Asép Héndrawan
gurat hujan
ti rincik ka rincik ngerepan
ngagarenyas herang nyilanglangan
maseuhan tangkal ti pucuk ka dahan

gurat hujan
ngocor ka landeuhkeun
malidkeun rupa2 kalakay
mendet lebah kamalir peuting

hate mudal;
tiis, rembes citangis

(2010)

1 Response
  1. moekendang Says:

    nya ceuk uing ge hade!!!! nuhun lajengkeunnnn!!!


Posting Komentar