Bengkel Ngarang Sunda
 Carpon : Anggi Novia Dewi
Wilujeng wengi, anaking.
Dina jempling nu siga kieu, Apa hayang cumarita. Apa kudu ngedalkeun sagala rupa nu ngabarudah dina dada. Ngaharéwoskeun sagala nu nyusuk dina sukma. Supaya janglar bangbaluh nu niruk kana haté Apa. Najan tangtu, hidep moal lemék. Tangtu. Pan hidep ayeuna keur ngageubra disimbut sagala rupa impénan. Mugia éndah.
Rumasa. Rumasa, Apa teu bisa ngawujudkeun kaéndahan nu aya dina alam ciciptan hidep. Rumasa, Apa teu bisa méré gelas kanyaah nu caina pinuh, nu geus sakuduna ku hidep diuyup. Rumasa, Apa teu bisa ngagantikeun kanyaah indung hidep. Rumasa, Apa teu bisa nganteur kahayang hidep. Kahayang hiji budak.
Pikeun Apa, sagala rupa réngkak polah hidep téh salah. Geura ilikan, mun hidep hayang nginum. Cara nyekel téko, cara nyicikeun cai, cara nyekel gelas, cara nginum, cara ngaregot, cara neundeun gelas dina méja. Kabéh gé salah. Kabéh gé meunang sentak sengor ti Apa. Kurang kitu, kurang kieu.
Mandi lila teuing salah, bisi asup angin. Mandi sakeudeung, Apa curiga hidep ngan sibeungeut wungkul. Ahirna hidep ku Apa digusur deui ka cai. Dipocongok sina mandi deui hareupeun Apa.
Apan hidep téh kudu kitu jeung kudu kieu. Kudu nurut, tumut kana sagala rupa kahayang Apa. Kudu jadi jalma siga kahayang Apa. Hidep téh darma wawayangan, yeuh Apa dalangna!
Hidep tangtu, banget handeueul ka Apa. Malah ceuceub meureun. Apa nampi. Seja nampi sagala rupa kaceuceub hidep. Mun téa mah dina haté hidep aya geuneuk maleukmeuk, alatan handeueul ka Apa, Apa seja sumerah. Apa ngangken.
Gurat tatu dina taar hidep, tangtu jadi gurat kapeurih dina haté hidep. Gurat tatu nu ngembat antara gurat halis jeung amis cau. Gurat tatu nu getihna ngalemberéh kana soca hidep. Ngagantikeun citangis anu sakuduna bijil sawayah. Gurat tatu nu dagingna bohak. Getihna tuluy merebey, nyésakeun nanah kahanjakal keur Apa. Deudeuh teuing anaking.
Kapas jeung perban nu nungkup tatu hidep, katingali beureumna. Buncunur semu biru sisieun perbanna téh. Luka dalam ceuk suster anu tadi ngarawatan hidep mah. Dijaitna ogé tujuh jaitan.
Apa mawa balik deui hidep ka kontrakan, sanggeus nebus resép. Hapé disada ti tadi gé teu ieuh dijawab. Ti tempat gawé pastina gé. Pastina gé nanya, naha cenah teu tulus ngiluan tés? Padahal saréréa tangtu mikahayang ngiluan tés sangkan ngundak kalungguhanana.
Ti peuting kamari, Apa sibuk ngaropéa proposal. Proposal nu bakal ngagolkeun Apa pikeun naék pangkat. Sugan wé atuh kahirupan urang gé menyat. Proposal nu geus dirarancang ti sabulan katompérnakeun. Proposal nu baris demi baris kalimahna diréka, sangkan kairut nu maca. Alesan-alesan keur perséntasi proposal geus dipaheutkeun dina pikiran Apa. Susuganan kaparengkeun lulus. Poé Senén, tabuh dalapan isuk-isuk, Apa kapeto perséntasi pikeun ngéléhkeun kandidat lianna.
Proposal nu dideluk sapeupeuting salila sabulan ieu. Diketik tuluy diprint nepika sora ngahiungna CPU heubeul, tiktékna keyboard, jeung ngarekétna printer ngaganggu hidep nu keur saré. Hidep ngulisik. Kadang katinggali gulinggasahan siga nu teu tibra. Teu disimbut siga ayeuna, padahal hawa tiis tangtu sumedeng ngaharudum awak hidep da sapeupeuting jandéla dibukakeun ku Apa.
Di kamer kontrakan nu ieu, téhel-téhel karasa leuwih réhé ngaliarkeun tiis ka sakujur awak. Sanggeus papisah jeung indung hidep, hidep dibawa bubuara ku Apa. Sagalana kudu dimimitian deui, itikurih jeung bibilintik deui.
Tadi isuk, Apa gesat-gesut dangdan sorangan, maké jas disapatu anyar nyemir. Buuk luis, minyak seungit geus sumeleber nyambuang. Proposal geus diasupkeun kana kantong. Tabuh satengah tujuh téh geus siap, kari indit. Meunang ngitung, lalampahan ka kantor téh aya tilu per opat jamna, mun metet mah nepi kana sajam leuwih. Komo poé Senén isuk-isuk. Mumuluk mah ku cai haneut gé geus cukup.
Apa geus rék sajungjungeun, hidep kalah léléda. Apa geus nungguan di tepas, hidep masih nguyek nalikeun sapatu. “Burukeun atuh! Maenya geus kelas opat nalikeun sapatu masih kudu ku kolot kénéh?! Burukeun, Apa bisi elat!” Hidep masih nguyek nalikeun sapatu. Peupeuteuyan hidep ku Apa diciwit bari tuluy disentak. “Burukeun, pan di sakola kudu upacara!” Hidep masih nguyek nalikeun sapatu.
Banget kesel, ditungguan kalah léléda, ari rék ditinggalkeun indit tiheula, Apa téh hariwang. Hariwang hidep teu tuluy asup sakola atawa kuma onam di jalanna, komo ieu kudu tumpak angkot. Témahna sendal capit digaplokkeun kana tonggong hidep. Gaplok-gaplok. Sababaraha kali. Hidep ngan eueuriheun bari tuluy nalikeun sapatu, cipanon mah can merebey.
Ari geus kitu, Apa sok tuluy inget ka indung hidep. Sok tuluy inget kana kapeurih Apa dipangnyéléwérkeun. Sok tuluy hayang beuki ngabedahkeun kaambek. Sok tuluy hayang nyarékan jeung neunggeul. Nya hidep nu jadi tunggulna, nu keur aya di hareupeun.
“Burukeeuunn!” Hidep kalah nungkup beungeut, teu nuluykeun nalikeun sapatu. Harita, Apa geus teu bisa nalikung napsu. “Oh, moal sakola sia téh?! Alus, kolot mah tisruksruk-tidungsuk néangan duit keur nyakolakeun téh.” Hidep ku Apa digusur deui ka jero kamer. Hidep roroésan ngalawan. Nepi ka baju Apa nu geus dirapih-rapih téh kusut deui. Hidep ku Apa diteunggeulan. Geus kitu, Apa kaluar ngonci hidep di jero kamer nyorangan.
Hidep ngagugutrak bari gogoakan ménta dipangmukakeun panto. Saléngkah, dua léngkah, katiluna kandeg. Apa teu bisa waka indit. Hidep beuki gogoakan, Apa-Apaan.
Napsu Apa beuki ngaberung, sieun ka kantor kabeurangan. Mun dipanggil, heug euweuh dianggap ngundurkeun diri. Piraku rék bolay tés téa mah. Apan sagalana sakitu geus ditataharkeun. Nu kabayang téh, Apa naék jabatan, kahirupan urang menyat.
Ambekan jeung hegak geus ilang wirahmana. Apa ngagidig balik deui bari ngarawél kai urut, teuing beubeulahan urut nyieun naonna mah. Konci dibuka, kai digawingkeun. Jebrod, keuna kana tarang hidep pisan. Hidep jempé, Apa jempé. Kamer réhé.
Harita, getih tuluy merebey ngabeureuman baju seragam hidep. Les inget kana samping urut ngajuru indung hidep. Apa rampohpoy.
Wilujeng wengi, anaking.
Aya mangpirang lambaran katrésna nu ngembat dina halis hidep, dina handapeun tatu nu dijieun ku Apa. Éta téh lambaran trésna Apa reujeung Ambu. Trésna nu can karuhan kapanggih deui ringkangna.
Wilujeng leleson, anaking.
Awak hidep ku Apa disimbutan, buuk hidep diusapan, taarna diambung. Mugia isuk mah hidep bisa beunta. Teu ngalemperéh siga kieu. Sing jagjag waringkas deui. Jung bisi hidep rék méngbal atawa huhujanan gé. Jung bisi hidep hayang jajan. Malah iraha waé mun hidep beunta, Apa nu baris hidep tempo téh. Apa rék tigin, nungguan hidep, ngajaga hidep. Hidep anak Apa hiji-hijina, hidep harepan Apa. Hidep téh hirupna Apa.
Di luar angin sakitu nyéotna, peuting masih ngagayuh ka subuhna. Hidep masih ngageubra. Ngan sakali-sakali ngulisik, mélététkeun panon, tuluy peureum deui. Ku Apa buru-buru diusapan, leungeun hidep teu lésot dicekelan. Apa teu wasa pama kudu leungiteun hidep.
Di kamer kontrakan nu ieu, nu ukur dicaangan bohlam lima belas watt, juru-juru rohangana asa beuki ngaheumpik kahanjakal Apa. Pulas cétna nu méh pias beuki motrét yén kanyaah Apa ka hidep téh kacida samporétna.
Anaking, mun isuk hidep beunta, Apa hayang ngahuapan hidep. Tuluy ngusapan hidep bari nginumkeun ubar. Geus kitu, hidep rék dikeukeupan, digaléntoran.
Hampura Apa, anaking!
Mujahidin, 8 Mei 2011
Kahatur “Apa”
0 Responses

Posting Komentar