Yayan Supriatna
“Deudueh teuing Ujang sing sabar, keun didungakeun ku Ema isuk jaganing geto Ujang pinanggih jeung kabagjaan”, Ema ngusapan sirah uing, bari rambisak cimata.
---

Harita uing kelas 2 SMP. Urang lembur geus ibur yen ké peuting, Malam Ahad di lembur tatangga bakal aya Wayang Golek dalangna Asep Sunandar Sunarya nu gues kakoncara kamana-mana tea. Beurangna di sakola, uing geus ngomong ka Udung batur salembur hayang milu lalajo barang ngadéngé manehna deuk indit lalajo. “Nya sok we datang ka imah tas magrib rék milu mah”, ceuk manehna.

Barang jol ka imah balik ti sakola ogé langsung bébéja ka Ema deuk lalajo wayang . Ema rada ngahuleng sabab pasti kudu kana ojég inditna sedengkeun keur ongkosna teu aya artos. Sanggeus dibejakeun deuk milu ka ojég nu di sewa Udung , Ema katingali reugreug teras masihan artos keur jajana. Uing sumanget pisan harita, bet hayang gancang soré, hayang gancang lalajo wayang. Wanyang Golek karesep uing pisan ti keur bubudak .

Ba’da magrib uing geus sageud make jaket terus indit ka tonggoh nuju ka imah Udung. Di pakarangan lega imah Udung kasampak geus aya tukang ojég, Udung keur mandi keneh cenah. Uing nungguan jeung tukang ojég.

Katempo Udung kaluar ti panto imahna, uing geus nyéngclé dina ojég.
“ari manéh boga duit keur ngabengsinan ojég ?” Udung nanya.
“ ah hanteu, nya milu we atuh, aya ari keur jajan we mah “, tembal uing bari nembongkeun duit rebuan dua siki.
“turun lah, hareurin ongkoh numpak motor tiluan mah”, ceuk Udung paromana sarius bari manehna teu daék naék kana ojég saméméh uing turun.

Uing teu jadi indit lalajo wayang, wayah isya mudun balik deui ka imah bari jeung haté kacida ngarasa nalangsa. Duh... nasib diri naha kieu-kieu teuing

[Kajadian geus aya kana lima belas taonan ka tukang, weléh teu ilang tina ingetan alatan sedihna nu kabina-bina jeung pangpangna ku ningal Ema rambisak cimata.]
* * *

Lulus ti SMP, Udung nuluykeun ka PGA (Pendidikan Guru Agama) di Ciamis kota, maklum manéhna kaasup anak jelema aya. Ari uing lantaran teu aya beya pikeun nuluykeun sakola, indit ka Bandung milu buburuh jeung Emang, buburuh naon bae sabisa-bisa. Kalan-kalan jadi laden bagunan, kalan-kalan jadi tukang gali di proyek jalan atawa dimana we nu ngabutuhkeun. Aya kana dua taona buburuh jadi kuli kitu teh.

Taon katilu, boga modal meunang ngumpulkeun ladang buburuh, uing ganti pakasaban jadi tukang koran jeung dagang rokok asongan. Isuk-isuk ngiderkeun koran bari nganteur-ngateurkeun ka langganan, beurang nepikeun ka soré ngasong rokok di parapatan jalan.

Minangka pangkalan, tempat ngiuhan, nya di salahsahiji kantor nu teu jauh ti parapatan jalan tempat uing ngasong rokok. Onggkoh deuih loba pagawé di éta kantor anu ngalanggan atawa sok meuli koran jeung rokok . Lamun aya pagawé kantor nu nitah, uing tara sok hésé ari bisa mah ngaksanakeunana, da salsé ngasong rokok mah.

Aya kana dua taonan leuwih ngalakonan dagang koran jeun ngasong rokok , geus teu asa-asa ayeuna mah lar sup di eta kantor bubuhan loba nu mercaya. Hiji mangsa Pak Tatang pagawe nu sok tutah-titah ka uing, boga kadudukan lumayan di éta kantor nawaran pikeun ngabantuan manéhna cutat-catet (admistrasi), lain jadi pagawe di éta kantor, ngan di gajih mingguan unggal poé Saptu ku manehna. Pak Tatang nawaran kitu sotenan pedah ningali tulisan uing lumayan alus, rapih, tarapti, jeung jujur tara wani nyokot duit pangangsulan mun manehna nitah barangbeuli tanpa idin ti manéhna, sok sanajan geus pasti di bikeun unggal duit pangangsulan teh, kitu ceunah.
* * *
Udung, lulus ti PGA teh teu ngaguruan tapi muka toko elektronik di kota Ciamis modal tina ngajual sawah jeung kebon kolotna nu memang lega. Jadi guru mah leutik gajihna pajar manehna. Uing meunang béja kitu teh ti Ema jeung ti babaturan anu di lembur.

Gagah katempona, maklum pendidikanana kaasup luhur keur ukuran harita di lembur uing. Motorna anyar meuli ti dealer.
* * *

Geus aya kana sapuluh taona digawe di Pak Tatang, ti mimita tukang nyatet wungkul terus nyekel duit kas leutik ayeuna geus jadi kapercayaanana Pak Tatang, dipercaya nyekel duit mangratus-ratus juta. Gajih mingguan oge geus nikel sababaraha kali lipet. Ningali pendidikan nu sasatna ukur tamatan SMP uing sorangan helok bisa boga pangala nu sakitu gedena.

Sanajan merenahna di kabupaten lain di kotamadya, imah nu dicicingan geus kapimilik. Motor meuli anyar ti dealer gues boga malahan hiji ewang jeung pamajikan, mobil kajeun butut ogé boga.

Idul Adha kamari uing ka lembur saperti biasana unggal Idul Fitri jeung Idul Adha. Pasosoré uing, pamajikan jeung Ema ngobrol di tengah imah.
“Ujang, inget kénéh ka Si Udung ?, pikarunyaeun pisan manéhna rumahtanggana burantak, usahana ancur, ayeuna manéhna ngojég di kampung sabeulah “, saur Ema.
“Asa dosa, Ema harita nyupata manehna jéroning haté “, saur Ema deuih.

Kajadian lima belas taon katukang kagambar deui écés pisan. Puas siah tah..ceuk na jero haté uing, tapi buru-buru uing istigfar –astagfirulloh..- kabayang Kang Nana Bedog nu nyarita yén kautamaan Jungjunan Alam Kanjeng Rosullulloh Muhamad SAW diantara Rosul-Rosul saméméhna nyaéta tara pernah ngado’akeun goréng, supaya cilaka atawa nyupata ka kaumna sok sanajan ka anu ngamusuhan Mantena.

“Ah, sanes kulantaran supata ti Ema Udung jadi sangsara, eta mah ku kalakuan manéhna sorangan. Upami kabagjaan nu karaos ku Ujang eta leres pisan lantaran do’a ti Ema” ceuk uing, rada heran oge bisa nyarita kitu, siga omongan Kang Nana Bedog sobat uing nu sok pagiling-gisik sahenteuna sapoé dina saminggu di pagawean.

Ema katingali ngahuleng, ngalamun siga sarua nyawang kajadian lima belas taon katukang. Socana beueus, rambisak siga harita lima belas taon katukang. Bedana ayeuna mah ceurik ku kabungah, ceurik kusabab bagja.

“Ujang.., Eulis geura aremam jung, tuh tos disayagikeun “, saur Ema bari nyusut cisocana. Tepikeun ka ayeuna Ema mah tetep ngagero ka uing teh ‘Ujang’ sok sanajan uing geus boga pamajikan. Di kantor kabeh ogé nyarebut teh Bapak malah aya hiji dua nu nyebut Adén ogé.

“Pah, kenapa Ema manggil papah ‘Ujang’, manggil aku ‘Elis’ bukan Luna? “, pamajikan nanya semu bingung maklum urang sebrang.
“Itu karna papah ganteng dan mamah cantik”, ceuk uing bari mencet irungna.
* * * *

Rancaekek Januari 2011
0 Responses

Posting Komentar