Nina Rahayu Nadea
Keteyep manehna leumpang. Kadéngé palupuh patingrarekét najan leumpang laun pisan gé. Rekét manéhna mukakeun panto, ati-ati naker. Inggis kanyahoan ku indungna. Rék gék pisan diuk dina golodog…teu jadi basa inget indungna aya di pawon keur pak pik pek. Jung nangtung terus ka buruan luntang lantung. Teu lila koréléng wé manéhna kapipir.
Ah bébas… manéhna ngagerendeng basa geus aya di pipir. Leungeuna babatek kaluhur ka handap bari jeung murilitkeun awakna doyong ka kénca jeung ka katuhu piligenti nurutan senam, gék diuk dina batu hareupeun tangkal baluntas, paranti moe moekeun pakéan meunang nyeuseuh. Pikirna anteng néang pilampahan naon anu kudu ditulis. Rét kana tangkal caringin nu anggang. Tapi najan anggang katingali jelas sabab ayana di pasir nu aya di tungtung lembur. Belenyéh manéhna seuri Terus ngaluarkeun kertas jeung pulpén tina saku calanana.
Caringin…narik ati ngaranggeum manah ku kanyaah
Caringin ngiuhan linduh haté nu lungsé balas dirarajét
Car…
Nulisna teu kebat basa katingali Déwi aya diwarung Ceu Jumi kahalangan tilu imah. Jung cengkat…
“Balanja, Wi??” ceuk Si Kardun gumasép basa geus aya di hareupeun jelemana
Nu ditanya teu ngajawab anggur anteng wé milihan buku nu rék dibelina, teu mioroséa ka Si Kardun
“Tah buku éta sae gambarna?!” Ceuk Si Kardun basa Déwi nyokot buku nu gambarna dua ucing keur silih léndotan…
“So tau…!” Déwi jamedud
“Dun…Kardun..” kadéngé indungna ngageroan sanajan kahalangan ku 3 imah tapi sorana angger ngoncrang…
Ngadéngé indungna nyalukan Si Kardun ngised diukna ka tukang. Tapi na atuh ari golombrang téh aya nu murag bareng jeung awak Si Kardun anu ngajengkang ka tukang. Tayohna basa ngised ka tukang meneran pisan kana blék kurupuk anu keur ngagantung. Blék kurupuk ngagubrag kasérédkeun ku Si Kardun….
“Iyeu …Kardun di dieu…kacian déh lu dipanggil Emamu tuh ” ceuk Déwi bari seuseurian ningali Si Kardun
“Tah kitu seuri atuh Wi…daripada jamedud waé!” Si kardun ngomong tamba éra teuing. Leos manéhna indit muru imahna. Tapi teu nepungan indungna ngadon cicing di pipir, urut manéhna diuk tadi.
“Nya kamana budak téh, wayah kieu geus euweuh baku tah Si Ontohod téh waktu indung butuh euweuh dasar…!” Indungna ngecewis barang nyaho Si Kardun geus teu aya di imah. Nu digeroan mah ngahéphép wé di pipir
“Ah…aya bahan teu meunang sajak poe ieu…loba wae gangguan, Poho deui tadi téh nya…Ah dasar …Jadi wéh buntu. Sigana kudu dieusian heula beuteungna, Méh nyieun sajakna alus jeung leuwih konséntrasi” Si Kardun nangtung bari jeung ngusapan beuteungna anu kukurubukan.
Rék asup ka dapur rengkag rengkog basa katingali indungna aya keur ngepohan hawu anu hésé hurungna. Haseup ngelun…Si Kardun gé nepi ka bersin sababaraha kali. Najan irungna ditungkup, tapi teu burung indungna nyahoeun aya anakna di luareun panto dapur.
“Dun ari manéh kamana waé titatadi digeroan téh?!“
Teu kanyahoan indungna geus aya dihareupen manéhna.
“Biasa, Ma éta ti hareup heula sakeudeung…!!Ma aya naon yeuh… teu kuat lapar..?!”
“ Aya naon tujuh mulud deuleu, pan katingali ku manéh tuh hawu gé hésé hurung. Suluhna baraseuh da peuting kahujanan. Matak titadi nyalukan téh rék nitah mangmeulikeun minyak. Jig kaditu ka warung heula. Lain dahareun wé nu dipikiran téh Jig buru..!” Indungna mikeun duit
Horéam-horéam ge kapaksa we Si Kardun ngencid..
“Yeuh, minyakna..!”
Mana pulanganna..!”
“Euweuh !”
“Euweuh kamana..?! pasti dibeulikeun deui kertas nya?!”
Si Kardun ukur seuri konéng..
Baku manéh mah meuli kertas wé jeung kertas keur nanahaon lah nyaho indung keur werit kieu teu nalipak manéh” Indungna kutuk gendeng…bari jeung ngawurkeun minyak kana suluh terus ngecéskeun korek api. Hawu langsung hurung harita kénéh seuneuna ngabebela..
“Tenang atuh Ma, ké mun geus jadi penyair terkenal mah moal moal burung digantian lima kali lipet !”
“Penyair nanahaon lah gandéng…” indungna nyempad. bari leungeuna pakpikpek ngasur ngasurkeun suluh dina hawu…
Teu sawataralila nungguan .Liwet asak. Ceg diangkat ku indungna maké ceumpal tina daun. Diteundeun rada anggang tina hawu. Tutup kastrol nu ngan saukur tina piring séng dibuka. Haseup ngelun mumbul ka luhur paudag udag muru lalangit nu geus barolong
“Pangyokotkeun asin tuh na pipiti..!”
“Mana, …?”
“Ah manéh mah nyahona kana dahareun waé éta luhuren parasaeuneu…dina pipiti nu kadua ceuk indungna bari nunjuk ka paraseuneu..!”
“Yéy…bilatungan, Ma..!” Si Kardun ngabalangkeun pipiti ka hareupeun indungna barang nyaho na pipiti aya bilatung.
“Lah pilakadar bilatung. Moal nanaon,,,,. ieuh mah pédah teu kapoyankeun!”
“Moal nanaon kitu?!”
“Siga nu kakara wé dahar asin, pan unggal poe gé dahar asin lain?!”
Asin ditendeun dina hawu nu ruhak kénéh...digular gilir sangkan asak bener…
Sanggeus asak asin diangkat terus diwadahan kana piring séng nu geus harideung sisina bakat ku geus heubeul.
Si Kardun bati kumétap ningali asin anu sakitu seungitna, beuteungna geus pupurilitan ménta eusi .
“Sok atuh rék dahar mah…da geus arasak. Ema mah mumulukna rék disawah” Ceuk indungna siga nu ngarti ka Si Kardun nu geus lapareun
“Ngan omat geus na dahar ngala heula jukut keur Si Jalu. Ema mah rék neruskeun hanca ngarambét di Pak Haji…” bari jeung leungeuna pakupis mungkuskeun sangu kana daun tuluy ditimbelkeun. Diluhurna diteundeun beuleum asin jeung céngék aya meureun 5 siki, ngawadahan cai entéh kana urut aqua. Terus diasupkeun kana samping. Top kana dudukuy anu luhurna geus rangsak. Leos we indit …
Si Kardun teu nyarita terus ngalas sangu kana piring. Habek we dahar meni ponyo. Ngalasna gé aya kana 3 kalina. Leungeuna nu ramiping dilétakan nepi ka beresihna. .
Beres dahar Si Kardun teu léléda indit ngarit néang parab keur ingon- ingonna. Nepi ka sawah langsung ngarit meunang satolombongna. Tapi kituna téh teu kari da réréanamah nyieun sajak waé. Sakapeung nulis sakapeung ngarit sakapeung nulis sakapeng ngarit. Kitu jeung kitu gawéna….
Bérés ngarit manéhna nyarandé handapeun tangkal mahoni. Rét kana sakurilingna, belenyéh seuri sorangan bari mawa kertas tina sakuna. Trét nulis…
Aya ku éndah ieu alam
Hawa katingtriman méré tanaga nu geus suda
Angin ngipasan bangbaluh dina kalbu
Nepikeun kereteg nu geus laas ditinggalkeun…
Kancing baju dibuka bakat ku hareudang. Bari jeung ngageberan awak ku topi manéhna peureum bari jeung ngarasakeun hiliwirna angin nu asa mépéndé nitah saré. Bakat ku capé meureun ngan dug wé manéhna saré tibra nepi ka kérék…Kituna téh bari jeung ngimpi manéhna jadi penyajak terkenal. Tulisana remen dimuat dina majalah, dina suratkabar. Manéhna jadi pada mikareueus ku balarea. Moal bireuk deui ka Kardun penyair ti Cikadut. Sanggeus jadi terkenal mah awéwé ge ngantay hayang kenal, hayang ngilu beken ka ngaran Kardun. Pokona ngaran Kardun geus jadi sabiwir hiji. Komo basa Kardun kapeto meunang hadiah Sastra rancagé mah manéhna jadi kameumeut Kampung Cikadut. Manéhna diarak ti Cikadut ngaliwatan sababaraha kampung laju ka kota muru alun- alun. “Hidup Kardun….Hidup Kardun…!”.
“Kardun…Kardun..”
Kardun ngan ukur seuri..
“Kardun hudang yeuh tingali panonpoe geus manceran.”
“Mana hadiah rancagé, Ma?!”
“Hadiah naon ari manéh?, Ngadon saré wé titatadi téh. Geuwat nyaring tuh domba geus tingbérélé…!”
“Ah ngaganggu, Ema keur ngeunah-ngeunah ngimpi meunang hadiah…ngadon dihudangkeun..” Si Kardun semu nu keuheul ka indungna asa lebar hudang tina pangimpian.
“Sok buru bawa tah tolombongna!”
Bari jeung horéam ge teu burung nuturkeun indungna balik ka imah.
***
Si Kardun atoh kacida waktu aya béwara réhna di balédésa rék diayakeun pelatihan nulis sajak jeung ngarang sarta teu dipulut béa alias haratis. Nu méré matérina sastrawan nu geus moyan. Atuh harita kénéh Si Kardun daftar bari jeung mawa haté nu bungagang. Hayang geura geura ngilu latihan. Hayang geura jadi penyajak terkenal kitu ceuk gerentes haténa
Poe kahiji pelatihan manéhna estu cuang cieung pisan. Euweuh batur nu wawuh. Maklum manéhna wungkul anu tamatan ti SD téh kitu gé teu ngilu ujian nasional. Lolobanamah nu ngiluan téh budak SMA aya oge guru. Ngan untung harita téh aya urut babaturan SD. Ngarana Wiwit ti kampung Haurbeti. Atuh jadi asa boga batur.
Ngilu pelatihan téh keur Si Kardun mah loba pisan mangfaatna utamana loba pangaweruh keur dirina. Kawantu manéhna mah diajar téh otodidiak maklum teu boga dasar pisan. Resep nyieun sajak téh pedah we sok pirajeunan maca di perpustakaan désa.. Dina hiji poe manéhna manggihan majalah gular golér. Di dinya aya sajak judulna Raga Samagaha yasana Jejen Jaelani nu unina:
Runtuyan kecap nu jadi ungkara
Dibaca bari diteangan hartina
Mangjam-jam dikotéktak dina rasa
Dikorobét ka lebah poekna guha basa
Dirarampa kana haté nu nyangsaya
Susuganan aya cahya tina sapada
Nyaangan raga nu katalimbeng ku laku
Nu teu weleh sasar kana talajak codéka
Angger kareumpeukeun samagaha
Runtuyan ungkara nu jadi rasa
Unggal pada disasar bari dirarampa
Dikotéktak bari ditalungtik ku usap rumasa
Kakoréh nu karungkup kareumpeukan lampah
Angger samagaha dina talajak dosa
Éta sajak dibaca dibolak balik. Bet éndah rasana. Kataji pisan manéhna. Komo lebah maca dikorobét ka lebah poekna guha basa dirarampa kana haté nu nyangsaya. Ceuk pikir Si Kardun aya ku bisa jelema nyieun sajak siga kitu. Basa waé bisa digulak gilek dihadé-hadé maké jeung kecap guha…Bet siga nyindiran ka manéhna anu teu bisa pisan nguntun kecap antukna teu walakaya.
Ti harita Si Kardun beuki rajin macana, beuki mindeng nyieun sajakna. Komo kabéhdieunakeun manéhna resep pisan ka Déwi anu jago maca sajak.
Bari jeung waktu nyieun sajak téh estu saujratna tina jero haténa. Teu apal teori nanaon. Nu pentingmah ngabudalkeun rasa nu nyangkaruk na lelembutanna.
Waktu ditanya ide Kardun nyieun sajak timana. Jawabana estu polos pisan
“Idena mah ti mana we…lamun Ema ambeuk nyieun sajak ambeuk atawa lamun Ema bageur nyieun sajak bageur. Naon wé lah nu aya dina haté sok sagala ditulis” ceuk Si Kardun
Nu ngadéngékeun euweuh nu teu seuri ngadéngé jawaban Kardun téh
Kacida betahna Si Kardun ngilu pelatihan teh. Pangpangnamah bisa ningali nu gareulis. Sok asa gede hate lamun manehna keur mikeun hasil sajakna ka nu méré matéri. Asa aing pangbisana. Da jeung enyana manéhna kaitung anu berbakat ceuk nu méré pelatihanmah. Tinggal ngabébérés éstétikana jeung diksina.
Si Kardun irungna asa beukah waktu dipuji sajakna alus jeung layak muat. Insya alloh cenah karyana rék dibukukeun. Ngan kudu nyieun loba sajakna. Ah dicumponan wé ku Si Kardun téh da diimah ge geus ngahunyud sajakmah.
“Bulan nyumput jamedud
Dihalangan méga nu haleungheum angkeub
Nalangsa rambay cimata
Awéwé lalaki ngalingkung di gang nyelempét
Ngarémpak rambu jalan ka sorga
Simbol dosa pesekeun jaga
Séah angin meupeus keuyang tembok durjana
Belewuk dirungrum kekebul dunya
Angin sedih kingkin
Ngarasula ngipasan jalma milampah nirca
Barudak palintér…korban sinétron”
“Saé pisan sajakna, naon judulna??” Ceuk nu méré latihan waktu maca sajak Si Kardun
“Duka tah teu acan aya inspirasi” ceuk Si Kardun légég bari jeung teu nyaho naon inspirasi…
“Énjing wayahna candak sadayana sajakna, supados urang dipilihan, kanggé didamel buku..!”
“Tenang..béréslah tos seueur dibumi..”
Balik ka imah geus sore…. Langsung dahar segut naker, kawantu lapar sarta capé naker. Komo haritamah deungeuna maké pais hayam sagala… Kacapé téh enya kagantian. Kagantian ku harepan. Harepan rék nyieun buku, harepan ngarobah nasib manéhna jeung indungna anu kacida dipicintana. Harepan keur hirup hurip ka hareupna. Keur anténg dahar bari ngumbar lamunan indungna datang…
“Ma, boga duit timana make jeung bisa meuli hayam sagala?!..”
“Enya tadi aya tukang rongsok kadieu, kabeneran ningali di kamar manéh ngahunyud kertas ku Ema teh dijual wé…nu sawaréhna deui mah dijieun suluh wé…lumayan keur ngahurungkeun hawu ari hésé hurung. Tah mais hayam gé téréh maké kertasmah.”
“Emaaa…!” Si Kardun ngalenggerek.
0 Responses

Posting Komentar