Yayan Supriatna

-Matak kabita ku penulis-penulis moyan, diondang kaditu-kadieu teu saeutik nu diondang ka mancanagara ogé. Mulya pisan mun jadi penulis, babagi elmu ka balaréa , jeung deui bisa dicandung pagawéan nulis mah panan bisa sakahayang, waktu ngagawéanana ogé-, pamikir uing.

* * *

“Deuk nyarpon”, ceuk uing ka pamajikan nu datang nganteurkeun cikopi. Siga nu atoheun ngaéngé kitu téh, da langsung kukuprak nyieun bala-bala. -Tibatan gapléh tepikeun ka peuting- kitu meureun pamikirna. Geus aya kana dua taona uing sok milu workshop nulis, macaan buku-buku ngeunaan nulis, ngahadiran diskusi jsb, tapi tacan bisa nyieun carpon hiji-hiji acan, nyéta hésé pisan kudu kumaha ngamimitianana.

Peuting ieu deuk ngamimitian nyarpon da ceunah jampé nulis mah taya deui iwal ti : “nulis, nulis, jeung terus nulis ! “. Kitu sotéh pédah wé tadi beurang aya kana saténgah poéna ngobrol sareng Pa Aan Permana, penulis moyan, penulis nu tos kahot dina widangna. “Panyarpon mah kudu loba merhatikeun/nitenan sing leleb kana sagala kajadian. Sireum nu ngagimbung kana cikopi atawa citéh amis nepikeun tinggarebrus pararaéh ogé bisa jadi carpon”, kitu saur Pa Aan. Gutrut uing nulis judul carpon : “Sireum jeung cikopi”, terus ngahuléng, kop kana bala-bala, regot kana cikopi, pelenyun udud bari ngahuléng. Bingung naon nu kudu ditulis, naon nu kudu dicaritakeun.

“Loba pisan picarponeun mah, mun deuk nyaritakeun Karéta pan dijerona loba deui picaritakeuneun : masinis, tukang dagang asong, rél kareta api, jeung sajabana. Contona wé, pék bayangkeun terus caritakeun kumaha sedihna masinis nu hayang jamaahan pas manéhna keur tugas. Piraku kareta kudu ereun heula ngadagoan masinis jumaahan”, saur Pa Aan deuih.

“Sireum jeung cikopi” dicorét-corét, ganti ku judul : “Masinis poé Jumaah”, terus ngahuléng, kop kana bala-bala, regot kana cikopi, pelenyun udud bari ngahuléng. Bingung naon nu kudu ditulis, naon nu kudu dicaritakeun.

“Lamun nyaritakeun pasawahan, apan aya patani, munding, belut, paré, jsb. Jadi deuk nyieun carpon unggal poé ogé bisa”, saur Pa Aan

“Malahan tiasa janten carita belut jadi carpon nu saé”, ceuk Kang Ayi nu nganteur uing nepangan Pa Aan.

“Masinis poé Jumaah” dikusék-kusék dicorét ganti ku judul anyar : “Munding jeung uing”, enya keur leutik pan uing sok ngangon munding, terus ngahuleng ngabayangkeun bujur munding.

Leng ngahuléng, kop kana bala-bala, regot kana cikopi, pelenyun udud bari ngahuléng. Bingung naon nu kudu ditulis, naon nu kudu dicaritakeun.

Kitu jeung kitu wé terus, unggal judul paling ditulisan saparagrap gé teu anggeus. Cikopi geus béak dua bekong, bala-bala kari piringnya, kuntung udud ngahunyud dina asbak. Carpon boro-boro medal teu ngelembeng-ngelembengna acan.

Inget deui kana omongan Kang Ayi tadi beurang di bumina Pa Aan, “Teu Bisa Nyarpon “, ogé bisa jadi carpon hadé ku pangarang mah”, kitu pokna téh. Harita uing unggut-unggutan siga heueuh ngarti kana omongan Kang Ayi, padahal lieur nu aya, nya naon nu dicaritakeunana lamun judul carpon : “Teu Bisa Nyarpon”.

Kaideuan, lima lambar kertas HVS kosong ku uing di hekter, pangluhurna ditulisan : “Hoyong pisan tiasa nyarpon, moga kersa masihan bongbolongan”. Deuk dikirimkeun ka Kang Ayi.

* * *

Cag ah

Yayan “Bageur” Supriatna

Rancaekek, 0511

0 Responses

Posting Komentar