Iwan M. Ridwan


(Carpon Iwan M. Ridwan : Galura edisi I Agustus 2012)

Kolam renang téh asa panas pisan. Ngahéab lir nu ngahaja ngaléob awak sadirieun. Ngebul. Kawas cai rérob dina keletikan. Padahal wanci geus ampir manjing ka tengah peuting. Méga ngambang. Langit angkeub balas ti soré kénéh hujan masih miripis. Tapi teu ieuh bisa ngarerepkeun kapanas cai Cipanas. Kapanas haté nu masih kénéh humapur. Kari-kari ayeuna kabaseuhan. Bunyanyahan. Mun mah dina beungeut-beungeut cai teu rapang nu garuyang, meureun peuting téh beuki jempling. Kabuktianana najan loba jalma, sakuriling bungking lir nu disirep ibun parabun. Nu ngaromong ukur tina haté kana haté. Unggal basa nu kaluar mapay ngaliwatan seuseukeut paneuteup. Ketug jajantung. Jeung tingsariakna getih nu ngamalir jeroeun daging. Anjeun nu aya dihareupeun paneuteup geus lain-lainna. Geter jajantung nu dagdigdug jeroeun dada dina cai panas, lain geter nu baheula kaluar tina kadeudeuh. Lain geter nu salalawasna nyumangetan kahirupan. Lain geter kanyaah. Teu mawa kalugina. Teu teusing. Teu ieuh bisa nyurahan geter kawas basa urang silih teuteup jero kamar. Ngararasakeun ketug jajantung sabada urang ngangon kasono. Dina beungeut cai kolam  renang urang ukur jadi kamelang cinta. Ukur jadi cai panas Cipanas.

Dina beungeut cai panas urang pada-pada ngangon lalakon sewang-sewangan. Lalakon anu sarua. Lalakon anu kungsi kaalaman. Nineung kana sagala rupa nu kungsi dipilampah. Ngaguar deui panineungan dina batin nu masih kénéh sarua boga geter katrésna. Mapayan sagalana. Ti mimiti ngangon kasono, ngumbar cimata tug tepika suka-suka tingcakakak nyeungseurikeun film kartun.

Urang kungsi ka Lémbang. Hujujanan. Balikna mawa susu murni kabeuki anjeun. Kabulusan. Ngadarégdég. Balik ka kontrakan anjeun ngajak sosonoan. Majar keur ngusir katiris nu masih kénéh nangkod sapanjang jalan tepika harita. Enya. Geter kaasih téh harita mah parna pisan. Nyongkab. Keur meumeujeuhna ngagulidag caah. Umpal-umpalan. Taya saurang ogé nu bisa ngahalang-halang najan kuring apal sorangan kumaha lalakon anjeun mangsa ka tukang. Cenah, enya ceuk anjeun. Anjeun mah lain lalaki satia ka hiji wanoja. Di ditu di dieu teu weléh ngait kana sakutri ati wanoja. Mun mah diparengkeun tepung deui jeung nu dirasa leuwih sagalana, anjeun pasti kabongroy deui bari jeung tara kebat ninggalkeun nu tiheula. Rikip anjeun mah. Nu itu diogo nu ieu dinangna-néngné. Waktu nu ngan ukur dua puluh opat jam téh teu ieuh dipaké kamelang pikeun ngabagi-bagina. Mun mah isuk-isuk kudu kanu maké tiung, nya bagéan peuting keur anu rebonding.

Cenah pasipatan hiji-hiji wanoja téh taya nu saruwa. Mun anu panonna mencenul bari jeung teuteupna sieup. Nu kitu téh lungguh tutut. Loba kahayangna. Loba impianana. Tapi gampang diperuhkeunana. Ku cara diogo jeung diayonan sagala kahayangna. Kitu cara nalukeunana. Anu sipit bari irungna mancung, cenah éta nu rada hésé mah ditalukeunana. Rada intropért. Hésé muka rusiah dirina ka batur. Mun mah ditanya ngeunaan pribadina sok inggis pikeun ngajawab saujratna. Pasti waé aya nu didindingkelir disindang siloka tepika ahirna teu bisa kaungkab pijawabeunana.
Enya ceuk anjeun éta téh. Meureun. Geuning anjeun mah sok karajinan macaan beungeut batur, bari jeung boa bener boa henteu.

Mun mah harita urang pada-pada satuhu kana jangji pasisni meureun geus lain kieu caritana. Mun mah harita kakuatan cinta urang ngabanding jeung pengkuhna tihang gunung Cakrabuana nu maseuk kana jero bumi. Meureun asih urang baris ngamalir kana muarana nu geus ditataharkeun. Kana sagara kadeudeuh nu salalawasna ngagulidag taya kendatna.

Enya kuring nu salah mah.

Mun mah waktu bisa balik deui ka dalapan bulan katukang kuring pasti ngawaro. Kuring pasti ngéléhan kawas biasana. Geuning dihenteu-henteu gé sagala omongan akang téh aya benerna. Malahan loba kénéh benerna tinimbang salah. Malah karasa pisan ku diri sorangan ayeuna mah. Éta atuhda ceuk pangrasa mah ucapan-ucapan akang téh matak nurih kana ati. Ngageri. Lian ti éta geuning kanyaah akang harita mah kawas anu ngurangan.

Beu. Geuning mun rék dibabandingkeun mah manéhna jeung akang téh mémang jauh pisan bédana. Haatna. Perhatianana. Akang anu dirasa ku abdi cuek bébék, kawas anu teu nyaah jeung perhatian, tapi geuning akang anu paling ngarti kana kahayang kuring, kana eusi pikiran kuring. Mun mah kabéh jalma euweuh nu apal kana kereteg haté kuring, akang mah surti sanajan kuring teu balaka ogé.

Naha ieu nu disebutkeun jodo téh, Kang. Urang reureujeungan aya kana lima taunna, ayeuna bet pasalingsingan. Urang lumampah kana sagara cinta séwang-séwangan. Kuring lunta ka laut kidul sedeng akang ka kalér mapay sagara. Muru lampah nu masih kénéh lampar tur tacan kaidrok naon anu bakal disanghareupan. Kuring saminggu deui rék rapalan sedeng akang karék dua minggu papacangan. Meureun ieu nu disebut jodo téh, Kang. Kawas kieu. Teu disangka-sangka lalampahan urang baris ditungtungan ku kapeurih. Kapeurih urang duaan. Taya saurang ogé nu apal. Kang. Di dieu di Cipanas, urang pada-pada muka rusiah sewang-sewangan. Dibeungkeut asih nu teu bisa ngahiji. Ditalian ku kacinta nu pada-pada ngaleupaskeun ranggeumanana.

 ***

"Bral geura miang jungjunan. Waktu nu baris disorang tong dipimelang. Kaduhung nu geus kalarung ulah waé dipigandrung. Kahéman aya dina diri urang. Kacinta aya dina satiap rénghap nu marengan. Geus cunduk kana waktuna tali kaasih urang udar tina kanyataan. Mun mah diparengkeun rasa amis dina sakolanding cai kahéman urang kudu ngamuara ka sagara séwang-séwangan, hiji mangsa bakal datang mamanis rasa dina haté urang...." ceuk akang ngaharéwos basa keclak cimata maseuhan kana lahunan.

Peuting teuing ku jempling. Tiris kawas nu ngahariring. Nganteur lalakon urang. Marengan kasono nu lawas kapegat duriat kawalat. Geter kahéman gumulung dina mumunggang peuting. Panasna cai panas marengan ngagolakna haté urang nu pada-pada ngaleupaskeun kasono. Kaasih lir manggih kapeurih.

Bandung, 2012