Carita Misteri
Prayoga Adiwisastra
NU NGETROKAN PANTO
Gagak, hawar-hawar kapireng ngelak
deui. Kaayaan di saluareun klinik beuki keueung, beuki lewang. Gék kuring diuk
dina korsi gigireun lomari paranti neundeun ubar. Leguk kana cikopi nu ti
tatadi ngajagrag dina méja hareupeun.
Geus
tiis kopi téh, gerentes kuring. Puguh baé, da taya deui gawé iwal ti ngan huleng jentul. Rét kana arloji, geus jam sapuluh
peuting. Waktuna istirahat keur pagawé nu kabagéan shift peuting mah. Pikiran
lewang ngarancabang.
Bet
ras inget deui kana kajadian kamari.
Jam sabelas peuting harita téh. Can
peuting-peuting teuing asana. Ku biasa ngalembur, jemplingna peuting téh can
karasa wayah sakitu mah. Geuleuyeung baé nyupiran konténer muru ka pabrik
grinding. Bubuhan supirna keur gering, nya kuring nu nyuluran saheulaanan.
Jandela ngeblak dibukakeun. Lalaunan baé nyupiran téh. Keur jejem kuring
nyupiran, ti kajauhan kadéngé sora anak hayam ciak-ciakan. Rey kuring
muringkak, da sok kadéngé béjana mun aya sora anak hayam ciak-ciakan téh
kila-kilana aya ririwa, nya kunti téa.
Beuki lila éta sora téh beuki
nongtoréng. Ah, geus teu dipaliré deui ku kuring mah. Jongjon baé nyupiran,
kuriak cilaka mun mun hantem mikiran nu kitu mah. Hareupeun kuring, kurang
leuwih dua puluh meter, lapat-lapat katingali awéwé keur ngajanteng di sisi
jalan beulah kénca. Enya, awéwé mamaké saragam médis pertambangan keur gugupay
ka kuring. Sanggeus deukeut, reg konténer téh dierém. Pok kuring nanya, taya
sangkaan nanaon.
“Badé ngiring ka klinik?” ceuk
kuring.
“Muhun. Puguh ieu gé bade ngiring
numpang.” témbalna.
Clak éta mojang téh diuk kéncaeun
kuring.
“Nyalira waé, kang?” pokna.
“Nya kieu we…..” témbal kuring
pondok.
Bari galécok ngawangkong, kuring sok
pirajeunan maling neuteup. Mémang nyari éta mojang téh. Baju saragam
bodas-bodas, dangdanan basajan. Tapi teu burung pantes katingalina.
“Abdi mah lungsur di klinik nu
payun, kang!” pokna deui.
“Oh, mangga.”
Hareupeun klinik pisan eureun téh.
“Mangga, néng!” ceuk kuring.
Manéhna teu némbalan. Panasaran, rét
kuring ka kénca. Beu, taya sasaha! Gebeg! Awak karasa tingsariak! Ras inget
deui kana sora anak hayam nu ciak-ciakan tadi. Teu talangké deui, berebet
lumpat sakalumpat-lampét.
Peuting ayeuna kuring kabagéan tugur
di ieu klinik. Ngan saméméhna mah sok di klinik nu ilahar waé tugur téh. Ayeuna
mah pindah tugas ka ieu klinik nu ngahiji jeung konténer. Peti kemas dina
konténer téh salin rupa jadi rohangan klinik. Jerona dibebenah, dieusian ku
parabot nu guyub aya di unggal klinik, ngan baé leuwih kumplit tibatan klinik
biasa. Kawantu klinik di pausahaan tambang emas.
Meunang
hésé naker kuring bisa digawé di ieu pausahaan tambang
téh. Tapi di ieu pausahaan kuring meunang pangaji nu kawilang gedé. Dahar jeung
mondok mah geus puguh dijamin ku pausahaan.
Jung
kuring nangtung. Kukulintingan teu puguh cabak. Di juru, blankar katémbong
parongpong. Di luar, teu anggang ti klinik, mesin grinding bangun nu taya
reureuhna muntir, ngagiling batu nu
ngandung emas. Aya kana puluhna nu digawé dina éta mesin téh. Ti dinya biasana
sok jul – jol pasén téh. Ti mimiti nu kacilakaan hampang, nu leungeunna dewang
ku mesin, nepi ka maotna, sagalana kungsi kajadian.
Karérét
ku kuring, dina méja aya tilu kasét murotal nu ngaréndéng jeung radio tape.
Jigana kasét téh urut perawat nu kamari di dieu, tinggaleun meureun, ceuk pikir
kuring.
Mimiti karasa tunduh, perelek heuay. Padahal
geus nginum kopi bieu téh, tapi keur kuring mah euweuh pangaruhna. Golédag wé
ngedeng dina blankar tayohna mah. Teu lila, kuring geus aya dina alam
pangimpian.
Hudang
– hudang sotéh sanggeus
kagareuwahkeun ku sora nu keketrok.
Tok, tok, tok!
Gancang kuring hudang. Teu talangké,
gedig kuring muru panto. Barang bray dibukakeun téh bet euweuh sasaha. Lunga –
lengo ka kénca ka katuhu, angger suwung. Padahal di luar, lampu sakitu raangna,
diwuwuhan ku lampu nu nyorot ti gudang.
Ah, jelema nu heureuy meureun, ceuk pikir téh. Teu ieuh jadi bahan pikiran keur
kuring mah. Keur mah geus teu kuat ku pitunduheun ti tatadi gé. Rét deui kana
arloji, geus jam hiji peuting. Tuluy baé
kuring leumpang ka juru muru blankar.
Golédag deui di dinya. Panon neuteup lalangit. Lenggut – lenggut, panon karasa
beurat. Reup kuring ngalenyap.
Tok, tok, tok!
Panto aya nu ngetrok deui. Koréjat kuring hudang. Emh, saha deui ieu téh, moal
boa nu ngaheureuyan deui kitu, gerentes kuring. Gedig deui ngadeukeutan panto.
Bray dibuka, euweuh sasaha deui baé.
“Saha?” kuring ngagorowok rada tarik.
Euweuh nu némbalan. Ukur hawa peuting
nu beuki nyecep kana sungsum balung. Jut turun kana tétécéan, tuluy ngoréléng ka gigireun
konténer, angger teu kasampak jalma hiji – hiji acan. Antukna cat kuring unggah
deui ka rohangan klinik.
Ah, asa teu kaharti. Mun jalma nu
heureuy mah tangtu kadéngé sora lumpatna. Da ieu mah taya sorana, taya jirimna.
Éstuning gaib. Kuring weléh hémeng.
Haté mimiti sabil. Bruh – bréh
sangkaan nu teu pararuguh. Pamohalan mun
nu keketrok téh jelema. Boa – boa? Jajantung beuki ratug, punduk muringkak,
hawa beuki keueung karasana, awakna luut – léét ku késang. Lah, naha aing téh
bet sieun ku nu kitu? Kuring neger – neger manéh. Sanajan kasieun beuki ngagalaksak,
tapi da kapanasaran mah tetep nyangkaruk.
Ah, ku aing dideukeutan, siah!
Gerentes téh bari nutupkeun panto. Laju ceuli
diantelkeun kana éta panto, awahing ku panasaran.
Mun aya nu keketrok deui, ku aing rék disurungkeun sakalian panto
téh! Jero pikir.
Teu kudu lila ngadagoan.
Tok, tok, tok!
Teu antaparah, panto téh disurungkeun
satarikna. Plos, panto téh ukur neumbrag angin. Ningali kitu, kuring beuki
baluas baé. Ambekan beuki ngerepan. Beuki yakin, yén nu keketrok téh geus tangtu lain jalma. Atuh
berebet kuring lumpat muru ka gudang nu teu jauh ti dinya.
Sanggeus cunduk, babaturan
padanyampeurkeun. Hariweusweus.
“Kunaon, Sés?” ceuk Si Wawan, sobat
dalit, kabeneran sarua urang Sunda.
“Itu...................” témbal téh teu kebat.
“Itu kunaon?” Si Wawan beuki
panasaran.
“Itu...... aya nu keketrok nepi ka tilu kali. Tapi
ditempo téh da euweuh sasaha!” ceuk kuring deui bari rénghap ranjug.
“Oh ...... geus ayeuna mah reureuh
heula!”
Nepi ka isuk, kuring teu tibra saré.
Da inget waé kana kajadian nu tadi peuting karandapan.
Bari mumuluk, kuring jeung Si Wawan
ngawangkong sual kajadian nu kaalaman tadi peuting.
“Mimitina mah kuring gé teu nyangka
nanaon, Wan. Tapi sanggeus ditempo nepi
ka tilu kali euweuh sasaha, ti dinya kuring jadi keueung téh.” ceuk kuring.
“Hahaha.......” Si Wawan kalah seuri.
“Naha bet seuri?”
“Lain, da geus biasa atuh di klinik
éta mah!”
“Geus
biasa naonna?”
“Heueuh,
geus biasa ditepungan ku nu kitu mah.”
“Wah?”
“Wani
sumpah! Sarua kuring gé mindeng aya nu ngetrokkan panto mah, Sés!”
“Heueuh ari kitu mah meureun.”
“Ceuk béja mah di klinik éta téh
kungsi aya pasén nu maot.”
“Euleuh.... kunaon cenah?”
“Cenah mah awakna sabeulah kagiling
ku mesin konvéyor. Tuluy dibawa ka klinik éta. Tapi teu katulungan. Nepi ka maotna”
“Aduh...... pantes wé meureun!”
“Nu matak kuring mah sok nyetél
murotal mun kabagéan shift peuting di klinik éta téh”
“Oh..... kasét murotal nu di klinik
téh nu manéh, nya?”
“Heueuh, tinggaleun!”
“Lain
ngabéjaan ti baréto atuh, Wan! Jaba sapeuting deui tugur di klinik éta téh!” ceuk
kuring, dibarung ku paroman nu pias.
Pléréd, 2011
***
Sae. Resep tiasa maca carita ku Basa Sunda deui... Sono pisan ka majalah Mangle...
luar biasa ngan kirang panjang kedahna tong wara anti klimaks hehe tapi mantap.
Kanggo abdi anu di luar Jawa, karaos sono ngring ngaos carita Sunda ieu teh!