Yayan Supriatna
Ada suatu permainan, permainan unik sekali
Orang naik kuda, tapi kuda bohong
Namanya Kuda Lumping. (lirik lagu)
Wanci haneut moyan, sasapu jeung ngepél geus réngsé, uing ngadaweung di buruan imah bari haté galécok ngobrol sorangan. Na énya kitu ari awéwé resep ka lalaki nu rada cunihin ?, énya kitu mun lalaki teu cunihin kasebutna kupér ?. Kitu soténan pédah éta wé Nden Tia siga nu leuwih resepeun ka Si Sulé batan ka uing. Panan Si Sulé mah gawéna ambring-abringan jeung balad-baladna béjana sok ngabréndi ogé. Ari uing panan sok dijadikeun conto ku kolot-kolot mun mapatahan budakna, pajarna –tuh kos Jang Udin budak mah ngan hiji-hijina téh daékan, daék sasapu, ngepél jsb.-. Padahal kusabab teu boga lanceuk jeung adi uing daék sasapu jeung ngépél téh da karunya mun sagala ngandelkeun ku Ema mah.
Hawar-hawar kadéngé sora tatabeuhan kendang jeung tarompét nu beuki lila beuki atra. Leuh.. Kuda Lumping, aya nu disunatan okosna. Geus ilahar di lembur uing, mun aya kariaan nyunatan sok nanggap Kuda Lumping. Budak Sunat naék odong-odong diarak ku tatabeuhan kendang, goong, tarompét, jeung kecrék. Alat-alat kaseniana kaasup sound sistimna digarotong abring-abringan ngurilingan lembur.
Uing gancang salin, calana sontog ganti ku calana jin, kaos ganti ku nu meunang nyetrika. Deuk ningali kuda lumping da Si Sulé gé sok ngibing kasurupan mun aya kuda lumping téh. Teuing kunaon bet jadi ijid ka Si Sulé, éta okosna pédah geus wani ngirim surat ka Nden Tia jeung sakapeung sok katingali babarengan.
Sora kendang ngadungdung ngahiap-hiap jajantung, torompét nérétét metotan sukma ngajak ngarénggénék, mungguh kuda lumping hareupeun pisan panon . Geus leuwih ti tilu urang nu ngarénggénék ngibing bari kasurupan, tapi ditengetkeun bet euweuh Si Sulé. Kos na can ngaliwatan ka tempat Si Sulé nangkring. Lebah lagu ‘Kembang Gadung’ uing ngagajléng asup kalang, ngahiji jeung jalma-jalma nu ngarénggénék ngibing sarwa kos nu kasurupan. Panon sakapeung peureum sakapeung dibuncelikeun bari angger rurat-rérét néangan Si Sulé.
Palébah pengkolan, katempo Si Sulé keur nangtung kos ngahaja mapagkeun iringan kuda lumping. Uing geuwat pindah kasisi bari angger ngarénggénék, ngarah pangdeukeutna ka Si Sulé mun iring-iringan liwat ka manéhna. Biasana mun nu kasurupan ngagabrug ka nu keur lalajo nu digabrug bakal milu kasurupan (kitu soténan meureun aya sinyal tinu lalajona hayang digabrug), bakal baréng ngarénggénék ngibing.
Geus deukeut, méméh digabrug ku nu lian, uing gancang ngagabrug Si Sulé malah lain ngagabrug tapi ngerekeb. Pipina dijembélan, kaméjana dibetotan tepikeun kancingna marurudul lalesotan, terus tonggong jeung dadana dikorowotan. Ngan hanteu ari ditonjok mah da asa can ngadéngé nu kasurupan nonjok.
Si Sulé kagét kosna dikerekeb kitu téh, jeung héran meureunan -naha aing teu milu kasurupan ?, pamikirna. Manéhna papukét ditindih bari dicakaran ku uing.
“ Nyingkah...nyinkah.. siah jurig jarian !, puah...puah.. “ ceuk manéhna bari kunyam-kunyem kos nu babacaan. Uing kalahka beuki motah ngerekeb manéhna. Manéhna kawalahan, tungtungna gogorowokan ménta tulung, “ tuluuung...tuluuung...ieu aing dikerekeb jurig jarian. “
Uing pada ngarejengan, basa nu ngarejengan ukur duaan uing teterejelan malahan masih bisa kénéh nyuntrungkeun Si Sulé nu deuk hudang nangtung. Sanggeus nu ngarejengan leuwih ti opatan, uing teu bisa walakaya da geus capé ongkoh. Tuluy datang Bah Uju pawang kuda lumping, bari mamawa cai na batok kalapa, kunyam kunyem bari panona mencrong seukeut ka panon uing. Bah Uju siga nu heraneun, uing gancang ngabalieur, ngeluk tungkul.
“Puaah....puaah...puaahhh..” , uing di bura ku Bah Uju aya kana tilu kalina. Beungeut baraseuh tepikeun ka kaos ogé jibrug cai pangbura campur jeung késang. Nu matak pikageuleuheun mah caina kacida bau jigong, seungitna kembang nu aya na cai pangbura kasilep ku bau jigong Bah Uju. Uing ngulapes, ngalenggerek kapiuhan.
* * *
Wanci sariak layung.
“Sujang siah, na tara-taraning bet ngigelan kuda lumping jeung maké kasurupan sagala, ngéra-ngéra ka kolot“, ceuk Ema.
“Geura dahar jung, Ema deuk ka kolotna Jang Sulé “ ceuk Ema deui bari tuluy ngaléos kaluar ti imah, okosna deuk ka imah kolotna Si Sulé. Bapa mah teu lémék teu nyarék keur ngelepus udud bako di rohangan tengah, uing harita di rohangan tamu.
Teu pati lila jol Bah Uju. “ Ujang, na heureuy téh mani kamalinaan, deleka kaasupna nu kitu mah. Karunya Si Sulé kaméja weuteuh kénéh tepikeun ka rajét.”. Uing teu nembalan ukur balaham belehem. Bah Uju tuluy muru ka bapa di rohangan téngah.
* * *
Wanci haneut moyan, kira dua minggu ti kajadian.
Keur ngadaweung di buruan, rentang-rentang katingali aya nu datang duaan. Beuki deukeut beuki atra, leuh geuning Nden Tia jeung adina nu bungsu, -beu..boa-boa aya patalina jeung kajadian dua minggu ka tukang- ceuk pamikir.
“Kang Udin, damang ?. Apa kaleungitan, kunaon ceunah akang teu embol-embol . Miwarang abdi ngalongok bilih teu damang.”, kitu pokna bari nitah adina sina asup ka jero imah mikeun rantang ka Ema. Enya ku kitu na mah, ti saprak kajadian uing can pernah datang ka imah Nden Tia. Biasana paling hanteu saminggu sakali sok datang boh ngabantuan bapana meulahan suluh, boh ngalatih adina Nden Tia ngibing silat, boh sakadar ulin wungkul.
“Apa sareng mamah teu resepeun ka Kang Sulé , abi ogé teu resep da geuningan cunihin Kang Sulé téh”, Ceuk Nden Tia deuih.
Bingah amar wata sutra bingah ka giri, asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas,ceuk basa enonesia mah ‘dapat durian runtuh’ ngadéngé iber kitu langsung ti Nden Tia sorangan.
Teu sadar dua lengeun uing ditamprakeun tuluy ramona dikeupeulkeun ngajadi peureup terus ditarik ka tukang tilu kali ka tukang, :
“Ye!..yes..yes.. !“, ceuk uing kalepasan.
***
Cag
Yayan “Bageur” Supriatna
0511
0 Responses

Posting Komentar