Nyai Endit
Nyai Endit
Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Derry Hudaya

Kenténg.
Kuring jeung anu sanasib saperti kuring,  ngajajar dina suhunan. Boga pancén méré iiuh ka pangeusi imah sarta nangtayungan raga badag imah lian ti kuring. Teu bisa baha.

Pabeubeurang kudu sadrah, teu meunang hentu direrab matapoe. Matapoe nu panasna teu bisa dijentrekeun deui ku kecap. Sumpah. Pikeun nyacapkeun katugenah ukur ku humarurung jeung humaregung jeroeun haté.

Teu weléh nguat-nguat manéh saban datang poe. Teu meunang ngangluh, gering, sumawona istirah tina pancén gawé.  Meunang ogé cacad. Tapi nasib kuring satuluyna teuing bakal jiga kumaha upama cacad. Meureun bakal dipiceun kamana. Bakal dipiceun ka jarian boa. Bakal terus-terusan ngambeu bau jadol. Digembrong laleur jeung dikiihan anjing.

Nalika datang hujan téh atohna pohara. Hayang mah surak atawa gégéjrét atawa engklak-engklakkan siga budak leutik. Budak leutik anu sok terus lulumpatan di buruan imah, ngabagéakeun gebrétna hujan. Laju calawak sacalawak-calawakna lir anu bakal wasa nandéan cipanon langit. Kahayangna mah meureun neureuy langit. Eta we, panonna oge nepi ka peureum-beunta kitu. Atawa keur ngabayangkeun jeung ngararasakeun kanikmatan jigana mah. Hanjakalna kuring mah lain budak leutik. Keun wé, ku bisa nempo paripolahna ogé bisa ngubaran haté.

Tapi sanggeus turun hujan pirang-pirang lila, bet karasa tiris awak téh. Kabulusan. Tapi kaburu inget deui kana guratan nasib diri. Satékah polah kudu kuat. Kudu ngabiasakeun manéh ku kaayaan samodél kieu. Kuring kudu bisa ngubaran manéh, silih upahan jeung kuring-kuring séjénna, jeung anu sanasib jeung kuring.

Ti poé-ka poé, ti minggu-ka minggu, ti  waktu-ka waktu,  taya parobahan nasib. Kuring tunggara. Kuring wwaeureu-seubeuh kapanasan, kaanginan, kahujanan, sarta kaibunan. Kuring teu bisa majar kumaha. Kuring.... ah, lamun kuring ditakdirkeun jadi Téhel mah moal kieu. Ku nu boga imah bakal ditalingakeun. Samingu sakali waé mah bakal disapuan, dielapan, dikepél. Moal aya kekebul nu narapel dina awak. Rupa bakal beresih, cahayaan. Moal, moal kahujanan, moal kapanasan modél kuring. Moal teu senang lamun kuring pareng jadi Téhel.

Kuring, salawasna ngabobodo diri sorangan. Nguat-nguat manéh atawa naon bédana jeung api-api kuat. Padahal nu sabenerna mah hayang baruntak. Hayang pisan ngaberesihan awak tina kebul, tina lukut nu teuing ti iraha ayana. Nyaho-nyaho geus reuteum di sakujur awak. Rupa anu ngan sakieu ayana téh beuki kumaha. Beuki lila mah awak téh karasa ngurangan kakuatanana. Urat-urat sarap, kulit, tulang, jeung daging geus teu normal deui sakumaha mistina.
Sanggeus digorogotan akar lukut, angin, hujan, ibun, jeung mangsa nu beuki dieu -beuki dieu teh beuki gangas, awak karasa ngurangan kakuatanana. Turug-turug anu boga imah teu pati nalingakeun. Ari kuring sorangan kapan teu bisa ngurus sorangan. Kungsi éta  ogé dipulas. Tapi ukur sakali-kalina, saméméh nerap dina suhunan. Teu matak nguatkeun awak dina waktu lila.

Abong nasib, boa-boa isuk pagéto bisa kénéh ngabobodo diri sorangan. Boa mah awak teh peupeus alatan katinggang nanahaon. Ari katinggang barang teuas mah tangtuna gé moal bisa kukumaha deui. Ieu awak bakal peupeus. Ku nu boga imah tangtu dipiceun, diganti ku kenténg anyar. Duh, karunya teuing anu jadi kenteng anyar, nasibna moal jauh ti nasib kuring ayeuna.

 Téhel.

  Hirup téh nalangsa kabina-bina. Salawsna ditincakan. Komo ditincak ku jelema anu awakna lintuh bayuhyuh. Komo deui lamun anu lintuhna téh awéwé bari keur kakandungan salapan bulan. Pikembareun deuih anu aya di jero beuteungna téh. Hég rébo ku ngajingjing balanjaan. Aduh, hayang mah ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat. Ngajerit siga budak nu kacepét étana ku seléting calana. Ngajeritna ogé rék diédankeun, mapakan sakaligus nyontoan artis-artis sinetron anu acting-na maksakeun maneh, teu payus diteuleuman jeung matak murel pikeun anu kapaksa nongton. Atawa leuwih ti kitu.

Nasib, nasib téh sakieu ayana. Lamun nasib kuring jadi Panto, jadi Jandéla, jadi Kenténg, jadi naon waé asal tong jadi Téhel, meureun rada mending. Senang. Moal nguluwut teuing. Bener-bener ripuh. Najan enya éta ogé sok rajeun (sakapeung) disapuan, dielapan, dikepél, tapi ari teu sabanding jeung lakulampahna ka kuring? Malah sok aya nu gégéjrét bari meupeuh awak kuring satakerna. Komo lamun nu boga imah keur rarungsing mah, kuring kalah leuwih rungsing batan maranéhna. Ngabatin. Sagala dialungkeun, dibabetkeun, jeung remen nengel kana awak. Éstu teu ngaraskeun. Teu uyahan!

Upama maranéhna jadi kuring, boa kuat. Dalah kuring sorangan ogé teu kuat. Ngan api-api kuat wé. Tara ceurik, tara ngajerit, tara ngamuk, da teu boga biwir nu sarua jeung maranéhna. Biwir kuring mah ngan bisa dipaké ngobrol jeung budak anu keur diajar ngomong ba-bi-bu. Budak leutik anu ngomong sorangan, ceuk indungna mah. Padahal éta téh keur ngobrol jeung kuring. Keur silih tepikeun kateungartian kana paripolah jelema déwasa. Ngan teuing kunaon, ari geus déwasa jeung bisa ngomong jeung jalma déwasa mah éta budak anu sok jadi batur ngobrol téh api lain.

Alatan kitu, omongan kuring teu bisa ditepikeun deui ka kolotna. Lamun kuring langsung ngomong ka kolotna ogé moal kadéngéeun jeung moal kahartieun. Ku manéhna ogé boa ngartieun ari geus kitu mah. Rék kumaha? Hayang kitu-kieu ogé pamustunganana mah cukup ku cicing. Cukup ku jempling. Ngahariringkeun eusi batin nu diranggeum ceudeum.
**
 Dina hiji peuting anu jempling. Imah suwung.

 “Tiris. Aduh..... tiris. Teungteuingeun ari jelema. Lamun awak kuring dipulas deui, dikandelan deui cétna, meureun datang peuting téh moal tiris teuing. Lamun beurang moal panas teuing. Jelema téh teungteuingeun,” ceuk Kenténg.

 “Ah ogoan sia mah. Nyaho ngeunah jadi Kenténg mah. Tingali yeuh aing. Unggal poé ditincakan. Sakeudeung deui ogé pada nincakan. Jabaning nu boga imah téh balikna bakal rébo ku babawaan. Geus balanja téa atuh. Boa mah balanja kulkas anyar. Kulkas anu leuwih gedé batan nu ayeuna ngabeungbeuratan awak aing. Boa mah kulkasna sagedé gajah. Atawa sagedé teng waja. Jalma téa tara manggih puas. Sok hayang leuwih. Malah sok jadi kaleuleuwihi geuning.”

Saméméh Téhel leuwih panjang deui nyarita, Kenténg motong omonganana. “ Ah sia mah kaleuleuwihi. Omongan téh nurutan oknum pajabat. Ngaleuleungit kasugemaan nu aya, jeung ngawawaas diri sangkan ditaékkeun pangasilan. Teu meunang kitu, puguh ngeunah jadi Téhel. Ngeunah pisan. Tah rupa sia mani hérang kacida. Aing mah boro-boro. Kebul geus kandel ogé teu ieuh dipaliré….”

 Duanana ngarasa diri pang balangsakna, asa aing paling ripuh jeung ditambélarkeun ku nu boga imah. Antukna duanana silih carékan. Silih goréngkeun. Taya nu daék ngéléhan. Paheuras-heuras genggerong.

“Meunggeus ah gandéng!” Jandéla nyapih anu keur paséa rongkah. “Kabéh ogé sarua. Aing, Panto, manéh, jeung anu séjénna oge sarua. Taya nu ditalingakeun sakumaha mistina. Ngurusna sakarep ingsun. Lamun rék nyarékan ogé ka nu boga imah atuh. Lain ieu mah silih carékan. Naon gunana? Nyaho urang téh sanasib. Anu sanasib mah kudu bisa silih: silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Silih upahan ogé teu matak doraka. Tong nurutan kalakuan nu boga imah, gawéna paséa unggal poé. Lantaran kitu meureun, nepi ka poho nalingakeun urang saréréa.”

Saméméh aya nu nyarita, Jandéla neruskeun deui omonganana:

“Méh unggal poé, Si Panto dibantingkeun satakerna. Lamun teu ku budak-budakna anu ngadat alatan teu diturut kahayangna, ti mimiti budak nu hayang jajan nepi ka budak nu hayang kawin, atuh indung-bapana ogé sarua. Matak tugenah. Mimindengna mah mun geus paréa-réa omong geuning, atawa nalika bapana balik peuting taya nu gura-giru mukakeun Panto, kapan sok gegedor satakerna. Najan rusuh atawa keur aya kapusing, tapi teu lumrah lamun népakeun katugenah ka si Panto apanan.”


“Heueuh!” Panto irungna rebéh mun seug bogaeun irung mah. Hanjakalna henteu.

  “Ari enggeus kudu kumaha?” walon Kenténg jeung Téhel méh bareng.

  “Urang pikiran ku saréréa!”

  Kabéhananana mikir. Uleng. Ngoréh alam pikiran séwang-séwang, sugan manggih bongbolongan anu pantes keur ngajait diri tina nasib nu sarupa. Anu kapanggih ukur tanda tanya nu baradag. Geus ngarasa teu kapikir mah maranehna nanya ka imah nu aya di gigireunana. Imah tatangga nu geus jadi sobat dalit pikeun maranéhanana. Tapi, geuning ngalaman nasib nu sarua. Ti mimiti Kenténg nepi ka Tehél, nasibna sarua.

Dua imah sawala. Laju ménta tulung ka manuk uncuing sangkan mangméntakeun bongbolongan ka imah RT, anu pernahna rada anggang ti béh dinya. Tapi sarua. Nasibna sarua. Sarua keur tunggara. Ka imah lurah, ka imah camat, nepi ka imah persidén, kabéh ngalaman nasib anu sarua. Pada-pada dimomorékeun ku jalma-jalma anu nyicinganana.

“Tétéla, jaman kiwari mah jalma téh geus teu bisa males budi ka nu méré kahadéan. Poho ka purwadaksi. Poho kana tugas jeung kawajiban pikeun ngurus kahirupan. Urang ogé kapan sarua, bagéan tina kahirupan manusa anu wajib diurus. Lamun euweuh urang, rék bisa naon maranéhna? Rék saré di mana? Ré ngiuhan di mana?” ceuk Kenténg bari rumahuh.

  “Kumaha lamun ménta tulung ka Pangéran,” ceuk Jandéla bangun asa-asa.

  “Éh, heueuh nya. Hayu urang ménta tulung ka Pangéran!” ceuk Téhel jeung ceuk anu séjénna. Ramapak.

“Tapi kumaha carana?” ceuk Panto bangun anu bingung.

“Urang nurutan jelema wé. Tapi lain jelema nu ayeuna nyicingan ieu imah. Maranéhna mah boa ingeteun atawa wawuh ka Pangéran,” ceuk Jandéla. “Tapi urang mah nurutan jelema anu baheula kungsi nyicingan ieu imah geuning. Anu kiwari mah geus hunang-hening di jero kuburan, ” Jandéla neruskeun omonganana.

  “Heueuh kumaha?” Kenténg bangun nu panasaran.

   “Tengah peuting nyambat-nyambat Pangéran bari jeung nyebutkeun kahayang urang séwang-séwang,” walon Jandéla.

  Sapoé, dua poé, tilu poé. Taya kajadian nanaon. Taya kajadian anu dipiharep. Nu boga imah angger haré-haré. Kenténg guligah. Téhel marudah. Kitu ogé nu séjénna. Teu sabar ngarep-ngarep jawaban Pangéran, jeung ngarep-ngarep pitulung Pangeran ku ngarobah lakulampah jalma-jalma nu aya di éta imah. Leuwih tulatén ngurus jeung maliré kana kaayaan maranéhna.

Dina hiji peuting anu jempling, peuting anu pohara lilana, leuwih lila batan peuting-peuting samemehna, pangeusi imah saré tibra. Panto, Jandéla, Kenténg jeung nu séjénna leuwih husu ngado’a, nyambat-nyambat ngaran Pangéran. Barang keur kitu, angin rongkah datang ngagelebug. Disusul ku lini. Hujan turun sagedé-gedé peureup. Gelap dor-dar. Kenténg ngaburusut. Jandéla peupeus. Panto rujad. Antukna imah téh rubuh. Lain ukur imah éta, tapi imah nu séjénna ogé sarua. Bru-bro di ditu-di dieu. Sakampung! Sadésa! Sakacamatan! Sa.......ehm.

Teuing tanggal sabaraha, teuing jam sabaraha. Geus euweuh kalender jeung jam. Euweuh panto, euweuh kenténg, euweuh imah jeung euweuh ogé nu disebut jalma. Kabéh rata. Ukur aya taneuh.

Singajaya, 2011
Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Anggi Novia Dewi

Seungitna masih nyambuang. Malati nu ditiiran masih katingali hégar, tapi panon batin nu nempona langlayeuseun. Lalaunan manglé diambung kalawan anteb. Bet matak leuleus saawak-awak lir dipupul bayu.
Rét nempo bayangan awak tina eunteung satangtung. Sanggul masih mapaés riasan buuk, kabaya katut samping masih mungkus awak, kitu deui riasan beungeut. Moal waka salin jeung mupus riasan, hayang ngajaran heula maké manglé. Manglé malati cicirén sekar asli nu nyakséni jatukrami. Bodasna perlambang kasucian, kasucian niat pikeun ngawangun rumah tangga ti dua calon pangantén.
Rap manglé diterapkeun kana sanggul. Tungtungna sina ngarumbay dikahareupkeun. Biwir diimutkeun, tapi cipanon kalah nyurucud. “Dini, Anjeun téh masih can ikhlas geuning.” Ceuk haté ka jalma nu keur nangtung dina eunteung.
Kang Héndi! Anjeun keur naon ayeuna? “Geus puguh keur oléng pangantén!” ceuk bayangan kuring tina eunteung.
Sagala téh keur Dini. Sagala barang Méta bisa diinjeum ku kuring. Malahan mah geus diinjeumkeun téh sok tuluy dibikeun. Keur Dini wé… kitu ceuk anjeun sasarina.
Dini, séhat? Tos tuang? ceuk anjeun mun sapoé teu panggih. Dini, tos dugi? Wilujeng leleson. Ceuk anjeun mun kuring balik ti pagawéan ka kosan. Dini, tos kulem? Kitu ceuk anjeun mun peteng ngalimpudan peuting. Dini, mun di kosan keueung mah, kulem atuh di rorompok. Bunda nuju aya di rorompok da. Engké urang tuang pais lauk pasakan Bunda, urang curhat, pelesir, nongton di bioskop, balanja! Ti dituna mah ngolo kuring sangkan daék mondok di imah anjeun.
Teu sirikna sangu saalas diduakeun. Karasa kanyaah jeung béla ti anjeun ka kuring téh, Méta! Dina keur susah jeung bungahna, éstu anjeun marengan. Sataun lilana simpay sosobatan urang dipaheutkeun. Taya hal nu disamunikeun. Kahirupan kulawarga anjeun, kulawarga kuring. Kahirupan anjeun, kahirupan kuring. Udagan anjeun, udagan kuring. Kereteg haté jeung trésna anjeun, iwal ti kareteg jeung trésna kuring. Inggis megatkeun simpay sosobatan nu geus dalit, kuring nyidem rasa trésna ieu. Sugan jeung sugan milik mah moal kamana, jodo geus dipasangkeun ti anggalna.
Anjeun resep warna kayas, kitu deui kuring. Anjeun resep pais lauk, kitu deui kuring. Anjeun teu resep haseup roko, kitu deui kuring. Anjeun micua ka si anu, nya kitu deui kuring. Sarua pangresep sugan téh moal jadi harungan. Harungan nu nigas trésna kuring ka kang Héndi. Nepi ka danget ieu, anjeun moal mungkin nyaho kumaha mantengna rasa trésna kuring ka Kang Héndi. Kang Héndi nu kuring!
Kang Héndi, bagian keuangan di kantor. Kang Héndi nu tutur catur jeung pasemonna teu weléh soméah. Kang Héndi nu sok adzan di masjid kantor. Kang Héndi nu ceuk anjeun wudhuna pohara tartil. Éta téh Kang Héndi nu kuring!
Ti mimiti kuring asup gawé nepi ka danget ieu, trésna kuring masih manteng ka Kang Héndi. Dua taun lilana, kuring nganti-nganti. Nganti Kang Héndi ngedalkeun rasa haténa ka kuring. Sataun saprak anjeun asup gawé kuring hariwang. Pan urang téh nyobat dalit, tapi disagédéngeun éta haté kuring lewang. Da anjeun mimiti pada ngarérémokeun ka Kang Héndi ku pagawé lianna.
Kang Héndi nu ikhlas mantuan ngomékeun komputer di méja kuring nu sok error. Kang Héndi nu ngaranna ku kuring geus diteundeun di satungkebing rohang haté. Kang Héndi nu sok marengan lamunan kuring. Éta téh Kang Héndi nu kuring! Kang Héndi nu ayeuna jadi salaki anjeun, Méta!
Kang Héndi nu sok tumanya “Mulih, Bu?” cenah. Meureun ceuk Kang Héndi mah, éta téh hal basajan. Teu pira nanya, rék balik? Kalimahna gé basajan, ngan diwangun ku dua kecap “mulih” jeung “bu”, tapi éta pananya téh ceuk kuring mah maknana téh manglapis-lapis. Aya panitén ti Kang Héndi ka kuring. Asa wé pangSintana nu dipicinta Rama.
Sok tuluy bungah, najan pagawéan di kantor meunang panyentak atasan jeung complain konsumén gé. Komo mun anjeun ngajak dahar pas jam istirahat mah. Haté bungangang. Diuk pagigir-gigir atawa pahareup-hareup téh matak samar rasa samar polah. Jantung dagdigdug teu puguh wirahma. Basa didéhéman ku pagawé lian téh geuning anjeun garo-garo ateul, teuing enya ateul kétang. Nya kitu deui kuring, sumpah asa teu napak!
Kang Héndi! Anjeun keur naon ayeuna? “Geus puguh keur oléng pangantén!” ceuk bayangan kuring tina eunteung. Kang Héndi! Ulah waka. Ulah waka oléng pangantén. Dagoan kuring! Yeuh manglé geus dirumbaykeun dina sanggul kuring! Hayu urang ijab Kabul! Tuh lebéna pan can balik! Bapa kuring gé masih aya ngadagoan di receptionist.
Kang Héndi! Kuring cinta ka anjeun!
Kang Héndi, ieu haté asa digerihan ku hinis, tatuna diawuran uyah. Peurih téh! Haté mah ti tadi gé nyeri, cageur sotéh mun anjeun mawa perban cinta. Pikiran kuring haleungheum, cangra sotéh mun anjeun sadia mawa cahya trésna. Jiwa kuring langlayeuseun, hégar deui sotéh mun anjeun sadia nyébor ku ciasih.
Kang Héndi! Itu komputer error! Hayu geura, urang téang, urang benerkeun. Urang bukaan filena. Aya mangrébu foto anjeun dina file husus. Aya manglaksa sajak cinta ti kuring nu can dibaca ku anjeun. Aya ébréhan rasa nu lalangséna can kasingraykeun ku anjeun.
Kang Héndi!
Ieu manglé seungitna masih nyambuang. Malati nu ditiirana masih katingali hégar. Tapi nyatana, kuring moal bisa jatukrami jeung anjeun. Kuring lain wanoja bagian tina tulang iga anjeun nu cenah bakal jadi jodo. Lain kuring Sinta keur anjeun mah, tapi Méta. Lolongkrang nu aya di antara réma-réma anjeun téh bakal dieusian ku réma-réma Méta! Laiiin, lain ku kuring siga ceuk sajak nu minuhan rohang haté katompérnakeun.
Méta!
Ku téga atuh ngarébut Kang Héndi kuring. “Pan Méta mah teu apaleun Anjeun nyidem rasa trésna ka Kang Héndi. Lain salah Méta. Bongan anjeun teu wani ngedalkeun rasa, malah nganti-nganti. Bener ceuk Méta, wanoja gé bisa ngedalkeun cinta ti heula mun lalakina cicing waé mah. Cenah ceuk anjeun harita, basa ditanya ku Méta anjeun ngajawab ngan saukur babaturan ka Kang Héndi téh! Taya hubungan nanaon! Ayeuna Kang Héndi geus jadi milik Méta. Anjeun tong sirik! Anjeun kudu ikhlas!” ceuk bayangan diri dina eunteung ka haté kuring.
Cipanon beuki nyurucud diomongan kitu téh. Dini…sing ikhlas! Apan Méta nu sok maturan kuring mangsa susah jeung bungahna. Méta nu satia ngabaturan almarhum ibu waktu kuring méunang tugas ka luar kota nepi ka henteuna. Méta, Méta, Méta nu satia jeung ikhlas ngabagi asih indungna keur kuring ngagantikeun asih ibu salila sataun ieu. Nepi ka kuring bisa tetep ngarasakeun kanyaah hiji indung.
Dini! Minggu payun sepuh Kang Héndi badé ka rorompok, sumping nya. Dini! Kang Héndi masihan ali meneng, dungakeun nya. Dini! Kang Héndi ngajak jatukrami, dungakeun mugia tiasa tinekanan nya. Dini! Sasih payun Kang Héndi hoyong ijab kabul, dungakeun sing tinekanan nya. “Dini! Dini! Dini! Sing ikhlas nya!” ceuk haté ngajawab alon kana paménta Méta.
Dini, sok geura milih hoyong kado nu mana? Badé lima, badé sapuluh gé mangga. Ceuk anjeun bari nuyun kuring asup ka kamér pangantén. Digigireun ranjang pangantén numpuk kado, aya kana satangtungeun jalma sawawa. Kuring ngan wasa ngembang kadu. Gék diuk dina biwir kasur pangantén nu disépréan warna bodas tina sutra. Lemes kacida. Di luhurna mayak kembang malati.
Dini mah angger ari tos hoyong dipangmilihkeun ku Méta téh. Atuh ayeuna mah Dini milih nyalira, ceuk Méta bari gék diuk gigireun kuring. Ramona nyekel ramo kuring. Tuh geura kalah ngalamun jeung kuraweud, cenah ngaheureuyan. Kuring imut, ningali paroman Méta nu hégar. Sahégar manglé nu ngarumbay dina sanggulna. Atra, haté Méta tinangtu dilimpudan kabungah nu taya hinggana.
Ah wios atuh kanggo Méta wé, ceuk kuring laju nangtung ngadeukeutan lalangsé. Diluar layung katingali mimiti hibar. Sieun ku Kang Héndi nya? Kang Héndi mah moal nanaon atuh, Din, ceuk anjeun bari tuluy nangtung ngadeukeutan eunteung gigireun lalangsé nu ku kuring keur disingraykeun, hawa karasa rada nyongkab, teuing keur Méta mah. Ah, pokona mah Dini tong waka mulih saméméh nyandak kado ti Méta, ceuk anjeun bari tuluy mukaan jepit dina sanggul.
Méta! Kuring mo nampik kado ti anjeun mun seug eusina Kang Héndi. Kang Héndi kuring nu ayeuna geus jadi salaki anjeun. Kang Héndi kuring nu sakeudeung deui bakal oléng pangantén jeung anjeun di ieu kamer.
Dini, cing pangbantosankeun ih, ceuk anjeun bari nyengir sabab buukna aya nu kadudut. Kuring mantuan Méta ngaleupaskeun manglé. Padahal mah tong waka dileupaskeun atuh, engké wé ku Kang Héndi, ceuk kuring neger-neger manéh nyarita kitu téh. Ah, hoyong ayeuna, rada ararateul kana punduk, jaba ti tadi gé beresin waé. Mangga atuh, ceuk kuring.
Geus leupas, manglé ku kuring diambung anteb pisan. Seungitna masih nyambuang. Malati nu ditiiran masih katingali hégar.
Keur Dini wé, ceuk Méta ngagareuwahkeun polah kuring. Kuring seuri maur. Ah, kanggo naon. Pamali atuh malati saksi jatukrami Méta kedah dipasihkeun mah. Anggursi disimpen, ceuk kuring bari mikeun deui manglé. Keur naon disimpen? Méta mah lain Suzanna nu mikalandep kembang malati, atuh engké Kang Héndi sieuneun. Haha…! ceuk anjeun ngakak. Kuring imut, tapi haté ngarakacak.
Keur Dini wé, sugan tiasa dialap hikmahna. Sugan Dini gé énggal-énggal pinanggih jeung ksatria nu baris ngajak jatukrami, ceuk anjeun daria naker. Kuring unggeuk, can kaburu pok nganuhunkeun, Kang Héndi asup. Atuh kuring hareugeueun, samar rasa samar polah. Méta imut, Kang Héndi imut, kuring ngan wasa tungkul bari buru-buru amit ka luar. Méta jeung Kang Héndi gé teu ngaulahkeun.
Basa kuring nutupkeun panto kamer pangantén, kadéngé sora Méta halimpu, “Kang…” cenah. Wilujeng Méta, ceuk kuring nyeklékkeun éngsél panto.
Kuring asup ka kamer tempat rias, loba jelema nu keur bébérés jeung meresihan dangdanan. Piceurikeun geus nyedek. Kuring asup ka toilet. Cetrék pantona dikonci.
Kang Héndi! Anjeun keur naon ayeuna? Geus puguh keur oléng pangantén. Seungitna masih nyambuang. Malati nu ditiiran masih katingali hégar, tapi panon batin nu nempona langlayeuseun. Lalaunan manglé diambung deui kalawan anteb. Bet matak leuleus saawak-awak lir dipupul bayu. Sing ikhlas Dini! ceuk haté téh.
Cipanon dipaksa sina saat, disusutan ku tissue. Las diwedak deui, dilipen deui, dangdanan dibebener deui. Geus ah, sing teger Dini! Kuring laju ka luar, katinggali nu keur mérésan dangdanan masih pasuliwer bari narempokeun kuring bangun hareugeueun. Kuring tungkul, rumasa panon masih caridul. Kuring leumpang daria muru lift ka lanté hiji sabab rék bareng balik jeung Bapa.
Kuring ningali Méta jeung Kang Héndi, bayanganana mantul dina panto Lift. Kuring malik laju imut, katingali leungeun Méta pacekel jeung lengeun Kang Héndi. “Sing ikhlas, Dini!” ceuk haté.
Méta nyampeurkeun ka hareupeun kuring “Dini, meni cahayaan!” cenah bari ngarampa manglé manéhna nu ngarumbay dina sanggul kuring. Kuring tungkul teu wasa ningali maranéhna.
Mujahidin, 03 Desember 2010
Bengkel Ngarang Sunda
Carpon: Anggi Novia Dewi

Maya, ti mimiti peuting ieu uing moal bisa nepungan anjeun. Peuting isuk, peuting pagéto, jeung peuting-peuting engké deui nu moal bisa diitung. Uing geus tibra, disimbut kalanggengan. Lain hartina uing teu nyaah ka anjeun. Hampura anu kasuhun, carita uing geus beungbeung.
Uing moal bisa apél deui ka anjeun, moal bisa sosonoan deui. Moal bisa curhat ka didinya deui. Malah moal bisa ngelol-ngelol acan néang anjeun. Hampura, Maya.
Poma riksa imah urang. Nitip unggal rohangna. Dingding-dingdingna. Poma anjeun ulah nepi ka indit. Tungguan wé geura, aya nu nganjang teu? Nu hayang ngobrol jeung urang siga sasarina.
Nitip poto-poto uing jeung si enéng. Komo poto uing jeung si enéng nu keur maké kaos kembar mah. Judul kaosna téh “I was born to love him” jeung “I was born to love her”. Énggel potona ti luhur. “Cisss!” cenah bari manyun. “Cetrék!” cenah sora kaméra hapé ngaburinyai. Poma teundeun dina tempat nu biasana.
Ah kétang, da anjeun mah tangtu satia. Moal ngucah-ngacéh rusiah. Moal ngabolékérkeun kasalahan batur, siga jalma-jalma di kantor uing. Komo nepika hayang pindah dunungan mah. Malah moal-moal acan anjeun mukakeun panto keur nu anyar datang, masing keketrok gé.
Apan anjeun geus dicangreud maké konci ku uing. Koncina moal aya nu bisa ngaduplikat. Moal. Masingna dokumén-dokumén di kantor, lain diduplikat deui tapi dipalsukeun kétang.
Siga kamari beurang, uing dititah nanda tangan tujuh kali. Keur laporan pengeluaran keuangan penelitian lapangan, cenah. Laporan podol séro! Uing mah teu pipilueun ka lapangan-lapangan acan. Cicing di kantor. Teuing ari nu dilaporkeun ku bagian personalia ka Pa Diréktur mah. Waktu harita uing rada merod, lain pédah teu butuh duit.
Uing ngarasa lain jalma nu sok codéka ka batur, nu sok ngahecker batur. Insya Alloh, moal aya nu kitu ka uing mah. Apan hukum kausalitas pasti aya, Maya.
Salila konci imah urang euweuh nu nyaho, moal aya nu bisa asup. Sanajan maranéhna keketrok gé. Tah geuning, si enéng keketrok. Deudeuh teuing geulis. Akang moal bisa sosonoan deui, bageur. Moal bisa ngobrol deui.
Enya, jandéla-jandéla di imah urang apan masih muka, Maya. Batur masih bisa ningali atra eusi imah urang. Tapi jandélana disarigsig naon boa, moal aya nu bisa asup. Maranéhna ngan ukur bisa naroong tina jandéla, tuluy ngotrétkeun pesen dina dingding keur uing. Haturan béla sungkawa, kitu meureun pibasaeunana.
Tuh geuning si mamah. Nuliskeun béwara sungkawa. Dituturkeun haturan sungkawa ti babaturan sakantor, salembur, jeung nu kungsi wawuh.
Tah si enéng keketrok deui. Manéhna ningalian dingding-dingding imah urang, Maya. Meureun teu si enéng eueuriheun mah. Komo macaan pesen-pesena mah, abong mun teu kanyenyerian haténa. Hampura geulis, sing ikhlas!
Tuh, si enéng mukaan poto-poto uing jeung manéhna. Tah, jeritna parat kadéngé nepi dieu. Nepi pangreureuhan uing, Maya. Deudeuh teuing bageur!
Enya, bulan kamari pisan uing néang ka imahna jeung kolot téh. Rék ngaiskeun pasini jangji, nyangreudkeun pamageuh kadeudeuh, ahad pamungkas bulan ieu. Lain uing jalir jangji. Teu nohonan pasini. Apan uing mahluk laip, Maya. Uing kudu nepungan Anjeuna. Nohonan nu geus dikedalkeun ti anggalna. Uing kudu ninggalkeun si enéng.
Rék teu kanyenyerian kitu kumaha deuih atuh, Maya. Apan di dinya apal sorangan, kumaha geugeutna uing jeung si enéng. Malah kamari beurang mah, si enéng balaka cenah mun geus nikah, hayang pangmasakkeun keur bekel uing di kantor. Ngarah beuteung uing teu kukurubukan waktu digawé. Ditungtungan ku emotion nu kieu geuning ;-). Koméntar kituna téh, basa uing nulis status “Duh, beuteung kukurubukan, euy!”
Teu lila si enéng indit deui, Maya. Teu keketrokan deui. Teu siga peuting-peuting katompérnakeun meureun. Karék nyaho yén si enéng gé keur aya di dunya urang, uing langsung ngagupayan. Manéhna teu kudu keketrok, uing pasti langsung muka panto imah urang, Maya. Tuluy ngobrol. Tuluy ocon. Nepika di imah urang téh, Maya, haneuteun ku tamu nu milu ngobrol. Nepi ka peuting, nepi ka uing ngaguherna.
Pan basa peuting kamari, basa si enéng keur sarua aya di dunya urang, Maya, manéhna siga biasa nganjang. Ngobrolkeun sagala rupa kagiatanana poé harita. Geus néang baju jeung si mamah cenah. “Saé téh A! Dicobian téh, pas pisan.” Kuring ngan bisa ngarahuh, ménta hampura teu bisa maturan manéhna. Témbalna téh, teu sawios atuh, pan Aa nuju milari artos keur enéng. Nu dituliskeun mah emotion seuri, tapi haté banget ngarakacak.
Tuluy manéhna ngobrolkeun geus meuli merchandise keur tamu. Cenah, mani rieut milihanana, ieu saé itu saé. Si mamah gé, kuat baeud. Da enéng lami teuing milihanana. Atuh da lalucu geura, A. Aya gantungan bonéka pangantén, aya miniatur angklung, aya...uing kaburu motong, enéng milih nu mana? Milih gantungan bonéka pangantén.
Geus kitu, manéhna ngobrolkeun piwuruk indungna. Cenah mun geus jadi pamajikan ulah sok hayang nyaho teuing urusan salaki. Keun cenah béré lolongkrang keur dirina sapribadieun. Manéhna nyikikik, uing nyakakak asa dipangmeunangkeun.
“Wljg le2son, A!” cenah mungkas obrolan peuting kamari.
Biasana mah sok tuluy reup saré. Peuting kamari mah nyileuk nepi ka tabuh sabelas leuwih. Asa teu pararuguh rasa. Pikiran pagaliwota. Teuing pédah tujuh belas poé deui uing rék ngucap ijab kabul. Teuing pédah suasana di kantor nu karasa mingkin beurat.
Nitip si enéng, Maya. Bisi manéhna sono, heug manéhna keketrok siga biasa. Omat, ulah disaha-saha. Heug aku, tingtrimkeun haténa. Pangbéjakeun ka si enéng, yén uing bener-bener micinta dirina.
Maya, di dieu uing cuang-cieung. Teu bisa néangan sobat siga di teun anjeun. Rék nga add, nyolék, rék dianggurkeun, atawa rék dipiceun gé, bébas.
Teun anjeun, Maya. Kabéh kasalahan bisa dihapus. Salah sakecap waé mah, tinggal di didelete atawa dibackspace ceuk paribasana. Tapi di imah uing nu anyar, teu bisa kitu. Kabéh kudu dipertanggungjawabkeun. Teu sirikna disiksik ditalungtik, nepi kana bukur-bukurna, Maya. Teu bisa sasalingkeran, nyumputkeun itu ieu siga di kantor. Kabéh gé kabuka, euweuh lalangséan.
Tadi isuk méméh indit gawé, apan uing masang status, “Hayang nganjang ka ahérat, sugan panggih jeung malaikat, hayang nyarita yén di ieu dunya téh geus pinuh ku nu basilat.” Ayeuna tinekanan, Maya. Tadi isuk hiji treuk ngagiles motor uing. Uing ambruk. Bruuuk!
Maya, tuh Malaikat Munkar jeung Nakir geus siap nakon kuring, Man Robbuka!
Mujahidin, 14 Maret 2011
Bengkel Ngarang Sunda
 Carpon : Derry Hudaya
Rumus-rumus utey dina kertas-kertas poster nu dibalikeun dina témbok. Rumus téh lir cacing atawa bilatung anu ngagorogot panon, ngagorogot lamunan, ngagorogot tangtungan saban wanci. Mun seug kertas-kertas dibalikeun, katara paroman artis-artis nu geulis rancunit jeung nu gagah perténgtang, nyekel mik di panggung pentas, disorot lighting warna-warni. Aya ogé nu keur leumpang, keur udud, keur nyekel botol bir, keur ngagaraya. Gaya nu mahabu pikaresepeun kuring.

Geus kelas tilu SMA geuning. Asa teu karasa. Asa teu kaerong kumaha pikahareupeunana. Can parigel ngigelan jaman, can boga pangalaman, can boga nanaon pisan. Boga sotéh babaturan nu teu jauh béda jeung kuring. Sarua karesepna: cinutrun di sisi jalan, babalapan tengah peuting, udud meletek dikamar kontrakan. Udud rokok filter jeung udud bako Acéh (ganja téa). Bubuhan di Acéh mah tumuwuh di mana-mendi, jadi dingaranan bako Acéh. Ari di Acéh mah anu modél kitu téh sok dipaké bumbu masak, sedeng di urang mah sok dipaké…

Lamun pareng ngabako Acéh, sok genah cacarita bari babarakatakan manasuka. Tara puguh kalér-kidulna nu dicaturkeun, tapi bet karasa éndah tan watesan. Tara bosen ngigelkeun létah. Lalakon hirup nu pajurawet dadak sakala leungit tina pikiran, ganti kunu lempeng jeung ngamul ka alak paul. Ti alak paul atra paroman wanoja nu imut bari ngiceupan, maké erok mini, maké baju supermini. Sabeuleugeunjeur disawang, dipapantes ku rarasaan jeung pangalaman séwang-séwang, sarta pangalaman babarengan.

Sanggeus ngawang-ngawang ka alam nu teu kabayang ti anggangna, gelas-gelas dicican ku cai nu ngabudah. Maké és batu sangkan tiis jeung leuwih loba budahna. Boh sungut boh cai, pamustunganana mah pada-pada ngabudah. Laju nalangkarak, ocon ku mangpirang guyon. Silih tepak, silih toél, nepi ka teu sadar di bumi alam. Aya ogé nu ngadak-ngadak ngoréjat hudang, leumpang babangkieungan, lumpat ka kamar cai: babalongkéngan. Antukna sarua teu inget di bumi alam. Teu inget deui kana rumus-rumus.

Ayeuna béda ti biasana. Kuring nyorangan di rohangan reyem-reyem. Taya sasaha. Taya batur, taya udud, taya budah. Taya nanaon nu ngabaturan. Ngahaja, aya nu keketrok ogé teu diwaro, nu ngageroan teu di témbalan. Éstu hayang nyorangan. Niiskeun pikir nu harénghéng.

Minggu kamari aya nu datang ka sakola, ngaku yén manéhna téh tatangga kuring. Teuing ngaku salaku tatangga kontrakan atawa warga pituin nu natangga, anu puguh mah manéhna ngarasa kaganggu ku paripolah kuring sabalad-balad. Padahal ceuk rarasaan mah saban ngumpul di kamar kontrakan, sok ngahaja nungguan euweuh sasaha. Ari warga, tara ieuh nanaon. Puguh kuring mimiti nyorang hirup jiga kieu ogé pédah remen campur-gaul di wewengkon éta. Uplek ngobrol jeung pamuda-pamudana saban peuting di pos kamling. Bako Acéh jeung cai nu ngabudah ogé ngalanggan ti maranéhna.
Bener-bener baluweng, taya nu kapikir. Tanda tanya ngajeblag dina tarang. Lalangit mongkléng. Pipikiran bet kumalayang ka banjarkarang. Bréh Ema jeung Abah. Abah kutrat-kotrét, ngitung untung usaha. Ema cindekul dina méja, nungguan palanggan nu beuki arang datang. Abah ngalageday bari kerung, terus peureum. Ema narik napas jero pisan sanggeus neuteup kosong ka lebah panto warung. Suwung.

“Meureun kieu nu disebut bangkrut téh.”
“Kumaha budak urang waragad sakolana?”
“Urang jual tanah nu di kalér.”
“Urang unjam-injeum ka Uana sugan.”
“Bakal kagantian engké ogé, mun budak urang geus jadi jelema…”

Berebey cipanon maseuhan beungeut. Kuring ngajenggut buuk sorangan. Ngusap beungeut sababaraha kali. Laju nyusut cipanon.

“Abah, jigana budak urang téh keur ngapalkeun. Maca buku. Siga mun pareng libur dilembur. Ngalelengkur, ulukutek jeung buku di pangkéng. Tara udar-ider jiga budak batur, Abah. Budak urang mah…”

Berebey deui cipanon téh. Buuk beuki kusut.
Iraha datangna malaikat nu dibarengan kica-kica? Nyaangan jajalaneun. Ngararata jalan nu taringgul. Mager jalan sangkan teu tikusruk ka jurang lungkawing. Ngaping lampah sangkan teu dirogahala sato jeung ririwa nu ranggéteng di saparat jalan.

Ema jeung abah imut ngagelenyu ka lebah kuring. Gugupay. Kuring nyampeurkeun. Digabrug digaléntoran. Kuring deku nyium indung suku. Abah jeung Ema teu lila malik nonggongan. Laju leumpang ngajauhan. Kuring teu bisa nuturkeun. Suku teu bisa digerakeun, sumawona diléngkahkeun, anggur ngabelesek kana leutak rawa semet tuur, semet beuheung. Eungap. “Abah! Ema!” kuring jumerit maratan langit dina haté. Di alam peteng dilingkung lamping lungkawing. Diawaskeun kunu rarangéténg.

Ema jeung Abah leungit tina tungtung teuteupan. Ngagelendrung sora Bu Imas, Pa Herman, Pa Aca, Bu Cucu….. Rampak nalék kuring, ngeuleuh-ngeuleuh, nyatet alamat imah kuring di lembur. Taya saurang ogé nu sorana halimpu. Kuring ngan wasa ngaheruk. Aya gimir nu ngarandakah dina jero dada.

Geuning kieu? Cenah geus nganggap kuring salaku anakna sorangan. Tapi naha dina waktuna kuring butuh kahéman, kalah rék ngusir. Kuring teu meunang datang deui ka éta tempat. Meureun sangkan éta tempat beresih, da rumasa ari kuring mah kotor satangtungan. Euweuh pulukaneunana. Tapi naha bet daék nampa kuring baheula, ari teu sanggup jeung tanggungjawab ngaping ngajaring kuring mah? Memang kuring nu salah, tapi jalma salah téh lain kudu dipiceun. Mun méncog kudu di benerkeun. Mun poho kudu di ingetan. Kitu ogé mun ti gebrus, kudu dijait dihanjatkeun, lain diantep tilelep….

Kumaha kuring mimiti ngaguar lalakon ka Ema jeung Abah? Kumaha mun Abah ogé sarua polahna jeung Pa Herman, jeung Bu Cucu, jeung nu ngagarantawang nyarékan kuring kamari-kamari ieu? Kumaha peta kuring?

Hawar-hawar aya nu ngetrok panto leuleuy. Kuring bet jorojoy hayang muka panto. Jung nangtung bari nyusut cipanon maké simbut héjo nu barolong. Leumpang lalaunan ngajugjug panto.

“A, wayahna. Aa kedah ngalih ka sakola sanés. Wayahna da ieu mah sistem di sakola urang. Seueur nu natamu ka sakola, ibu ramana murid-murid di sakola urang…

Tapi sing sabar, A. Ibu tos nguruskeun itu-ieuna. Aya sakola nu nampi, Aa. Tong hariwang tong salempang, moal guyur ka lembur….”

Panjang lébar ngajelaskeunana guru BK téh, guru Bingbingan Konseling. Kuring teu bisa nyangkem sakabéh eusina caritana. Kuring ngagabrug ngagukguk. Cipanon murubut teu bisa ditahan-tahan. Tonggong kuring diusapan.
**
Kuring geus jadi murid di hiji sakola. Sakola nu teu pati seungit komarana. Bubuhan sakola pamiceunan: tempat sakolana jalma-jalma nu teu lolos testing diditu-didieu, karék arasup ka éta sakola. Atawa tempat sakolana jamla-jalma nu sanasib jeung kuring, diusir ti sakola saméméhna lantaran milampah codéka nu teu bisa dihampura. Atuh murid-muridna ogé teu pati palinter. Pinter sotéh minteran guru-guru, pinter narékahan aturan: pinter ngaroko di kamar cai, pinter jajan teu mayar di warung sakola, pinter kabur ti sakola, pinter ngalinting bako Acéh, jeung pinter nyicikeun cai nu ngabudah.

Bako Acéh mulek deui di kamar kontrakan. Calacahna ngunung-ngunung nepi ka nutup rumus-rumus, nutup ingetan kuring ka mangsa kaduhung, nutup panto kasadaran. Haseupna ngamul ka alak paul, ngajak kuring nyawang wanoja nu geus nyasarkeun lampah. Gelas-gelas ngabudah deui.

Kuring beuki asruk-asrukan, kalangsu, turug-turug boga balad ngaratus ngarébu ti sakola nu ayeuna mah. Saban peuting ubrang-abring, sugan amprok jeung anu numpak motor nyorangan di tempat suni. Eusi lokét jeung sakuna dirawu, motorna diaku. Lamun seug teu narima, wayahna tatu. Tatu siga kuring. Tatu, teu mampuh ngigelan waktu....
Asép Héndrawan
- carita kahujanan -

angin rintih ngahiliwirkeun pasini
tepungna méga-méga 'nu nyakclakkeun girimis
ngerepan jadi umpalan silantang
séah, ngepris-ngepris kamelang

hujan, ramo-ramona niir juringkang
nyelecep anteb mirig riwan
ngentobkeun rantengan urat badag
notoskeun sahunyudan lamunan

sababda kotrét panungtung mungkas catetan
hujan malidkeun sagalana
mudalkeun mangsi carita
ngabedahkeun harénghéng haté
'nu ngalémbéréh lebah embun-embunan

(0511)