Prayoga Adiwisastra
Carpon
Prayoga Adiwisastra


                                                                 ABIMANYU GUGUR

            Baratayuda poé katiluwelas. Panonpoé manceran. Bugang paraperjurit patulayah sakuriling bungking. Kebek angseu hanyir jeung hangruna getih di tegal Kurusétra. Mangratus jamparing tingbelesat di awang-awang lir hujan nu kahiukkeun angin. Kawantu sakali mentang tangka tujuh jamparing dihijikeun. Sora perjurit nu ayeuh-ayeuhan awor jeung jeung sora perjurit séjénna nu keur sesegor, sakarat.
            Teu kurang ti opat juta perjurit nu kalibet dina Baratayuda. Ti Pandawa, Wirata, jeung Pringgandani ngeprikkeun tujuh akhosini. Demi ti Kurawa jeung nagara-nagara éréhanana ngiangkeun sabelas akhosini. Saakhosinina ngalibetkeun 109.350 perjurit badarat, 21.870 kareta perang  tur kusirna, 21.870 gajah tur malimna, jeung 65.000 perjurit tumpak kuda.
            Abimanyu, putra panengah Pandawa, satria pinilih semu lungguh katara keur cuh-cih ngadu jajatén jeung satru sadulurna. Sanajan saliwatan bangun nu lungguh jeung carang takol. Tapi dina pangperangan mah méh taya nu tanggoh ngayonan kasakténna. Éstu nu mumbul téh sajatining lalaki. Mungguh teureuh ratu terah ménak. Diaping jurit ti leuleutik, diwarah perang ti bubudak.
           Supit Urang, gelar perang Pandawa harita. Abimanyu di bagéan huluna,  laju nguwak-ngawik pasukan Kurawa tangka burakrakan. Nu dewang beuteungna, nu remek awakna, geus mangratus-ratus jumlahna.  Geus puguh nu sapat sirahna mah, katiruk jamparing putra panengah Pandawa.
           Teu jauh ti dinya. Di beulah kulon. Resi Dorna gé kasampak keur metakeun pasukanana dina gelar perang Dirada Meta. Gelar perang nu wangunna siga gajah ngamuk. Resi Dorna di bagéan tulaléna. Teu sabongbrong perjurit nu nyangking bagéan hulu jeung tulalé dina éta gelar perang. Pantar Resi Dorna mah geus puguh kana pipanteseunana. Kawantu geus legok tapak dina sual élmu tarung jeung kadigjayaan mah. Arjuna, panengah  Pandawa, nu kaceluk kaawun-awun ku kabinékasan mentang panahna, ti Resi Dorna huluwotanana mah.
           “Maaajuuuuu.........” Resi Dorna ngagorowok ambal-ambalan.
            Mireng tangara ti Resi Dorna, bereyek pasukan Kurawa ngarangseg ka pasukan Pandawa. Tingbelentrangna pedang, tingselewerna tumbak jeung jamparing, wuwuh kerep baé tangka gumuruh. Baratayuda beuki campuh. Pasukan Pandawa méh kadéséh jajatén. Nu rarubuh nungtutan maluguran. Ari itu langit tegal Kurusétra bet bangun nu alum ngungun nyérangkeun terah Barata silih ala nyawa.
             Rét Resi Dorna ka adi-adina Abimanyu, Brantalaras jeung Wilugangga nu aya di tebéh wétan. Paneuteupna beuki leleb baé. Duanana keur tihothat nakisan gagaman musuh. Sasat teu mireungeuh ka musuh nu ngadodoho. Ningali éta lolongkrang, teu diengkékeun deui, Resi Dorna laju mentang gondéwana.
            “Brantalaras, Wilugangga....  geura papag ieu jamparing Éyang!” gerentes Resi Dorna.
             Dua jamparing tingbelesur. Dua jamparing laju pabencar. Séwang-séwang jamparing muru beuheung Brantalaras jeung Wilugangga.
             Belesat.... ceb! Méh bareng beuheung Brantalaras jeung Wilugangga katiruk jamparing Resi Dorna. Bru, duanana rarubuh, perlaya.
             Ningali dua sadulur paragat nyawana. Pasukan Kurawa sawaréhna sarurak tangka ayeuh-ayeuhan bari ngacung-ngacungkeun peureup jeung pakarang.
             “Brantalaras guguuuurrrr.............”
             “Wiluganggga guguuuurrr...............”
             Sora nu ayeuh-ayeuhan laju kabawa angin. Hawar-hawar kapireng ku Abimanyu. Beuki lila beuki sidik. Dak dumadak bet gumeter awak Abimanyu. Huntuna kekerot. Leungeunna ngeupeul tipepereket.
            “Sumitra! Bantuan akang ngusiran karéta! Urang jorag Si Dorna kurang ajar!”  ceuk Abimanyu ka adina.
Sumitra teu lémék. Kalacat baé jeung lanceukna kana karéta perang Kyai Pamuk nu ditarik ku dua kuda, Kyai Pramugari jeung Kyai Pramukanya. Ced kadalina dikenyed. Belenyeng mangprung nguwak-ngawik pasukan Kurawa. Geus teu kaitung musuh nu rarubuh ku Abimanyu nu beuki gangas baé awahing kajurung ku napsu.
             Mireungeuh Abimanyu beuki rosa ngamukna, gasik Resi Dorna ngarobah gelar perang.
             “Robah gelar perang jadi Cakrabhuyaaaaaa.............” Resi Dorna méré tangara.
             Mireng tangara ti Resi Dorna, pasukan Kurawa rikat ngabuleud, ngurilingan Abimanyu jeung Sumitra jadi dua jajar. Jajaran nu hareup muter ka katuhu. Sedeng jajaran nu tukang muter ka kénca. Ieu gelar perang wangunna mémang siga roda nu muntir malar musuh lieur tuluy asup kana pitapak.
             Abimanyu jeung Sumitra geus kahurup di tengah pasukan Kurawa. Abimanyu sabil rék narajang nu mana,  puguhing pasukan Kurawa geus ngurilingan manéhna bari muter ka kénca jeung ka katuhu. Kaduhung bet teuing ngalajur napsu. Talingeuh kana pitapak musuh.
            Ku seukeutna Resi Dorna maca kaayaan. Ningali Abimanyu geus asup kana pitapak Cakrabhuya, gasik Resi Dorna ngarobah deui gelar perang jadi Supit Urang sangkan Abimanyu teu bisa leupas tina hurupan.
           “Robah gelar perang jadi Supit Uraaaaaang.............” Resi Dorna tingcowowong.
            Bereyek pasukan kurawa ngarobah deui gelar perangna. Sabot kitu, koléang, awak Sumitra rumanggieung. Bru,  rubuh gigireun suku Abimanyu. Horéng awak jeung beuheungna geus baloboran getih ku jamparing Adipati Karna.
           “Rayiii........” Abimanyu ngajerit bari mayang taktak adina. Tapi lapur. Teu katulungan. Sumitra gugur di palagan Baratayuda.
            Abimanyu beuki kaseungeut amarahna. Sok layon Sumitra digolérkeun gigireunana. Abimanyu mutuh kalapna. Gasik nyokot kadali karéta perang Kyai Pamuk. Laju ngangseg ka hareup. Tapi teu mangkuk lila,  Kyai Pramukanya gé rubuh. Awakna kerep katiruk tumbak jeung jamparing. Éta kuda iceus téh paéh saharita.
            Abimanyu,  putra panengah Pandawa wuwuh baluweng ku ngagedurna napsu. Kudana nu masih kénéh hirup, Kyai Pramugari gancang dileupaskeun tina karéta. Gajleng. Clak. Gap kana kadali, ced dikenyed. Kyai Pramugari dibawa ku sorangan. Mangprung, ngalurug muru pasukan Kurawa. Paniatanana angger rék males pati ka Resi Dorna. Tapi nu diarah téh bet teu kénéh baé némbongan.
           Selewer, selewer, belesat, belesat, tumbak jeung jamparing muru sirah, beuheung, jeung awak Abimanyu. Teu kalis ku sakali dua kali. Bet mulan-malén tangka Abimanyu teu bisa hojah, da tihothat nakisan pakarang musuh.
           Bakating ku hantem baé diserang, Abimanyu beuki ngorotan tanagana. Pikiranana geus teu museur. Awakna mimiti rumanggieung.
           “Seraaaaaaang..........” wadya balad Kurawa tingcorowok ayeuh-ayeuhan.
            Ceb! Hiji jamparing nanceb kana tonggongna. Rénjag, Abimanyu ngarénjag,  reuwas tonggongna katiruk.
            “Beu! Salila Baratayuda kakara ayeuna awak kula beunang ku pakarang musuh........” gerentesna.
             Tapi Abimanyu teu nolih kana tatuna. Perbawa satria pinilih. Hamo sadrah kana kaayaan. Cadu ngejat satunjang béas. Sumawonna nyébakeun pati ka musuh mah. Abimanyu nuluykeun narajang ka pasukan Kurawa nu keur ngahurup ngurilingan manéhna.
             Belesat, ceb! Jamparing nu kadua niruk kana pingpingna. Teu lila, deui-deui jamparing nu katilu niruk dadana, kaopat niruk beuheungna, kalima, kagenep, nepi ka awak Abimanyu raca, kerep ku jamparing jeung tumbak. Mun ninggang ka perjurit biasa mah geus tangtu kana tiwasna. Tapi mungguh satria nu kapeuseuh lahir jeung batinna.       Abimanyu masih manggapulia meruhkeun sawaréhna pasukan Kurawa.
             Abimanyu masih kénéh ngajega sanajan awakna geus raca ku tatu jeung jamparing katut tumbak.  Sukuna angger ajeg, ngajega. Samalah masih wani nangtang pasukan Kurawa.
             “Hayoh... geura maraju, siah!” pokna teuneung naker.
              Teu kanyahoan ti mana datangna. Deregdeg Lesmana Mandrakomara, putra Prabu Suyudana lumpat muru Abimanyu bari ngulang-ngulang pedang.
              Tapi saméméh kitu gé, Abimanyu masih kénéh kaburu nyabut pusakana, Kyai Gusara. Pusaka sarupa jamparing nu dipaparin ku mitohana, Batara Kresna. Teu antaparah,  Kyai Gusara dilempagkeun kana dada Lesmana Mandrakomara. Ceb! Saharita awak Lesmana Mandrakomara lir tangkal nu katuar. Bru, rubuh gigireun suku Abimanyu.
             Bereyek pasukan Kurawa rék nyokot bugang Lesmana Mandrakomara. Tapi tayohna mah taya hiji-hiji acan nu wani marek ka Abimanyu. Sabab sing saha nu wani nyampeurkeun, hartina sarua jeung ménta beuheungna ditiir.
             Keur dina kituna, gurutak téh  Jayadrata ti jajaran tukang bari tumpak gajah mengpengan pisan muru ka Abimanyu.  Bru, Abimanyu nambru katincak suku éta gajah. Tapi leungeun kéncana masih nyekel gondéwa. Jamparing di leungeun katuhu. Sakali deui Jayadrata ngadalikeun gajahna muru Abimanyu. Deregdeg. Suku gajah nincakan awak Abimanyu nu geus teu walakaya. Awakna remek saharita.
             Teu kalis ku kitu. Jrut, Jayadrata turun tina gajah. Teu antaparah, sataker kebek sirah Abimanyu ditinggang ku gada Kyai Glinggang. Atuh  awak jeung sirah Abimanyu remek teu mangrupa. Getih baloboran. Abimanyu gugur.
             “Abimanyu guguuuuurrrrrrrr....... “ ceuk batur jenuk.
             “Abimanyu perlayaaaaaaa............” ceuk nu séjénna.
              Éta béja téh cunduk ka Arjuna. Saha kolot nu teu kaduruk napsuna, anak tiwas bari remek awakna. Arjuna ngarénjag kabina-bina. Gumuruh dadana. Reup beureum pamuluna. Bet hayang geura males pati ka Jayadrata. Tangka kedal sumpahna.
             “Mun nepi ka panon poé surup poé isuk Jayadrata can kénéh baé paéh, saksian ku saréréa kula bakal bélapati!” Arjuna ngoncrang naker.

                                                                                     ***

             Baratayuda poé kaopatwelas. Di jero pakémahan Jayadrata disumputkeun ku para Kurawa. Dijaga ku perjurit petingan. Sedeng ku kasakténna Bagawan Sapwani, bapana Jayadrata, nyieun sarébu Jayadrata mamalihan. Ngahaja, sangkan Arjuna pegat harepan néangan Jayadrata, nu temahna bakal nedunan sumpahna, nyaéta bélapati, maténi diri sorangan.
            Panonpoé geus nyedek ka kulon. Tapi nu ditétéangan téh bet teu baé nyampak jirimna. Sumawonna torojogan nyanghareupan Arjuna mah.
Batara Kresna nu harita keur ngusiran karéta, katémbong hemar-hemir. Kitu deui adi-adi jeung lanceukna, inggis sumpah Arjuna bakal laksana.
           “Beu, cilaka... Arjuna bakal enya kana bélapati kaya kieu mah! Moal enya satria kawas Arjuna bakal jalir.” Batara Kresna, jero pikirna.
            Tapi lain gé Batara Kresna mun teu pinuh ku akal mah. Ras inget kana pusakana, Cakra Wijaksana. Gasik dipentang, ditujulkeun kana panonpoé. Belesat, Cakra Wijaksana mangprung ka awang-awang. Lebah lempengan panonpoé, reg, Cakra Wijaksana eureun. Panonpoé kapindingan siga nu keur samagaha. Dak dumadak Tegal Kurusétra  jadi remeng-remeng lir wanci sareupna
           Ku kaayaan kitu, pasukan nu keur pakéwuh  perang gé dak dumadak eureun. Taranggah ka langit. Teu wudu harémengeunana ningali cahya panonpoé ngadadak pareum. Tapi sakabéh pasukan tetep tagen di Tegal Kurusétra. Pada-pada hayang nyaksian Arjuna nedunan sumpahna, bélapati keur anakna.
           Kitu deui Jayadrata, bet sarua hayang nyaksian kajadian nu matak ketir. Keteyep muru lawang pakémahan. Bet talingeuh, rerencepan sirahna bijil tina lawang pakémahan.
           “Tamiang meulit ka bitis, Arjuna!” ceuk Jayadrata halon.
Ningali sirah Jayadrata bijil, gancang Batara Kresna méré tangara ka Arjuna.
           “Rayi... tingali ka pakémahan di beulah kulon!”
Arjuna bangun nu surti. Karérét sirah Jayadrata dina lawang pakémahan. Laju mentang pusaka Pasopati. Sakilat Pasopati geus nenggel pisan kana beuheung Jayadrata, atuh sirahna sapat tina awakna. Teu kalis sugema ku kitu, jamparing anu kadua ngabelesur deui, sirah Jayadrata tangka ngacleng leuwih jauh. Disusul jamparing nu katilu, kaopat, kalima, nu temahna sirah Jayadrata ragrag dina lahunan Bagawan Sapwani.
           Sabot kitu, kapireng Batara Kresna ngagerendeng sorangan.
           “Balik deui anjeun, Cakra!” ceuk Batara Kresna.
            Saharita Cakra Wijaksana balik deui ka Batara Kresna. Panonpoé teu deui kapindingan cahyana. Kaayaan laju caang deui. Ngempur deui.
            “Anaking..............” Bagawan Sapwani ngajerit ningali sirah anakna guluntungan. Najan ketir ningali kaayaan anak, Bagawan Sapwani satékah polah mapatkeun ajianana. Teu sakara-kara, sirah Jayadrata tuluy hirup deui  sanajan euweuh awakan. Nyah panonna beunta.
            “Ama, ieu putra.... ” ceuk sirah Jayadrata.
            “Hampura Ama... Ama ukur bisa mekelan ieu pusaka. Bral, anaking!” pokna bari ngasupkeun pusaka Cis, pakarang sarupa péso kana baham Jayadrata sina digégél.
            “Modar siah, Arjuna!” ceuk sirah Jayadrata bari ngalayang muru Arjuna.
            Teu saeutik pasukan Pandawa nu maluguran ku pusaka Cis nu digégél ku sirah Jayadrata. Beuki lila sirah Jayadrata beuki deukeut baé ka Arjuna.
            Duh, itu sirah Jayadrata moal teu gangas nataku.
            Arjuna bati ngahanju.

                                                                                ***


Prayoga Adiwisastra
Mahasiswa Jurusan  Pend.  Bahasa Daerah UPI 2010
Alumni Béngkél Ngarang Sunda
0 Responses

Posting Komentar