Asép Héndrawan
Carpon Asep Benito Aripin



"Geura netepan heula cep! Bilih kaburu seepeun waktos!" ceuk manehna bari tonggoy ngahenggoy suuk anu pabalatak dina meja, "janten bade ngiring ka Karangpari teh? Resep geura, urang nongton nyi ronggeng si Baranyay tea," pokna deui. Teu nyahoeun lamun kuring geus rek tilu roka'at solat isa teh, "aeh...si encep...!" nempo kuring keur cugek-cugek solat manehna teu kebat ngomong.
Bada solat teu buru-buru nguniang, ngadu'a we rada ditarikkeun. Manehna katingali keur nyarande dina korsi bari angger ngagayem suuk keneh. Kulitna pabalatak dina meja. KTI tinggal botolna. Bari teuteuraban pok deui manehna ngomong, "mun rek ngiring, jeung abdi wae boboncengan, tong hilap dijeket da diditu mah hawana tiris pisan cep!"
"Ari ustad make naon? Ning teu jeket2 acan?" kuring nyelangkeun mairan basa manehna jongjon dibaju.
"Abdi mah kieu wae, da tos biasa momotoran tara di jeket, tos kiat hehe...!" cenah bari memener beubeur kulit anu geus hawuk.

Ustad ngaran gaulna teh, ari ngaran aslina mah Hasan. Teuing ku naon pada ngalandih ustad. Pedah baheula kungsi ngawuruk ngaji meureun pangna manehna pada nyarebut kitu teh, teuing nyindiran teuing kumaha da mun dipikir rada kurang payus lamun dilarapkeun jeung kalakuanana ayeuna.
Kuring teu pati inget ti iraha wawuh jeung manehna. Wawuh loma maksud teh da samemehna oge geus wawuh, wawuh munding, teu loma cara ayeuna. Baheula sababaraha taun ka tukang, keur kuring sakola keneh, basa usum pere sakola, kuring miluan pasantren kilat di masjid lembur. Tugas ti sakola, salila sabulan, murid-murid kudu ngeusi waktu pere ku kagiatan kaagamaan. Kabeneran di masjid lembur kuring ngayakeun pasantren kilat. Rupa-rupa kagiatanana teh, ti mimiti neuleuman elmu akidah ahlak, nadoman jeung barjanji, baca tulis Kur'an jeung sejen-sejena, ilaharna masantren enyaan. Tah nu ngawurukna teh salah sahijina manehna, ustad Hasan baheula, si ustad ayeuna. Kapeto ngawuruk pedah manehna loba waktu dibandingkeun tua kampung nu jadi Ajengan di masjid eta. Sanajan ngora bari lalagasan keneh, manehna leket ibadah, pangarti nyukupan. Ngawuruk ngaji jeung kitab koneng, pidato, adan jeung sejen2na kacangkem ku manehna mah. Matak pantes kapeto jadi tukang ngawuruk oge. Kuring kaasuh ku manehna nyaeta basa usum masantren kilat tea. Jadi santri kameumeut si ustad kuring teh pedah cenah pangonjoyna ti santri2 pasantren kilat sejena. Ti harita kuring loma dina harti loma antara murid ka guru jeung sabalikna. Kuring hormat ka manehna atuh manehna oge ajrih ka kuring. Dina umur teu pati jauh antara kuring jeung manehna, kolotan si ustad.

Baheula kitu soteh, sababaraha taun katukang. Ti saprak indung bapana pipisahan, hirup Hasan robah 180 darajat. Alatanana mah pedah bapana kanyahoan salingkuh, kawin deui ka randa tatangga kampung sabeulah. Pakaya bapana nu teu sabaraha koredas sapisan balas mahugi nu ngora. Indungna ampir2an maragatkeun nyawa nyaho salakina bebeakan harta banda kabongroy ku nyi randa tea. Ti harita Hasan jadi pindah pileumpangan, teu betah di masjid, boro2 ngawuruk kawas baheula, da ayeuna mah reremena bagadang di parapatan jeung barudak. Nginum jeung eueut, nga-lem aibon atawa ngonsumsi pel beka jadi kagiatan anyar manehna ayeuna. Beuki maceuh kalakuana teh basa indungna nekad minggat jadi TKW ka Saudi. Manehna kadua adina asa kaleungitan panyalindungan, kateungteuingan komo bapana mah geus teu malire, anak pamajikan dilurjeunkeun, milu ka jikan nu ngora. Ninina nu geus jompo bati ngurut dada, teu walakaya ku ketak lampah si ustad. Mun baheula unggal waktu solat, ngong adan, sora halimpu manehna nu kadenge, ayeuna mah keukeuleuweuhan dina kamalir alatan weureu kucubung. Sakali mangsa kungsi ngajengjehe handapeun bedug, teu hudang2, weureu pecin, cek nu ngabejaan, karek nguniang basa mang Da'i nakol bedug dikitirkeun nampeu pisan kana ceulina. Pada nganaha-naha, sawareh mangkarunyakeun, milu mangnyerikeun ku talajak bapana. Sakaol deui mupuas, teu kuat iman we cenah eta mah kabawa ku sakaba-kaba. Jadi bukur catur salelembur majar si ustad pindah pileumpangan jadi preman. Sok sanajan kitu, tug nepi ka kiwari tutas eureun "papasantrenan", sosobatan teh manjang. Duka ku naon bela pisan manehna teh ka kuring mah, meureun pedah kuring sobat anu ngarti jeung narima kana kaayaan manehna, sobat anu bisa diajak cumarita utamana dina waktu manehna keur goncang siga ayeuna. Pikeun kuring teu masalah. Ongkoh asa aya batur sanasib sanajan anu kaalaman ku kuring teu pati parna siga anu kaalaman ku manehna. Kuring tara tetelepek deuih sumawona nyigeung ku naon pangna manehna robah adat, napsi-napsi. Pon kitu deui manehna, malah mah manehna nu sok ngingetan lamun geus asup waktu solat atawa ngingetan kuring lamun aya kalakuan nu rada minculak.

"Tos siap cep?"
Rada ngarenjag basa manehna ngelol lebah lawang. Kagebah lamunan teh, buru2 nilepan sajadah.
"Tah ieu jeket abdi angge, urang nyampeur heula Pepen sareng ujang Dani, cenah hayang ngiring" ceuk manehna bari ngasongkeun jeket bahan lepis. Karek meunang nyeuseuh sigana mah, kaangseu tina seungitna.
Clak kana motor, manehna ti hareup, kuring dibonceng. Gigi hiji anteb keneh mawa motorna teh, nincak gigi dua motor ngabiur. Kuring tipepereket muntang kana behel motor, sieun kabantingkeun da teu make helm ongkoh. Lebah pengkolan haji Sobirin, reg eureun. Nyampak si Pepen jeung ujang Dani geus saged, mawa batur duaan, jadi genepan ayeuna mah balad teh.
"Si Dadang jeung kang Oman teu jadi milu Jang?" si ustad nanya ka ujang Dani.
"Geus tiheula Tad, papanggih diditu we cenah!"
"Hayu atuh, bisi kaburu kapeutingan euy, moal kabagean si Baranyay keh!"
Clak tarumpak kana motor sewang2, teu ngebut cara tadi mawa motorna si ustad teh, pauntuy-untuy jeung nu sejen. Momotoran teh mapay2 jalan desa anu tarahal da can di aspal. Si ustad tapis pisan ngagiwar2 stang nyingkahan liang.

Ka Karangpari tujuan teh, lain lalakon indit sakeudeung2 da ngaliwatan sabaraha pasawahan gunung jeung lamping. Ma'lum tempat anu di tuju teh rada nenggang ti lembur kuring mah. Bubuhan di pilemburan, imah masih ancal-ancalan, atuh jalan teh poek da teu kalistrikan. Ukur kacaangan baranang bentang jeung cahya bulan. Pasawahan upluk-aplak, pasir2 sawarna kulawu ari peuting mah matak waraas. Endah geuning pamandangan pilemburan teh mangsa peuting mah.
Di tengah jalan, geus deukeut ka nu di tuju, patalimarga tambah rame, lolobana nu laleumpang, kabeh kerid ka nu hajatan. Bejana mah bandar gula kawung hajat gede, ngawinkeun anak parawana anu munggaran, nanggap ronggengna oge ti Pangandaran anu bentangna si Baranyay tea, hamo bireuk da eta maskot ronggeng pakidulan mah. Matak jalma ti suklakna ti siklukna ngaleut pada hayang nempo si Baranyay makalangan. Malah aya nu ti beurang mula daratangna teh, nu laleumpang, nu kana kolbak oge aya. Ti barudak bujang nepi ka aki2 tengah tuwuh cek paribasana daratang.
Nepi ka nu dituju, jalma museur di nu kariaan. Nu daragang ngampar sapanjang jalan. Ma'lum di lembur, teu nitih sabulan sakali aya karamean teh. Ari lain keur hajat mah lembur teh rehe combrek. Ayeuna, turug-turug geus lila euweuh nu kariaan kari2 aya nu hajat gede, teu sirikna jalma sakuliah dunya tungkeb kabeh ka Karangpari muru nu hajat.
Balandongan geus pinuh ku nu narongton, hansip jeung kaamanan paciweuh ngatur pakalangan sangkan merenah nu rek ngarengkenek.
"Bisi engke hese panggih, beres acara ngumpul di imah si Sarip nya, mun kapeutingan, urang milu ngendong di imahna, bejaan si Dadang jeung kang Oman mun panggih!" cek si ustad ka Pepen jeung ujang Dani katut kadua baturna.
"Maneh rek langsung ka balandongan?"
"Heueuh, ari encep kumaha? Rek ngiring ngibing?" pokna ka kuring.
"Kuring mah didieu we lebah tukang suuk nya! Sakalian ngajaga motor!"
Leos nu limaan ka lebah balandongan. Kuring mah nyerangkeun ti kajauhan, digigireun tukang suuk. Lain teu hayang milu, tapi teu pati paseh ngarengkenek. Kungsi baheula oge basa aki nanggap jaipongan, nyobaan ngibing, kalah pada nyeungseurikeun majar siga bebegig sawah rarampayakan digendangan.
Beuki peuting jelema beuki ngagimbung, pagegelek jeung pabaliut teu puguh. Nu dagang pakupis laladang, lolobana mah seepeun ladangeun. Dina emprona si Baranyay makalangan, teu sirikna paheula-heula hayang ngibing, hayang paloba-loba nyawer, hansip jeung kaamanan pakupis ngatur pakalangan da rereana mah embung gantian. Si ustad teuing geus beak sabaraha puluh rewu nyawer, da katingali song deui song deui nyelapkeun duit kana kabaya si Baranyay. Pon kitu deui nu sejen, paloba-loba nyawer sangkan bisa terus ngarengkenek bareng si Baranyay.

Wanci janari leutik acara lekasan nyesakeun taneuh lidig hareupeun balandongan urut diranjah ku nu tas makalangan.
"Beak sabaraha tadi mahugi si Baranyay Tad?" kuring nanya sabot ngabonceng si ustad anu geus payah.
"Lah teu ngemutan cep! Nu penting puas hate, engke oge kenging kiriman deui ti Ema," walon si Ustad bari nyangheuy kana punduk kuring.
"Tuluy ka imah si Sarip wae cep, moal bener balik oge. Palaur, kuriak si ustad murag di tengah jalan keh!" cek Pepen ngagorowok ti tukang.
Peuting eta ngarendong di Sarip, kawawuhan si ustad basa baheula natamu ka lembur eta. Nu boga imah cakah-cikih sasadiaan keur tamu nu teu di ogan.

Isuk2 wanci carangcang tihang geus saraged deui rek balik. Si ustad can pati cenghar pisan, sesa mabok tadi peuting can pati leuheung. Ka nu boga imah sanduk2, pupuntenan geus kaririweuhan. Utamana milu mondok bari jeung teu mere beja ti anggalna. Rombongan dijajapkeun ka lawang. Kakarek ge kaluar ti pakarangan, ujug-ujug gabrug teh saurang nini2 nangkeup si ustad bari terus nyiuman dampal leungeuna.
"Dupi ieu teh ustad Hasan? Jang ustad Hasan tea? Bagea jang ustad lawas ti lawas teu patepang, emut keneh ka nini? Nini Ioh tea anu kapungkur kawuruk ku jang ustad basa usum pangaosan minggonan di dieu, piraku kalinglap?" si nini ngageubig-geubig awak si ustad nu hareugeueun.
"Su...sumuhun nini Ioh tea ieu teh?"
"Muhun jang ustad! Ambuing meni pangling geuning! Marga lantaran jang Ustad, ayeuna mah nini teh janten apal alip bingkeng, kaderes kur'an nadoman sareng du'a sagala, bagja nini teh, dina sesa umur tiasa tenang ibadah, langkung bagja deui tiasa patepang sareng jang ustad sanaos di jalan pasampangan kieu," cek nini Ioh bari rambisak tuluy rut-ret kaluhur ka handap negeskeun dedegan si ustad.
"Teu kenging waka rurusuhan uih jang ustad, etang2 pakaulan patepang sareng guru bangsa kampung Karangpari, antosan nya ke incu nini sina nyandak cau saturuy kaleresan aya cau raja asak tina tangkal nembe pisan dirubuhkeun, eta deuih gula kawung tilu bonjor, antosan sakedap!" cek si nini bari leos indit.
Teu lila kurunyung datang deui jeung budak welasan taun angkaribung babawaan; cau raja saturuy, gula tilu bonjor, kiripik rangginang satoples-satoples, dodol we dua koronjo.
"Aduh nini kalah ngarepotkeun kieu!"cek si ustad bari camuil kana cau.
"Teu sawios-wios, etang2 panuhun nini ka jang Ustad. Di alap ganjaranana we nini mah da saur katerangan saha anu tuhu tumut kana piwuruk ajengan ganjaranana sawarga. Iraha atuh bade ngawurukan deui ibu2 di dieu jang Ustad?" bari ret ka jalan, "tah kabeneran geuning, sok nyi Ijoh, nyi Kokom, nyi Eha, bu Susi bageakeun tah jang ustad Hasan, nembe sumping!" cek nini Ioh ka rombongan ibu2 nu kabeneran liwat rek ka pangaosan. Sung song salam jauh bari pada ngabageakeun.
"Kaleresan dinten ieu teh pangaosan, kumaha upami pa ustad ngadugikeun ceramah bubuka pangaosan? Sakedap we. Tos sono ibu teh hoyong ngadangu ceramah2 pa ustad, kumaha ibu2 satuju?" cek bu Susi ka rombongan ibu2.
"Satujuuuuu....!" meh bareng sarerea reang ngahaminan.
"Eu...punten...euu!" si ustad rampang-reumpeung. Pepereket pupuntangan kana stang motor.
"Teu kenging natamu jang ustad, sanes disasaha ieuh, sasatna jang ustad teh tos janten warga kahormatan kangge urang dieu mah sasat tos janten guru bangsa urang Karangpari. Mangga ayeuna urang ka masjid, bebersih teras taruang heula, ke ngangge acuk koko abahna kangge ceramah mah. Keun eta cacandakan urang titipkeun heula!" nini Ioh teu sirikna ngagugunyeng.
Kuring geus rek sapok-pokeun nolak, ari celengkeung teh si ustad ngawalon pegat2," ma...mangga..atuh!"
Teu bisa majar kumaha, si ustad disangkeh kenca katuhu ku kuring jeung si Pepen. Ibu2 kayungyuneun meureun, ustadna dikaleng kawas ustad enyaan. Ngalabring tukangeun. Padahal mah si ustad dikaleng soteh paur bisi labuh, langlayeuseun keneh, kurang sare ongkoh sesa mabok ongkoh.

Tamu dibageakeun ku pupuhu masjid didinya. Teu sirikna parebut hayang sasalaman. Hareraneun pedah ustad teh begang ayeuna mah, rambut rada gondrong deuih.
Beres bebersih, tuluy titah dalahar, balakecrakan. Pulih langlayeuseunana ari geus barangdahar mah. Si ustad dipakean sorban sapuratina. Salila eta kuring jeung nu sejena teu pati loba omong. Si ustad ge ukur ngomong saperluna.
"Tad kumaha, rek maksakeun wae ieu teh?" harewos kuring hariwang.
"Tenang cep, kapalang edan lah, abdi bade ngetrukeun deui pangaweruh nu lami teu dipakalangkeun!"
Masjid geus pinuh ku ibu2 pangaosan. Katambah ayeuna aya ustad anu baheula kungsi jadi da'i sejuta umat di eta lembur rek ceramah deui. Jamaah leber ka emper masjid. Dina emprona si ustad unggah ka mimbar, sarerea saregep hayang ngadangukeun pituah ti ustad kameumeut. Demi anu ceramah, tatag jeung lancar mimiti bubuka pidato mah, ngan waktu rek asup kana eusi ceramah sabada ammaba'du katingali paroman manehna pias. Kesang ngaragajag sawak-awak, poho deui sigana mah manehna teh kana eusi ceramah nu rek ditepikeun. Teu rek poho kumaha, mangtaun2 geus tara pidato, ieu maksakeun. Jaba awakna kurang sehat, sesa mabok deuih, mabok ronggeng. Awakna ngeleper, ngomong ngadak balilu, sorana pegat2 teu jelas nu diomongkeun, rampang-reumpeung teu puguh cabak. Antukna, lenggerek si ustad kapiuhan, koleang...gubrag awakna rubuh ninggang awak pupuhu ajengan didinya.
Kuring, si Pepen, ujang Dani jeung nu sejena hookeun, bingung pipetaeun. Si ustad dipayang ka deukeut paimbaran. Kuring manghariwangkeun. Bisi kumaha onam jaba dilembur batur. Sanggeus diceuceuh jeung pada mencetan, kulisik si ustad beunta, kuniang hudang. Na ari jleng teh manehna luncat ka tengah masjid, ka tengah riungan ibu2 anu tingjarerit reuwas. Rengkenek rarampayakan ngibing siga peuting. Disangkana nu ngarariung teh panayagan jeung ronggeng meureun. Si ustad ngengklak, gogorowokan bari ngulang-ngulang sorban.

Giliran kuring, si Pepen, ujang Dani jeung batur nu duaan nu kapiuhan teh.

(Pasarminggu, 190510)
2 Responses
  1. Hatur nuhun tos posting... sae carponna :-)



Posting Komentar