Yayan Supriatna
“Jodo, pati, bagja, cilaka anging Gusti Allah SWT anu kawasa nangtukeun, manusa ngan sakadar rancana jeung upaya”
------
Geus leuwih sataon kuliah di Bandung tacan kénéh boga kabogoh, lain pédah euweuh nu geulis anu cocok kana haté, tapi tacan kaparengan aya nu daékeun da ari usaha mah enggeus éta gé.
Pasosoé, gigitaran ngariung opatan : Uing, Iding nu ngagitar, Syarief nu ngalagu, jeung Dadan nu keur maca buku, jol datang Entis karak balik ti lemburna : Limbangan di Garut.
“Lur..,alo sayah karak lulus ti SPG tacan boga kabogoh, ceunah hayang dikenalkeun ka babaturan kuliah “, pok na Entis bari kusiwel ngaluarkeun potrét tina dompétna. Eta potrét nguriling mapay teu sirikna parebut pada hayang paheula-heula nempo. Ditilik-tilik..geulis ningan nu dina potrét téh : kulitna bodas beresih, panona cureuleuk, irungna bangir.
“Naon euy syaratna supaya bisa jadi kabogoh manéhna ?” uing sarius nanya, nu séjén ogé katingalina malerhatikeun pisan kana bakal jawaban ti Entis.
“Hayang boga kabogoh nu pinter ngagitar ceunah “, jawab Entis
“Hoy..dak, atuh bakal milih ka ngaing kitu mah”, ceuk Iding bangun nu berag kacida, enya da manehna nu pangpinterna ngagitar diantara limaan nu keur ngariung mah. Iding urang Petir di Banten mun nyalukan ka babaturan kecap gaganti jalma ka dua teh ‘Dak’ pondokna tina budak/barudak. Syarief jeung Dadan ukur mésem siga nu rada pupus pangharepan. Uing sarua teu pati berag ngadéngé syaratna . Nyaho ari konci grip ngagitar mah ( A,B,C, tepikeun ka G mun teu salah) ngan jauh tina kasebut pinter ngagitar.
“Leuh.. naha lain nu séjén syaratna, paalus-alus ibing pencak misalna”, ceuk uing rada kukulutus.
“Lah.., sakalian urang arulin we ka imah sayah engke bulan hareup, kabeneran lanceukna deuk kawin”, ceuk Entis mungkas obrolan bari ngaléos ka kamer kontrakan manéhna.
* * *
Ba’da lohor, limaan kaasup Entis salaku sohibul bait, saged indit ka lemburna. Masing-masing mawa pikirana sewang-sewangan. Pamikir uing, moal kasingsalkeun teuing sigana dina ieu saémbara malahan aya harepan pinunjul –Nyai geulis pupujan ati, antos ieu Arjuna seja tandang-, ampir unggal poé dina sabulan ieu uing diajar ngagitar. Iding nu katempona optimis pisan mah, Syariep jeung Dadan paromana biasa teu bisa kabaca jeroan haténa.
Ti Cicaheum naék beus jurusan Tasik turun di Terminal Limbangan, terus naék mobil buntung ka lebah kénca nuju ka lembur Séla Awi. Ngaliwatan pasawahan, meuntas walungan, kebon-kebon anu héjo ngémplo, éndahna pamandangan di pileburan. Lebah pengkolan ka lembur Séla Awi, uing limaan tarurun terus leumpang nuju ka imahna Entis. Jalana cukup gede, asup keur dua mobil ogé ngan teu di aspal ukur dibalay ku batu wungkul. Anjog ka imah Entis wanci sareupna.
Ba’da Isya, Malem Ahad harita, limaan ngabring ka imah alona Entis bari mawa gitar. Iding nu mamawa gitar anyar bogana Dadan, -beuh..pangrasana mah meureun ieu ngaing Satria Bergitar- . Teu lila da teu jauh jarakna, geus nepi ka imah anu dituju.
-Yuyu Yohana- ngarana, enyaan geulis, malahan leuwih geulis batan na potrétna. Manénhna anak bungsu tinu anak nu ngan ukur dua, isteri duanana. Bapana sihoréng Kuwu (Kapala Desa) mangsa éta. Atuh beuki sumanget wé maksud uing ngiwat haténa, komo basa peutingna Entis nyaritakeun yén kolotna lain teu sanggup ngabéyaan Yuyu kuliah teupikeun ka S3, dalah ka mancanagara ogé, tapi keur naon, cukup jadi guru wé bari ulah jauh ti indung jeung bapa, kitu cenah. –Heu..heu..kaasaup cowok matré ogé uing , tapi da moal teu kitu pipikiran babaturan uing ogé jigana-.
Sanggeus masing-masing pada nepangkeun ka kolotna ogé ka lanceukna, ngarobrol di rohangan tamu, terus kaluar galigitaran di buruan imahna anu lega tur asri ku tatangkalan sarupaning jambu, balingbing, jeruk, jeung tangkal-tangkal kembang. Iding nu mimiti ngagitar aya kana sa albumeun mah, nu nyanyina giliran atawa babarengan.
“Mani tiasaan Aa Iding mah ngagitarna “ ceuk Yuyu muji.
“Iding mah ti keur SMP kénéh sok ngagitar, malahan nuju SMA mah kantos gaduh grup band” tembal Iding. Beuh..matak ateul ceuli ngadéngéna ogé, eta da.. ku tara biasa nyebutkeun ngaran sorangan, tuman nguang-ngaing, jeung karak ngadéngé manéhna ngucapkeun ‘kantos’ biasana gé ‘enggeus pernah’.
“Ari Aa Dadan tiasa ngagitar ?” Yuyu nanya ka Dadan.
“ Teu acan tiasa, nembé badé kursus, éta gitarna ogé némbé mésér saminggu kapengker”, tembal Dadan bari nunjuk gitar nu keur dicekel ku Iding.
Halaah...., cicingeun teh geuningan pinter ari kompanye diri sorangan kanu geulis mah.
Yuyu ngarérét ka uing, mani nyeblak kana jajantung ningal giler soca jeung imut nu geulis. “Ari Aa Nana ?”, pokna téh.
“Kantenan atuh..., sok Néng badé nyanyi naon ku akang digitaran, mung laguna teu kengeng nu sanes salain ti lagu ‘Naik-naik ke Puncak Gunung’, ‘Gelas-gelas Kaca’, sareng ‘Yang Hujan Turun Lagih’ “, tembal uing jujur, bari nyokot gitar nu keur dicekel ku Iding.
Aya ku éndah peuting harita, Yuyu nyanyi tilu lagu éta, sorana halimpu pisan, uing nu ngagitaran. Langit harita caang lénglang, bulan keur purnama, béntang-béntang maridang. Uing rarasaan jadi Galih, Yuyu nu jadi Ratna na, asa keur paduduaan wé – nu séjén mah anggap wé bebegig, heu..heu. -.
Syarief mah can ditanya ogé, geus pok nyarita, “ teu bisa ngagitar sayah mah “, bari rada kuraweud haseum. Heu.. serah bongkokan sigana, alus lah.. ngurangan saurang saingan.
Di imah Entis, peuting harita uing hésé saré najan mata dipeureum-peureumkeun ogé. Dadan katempo ngagutret wae nulis dina buku diari, teuing nulis nanahaon. Sarief mah saré tibra, geus euweuh beban sigana.
Isukna, arulin ka kebon terus ngaruseup di balong kolotna Yuyu. Dalahar beurang oge di saung balong jeung goréng lauk meunang ngaruseup. Unggal kasempetan ku uing, Iding, jeung Dadan dipake pikeun ngiwat haténa Yuyu. Ukur Sarief nu hanteu mah.
Kayaho jeung pangabisa ku uing dipraktekeun kaasup papatah Doel Sumbang ‘yén lalaki mah kudu rada cuni sabab mun lalaki teu cunihin namina kuper’. Duméh éta papatah uing sababaraha kali nyalukan Entis make titel ‘Mang’ ngahaja supaya kadangueun ku nu geulis.
“ Mang Entis, naha di dieu mah leunca téh tangkal sareng buahna baradag “ , ceuk uing bari nunjuk tangkal takokak pura-pura teu nyaho kana takokak.
Terus oge uing ngomong ka Yuyu, “ Neng, tuang rama dedegana siga tangtara, bangun nu galak tapi geuningan mani bageur tur hemanan “
“ Muhun.. da kapungkur pun bapa téh tentara, mantri kesehatan tentara”, tembalna.
Di imah Entis, peutingna uing hésé saré deui, Dadan ngagutret nulis deui, Sarief mah saré tibra.
Poé Senén, ba’da lohor sanggeuh salasalaman ngucapkeun salamet ka lanceukna Yuyu nu panganténan, limaan baralik deui ka Bandung.
* * *
Balik kuliah ngahaja ka kamér kontrakan Entis deuk nanyakeun iber nu geulis, béjana karak datang balik ti lemburna. Kasampak geus ngariung Iding, Dadan, jeung Sarief. Loba dahareun malahan aya nasi bungkus sakérésék badag oge buah-buahan.
“ Aya acara naon euy.. teu béja-béja ”
“ Tah kabénénar datang, tadina deuk ditéang. Dadan kaul, jadian jeung alo sayah téa “, Entis nu nembalan.
Beledag... asa aya nu nembrag kana dada, eungap..asa teu bisa ngarénghap meunang sajongjongan mah. Lah..aya nu teu bérés, ieu patojaiyah jeung judul saémbara. Apan Si Dadan (maké ‘Si’ da keuheul) mah teu becus ngagitar tepikeun ka ayeuna ogé, geus ngabohong deuih teu milu kusrus ngagitar. Apanan sakalina ngagitar gé Si Dadan mah dibalikeun gitarna téh ditabeuhan bujur gitarna siga anu keur nabeuh genjring bari ngalagu nu ngan hiji-hijina : “perdamaian..perdamain..perdamaian... perdmaianan “
Deuk protés satadina, ngan dipikir-pikir bakal ngéra-ngéra sorangan, pantesna ogé Iding nu kudu protés badag mah. Iding katingal ngaheruk di juru. Sarief surungah-séréngéh jiga nu ngaléléwé.
* * *
Wisuda. Bungah geus bisa lulus jeung boga titel S1, tapi asa nalangsa uing mah di wisuda téh. Batur mah wisuda teh salain dihadiran ku kolotna ogé disaksian ku kabogohna atawa tunanganana. Iding aya kanu tilu mobilna nu ngahadiran ti lemburna, tunangana oge datang, Sarief jeung Entis kitu ogé. Si Dadan salain kolotna hadir, datang ogé Yuyu Yohana nu geulis pupujan haté.
“Wilujeng ..sukses Kang Nana “, ceuk Yuyu bari nyodorkeun leungeuna ngajak sasalaman. “ Tétéhna teu ngiring ?” pokna deu. Ngarti uing ogé maksudna mah nanyakeun kabogoh.
“ Akang mah tunggal, teu gaduh tétéh “ cékéng jujur.
Peutingna, titit..titit..titit.. murudul aya kana tilu pesen nu nyampay na ‘Pager’ ( ‘penyeranta’ maksudna, harita can usum HP ) :
“ Selamat dan sukses selalu buat Kang Nana. Akang adalah sobat yang sangat menyenangkan dan mengesankan. Beranikanlah untuk mengungkapkan langsung isi hati karna untuk memastikan perempuan tidak cukup hanya isyarat. ( dari Yuyu YR) “
Beuh..yakin ayeuna mah Si ontohod Dadan téh salain sok nyogok emangna ku udud, ogé manéhna ngirimkeun surat ngedalkeun haténa ka Neng Yuyu Yohana Rahmat nu geulis pupujan haté.
Cag
Rancaekek 0311
1 Response
  1. Sae kang, anu sanesna diposting ateuh...!


Posting Komentar