Bengkel Ngarang Sunda
Carpon: Anggi Novia Dewi
“Hih, naha saré téh mani tibra-tibra teuing.” Ceuk haté bari ngusap beungeut. Gigisik bari nyoélan ciléuh dina juru kongkolak, laju disusutkeun kana sarung nu nyimbutan awak. Cengkat. Ningali geus tabuh opat. “Tobat...kabeurangan ieu mah, moal kaburu mandi sigana mah!” Jung nangtung bari nungkup biwir nutupan heuay. Panon karasa haneut, cimataan.
Tuluy babatek. Lah, naha mani asa ku nyareri awak jeung rarieut ieu téh. Asup angin kitu? Padahal lain sataun dua taun saré dina ubin nu ngan ditilaman kasur busa ipis téh. Ogoan teuing, biasana ogé tara cararangkeul kieu. Pucal-pacul, turukal-térékél, ungkat-angkat, pokona sakur pagawéan beurat geus matuh dikeureuyeuh.
Simbut sarung ditilepan. Diteudeun luhur bantal lépét. Rap dibaju takwa, ngarangkep jeung kaos panjang paranti saré. Kahandapna diganti ku calana panjang urut tadi peuting. Abong lungsuran ti nu beunghar, tapak istrika anu ngajiripit téh teu karijut sumawonna leungit. Geunah deuih dipakéna, upama hawa sedeng panas, kaén calana karasa tiis nyerep késang. Upama hawa tiis, kaén calana siga nu beunang dititah karasa mawa haneut. Teuing nanahaon bahanna.
Rekét panto kamer dibuka, laju leumpang nyusur-nyusur sisi tempat wudlu di masigit. Asa kagunturan madu karagragan menyan putih puguh, basa ditawaran nyicingan kamer sagowok nu asalna gudang téh. Geunah waé nu aya ayeuna mah, geus diberesihan jeung geus diperenah-perenahkeun mah. Kaitung geus lima taun leuwih kuring nyicingan kamér nu pernahna tukangeun masigit téh. Kari nyorangan ieuh, budak geus rarumahtangga.
Keran dibuka, cai ngucur ngaliwatan selang leutik sangkan teu cérét keur nu wudlu. Bismillaahirrahmaanirrahiim. Cai karasa tiis nyulusup kana kulit karenyod dina sela-sela ramo. Kekemu tilu kali. Ngumbah liang irung. Ngaratakeun cai wudlu kana beungeut kanyos. Leungeun katuhu-kénca nepi siku nu méncos. Ngusap buuk nu geus cetuk huis, ti bagian hareup ka tukang tuluy dibalikkeun deui bari ngumbah ceuli, ti mimiti liang ceuli nu kaduga ku tungtung curuk, dikaluarkeun bari ngumbah tonggong ceuli ku dampal jempol tilu kali. Suku, ti mimiti sela-selana nepi ka mumuncangan. Cag! Rérés ngumbah sakur anggahota wudlu prak ngadunga.
Jamaah masigit téh réréana mah nu geus kolot. Pakokolot supa jeung kuring téh. Aranjeuna mah pangsiunan. Da nu ngarorana mah boa keur ngagojod manéh ku simbut wayah kieu téh. Kaharti ku kituna mah, lolobana masarakat sabudeureun, pagawé kantor anu singsarwa sibuk. Kadang upama beurang mah di imah-imahna téh nu nyésa ngan bujangna wungkul. Kieu geuning masigit di komplék mah, wangunana mah tohaga, ngan eusina nu coréngcang téh.
Bari naék kana tangga, karérét tempat neundeun sendal geus muka. Hartina Jang Opik geus muka-mukakeun panto masigit. Bagéan Jang Opik perkoncian mah. Leumpang rada digancangkeun, muru ngahurungkeun lampu. Bisi Jang Maman kaburu ngolotrak rék adzan subuh atawa jamaah daratang muru sholat.
Lain perkara énténg ngahurungkeun lampu téh tuda di ieu masigit mah. Mun kitu siga di kamer. Cetrék saklar lampu nu dipimaksud hurung. Ieu mah apan ngajajar aya kana 32 saklarna, aya rohang husus saklar sagala. Rohanganana ngaréndéng jeung rohang sound system paranti azdan. Can kudu ngapalkeun nomer saklarna. Lampu lebah mana nu rék dihurungkeun, sabaraha nomer saklarna. Kakara jetrék dihurungkeun ku tungtung gagang sapu, da sieun kasetrum sabab kabel pajurawet sagedé-gedé indung leungeun. Kakara lampu bray caang. Ngelol heula kaluar, bener henteuna. Ngonci deui rohanganana.
Édas...pama geus rusuh atawa poho nomer saklar barang mimiti mah. Atuh nu keur ngaji di tempat sholat lampuna pareum, ari lampu keur ka téras nu geus mangsana dipareuman kalah hurung kénéh. Nu remen ka masigit geus apal deui mun lampu ujug-ujug pareum atawa bray caang téh, sok kalah ararimut bari pokna téh “Lepat Abah, muhun teras...teu acan hurung!” Atawa “Heup Abah, atos hurung!”
Pancén kuring éta téh, salian ti purah beberesih jeung bébérés. Sabangsaning sasapu, ngepél, ngelapan kaca, masang karpét, mérésan al-qur’an, meresihan WC, tempat wudlu, jeung ngomékeun kumalir cai. Atawa nguma-ngomé sautak-saeutik kana wangunan masigit nu ruksak. Siga kamari soré, mungpung inget jeung keur nyalsé ngomékeun kenténg nu bocor, dibantuan Jang Opik éta gé. Pokona mah nu aya hubunganana jeung kabersihan atawa karapihan tempat sholat katut tempat wudlu, éta pancén kuring. Kungsi éta gé sakali mangsa, aya budak ngora nu ngilu pasantrén kilat, haat babantu pancén kuring, tapi teu lana. Bérés pasantrén, budakna mah duka ka mana.
Untung upama kudu nyeuseuh mukena atawa sarung mah sok dibantuan ku pamajikan Jang Opik. Nya kitu deui perkara dahar kuring sapopoé, sok dianteuran. Imah Jang Opik téh di gigireun masigit, bari muka warung. Asa geus jeung anak sorangan puguhna gé ka Jang Opik jeung pamajikanana téh. Kitu deui ka anakna, asa geus ka incu sorangan. Da jeung anak sorangan mah pimanaeun teuing nyaah ka kolot model kituna. Matak betah cicing di dieu. Alhamdulillah, tawis nuhun ti DKM saban bulan aya, kuring teu niat ngahargakeun. Sapaméréna waé, seja ditampi.
Sanggeus lampu rohang sholat harurung, kuring sholat dua rokaat. Takhiyatul mesjid ceuk Ustad Ayat mah. Takbir, nangtung, ruku, sujud, diuk di antara dua sujud, diuk tasyahud, éstuning kudu tumaninah. Tumaninah dina bacaan jeung obahna. Tumaninah kana manah, cenah. Sabisa-bisa ngamalkeun waé kuring mah.
Rérés sholat, bari ngadagoan adzan subuh ngawirid saapal-apal, tara nu paranjang, cukup subhanalloh, alhamdulillah, allohu akbar, jeung laa illaaha illalloh. Kumejot éta gé, hayang siga batur bisa ngederes al-qur’an surat tresna ti pangéran ceuk Jang Maman mah. Bagja meureun, bisa ngagalindengkeun ayat-ayat trésna_Na, unggal waktu, saban ruménghap, saban haté ngageter misono dzatning wening nu maha asih.
Hanjakal, ti bubudak teu getén diajar ngaji. Ka kolotnakeun ripuh. Sagala teu weruh. Maca hurup gé tibabaradug. Létah tikoséwad waé antara hurup sa nu titikna tilu jeung sa nu euweuh titikan. Banda teu boga, bekel keur ka ahérat sakitu samporétna. Komo pama sholat, taya pilihan surat deui nu apal, iwal ti tilu qul. Qulhu, falaq, jeung binnas.
Kuring geus moal bisa siga Wa Haji nu umrohna unggal taun, bisa méré mawéh ka anak yatim, nu zakat malna ogé sapuluh juta. Atawa siga Jang Maman nu sok ngagalantangkeun adzan, ngawuruk unggal subuh, atawa sok kadéngé ingsreuk-ingsreukan nalika sujud pamungkas dina sholat. Sumawonna hayang siga Ustad Ayat ketua DKM mah, jauh tanah ka langit sigana téh. Paromanna teu weléh hégar, cicirén ngajaga wudlu dina unggal waktu, cacariosan jeung lampahna pada ngahamin jeung ngahéman. Éstu taya cawadeunana. Komo anjeuna téh guru di hiji mangultas cenah.
Saprak wirid, pikiran ngolébat kana taman nu tadi kaimpikeun. Enya, ngimpi tadi téh matak kabeurangan hudang gé, jadi teu kaburu mandi jeung sholat tahajud. Ngimpina téh keur aya di hiji taman. Lain keur melak kembang atawa ngoréd caritana téh. Éstu keur pelesir waé, ningalian sabudeureun taman.
Na, aya taman éndah-éndah teuing. Aya cinyusu ngocor, aya tempat leleson siga kasur jeung bantal ditumpukkeun nu katingali wareuteuh kénéh, diamparan ku permadani nu warnana zamrud. Gelas-gelas keur nginum geus disadiakeun patinggurilap katojo cahya nu datang ti mana boa. Kelir kekembangan mapaésan. Gusti...éta taman téh liuh, angseuna seungit, matak midangdam hayang terus nganjang. Ari diinget-inget, éta taman téh bet siga anu kungsi dicarioskeun ku Ustad Ayat.
Keur anteng nyusur-nyusur taman nu tadi kaimpikeun, Jang Maman kadangu mimiti ngolotrak kana mik. Tuluy ngagalantangkeun adzan. Saprak ngawaler adzan téh, taman nu tadi mungguh kokolébatan waé. Komo ieu dianteur ku sora halimpu Jang Maman. Beuki wé tingsérédét kana haté. Gusti, enya kitu éta téh gambaran surga ‘Adn? Taman kalanggengan kagungan Anjeun nu kebek ku kani’matan nu taya hinggana saur Ustad Ayat mah. Abdi mah rumaos laip Gusti. Asa isin ku bolokot dosa.
Jang Maman komat. Saréréa ngabaris dina shaf-shaf muru kautamaan pahala sholat berjamaah. Sok sanajan, unggal subuh jamaah tara leuwih ti dua baris.
Ustad Ayat, takbir. Iftitah tumaninah kana manah. Basa Ustad Ayat ngaglindengkeun bismillah, ngembatna hurup ba lir ngembatna walungan madu di taman impian téa. Panggih jeung hurup sa, saban angina nu ngahiliwir ngusapan kulit éstu matak tiis tingtrim kana mamaras. Réngkolna mim, apan tanda sumujud makhluk ka Mantenna kana sakur ni’mat. Alif, lam, lam, ha taya lian iwal Alloh nu maha kawasa.
Taman ngolébat deui. Aya cinyusu ngocor, aya tempat leleson siga kasur jeung bantal ditumpukkeun nu katingali wareuteuh kénéh, diamparan ku permadani nu warnana zamrud. Gelas-gelas keur nginum geus disadiakeun patinggurilap katojo cahya nu datang ti mana boa. Kelir kekembangan mapaésan. Gusti...éta taman téh éndah kacida. Seungitna asa beuki deukeut. Beuki seungit. Beuki seukeut. Beuki ngadalingding kana acining diri.
Lalaunan kapireng galindeng sora diri basa mimiti diajar ngaji. Bé sin jéér bis. Mim, alif, elam, elam, tasjid jéér mil. Bismil. Elam jabar la, ha alif elam ero tasjid jéér hir. Bismillaahir. Kalawan nyebat asmana Alloh, sadaya-daya anu Mantenna.

Mujahidin, 19 November 2011
Tawis pangbaktos kanggo Ambu.