Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Derry Hudaya

Che Guévara. Bob Marléy. Soekarno. Soe Hok Gie. Tan Malaka. Marsinah. Pirang-pirang poster pasemonna alum. Haseup roko nu ngigel hareupeunana teu ditolih teu dilayanan. Bangun surti kana eusi haté beubeureuh anu maneuh ngabagi welas sarta asih ka maranéhna. Beubeureuh anu leungeun kéncana anteng ngajenggutan buuk sorangan di juru kamar. Beubeureuh  anu tina ramo-ramo leungeun katuhunna ngeclak-ngeclakkeun getih. Minuhan hiji buku catetan.

“Hm…”

Buuk anu dijenggut téh karabut. Salambar, dua lambar, tilu lambar. Sababaraha lambar buuk ngarengkol dina ubin. Teu usik teu malik. Ngadedengekeun anu jongjon ngébréhkeun eusi haté jeroeun haté.

“Galang!” manéhna ngageroan ngaran sorangan.

“Galang! Galang! Galang!” manéhna deui-deui ngageroan ngaran sorangan.

Buku kandel nu engap-engapan gigireunana, dibantingkeun enya-enya. Nenggel kana sagala nu aya di luhur méja, batur manéhna cinukduk beurang-peuting, nyulam harepan sarta cita-cita.

“Hm… Démonstran!? Démonstran!? Aiing... !!” Manéhna nyorowok. Melengking. Dua leungeunna tipepereket meungpeukan dua liang ceuli. Jiga-jiga ki marebot nu mancén tugas di masigit. Tapi lain. Manéhna keur ngalaksanakeun hiji tarékah, nyegah sangakan sora gorowokna teu kebat asup ka jero ceuli. Ceuk pikirna, tiap sora nu asup laluasa ka jero ceuli, najan sora nu kedal tina tungtung létah dirina sorangan, éta sora baris hirup lalugina jeroeun sirah. Laju tumuwuh jadi buuk panjang atawa bisa waé jadi panyakit jangar nu anyar.

Sora Galang geus peura. Sora Galang béak sabada tilu kali ngocéak. Tapi nu nyelek jeroeun tikoro tetep teu leungit. Meureun reuhak sajati?

Manehna nyuuh nyium ubin, sarupa jeung sujudna umat muslim. Cengkat. Tapi teu lila, deui-deui nyuuh nyium ubin. Nu ngadua kalian mah lila. Lila pisan. Lilaa... Jarum jam nepi ka capé ngantian. Ogé, angka-angka tina kalender, tibra ngaguher.

Hiliwir, kaangseu bau hangru tina tungtung jempol suku. Hiliwir deui, bau haseum tina kélékna sésélékét. Hiliwir deui waé, bau nu teu boga ngaran kaambung teuing ti mana. Pirang-pirang bau pasesedek minuhan irung.

Ras, inget kana rupa hiji eunteung. Aya sakujur awak nu pinuh ku tatu, borok, sarta lucir dibalur reuhak héjo. Awak dirina.

“Si Galang mah isukan ogé modar. Moal bisa mengé deui. Spanduk-spanduk nu diacung-acung hareupeun kantor, bakal ngarewég manéhna sorangan,” ceuk sora nu ngoncrang teuing ti mana.

“Bener. Karék boga kakuatan sakitu, satai kuku, mani geus wani campelak.”

“Saha nu mayar SPP kuliahna? Mahal deuleu, hayang jadi sarjana jaman ayeuna mah.”

“Kolotna mah moal nguntup.”
“Ha ha ha…”

“Teu ngukur ka kujur.”

“Cucungah si atah warah téh.”

“Isukan mah urang gantung indungna!”

“Gantung ogé bapan!”

“Maké tali kolor bapana!”

“Maké tali kutang indungna!”

“Di alun-alun!”

“Di hareupeun gedong réktorat!

“Gandéng! Gandéng! Gandéng!” Galang ngadak-ngadak boga tanaga. Nyorowok deui. Leuwih tarik batan tadi. Mapakan sora-sora nu ngoncrang, bebelentrangan jeroeun tarang.

“Galang, sing ati-ati di dayeuh teh. Kudu bisa ngajaga diri. Omat, ulah kabawa ku sakaba-kaba.”

“Kantenan ku dua kaba nya, ma?” Galang némbal indungna bari nyéréngéh.

“Eh, déngékeun dipapatahan ku kolot téh. Kadé ulah siga lanceuk manéh. Kapan teu bisa milu  wisuda. Da loba teuing ngurus-ngurus urusan batur nu lain uruseunana. Anggur mah diajar sing bener. Sing soson-soson. Kolot mah teu ngarep-ngarep siga kitu kapan. Kolot mah mélaan nginum cipanon jeung késang supaya budak bisa nepi kana cita-cita téh,” bapana milu mairan.

“He he. Kapan apa ogé sami, dugi ka teu tiasa janten PNS,” ceuk Galang jeroeun haté.

Ti tukangeun sirah bapana jeung indungna, aya jempol nu kaciri ngahaja diacungkeun. Utek-utekan, niru-niru Ayu Ting-Ting keur jogged luhureun panggung.

“Ma, pa, itu si kéhéd ngaléléwe, gera!” Galang nunjuk curuk adina.

“Ujang! Ulah heureuy!” Indung-bapana ngalieuk ka tukang bari morongos.

Jempol katuhu nu ngacung téh ngulapes lalaunan.

“Daripada si Galang. Dipapatahan ku kolot kalah kabur,” ceuk nu boga jempol leungeun, asa-asa.

Indungna nepak tarang saratus kali. Bapana gogodeg rebuan kali. Duanana silih pelong, silih pencrong. Terus nyéréngéh seuri. Inget ka mangsa rumajana séwang-séwang.

“Ma! Pa! abdi angkat heula! Piduana!” ceuk sora nu nyorowok ti tungtung jalan. Sora Galang. Sora rumaja anu keur meujeuhna buta tulang buta daging.

Galang lumpat. Muru jalan badag. Muru dayeuh. Muru cita-citana. Muru harepan kulawargana: ngéntép warna-warna katumbiri, mekarkeun pirang-pirang kembang kahayang.

Tapi, ayeuna?  Galang rénghap-ranjug di rohangan dua kali dua méter. Teu wasa ngatur  ambekanana. Aya nu ngaguruh jeroeun dada. Aya nu ngagugudag lebah pundukna. Aya nu perang campung jeroeun dirina.

Di luareun kamar, kadéngé aya nu ngaguruh. Aya nu ngetrokkan panto. Aya nu ngetrokan jandéla. Aya nu ngageroan ngaranna. Aya nu nyorowok:

“Galang! Taktik téh suksés.”

“Rencana tinekanan, Galang!”

“Galang. Hayu urang pésta!”

“Urang ciduhan koruptor-koruptor boloho!”

“Urang hitutan anjing-anjing urang nu lucu pikasebeleunana!”

“Galang!”

“Galang!”

“Galang!”

“Buka panto!”

“Buka jandela!”

Galang maksakeun manéh. Cengkat. Asbak nu mudal, nu aya di antara panto jeung jandéla téh dicekel ku dua leungeun. Tipepereket. Laju diacungkeun ka luhur. Diteuteup ku dua panon seukeut. Calacah jeung kuntung diteureuy buleud-buleud.

Témbok ngocéak. Jarum jam curinghak. Angka-angka nu ngaguher dina kalender ngoréjat. Kukulutus. Hanjelu teu bisa nyaksian peta Galang.

Barang panto dibuka paksa ti luar, barang jandéla rujad éngsél-éngsélna, nu ngaguruh langsung répéh teu sakara-kara. Galang geus jadi haseup roko di lalangit kamar. Mencrong ragabadagna nu ngajepat, pagigir-gigir jeung surat ti adi bungsu anu méré nyaho, yén imah jeung kulawargana di lembur geus ajur, yén sabada nulis ieu surat, adina teu boga pilihan deui lian ti milu ajur.

Cimata Galang, getih Galang, reuhak Galang nu ngebul kénéh diulas-alés kana beungeut pirang-pirang jalma nu aya di éta kamar. Ibarat prajurit-prajurit nu siap makalangan.

“Hidup Démonstran!” ceuk Galang bari terus ngapung ka awang-awang. Ngajugjug panto langit nu muka. Dibagéakeun imut lanceuk, indung, sarta bapana.

“Hidup Démonstran!” Adi Galang ngarangkul pangheulana.

Kebon Seni, Oktober 2011 
0 Responses

Posting Komentar