Dewi. Naha bener kitu Kardi? boga kawani kitu ilaing? haram jadah siah,”  hahaok teu make basa basi deui manehna teh.

“Ke, keheula Ju, timana maneh meunang beja kitu teh?,” kuring malik nanya.

“Nya ti jinisna atuh goblog! matak aing kadieu oge!” tembal Uju beuki emosi.

Hate karasa mimiti ngaheab, ngan inget ceuk guru ngaji baheula, urang teh kudu bisa nahan amarah, kudu bisa mertahankeun kasabaran.

”Yeuh Uju, kuring moal kumawani ngaheureuyan Neng Dewi, mun kuring nyaho manehna kabogoh didinya. Saha nu teu apal ka Uju preman kasohor di lembur ieu atuh, preman nu berehan, nu loba bela ka sasama, loba amal  ka barudak ojeg”.

Si Uju tea, di puji mah karesepna. Ceuk batur ge beuki di puji beuki berehan cenah. Pek Uju siah, kumaha maneh, rek ngengklak kusabab bieu dipuji ku kuring ge  moal di caram. Nu penting mah Neng Dewi angger kapimilik.

Uju baluar balieur tuluy neuteup anteb, leungeunna nyepeng taktak kuring.

“Kardi, urang rek nanya ka maneh, naha bener kitu maneh bogoh ka si Dewi? naha rek bener  maneh ka dirina?” si Uju nanya katempo serieus pisan, rada leuleuy ayeuna mah nyarita-na teh.

”His, nya enya atuh Ju, maenya kuring rek ngadon heureuy wungkul? moal atuh, da kuring ge boga adi awewe, sieun aya babalesna!” tembal jeung alesan kuring pikeun ngayakinkeun manehna.

Si Uju ngaleupaskeun leungeunna tina taktak kuring bari pokna “heuh nya enggeus atuh ari kitu mah, urang  mikeun si Dewi  jang maneh, tapi omat! ulah nepi ka dinyenyeri!”.

Bray, dunya asa caang pisan, moal aya nu jadi hahalang ayeuna mah.
Teu lila ti harita, aya deui mangkeluk nu nyiar masalah jeung kuring. Si Emod, budak Haji Tata nu kasohor jegudna. Saha nu teu apal kana kabeungharan Haji Tata atuh, sawahna, taneuhna, kontrakanana, geus puguh mobil jeung motor mah.

Pokona mah bru dijuru bro di panto teh lain ngan saukur paribasa. Aduh, jadi inget basa si Emod, datang kaimah nyarekan laklak dasar. Pajar kuring lalaki teu gableg duit montong wani wani miharep Neng Dewi.

Eta ku lajag lejegna, beu, asa ku kamalinaan teuing. Tapi harita ge kuring masih keneh bisa sabar. Enya ge geus di hinakeun kuring mah cicing weh.

Kajadian katilu, ieu kajadian nu paling beurat nguji kasabaran kuring. Lurah Encang ngajak saingan jeung  kuring liwat kolotna Neng Dewi.

Kolotna Neng Dewi, ku lurah Encang unggal poe di kiriman dahareun. Boh martabak, roti bakar, nepi ka kadaharan luar nagri. Kungsi  indungna Neng Dewi ngabandingkeun kuring jeung si lurah. Eta pedah kuring tara barang bawa ari apel teh, cukup ku sayang jeung rindu. Ah, disabaran weh, sugan atuh isuk mah.

Lengkah kuring rada ngalaunan, kusabab geus deukeut ka imah Neng Dewi. Katempo di hareupeun buruan imah aya mobil kaluaran anyar nu keur parkir.

Aya semah jauh sigana mah, cekeng teh na hate. Da jarang atuh aya semah nu nganjang make mobil ka imah pimitohaeun kuring mah.

Palebah mobil nu keur diparkir, kuring ngabebener heula baju, kudu rapih atuh ari rek apel mah, komo ieu aya dulur dulurna. Bari ngeunteung dina spion mobil, kuring nyisiran buuk nu tadi kaacak ku gedena angin jaba leucir ku kesang deuih.

”Bae ah, da kasep keneh gening,” luak lieuk tuluy leungeun rada di kaluhurkeun, ngangseu kelek, bisi bau kesang, da puguh geus leumpang jauh.

Tah, ayeuna, kabeh geus siap, malah mah sun sayang ge geus disiapkeun, hususon pikeun Neng Dewi. Ibarat satria nu turun ti langit, kuring ngalengkah beuki gagah.

Nepi ka tepas imah, ti jero ruang tamu kadenge sora nu cicirihilan.
Aeh, gening sora Neng Dewi, jeung saha meni uplek kitu pikir kuring panasaran. Didedengekeun sakedapan mah, ih asa beuki araneh sorana teh gening.

Panto disurungkeun saeutik bari lalaunan. Katempo aya suku  lalaki jeung awewe. Dasar kudu katohyan panto teh kasurungkeun ku awak deuih ari bray teh, kasampak Neng Dewi keur gagalentoran dina  tangkeupan si Lurah.

Seak! ieu getih ngadadak panas kaduruk ku amarah. Teu loba nyarita, harita keneh kuring nyerenteng nyampeurkeun si Encang. Lurah koplok didudut tina diukna.

“Kaluar siah Sencang!”.

Jerit Si Dewi teu di denge, teu dipalire. Si Lurah atah adol di gusur ka buruan, tuluy, jekuk,  jekuk, habek, habek, di peupeuh ku keupeulan leungeun.

Nu diteunggeulan ngagoler teu walakaya, getih ngucur tina irungna. Si Dewi ngan saukur wani nempo ti tepas imah bari ngahinghing. Tatangga daratang ngalalajoan, euweuh nu wani nyampeurkeunkeun, komo misahkeun.
Sanggeus seubeuh neunggeulan jeung laklak dasar nyarekan si Encang, kuring ngaleeos ninggalkeun patempatan.

Harampang ayeuna mah, leumpang ge asa beuki gagah. Bari sajeroning hate gegerentesan, kuring jelema sabar, kuring jelema sabar.

Eta buktina si Encang hirup keneh mun kuring lain jelema sabar mah, si Encang pasti geus kari ngaran.

3 Responses
  1. hahaha...bodor pisan, lucu pas tungtungna


  2. moekendang Says:

    paingan sinyai jarang nonghol, behna mah di dieu nyah..... hade, nuhun, blog ieu sing manjang, sing apanjang apunjung, waluya , sing aya mangfaatna......!!!!


  3. Nyai Endit Says:

    Hatur nuhun Kang Enmo ... hatur nuhun ...


Posting Komentar