Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Derry Hudaya

Hudang saré isuk-isuk, raga badag geus robah wujud jadi sagepok duit kertas. Sirah jeung beuheung, duit kertas. Suku jeung leungeun, duit kertas. Beuteung, bujur, nu patukang-tukang jeung bujur ogé duit kertas. Sakujur awak mangrupa duit kertas. Saha nu teu bagja?

Saha pijalameunana nu wani mikangéwa uing nu geus jadi sagepok duit? Moal aya! Jalma-jalma tangtu mikaresep uing. Kana duit téa sasaha ogé resep. Bakat ku resep-resepna jalma,  mun geus padeukeut irung jeung duit téh sorot panonna sok ngadak-ngadak seukeut, létahna ngelél, napasna rénghap-ranjug,  sarta ciduh nyarakclakan tina juru biwir. Pasti kitu. Badis anjing édan. Duit mah simana éduna pisan. Persidén ogé bisa sujud alatan duit. Persidén sakeudeung deui acong-acongan, nyembah uing.

Geuning, jalma nu irungna rebéh ogé sok ngarasa aing pangmancungna saalam dunya ari lubak-libuk duit mah. Béda jeung nu teu boga duit, najan irung mancung, bakalna téh ngarasula, karungsing gugulayunan dina bulu-bulu panon unggal mangsa. Irung mancung mah moal nyababkeun hirup jadi senang, duit nu bisa nyenangkeun hirup mah. Sumpah.  Lamun bohong, wani dikawinkeun opat kali uing mah. Wani!

Nu dituju dina hirup uing ogé teu salah deui, numpuk-numpuk duit. Sakola nepi ka sarjana téh sangkan bisa ngalap élmu raja duit, lain keur ngama’naan hirup. Lain. Éta mah ukur kedok  sangkan dianggap eucreug kunu lian, ku tiori-tiori kamanusaan nu teu puguh juntrunganana, tiori-tiori nu bulukan.

Uing ogé surti kana pamaksudan nu jadi kolot, pangna béak déngkak ngawaragadan sakola téh sangkan uing ka dituna bisa ngala duit ngunung-ngunung. Apanan lamun uing geus kitu mah nu jadi kolot ogé teu musatahil baris kapécrétan. Malah mah modal urut nyakolakeun uing gé bisa kagantian, teu pamohalan bisa batian.

Tong boro pantar uing jeung kolot uing, dalah jalma-jalma nu sapopoéna ngagiwing tasbé ogé beuki kana duit mah. Jalma nu ngomong-ngomong hadis, ayat Qur’an, atawa Pangéran, réréana mah boga maksud jeung tujuan nu sarua jeung jalma pantar uing: ngala duit! Sungutna ngabamblam dina TV atawa radio, sungutna ngabudah dina riungan-riungan, lamun euweuh duitan mah can tangtu kitu.

Ceuk sakaol, Pangéran téh geus maot. Nu ngusik-malikkeun jalma, nu méré kakuatan, nu méré pitulung, jeung nu méré pituduh téh jaman ayeuna mah duit. Duit jadi sagala-galana. Duit jadi raja, jadi persidén, jeung jadi Pangéran.

Malah aya hiji lalakon luar biasa: Kyai Mat Don, Kyai nu masih kénéh normal, nu sok ngawuruk santri jeung santriyah di Majlis Sastra, kungsi nonggéngan jalma nu dianggap Kyai paling Kyai dina éta jaman, sabab éta Kyai pinter pisan minteran batur. Pinter ngajual cimata jeung doa. Teu kabayang, kumaha mulusna bujur Kyai Mat Don? Dina waktu harita, jalma nu keur jualan doa jeung cimata di mimbar téh saat cimatana, doa nu keur diucapkeunana poho dadak sakala. Percaya teu percaya, uing mah teu paduli.
**
Alah, uing téh geus aya di luhur méja, diantara mojang lénjang jeung lalaki bau taneuh nu silih teuteup. Mojang lenjang, sakujur awakna pinuh ku tato gambar duit. Lalaki bau taneuh, beuteungna burayut pinuh ku duit, alatan duitna teu kawadahan ku saku calana jeung baju, nya diwadahan dina kadut jeroeun beuteung. Jeungna deui, ceuk pikirna, aman ari disimpen dina jero kadut sorangan mah. Moal aya nu nangénan.

“Wengi mah perang téh ramé, nya? Asa langkung pogot ti biasana,” ceuk lalaki bau taneuh, réma-réma leungeunna antel kana awak uing, ngusapan uing.

Awéwé nu diajak nyaritana, némbal ku seuri. Euleuh, dina huntuna, dina panonna, dina liang irungna, écés, aya gambar duit.

“Iraha tiasa tepang deui?” Ceuk éta lalaki nanya.

“Iraha waé ogé tiasa. Abdi mah sanés jalmi sibuk sapertos bapa.”

“Muhun atuh. Bapa mah sibuk sotéh pédah aya pancén nu teu tiasa diwakilkeun, kantenan ditinggalkeun mah. Unggal usik kedah ngurus rahayat, Néng.” Leungeun katuhuna muril-muril kumis. “Tapi nu diurusna mah bet teu ngukur ka kujur kétang. Kantenan nu disebat mahasiswa mah, pikasebeleun,” pokna téh, neruskeun.

“Sok darémo nya?” éta awéwé malik nanya.

“Tah, geuning terang.”

“Kapana kapungkur kantos kuliah, mung teu tamat.”

“Kunaon? Lebar atuh?”

“Ah, raos kieu, Pa. Ngarah teu kacacandak démo. Ngarah tiasa caket sareng bapa.”

Si lalaki bau taneuh nu beuteungna bureuteu pinuh ku duit téh seuri ngagak-gak. Ngalengak. Euleuh ituh, duit dijadikeun kongkorong, buricak-burinong sabudeureun beuheungna. Saha jalma nu nyieunna, nya? Lebar temen, batan duit dipaké kongkorong mah mending dipaké ombéh. Méh bujurna teu raméték. Kapan moal kaambung bau pedut mun bujurna geus teu raméteék mah. Upama bujurna geus dielapan ku duit, paling ogé jadi kaambung bau duit.

“Tah, ieu atuh kanggo jajan. Ké lamun aya waktos deui, lamun urusan rahayat tos réngsé, urang peperangan deui, nya? ceuk si lalaki bau taneuh ngasongkeun uing nu geus jadi sagepok duit. Panonna ngiceup sabeulah.
**
Awak uing diteuteup leleb ku hiji awéwé. Lain awéwé sambarangan, kapan sabeuleugeunjeurna ogé ditato ku gambar duit. Ti mimiti duit emas, duit kencring salawé pérak, nepi ka duit bangsa arab, gambarna aya, napel dina awakna. Uing ogé lain duit sambarangan ari keur dina kaayaan modél kieu mah.

Asa diayun-ambing nalika manéhna ngusapan uing. Pinuh kadeudeuh. Dampal leungeunna karasa lemes, teu béda jeung kaén sutra. Usapna karasa nepi ka haté, komo barang manéhna imut ngagelenyu mah, p-é-d-o: pédo!

Wah, uing dicium. Uing dicium deui. Uing dicium sarébu kali! Ah.... ulah, ulah diantelkeun kana dada! Aaaah!

Basa uing can jadi duit, boro-boro aya awéwé nu daék antel jeung uing, anjing bikang ogé lumpat tibabaranting. Nya lantaran ayeuna mah uing geus jadi sagepok duit, ngalaman ogé paantel kulit jeung awéwé. Kieu geuning rasana téh, saawak-awak jegjreg, jantung ratug tutunggulan, panon ogé karasana siga rék luncat!

Aaaah... komo ayeuna mah, itu awéwé ngudaran baju! Euh, sugan teh rék naon, geuning ngudaran baju téh rék terus saré. Ehmm... Karunya awéwé téh sapeuting jeput teu bisa saré. Pantes wé mun ayeuna, karék ngagolédag langsung pules saré.

Naon nu aya di jero impianana? Boa-boa uing: duit! Duit nu diimpikeunana téh?

Sagala nu aya di ieu rohangan dijieunna tina duit. Kekembangan, korsi, méja, lampu, jeung hordéng, dijieunna tina duit. Aéh-aéh, rohangan ieu sorangan dijieunna tina duit geuning. Gélo! Mudah-mudahan nu aya dina impianana téh sarua jeung nu aya disabudeureunana: duit! Uing!

Ah, kuma béhna wé kétang, daripada lieur mikiran hal-hal nu moal kapikir mending ogé saré. Sugan wé heueuh, éta awéwé téh ngimpikeun duit, ngimpikeun uing, kapan uing bakal bisa panggih dina alam impian jeung manéhna. Mun geus panggih mah edun lah. Alam impian téa bébas, rék kitu rék kieu ogé laluasa. Impian mah siga karya sastra suréalismé, réa nu teu asup akalna, teu kudu sarua jeung kahirupan nu dianggap wajar ku jalma réa. Duit ogé bisa bobogohan jeung manusa kapan.
**

Uing satengah teu sadar nalika aya nu gegedor kana panto. Nu gegedor téh gogorowokan satakerna. Atuh uing jeung awéwé nu karék érék amprok pisan dina alam impian téh ngoréjat hudang.

“Hudang! Gera hudang! Sia mah ari embung ditagih téh api-api molor! Koplok!”

Éta awéwé ngagisik panon. Tapi henteu ari tuluy mukakeun panto mah. Bangun geus bosen ngawaro kana peta jalma nu aya disatukangeun panto. Sigana, kajadian modél kitu téh geus jadi hal nu biasa dina kahirupan sapopoéna, da taya semu reuwas nu kagambar dina keureutan beungeutna. Teu siga kuring éta awéwé mah.

“Na dikumahakeun sia peuting? Mani mumul muka panto! Geus teu hayang dipangnéangankeun palanggan deui?”

Éta awéwé téh neuteup lalangit. Tina juru panonna aya nu ngeyembeng. “Salaki téh teu ngaraskeun pisan...” éta nu kaluar tina biwirna. Ngomongna lalaunan, cukup kadéngé ku diri sorangan.

“Sia hayang diusir ti dieu? Aing kurang bageur kumaha ka sia? Ngajait sia tina hirup balangsak. Mun teu ditulungan ku aing, sia bakal siga baheula, leledokan di sawah, di lembur indung bapa sia! Moal bisa hunang-hening di tempat modél kieu! Na kurang naon aing téh? Kolot sia mah kapan teu bisa nanaon. Aing nu bisa nyenangkeun hirup sia!”

Éta awéwé ngajengjen kénéh waé.

“Buka panto! Aing lapar! Aing butuh duit!”

Nu keur dicarékan téh pipina geus baseuh. Teuteupna teu bisa dihartikeun. Paneuteupna teu lésot tina lalangit kamar. Lalangit kamar nu reyem-reyem tangtuna ogé, lantaran lampu kamar geus pareum, sedeng cahaya panonpoé teu bisa nyaangan, kahalangan dua lapis hordéng: hordéng ipis jeung hordéng kandel. Kamar téh ukur kacaangan ku lampu akuarium nu aya di juru rohangan.

“Goblog! Naha sia hayang sanasib jeung Si Minah? Jeung Si Lia? Jeung Si Tati?”

Ngadéngé kitu mah éta awéwé cengkat lalaunan. Méméh muka panto rumpu-rampa heula ka handapeun kasur.

Barang panto muka, aya leungeun nu ngalayang, nengel kana pipi éta awéwé beulah katuhu. “Lain ti tadi muka panto téh. Di mana duitna?”

Nu ditanya teu waka ngajawab, kalah neuteup anteb ka lalaki nu cikénéh nampiling manéhna. Tina dirina kaluar cahaya warna-warni. Warna biru, héjo, beureum... warna-warna duit nu jadi tato disakujur awakna.

“Di luhur méja,” ceuk manéhna antukna ngomong, halon.

Éta lalaki ngabalieur. Laju nyampeurkeun méja, ngadeukeutan uing.

Beuki deukeut, beuki deukeut .... teu disangka-sangka, méméh tepi manéhna ngocéak. Dua leungeunna ngarampaan sirah belah tukang. Manéhna ngocéak deui sababaraha kali, saméméh ngudupruk haruepeun uing. Sirahna baloboran getih. Getih nu warnana sarua jeung warna duit saratus rébu.

Awéwé nu sakujur awakna ngaluarkeun cahaya warna-warni, ngajanteng tukangeun lalaki nu ngudupung teu walakaya. Éta awéwé nyéréngéh seuri. Getih di teueup. Sirah nu barocok diteuteup. Imeut. Péso lipet, diacungkeun hareupeun beungeutna. Sawatara jongjongan disidik-sidik.

Awéwé nu sakujur awakna ngaluarkeun cahaya warna-warni duit téh ngaléngkahan lalaki nu ngudupung teu walakaya, nyampeurkeun uing. Laju ngajak seuri. Padahal, uing mah teu diajak seuri ogé geus seuseurian ti tadi kénéh.

Singajaya, 2 Juni 2011
0 Responses

Posting Komentar