Prayoga Adiwisastra
Carpon
Prayoga Adiwisastra 


                                                             KARÉTA RIWAN


Manéhna katémbong ngalayung deui di buruan imahna. Anteng neuteup layung nu ukur wasa mulas langit di tebéh kulon. Kalan-kalan tatanggahan nyérangkeun gumplukan méga, dipapay sajumpluk-sajumpluk. Sedeng angin. Angin pasosoré nu lirih ngahiliwir, teu wudu ngariab-riabkeun buukna geusan nyieun gurat-gurat ipis kana rarahina.

Geus bisa dibabadé tina riukna, yén manéhna keur nandangan samagaha pikir, luwang-liwung nu banget pohara. Da enya atuh, salila ngajanteng di dinya téh bangun nu taya deui ketak, iwal ti ngabigeug, ngawagu. Turug-turug beungeutna beuki dieu téh asa beuki pias baé.

Impian riwan tadi peuting nu ngabalukarkeun manéhna ngumbar lamunan téh. Saenyana mah impian-impian nu saméméhna gé pohara pikakeueunganana. Awéwé mamaké pakéan sarwa bodas tur sirahna baloboran ku getih bet datang mulan-malén kana impianana. Kamangmang jeung kasieun nu geus lila matuh dina haténa, beuki kahudang sanggeus nyorang alam pangimpian nu sakitu ahéngna. Impian nu ngorowotan waruga jeung batinna.

Geus ti sabulan katukang manéhna katémbong kitu peta téh, ngalangeu bangun nu jarauh panineungan. Kawasna téh hayang enya-enya nyacapkeun poé di buruan. Mun panonpoé geus ngampih ka pajuaranana, blus manéhna asup deui ka imahna, laju baé ngeueung di kamarna nepi ka beurang. Kitu jeung kitu pagawéananan unggal poé. Saliwat mah puguh siga nu langlang-lingling. Da tara-tara ti sasari. Saméméhna mah éta pamulu nu camperenik téh sok katémbong hégar baé, tara aya rurubed nanaon, kawantu medal tina haté nu wening tur dumeling.

Keur manéhna mah kaayaan pasosoré kitu téh teu ieuh karasa éndahna teusing, teu jadi kasugemaan batin cara sasarina. Malah keur manéhna mah éta soré téh karasa beuki ahéng. Dina panénjona, layung nu keur sumedeng ngempray téh lalaunan kasilih ku reueuk hideung. Beuki lila beuki ceudeum. Pihujaneun lir rék sacur-cureun bedah. Tangka langit nu melendung téh méh walatra kasimbutan ku reueuk hideung. Kilat jeung guludug silih susul ngendag-ngendag langit. Sakapeung mah éta sora handaruan guludug téh bet siga sora gumuruh karéta keur manéhna mah. Enya, karéta nu sok dipaké nyaba ka dayeuh ku manéhna jeung indung bapana basa keur budak. Mun pareng karéta diteureuy mongkléngna torowongan, manéhna sok tipepereket muntang ka indung jeung bapana. Tapi éta kajadian téh geus lawas pisan kalarung. Sapuluh taun ka tukang indung jeung bapana geus miheulaan mulang ka kalanggengan. Reueuk hideung beuki ngarungkupan langit jeung haténa.

Di langit, lalaunan éta reueuk hideung téh bet siga ngarupakeun beungeut jalma. Beuki lila beuki sidik. Buukna, irungna, biwirna, ceulina, nepi ka peresis mirupa jalma. Awéwé. Awéwé nu tadi peuting némbongan dina impianana. Manéhna ngagebeg, jajantungna asa didudut. Sakujur awakna ngoprot ku késang. Sabab manéhna apal. Apal pisan kana éta keureutan beungeut, saha deui mun lain beungeut sobatna, nu geus maot sabulan katukang

“Sinta……… ieu Méta………! “ sorana semu ngirung, kituna téh bari jeung dibarung ku patingbarasatna kilat tur gelap nu mutuh handaruan.

Manéhna tiba kaduga ngaregéh, ambekanana beuki ngerepan. Karasa aya nu ngagelek dina tikorona tangka teu kaduga ngajawab sapisan. Manéhna teu walakaya. Teu walakaya.

Lalaunan éta mega nu mirupa beungeut sobatna téh sirna, peuray katebak angin. Ngan langit mah angger baé meredong cara tadi.

Hawar-hawar kadéngé sora adan ngalaong ti masjid peuntaseun lemburna. Tapi kadéngé ku manéhna mah asa digorowokkeun kana ceulina pisan. Sarta éta sora adan téh kacida matak pikakeueungeunana. Kawasna teu bisa diukur sakumaha matak pikasieuneunana éta sora adan téh.

“Aaaaarrrrrkkkkhhhh…….. Gustiiiiiiiiiii………….!”

Manéhna adug-lajer bari nutupan ceuli ku dampal leungeunna. Bangun nu keur nahan kanyeri nu pohara. Sanajan bari jeung gupuy-gapay néangan pamuntangan, teu burung manéhna kaduga asup ka jero imahna. Sup, ka kamarna. Bluk, nangkuban kana kasur bari nutupan sirahna ku anggel. Karasa pipina geus juuh ku cimata, balas hantem baé ceurik awahing ku sieun jeung keueung nu geus ngagalaksak kana haté jeung pikirna.

Kudu, aing kudu kuat! Ceuk pikirna neger-neger manéh.

Méta..... kapan anjeun sabulan ka tukang geus tiwas basa ngaliwat ka lintasan karéta api nu euweuh palangan. Sakilat karéta nu keur nyemprung téh nenggel pisan kana mobil anjeun. Taya nu nyésa. Mobil anjeun remek, sarta sirah anjeun baloboran ku getih. Saharita sukma anjeun tuluy ngabelesat ka langit.

Apal sotéh sanggeus dibéjaan ku Kang Yoséf, kabogoh anjeun. Barang srog datang téh anjeun geus ditalkinkeun. Harita kuring hayang pisan ningali beungeut anjeun, da puguh ka sobat dalit. Antaré naker samping kebat palebah beungeut anjeun disingraykeun. Naha atuh bréh téh panon anjeun bet mélétét nojo pisan ka kuring! Atuh puguh kuring ngaranjug ningali paneuteup nu maot sarupa kitu. Sanajan mélétét, tapi panon anjeun téh bet asa seukeut tur leleb karasana. Gancang samping kebat téh disimbutkeun deui. Laju kuring mulang rurusuhan.

Sanggeus tujuhna, teu nyana saeutik gé Kang Yoséf wakca hayang mileuleuheungkeun kuring, atuh kuring teu wasa nolak. Cenah éta, Kang Yoséf ayeuna geus jadi kabogoh kuring, nya lumrah baé asana. Kapan ti baheula gé urang tiluan téh geus sosobatan. Ngan bédana anjeun mah geus hahadéan jeung Kang Yoséf. Tapi keur kuring mah teu ieuh jadi asa kararagok. Prah baé sakumaha biasana nu sosobatan. Kuring ka Kang Yoséf geus asa ka lanceuk, kitu deui Kang Yoséf ka kuring geus teu asa-asa ngaku adi. Sok sanajan teu bisa dibubuni, harita kuring gé geus kaancikan rasa nyaah nu leuwih batan ti kanyaah adi ka lanceuk.

Méta..... mun anjeun teu suka Kang Yoséf jadi kabogoh kuring, pék ayeuna kénéh geura bawa Kang Yoséf ka alam anjeun, alam padang poé panjang. Kuring ihlas, teu geuneuk teu maleukmeuk. Batan kalangkang anjeun hantem baé ngaririwaan.


                                                                     ***

Kerejet! Manéhna ngerejet, leupas tina lamunanana. Ambekanana masih rénghap-ranjug cara tadi, ngahégak. Bangun nu tas nyorang lumampah jauh.

Ti dinya mimitina kalangkang sobatna mindeng ngalangkangan sarta ngaririwaan dina saban impian-impian riwan manéhna. Sanajan manéhna apal, yén sakabéh roh mah moal aya nu bisa ngaririwaan. Tapi kasieun mah angger teu bisa dihulag disisieuh.

Isukna jul-jol nu ngaralongok, rabul nu ngalilipur. Baraya jeung sobat-sobatna milu ngabeberah nu keur gering pikir. Malah nepi ka aya nu tatamba jeung tatapa di luhur para sagala. Tapi ku manéhna mah geus teu kapaliré deui. Kasakitna beuki parna baé.

Sanggeus nu ngalongok marulang, teu euleum-euleum manéhna ngagerendeng sorangan.

“Sing carilaka, siah!” pokna ka nu geus ngaralongok manéhna.

Tuluy gaur baé manéhna ceurik bangun nu midangdam.

“Dosa aing téh dosa, Gusti…………” pokna deui.

Manéhna beuki kasiksa ku pamolahna sorangan. Rasa dosa ngalangkangan dina pikiranana. Kalangkang sobatna nu mindeng ngaririwaan mah geus karuhan. Kawuwuh ku pamolahna nu ngadu’akeun cilaka ka batur. Komo nepi ka sieun ku sora adan mah, manéhna teu pisan-pisan hayang. Da saenyana manéhna geu teu apal ti mana datangna éta kereteg hate goréng kawas kitu téh.

Nepi ka reup peuting manéhna masih gulinggasahan. Sanggeus waktu cunduk ka tengah peuting kakara manéhna bisa ngalenyap, kitu gé ngan sakerejep. Antara kaayaan sadar jeung teu sadar, manéhna asa hudang tina jero impian. Manéhna kahudangkeun ku sora nu keketrok kana pantona.
Haténa sabil, antara rék mukakeun panto atawa nuluykeun saré. Ngan sanggeus ngadéngé nu keketok téh uluk salam, gasik manéhna muru lawang panto.

“Kang Yoséf?” pokna semu héran.

Nu ditanya ukur unggeuk. Ngan bet asa aya nu robah dina paromanna, ayeuna mah beungeut kabogohna asa pias. Sarta itu deuih bet mamaké pakéan sarwa bodas.

Gap, leungeun manéhna dicekel. Manéhna teu bisa nongtak, da puguh asa kasirep ningali kabogohna nu robah saperti kitu. Kawantu manéhna keur dina kaayaan nu sakitu ripuhna, nya asa ditulungan baé, aya batur geusan pamuntangan.

Di buruan geus nyampak mobil kabogohna. Blus, duaan arasup. Geuleuyeung mobil téh ngalaju teuing ka mendi.

Kaayaan karasa simpé pisan. Di sapaparat jalan teu katémbong kandaraan hiji-hiji acan. Padahal karék jam salapan peuting. Sasarina gé wanci sakitu mah sok aya kénéh kandaraan nu ngalalar meuraykeun jemplingna peuting. Sarta itu kabogohna ti tatadi téh ngan mindel baé, teu lémék sakemék-kemék acan.

Teu kungsi lila gé mobil nu mawa dua insan téh geus anjog ka statsion. Statsion nu geus awor jeung sagala rupa nu ngaririwaan dina pikiranana. Manéhna beuki hémeng baé, naha kabogohna bet los-los mawa manéhna ka statsion.

Kasampak di dinya geus aya karéta nu keur eureun. Tapi bet euweuh nu turun hiji-hiji acan. Dalah nu ngajanteng di éta statsion gé ngan manéhna jeung kabogohna hungkul.

Leng, ingetanana mabur ka mangsa-mangsa nu kungsi kalarung. Éta karéta asa kungsi dalit jeung manéhna. Pulasna, jumlah gerbongna, sarta sora hatongna, manéhna inget kénéh. Sanajan loba karéta nu sarupa kawas kitu, tapi karéta nu éta mah kungsi namper dina lelembutanana. Enya, éta karéta téh kungsi mawa manéhna katut indung jeung bapana nyaba ka dayeuh basa manéhna keur budak.

Gap, pigeulang leungeunna dicekel deui, pageuh pisan. Regenyeng dibetot geusan muru panto karéta. Kalacat duaan naék. Barang sup ka jero, kaayaan téh bet beuki ahéng tur pikakeueungeun baé. Panumpang dina éta gerbong kabéh rampak maraké pakéan nu sawanda jeung kabogohna, pakéan sarwa bodas. Kétang, boa lain di éta gerbong hungkul, di gerbong séjén gé boa sararua kitu.

Manéhna teu wani cacarita atawa tatanya, sabab kasieun jeung kamangmang nu ti baheula ngancik dina dirina téh bijil deui, malah leuwih pohara karasana.

Geuleuyeung karéta téh ngalaju. Mimiti mah mémang karasana masih lalaunan. Tapi beuki lila beuki tarik tangka karasa nyemprungna pisan. Leuwih tarik batan biasana. Lampu-lampu jeung tatangkalan gé ngan ukur témbong kokolébatan.

Blus karéta téh laju norobos kana torowongan.

Barang kaluar ti torowongan gé geus anjog deui ka hiji statsion. Duka teuing statsion mana. Manéhna teu pati sidik.

Tina kaca jandéla, katingali indung jeung bapana keur ngajanteng di éta statsion bari nyérangkeun ka manéhna, sarta itu sobatna, Méta, bet sarua keur nangtung gigireun indung jeung bapana. Tiluanana mamaké pakéan sarwa bodas. Paneuteup tiluanana bangun nu bagja jeung ngabagéakeun.
Katémbong Méta nu sirahna baloboran ku getih keur gugupay ka manéhna.

                                                                        ***


Nu Nulis,
Prayoga Adiwisastra
Mahasiswa Jurusan Pend. Bahasa Daérah UPI
Alumni Béngkél Ngarang Sunda
0 Responses

Posting Komentar