Iwan M. Ridwan
Daun eurih tingarulang
Ngagerihan dampal angin
: Asa geus rintih. Sada saha?
Ngan sada suku luméngkah
Lieuk deui, nu dilieuk geuning euweuh
Sedeng méga beuki hideung
Ningker beuheung
Daun eurih tingarulang
Ngagerihan dampal angin
: Saha nu rintih? Sada saha?
Ngan sada suku lumampah
2013


Garung Dungus
Bubulak geus burak-barik
Jungjunan! Geus dibuburak
Sada akar, sada urat
Sada duriat nu pegat
Jeung angin-angin nu kingkin
Bras ka Pasir Ipis
Jeung implengan saliwatan
Ras ka pager betis
Leuweung nu kamari luwang-liwung
Jungjunan! Geus ngalungkawing
Beuki lewang, beuki lamping
Beuki rumpil keur nu ngeumbing
2013


Catetan ti Batu Lawang
: Gunung Padang
Ka leuweung ka reuma
Jeung carinakdakna dongéng Ema
Bilik carang iga urang
: Geuwat peureum. Ujang, Nyai!
Tuluy keutar tina geutah
Pucuk-pucuk mala
Nu diala
Diamis-amis ku létah
Ti leuweung ti reuma
Jeung carinakdakna dongéng Ema
Peuting rarem langit surem
: Geuwat peureum!
2013


Di Hiji Galéri
Milu keri ka patani
manén katiga nu mangprung
di hiji galéri
Warna haté diulaskeun kana kanvas
siga layung ngolo panon
di hiji galéri
Milu seuri jeung patani
nyeungseurikeun cipanon
nu murag teuing ku naon
2013
Iwan M. Ridwan
Kénging Anggi Novia Dewi

Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal salawasna cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung wancina. Sabab kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot cahya panonpoé, langit bakal beuki éndah katumbirian.
Handapeun langit nu kulawu, kuring kungsi ngabedahkeun cimata dina handapeun tetengger makam indung. Sora ceurik nu awong-awongan ngan awor dina jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh ngahiji jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadkeun runtuyan dunga. Sedeng leungeun ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun nanaon iwal ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras.
Ti harita, kuring sok resep neuteup langit kulawu. Cumeluk nepi ka hujan cluk-clak. Sanajan hawa jadi tiis, tapi kuring laluasa pikeun ngumbar lamunan. Nyawang rupa-rupa kajadian nu geus karandapan nalika hujan marengan.
Nepi ka hujan ngagebrét, kuring sok resep nadahkeun dampal leungeun bari tanggah. Nampanan mangréwu keclak caina tuluy diranggeum sina merebey kana sela-sela réma. Lir nu sapagodos, cimata merebey tembres sésélékét niisan haté.
Ti harita, kuring gé sok resep mireng sora guludug. Beuki ngajelegur sorana, beuki neunggar karasana dina dada.
“Raini, hujan!” kitu haréwos angin tiis téh.
Leungeun kuring sok tuluy aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana. Ngan nu karasa awak jadi baseuh, getih asa teu ngamalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur Apa téh.
Awak kuring sok tuluy dipayungan, dituyun ka nu teu kahujanan. Sanggeus kuring disalin, Apa sok mangninyuhkeun cai éntéh amis. Laju nyarios perkara panti. Di luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita Apa. Kuring ngan wasa unggut, da biwir mah asa rapet.
Di panti téh bakal loba babaturan, bakal aya nu ngurus kuring, bakal aya ibu jeung bapa panti nu kanyaahna sarua, bakal aya ...
Teu kapireng, naon deui nu bakal aya di panti, saur Apa. Sabab nu leuwih kapireng téh sora haté nu nyebutkeun yén, “Di panti mah moal aya Apa, moal aya kanyaah Apa.”    
Mimiti dianteurkeun ka panti ku Apa, dua kantong eusi pakéan jeung barang kuring lianna. Sanggeus cacarios jeung pibakaleun bapa panti, Apa ngambung embun-embunan kuring. Tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu dicarioskeun ka kuring mah, ngan tina kongkolak socana kuring bisa nyawang kalewang Apa nu taya hinggana.
Harita, langit gé pulas kulawu. Hayang teuing der ngagebrét hujan sing badag sangkan léngkah Apa ninggalkeun kuring di panti kahalang. Sangkan upama kuring ceurik nangkél ka Apa, teu katangén merebeyna cimata, ogé teu kapireng hingna sora ceurik.
Tapi hujan mimiti cluk-clak nalika Apa geus ninggalkeun kuring, nalika tonggong Apa geus leungit tina teuteupan kuring. Indung panti nyampeurkeun tuluy ngusapan tonggong, kuring ngan wasa tungkul bari nahan mangréwu cimata pihujaneun dina haté.
Ti harita kuring pisah jeung Apa. Ngarandapan cicing di panti. Unggal poé, nu ditutungguan iwal Apa. Sanajan aya bapa panti, sanajan enya sarua asihna, tapi geterna kana haté éstu béda.
Ti harita langit dina haté kuring gé kelirna kulawu. Sanajan dicangra-cangra ku sorot kaasih ti ibu jeung babaturan panti, tapi cangrana asa béda. Henteu béngras pisan. Kari nganti, hujan iraha clakna.    
Apa! Iraha badé ka panti? Ceuk sora hate, galécok tumanya ka diri.
Hiji mangsa hujan ngeclak tuluy ngagebrét. Kuring balik ti sakola ka panti. Angin tiis ngaharéwos deui, “Raini, hujan!”
Haté kacida bungahna. Sabab kuring bisa merebeykeun cimata jeung teu éra nyorakeun hing ceurik. Gogorowokan ngangentraan Apa, patarik-tarik jeung sora guludug. Ngumbar lamunan, nyawang deui rupa-rupa kajadian nu geus karandapan nalika hujan marengan.
“Apa! Raini hoyong tepang!” Haté galécok jeung cihujan.
Leungeun kuring karasa aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana. Ngan nu karasa awak jadi baseuh. Getih asa teu ngamalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur bapa panti téh.
Awak kuring tuluy dipayungan, dituyun ka nu teu kahujanan. Sanggeus kuring disalin, ibu panti masihan cai haneut. Laju nyarios perkara Apa. Di luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita ibu panti. Kuring ngan wasa unggut, da biwir mah asa rapet.
Kedah sabar, ikhlas, tumarima kana takdir. Sing betah, aya ibu jeung bapa panti nu sayaga masihan kanyaah, aya ...
Teu kapireng, naon deui nu disaurkeun ku ibu panti. Sabab nu leuwih kapireng téh sora haté nu galécok cumarita, “Apa! Raini hoyong tepang!”
Isukna awak kuring harééng. Ibu panti siang wengi ngajaga kuring. Ngahuapan, masihan obat, jeung ngomprés kuring. Bapa panti ngusahakeun manggihkeun kuring jeung Apa.
Geus rada cageur, Apa ngalongok kuring di panti. Saharita langit haté kuring nu kulawu téh jadi cangra. Taya pihujaneun saeutik-eutik acan. Barang gok pasanggrok gé, kuring ngagabrug, tuluy ngeukeupan Apa. Neueulkeun sirah kana dada Apa. Karasa aya nu ngeclak kana embun-embunan, cisoca Apa. Karasana bungah kacida panggih deui jeung Apa.
Awak asa hararampang, nu rarieut téh jadi ngurangan. Komo basa Apa ngahuapan kuring buah arumanis, jiwa nu asa gorowong ku tatu nu taya wujudna téh asa kaubaran. Laun-laun hégar deui.
Apa kulem di panti sawengi. Haté reugreug kacida, sanajan teu mondok sakamer jeung Apa. Énjing-énjing pisan Apa angkat ti panti téh, panonpoé gé karék meleték.
Sanggeus cacarios jeung bapa panti, Apa ngambung embun-embunan kuring, tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu dicarioskeun ka kuring mah, ngan tina kongkolak socana kuring bisa nyawang kalewang Apa nu taya hinggana. Raray Apa kaciri rada kanyosna. Kuring ngan wasa unggut. Imut saeutik bari dina jero haté mah ngarakacak.  
Harita, langit haté kuring nu cangra laun-laun jadi kulawu deui. Hayang teuing der hujan ngagebrét sing badag, sangkan léngkah Apa ninggalkeun kuring di panti jadi kahalang. Sangkan upama kuring ceurik nangkél ka Apa, teu katangén merebeyna cimata, ogé teu kapireng hingna sora ceurik.
Kuring pisah deui jeung Apa. Ngan haté teu lewang teuing, isuk jaganing géto kuring masih bisa papanggih deui jeung Apa. Teu kawas hayang panggih jeung Ambu nu geus mulang ka kalanggengan. Teu kawas babaturan kuring nu Ambu jeung Apana geus taya dikieuna.
Ayeuna mah mun hujan geus réngsé, kuring karék hayang nyawang langit. Hayang ngagambar raray Apa dina langit nu cangra tuluy diteundeun dina langit haté kuring. Komo mun aya katumbiri, kuring sok tuluy tanggah. Lir imut Apa, melengkungna katumbiri mapaés mamaras rasa.
 Sababaraha minggu ti harita, kuring mimiti betah cicing di panti. Ibu, bapa, jeung babaturan panti mimiti karasa anteb kanyaahna. Cahya panonpoé mimiti meleték dina langit haté kuring. Haneutna mimiti sumarambah.
Teu lila langit haté kuring cangra téh, Apa ninggalkeun kuring ka kalanggengan. Kacida handeueul, sabab kuring dibéjaan sanggeus Apa dikurebkeun.
Handapeun langit nu kulawu, kuring ngabedahkeun deui cimata dina handapeun tetengger Apa. Sora ceurik nu awong-awongan ngan awor dina jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh ngahiji jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadkeun runtuyan dunga. Sedeng leungeun ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun nanaon iwal ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras. 
Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal salawasna cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung wancina. Sabab kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot cahya panonpoé, langit bakal beuki éndah katumbirian.
Di panti, éta katumbiri téh mimiti mapaésan langit haté kuring. ***

Baitii, 8 Oktober 2013
Kahatur utun inji
Iwan M. Ridwan


(Carpon Iwan M. Ridwan : Galura edisi I Agustus 2012)

Kolam renang téh asa panas pisan. Ngahéab lir nu ngahaja ngaléob awak sadirieun. Ngebul. Kawas cai rérob dina keletikan. Padahal wanci geus ampir manjing ka tengah peuting. Méga ngambang. Langit angkeub balas ti soré kénéh hujan masih miripis. Tapi teu ieuh bisa ngarerepkeun kapanas cai Cipanas. Kapanas haté nu masih kénéh humapur. Kari-kari ayeuna kabaseuhan. Bunyanyahan. Mun mah dina beungeut-beungeut cai teu rapang nu garuyang, meureun peuting téh beuki jempling. Kabuktianana najan loba jalma, sakuriling bungking lir nu disirep ibun parabun. Nu ngaromong ukur tina haté kana haté. Unggal basa nu kaluar mapay ngaliwatan seuseukeut paneuteup. Ketug jajantung. Jeung tingsariakna getih nu ngamalir jeroeun daging. Anjeun nu aya dihareupeun paneuteup geus lain-lainna. Geter jajantung nu dagdigdug jeroeun dada dina cai panas, lain geter nu baheula kaluar tina kadeudeuh. Lain geter nu salalawasna nyumangetan kahirupan. Lain geter kanyaah. Teu mawa kalugina. Teu teusing. Teu ieuh bisa nyurahan geter kawas basa urang silih teuteup jero kamar. Ngararasakeun ketug jajantung sabada urang ngangon kasono. Dina beungeut cai kolam  renang urang ukur jadi kamelang cinta. Ukur jadi cai panas Cipanas.

Dina beungeut cai panas urang pada-pada ngangon lalakon sewang-sewangan. Lalakon anu sarua. Lalakon anu kungsi kaalaman. Nineung kana sagala rupa nu kungsi dipilampah. Ngaguar deui panineungan dina batin nu masih kénéh sarua boga geter katrésna. Mapayan sagalana. Ti mimiti ngangon kasono, ngumbar cimata tug tepika suka-suka tingcakakak nyeungseurikeun film kartun.

Urang kungsi ka Lémbang. Hujujanan. Balikna mawa susu murni kabeuki anjeun. Kabulusan. Ngadarégdég. Balik ka kontrakan anjeun ngajak sosonoan. Majar keur ngusir katiris nu masih kénéh nangkod sapanjang jalan tepika harita. Enya. Geter kaasih téh harita mah parna pisan. Nyongkab. Keur meumeujeuhna ngagulidag caah. Umpal-umpalan. Taya saurang ogé nu bisa ngahalang-halang najan kuring apal sorangan kumaha lalakon anjeun mangsa ka tukang. Cenah, enya ceuk anjeun. Anjeun mah lain lalaki satia ka hiji wanoja. Di ditu di dieu teu weléh ngait kana sakutri ati wanoja. Mun mah diparengkeun tepung deui jeung nu dirasa leuwih sagalana, anjeun pasti kabongroy deui bari jeung tara kebat ninggalkeun nu tiheula. Rikip anjeun mah. Nu itu diogo nu ieu dinangna-néngné. Waktu nu ngan ukur dua puluh opat jam téh teu ieuh dipaké kamelang pikeun ngabagi-bagina. Mun mah isuk-isuk kudu kanu maké tiung, nya bagéan peuting keur anu rebonding.

Cenah pasipatan hiji-hiji wanoja téh taya nu saruwa. Mun anu panonna mencenul bari jeung teuteupna sieup. Nu kitu téh lungguh tutut. Loba kahayangna. Loba impianana. Tapi gampang diperuhkeunana. Ku cara diogo jeung diayonan sagala kahayangna. Kitu cara nalukeunana. Anu sipit bari irungna mancung, cenah éta nu rada hésé mah ditalukeunana. Rada intropért. Hésé muka rusiah dirina ka batur. Mun mah ditanya ngeunaan pribadina sok inggis pikeun ngajawab saujratna. Pasti waé aya nu didindingkelir disindang siloka tepika ahirna teu bisa kaungkab pijawabeunana.
Enya ceuk anjeun éta téh. Meureun. Geuning anjeun mah sok karajinan macaan beungeut batur, bari jeung boa bener boa henteu.

Mun mah harita urang pada-pada satuhu kana jangji pasisni meureun geus lain kieu caritana. Mun mah harita kakuatan cinta urang ngabanding jeung pengkuhna tihang gunung Cakrabuana nu maseuk kana jero bumi. Meureun asih urang baris ngamalir kana muarana nu geus ditataharkeun. Kana sagara kadeudeuh nu salalawasna ngagulidag taya kendatna.

Enya kuring nu salah mah.

Mun mah waktu bisa balik deui ka dalapan bulan katukang kuring pasti ngawaro. Kuring pasti ngéléhan kawas biasana. Geuning dihenteu-henteu gé sagala omongan akang téh aya benerna. Malahan loba kénéh benerna tinimbang salah. Malah karasa pisan ku diri sorangan ayeuna mah. Éta atuhda ceuk pangrasa mah ucapan-ucapan akang téh matak nurih kana ati. Ngageri. Lian ti éta geuning kanyaah akang harita mah kawas anu ngurangan.

Beu. Geuning mun rék dibabandingkeun mah manéhna jeung akang téh mémang jauh pisan bédana. Haatna. Perhatianana. Akang anu dirasa ku abdi cuek bébék, kawas anu teu nyaah jeung perhatian, tapi geuning akang anu paling ngarti kana kahayang kuring, kana eusi pikiran kuring. Mun mah kabéh jalma euweuh nu apal kana kereteg haté kuring, akang mah surti sanajan kuring teu balaka ogé.

Naha ieu nu disebutkeun jodo téh, Kang. Urang reureujeungan aya kana lima taunna, ayeuna bet pasalingsingan. Urang lumampah kana sagara cinta séwang-séwangan. Kuring lunta ka laut kidul sedeng akang ka kalér mapay sagara. Muru lampah nu masih kénéh lampar tur tacan kaidrok naon anu bakal disanghareupan. Kuring saminggu deui rék rapalan sedeng akang karék dua minggu papacangan. Meureun ieu nu disebut jodo téh, Kang. Kawas kieu. Teu disangka-sangka lalampahan urang baris ditungtungan ku kapeurih. Kapeurih urang duaan. Taya saurang ogé nu apal. Kang. Di dieu di Cipanas, urang pada-pada muka rusiah sewang-sewangan. Dibeungkeut asih nu teu bisa ngahiji. Ditalian ku kacinta nu pada-pada ngaleupaskeun ranggeumanana.

 ***

"Bral geura miang jungjunan. Waktu nu baris disorang tong dipimelang. Kaduhung nu geus kalarung ulah waé dipigandrung. Kahéman aya dina diri urang. Kacinta aya dina satiap rénghap nu marengan. Geus cunduk kana waktuna tali kaasih urang udar tina kanyataan. Mun mah diparengkeun rasa amis dina sakolanding cai kahéman urang kudu ngamuara ka sagara séwang-séwangan, hiji mangsa bakal datang mamanis rasa dina haté urang...." ceuk akang ngaharéwos basa keclak cimata maseuhan kana lahunan.

Peuting teuing ku jempling. Tiris kawas nu ngahariring. Nganteur lalakon urang. Marengan kasono nu lawas kapegat duriat kawalat. Geter kahéman gumulung dina mumunggang peuting. Panasna cai panas marengan ngagolakna haté urang nu pada-pada ngaleupaskeun kasono. Kaasih lir manggih kapeurih.

Bandung, 2012