Prayoga Adiwisastra

Carita Misteri
Prayoga Adiwisastra                                                                                                                                      


NU NGETROKAN PANTO

            Gagak, hawar-hawar kapireng ngelak deui. Kaayaan di saluareun klinik beuki keueung, beuki lewang. Gék kuring diuk dina korsi gigireun lomari paranti neundeun ubar. Leguk kana cikopi nu ti tatadi ngajagrag dina méja hareupeun.
Geus tiis kopi téh, gerentes kuring. Puguh baé, da taya deui gawé iwal ti ngan huleng  jentul. Rét kana arloji, geus jam sapuluh peuting. Waktuna istirahat keur pagawé nu kabagéan shift peuting mah. Pikiran lewang ngarancabang.
Bet ras inget deui  kana kajadian kamari.
            Jam sabelas peuting harita téh. Can peuting-peuting teuing asana. Ku biasa ngalembur, jemplingna peuting téh can karasa wayah sakitu mah. Geuleuyeung baé nyupiran konténer muru ka pabrik grinding. Bubuhan supirna keur gering, nya kuring nu nyuluran saheulaanan. Jandela ngeblak dibukakeun. Lalaunan baé nyupiran téh. Keur jejem kuring nyupiran, ti kajauhan kadéngé sora anak hayam ciak-ciakan. Rey kuring muringkak, da sok kadéngé béjana mun aya sora anak hayam ciak-ciakan téh kila-kilana aya ririwa, nya kunti téa.
            Beuki lila éta sora téh beuki nongtoréng. Ah, geus teu dipaliré deui ku kuring mah. Jongjon baé nyupiran, kuriak cilaka mun mun hantem mikiran nu kitu mah. Hareupeun kuring, kurang leuwih dua puluh meter, lapat-lapat katingali awéwé keur ngajanteng di sisi jalan beulah kénca. Enya, awéwé mamaké saragam médis pertambangan keur gugupay ka kuring. Sanggeus deukeut, reg konténer téh dierém. Pok kuring nanya, taya sangkaan nanaon.
            “Badé ngiring ka klinik?” ceuk kuring.
            “Muhun. Puguh ieu gé bade ngiring numpang.” témbalna.
            Clak éta mojang téh diuk kéncaeun kuring.
            “Nyalira waé, kang?” pokna.
            “Nya kieu we…..” témbal kuring pondok.
            Bari galécok ngawangkong, kuring sok pirajeunan maling neuteup. Mémang nyari éta mojang téh. Baju saragam bodas-bodas, dangdanan basajan. Tapi teu burung pantes katingalina.
            “Abdi mah lungsur di klinik nu payun, kang!” pokna deui.
            “Oh, mangga.”
            Hareupeun klinik pisan eureun téh.
            “Mangga, néng!” ceuk kuring.
            Manéhna teu némbalan. Panasaran, rét kuring ka kénca. Beu, taya sasaha! Gebeg! Awak karasa tingsariak! Ras inget deui kana sora anak hayam nu ciak-ciakan tadi. Teu talangké deui, berebet lumpat sakalumpat-lampét.
            Peuting ayeuna kuring kabagéan tugur di ieu klinik. Ngan saméméhna mah sok di klinik nu ilahar waé tugur téh. Ayeuna mah pindah tugas ka ieu klinik nu ngahiji jeung konténer. Peti kemas dina konténer téh salin rupa jadi rohangan klinik. Jerona dibebenah, dieusian ku parabot nu guyub aya di unggal klinik, ngan baé leuwih kumplit tibatan klinik biasa.  Kawantu  klinik di pausahaan tambang emas.
Meunang hésé naker  kuring bisa digawé di ieu pausahaan tambang téh. Tapi di ieu pausahaan kuring meunang pangaji nu kawilang gedé. Dahar jeung mondok mah geus puguh dijamin ku pausahaan.
Jung kuring nangtung. Kukulintingan teu puguh cabak. Di juru, blankar katémbong parongpong. Di luar, teu anggang ti klinik, mesin grinding bangun nu taya reureuhna muntir,  ngagiling batu nu ngandung emas. Aya kana puluhna nu digawé dina éta mesin téh. Ti dinya biasana sok jul – jol pasén téh. Ti mimiti nu kacilakaan hampang, nu leungeunna dewang ku mesin, nepi ka maotna, sagalana kungsi kajadian.
Karérét ku kuring, dina méja aya tilu kasét murotal nu ngaréndéng jeung radio tape. Jigana kasét téh urut perawat nu kamari di dieu, tinggaleun meureun, ceuk pikir kuring.
 Mimiti karasa tunduh, perelek heuay. Padahal geus nginum kopi bieu téh, tapi keur kuring mah euweuh pangaruhna. Golédag wé ngedeng dina blankar tayohna mah. Teu lila, kuring geus aya dina alam pangimpian.
Hudang – hudang sotéh sanggeus kagareuwahkeun ku sora nu keketrok.
Tok, tok, tok!
Gancang kuring hudang. Teu talangké, gedig kuring muru panto. Barang bray dibukakeun téh bet euweuh sasaha. Lunga – lengo ka kénca ka katuhu, angger suwung. Padahal di luar, lampu sakitu raangna, diwuwuhan ku lampu nu nyorot ti gudang.
Ah, jelema nu  heureuy meureun, ceuk pikir téh. Teu ieuh jadi bahan pikiran keur kuring mah. Keur mah geus teu kuat ku pitunduheun ti tatadi gé. Rét deui kana arloji, geus jam hiji peuting. Tuluy  baé kuring leumpang ka juru muru blankar. Golédag deui di dinya. Panon neuteup lalangit. Lenggut – lenggut, panon karasa beurat. Reup kuring ngalenyap.
Tok, tok, tok! 
Panto aya nu  ngetrok deui. Koréjat  kuring hudang. Emh, saha deui ieu téh, moal boa nu ngaheureuyan deui kitu, gerentes kuring. Gedig deui ngadeukeutan panto. Bray dibuka, euweuh sasaha deui baé.
“Saha?” kuring ngagorowok rada tarik.
Euweuh nu némbalan. Ukur hawa peuting nu beuki nyecep kana sungsum balung. Jut turun kana  tétécéan, tuluy ngoréléng ka gigireun konténer, angger teu kasampak jalma hiji – hiji acan. Antukna cat kuring unggah deui ka rohangan klinik.
Ah, asa teu kaharti. Mun jalma nu heureuy mah tangtu kadéngé sora lumpatna. Da ieu mah taya sorana, taya jirimna. Éstuning gaib. Kuring weléh hémeng.
Haté mimiti sabil. Bruh – bréh sangkaan  nu teu pararuguh. Pamohalan mun nu keketrok téh jelema. Boa – boa? Jajantung beuki ratug, punduk muringkak, hawa beuki keueung karasana, awakna luut – léét ku késang. Lah, naha aing téh bet sieun ku nu kitu?  Kuring  neger – neger manéh. Sanajan kasieun beuki ngagalaksak, tapi da kapanasaran mah tetep nyangkaruk.
Ah, ku aing dideukeutan, siah! Gerentes téh bari nutupkeun  panto. Laju ceuli diantelkeun kana éta panto, awahing ku panasaran.
Mun aya nu keketrok deui,  ku aing rék disurungkeun sakalian panto téh!  Jero pikir.
Teu kudu lila ngadagoan.
Tok, tok, tok!
Teu antaparah, panto téh disurungkeun satarikna. Plos, panto téh ukur neumbrag angin. Ningali kitu, kuring beuki baluas baé. Ambekan beuki ngerepan. Beuki yakin, yén nu keketrok téh geus tangtu lain jalma. Atuh berebet kuring lumpat muru ka gudang nu teu jauh ti dinya.
Sanggeus cunduk, babaturan padanyampeurkeun. Hariweusweus.
“Kunaon, Sés?” ceuk Si Wawan, sobat dalit, kabeneran sarua urang Sunda.
“Itu...................” témbal téh teu kebat.
“Itu kunaon?” Si Wawan beuki panasaran.
“Itu......  aya nu keketrok nepi ka tilu kali. Tapi ditempo téh da euweuh sasaha!” ceuk kuring deui bari rénghap ranjug.
“Oh ...... geus ayeuna mah reureuh heula!”
Nepi ka isuk, kuring teu tibra saré. Da inget waé kana kajadian nu tadi peuting karandapan.
Bari mumuluk, kuring jeung Si Wawan ngawangkong sual kajadian nu kaalaman tadi peuting.
“Mimitina mah kuring gé teu nyangka nanaon, Wan.  Tapi sanggeus ditempo nepi ka tilu kali euweuh sasaha, ti dinya kuring jadi keueung téh.” ceuk kuring.
“Hahaha.......” Si Wawan kalah seuri.
“Naha bet seuri?”
“Lain, da geus biasa atuh di klinik éta mah!”
“Geus biasa naonna?”
“Heueuh, geus biasa ditepungan ku nu kitu mah.”
“Wah?”
“Wani sumpah! Sarua kuring gé mindeng aya nu ngetrokkan panto mah, Sés!”
“Heueuh ari kitu mah meureun.”
“Ceuk béja mah di klinik éta téh kungsi aya pasén nu maot.”
“Euleuh.... kunaon cenah?”
“Cenah mah awakna sabeulah kagiling ku mesin konvéyor. Tuluy dibawa ka klinik éta. Tapi teu katulungan. Nepi ka maotna”
“Aduh...... pantes wé meureun!”
“Nu matak kuring mah sok nyetél murotal mun kabagéan shift peuting di klinik éta téh”
“Oh..... kasét murotal nu di klinik téh nu manéh, nya?”
“Heueuh, tinggaleun!”
“Lain ngabéjaan ti baréto atuh, Wan! Jaba  sapeuting deui tugur di klinik éta téh!” ceuk kuring, dibarung ku paroman nu pias.

Pléréd, 2011


***
3 Responses
  1. Unknown Says:

    Sae. Resep tiasa maca carita ku Basa Sunda deui... Sono pisan ka majalah Mangle...


  2. Unknown Says:

    luar biasa ngan kirang panjang kedahna tong wara anti klimaks hehe tapi mantap.


  3. Kanggo abdi anu di luar Jawa, karaos sono ngring ngaos carita Sunda ieu teh!


Posting Komentar