Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Derry Hudaya

Kuring gering, enya. Anu ngalantarankeunana taya lian iwal ti laku lampah gering maranéhna. Maranéhna anu piligenti ngarungkup panonpoé sarta bulan anu  meujeuhna sumirat. Maranéhna ogé mipit béntang-béntang anu tingdarilak. Di langit kuring ukur nyésa kalangkang-kalangkang hideung.

Padahal kuring ogé sarua jeung maranéhna, boga kahayang. Hayang boga tingalieun, hayang boga paningtrim nalika karungsing gugulayunan dina bulu-bulu panon. Naha bet hararawek? Siga ulah kapimilik ku diri kuring. Ah meureun maranéhna téh gering. Memang lumrah. Kuring ogé lumrah lamun gering, da sarwa manusa. Sarwa lumrahna saupama nandangan panyakit.

Panyakit kuring téh ngaranna ceuceub. Panyakit anu tumuwuh teuing ti iraha. Éta panyakit remen dicebor. Kembangna mararangkak, seungit lir haseup kenalpot mobil butut. Sirungna rajeg di sisi-di gigir, minuhan haté kuring. Haté kuring jadi peteng. Kahieuman.

Kuring remen paamprok jeung hal-hal anu ngalantarnkeun jantung ratug tutunggulan, ciduh nyarakclakan tina dua juru biwir, ramo-ramo leungeun ngeleter teu bisa ditahan, laju ngajaranggélék di lalangit kamar. Méh unggal peuting kituna téh. Lir putri-putri anu turun ti kahyangan,  mandi bulucun di walungan. Atuh kuring sok gancang nutupan beungeut maké simbut. Untung simbutna geus barolong balas di gégélan beurit.

Tapi pamustunganana mah kuring ngan bisa ngégél curuk sorangan. Sabuntungna. Pirang-pirang pameunteu anu nyorotkeun cahaya téh dicomot, disimpen di langit maranéhna. Kuring teu bisa majar kumaha. Ukur bisa ngalegleg buleud rasa hanjelu, nanangkeup tuur bari nyérangkeun poékna langit anu teu leuwih poék ti langit haté kuring.

Tarékah anu geus dilakukeun, sakur léngkah jeung ucapan, mumbul ka luhur, jadi méga di awang-awang. Ngahieuman. Laju nyarakcakan jadi hujan, nyébor tangkal panyakit dina haté. Atuh éta tangkal beuki subur. Sirung-sirungna jalugjug jangkung. Kembangna ngahiliwir, mahabu minuhan liang irung saban rénghap.  Buahna meuhpeuy leubeut, maluragan hiji-hiji. Buruk. Jadi gemuk!

Éta tangkal sirungna beuki réa. Ngajajar, pasesedek. Dina haté geus pinuh,  tumuwuh dina jantung. Jantung pinuh, tumuwuh dina bayah. Dina urat. Dina daging. Sumebar minuhan raga badag. Jeung rajég jeroeun pikiran, minuhan alam pikiran.

Engeuh kana kaayaan kitu mah lila-lila jadu baluweng. Unggal poé taya gawé lian ti nangtung ngalanglayung. Néangan tarékah pikeun ngungkulanana kalah tinemu jeung jalan buntu.

Lamun maranéhna euweuh, ieu tangkal moal aya nu nyébor, daunna baris ngarangrangan. Moal sirungan deui. Bakal pararaéh nepi ka akar katut indung tangkalna. Alam pikiran kuring moal hieum. Haté kuring baris béngras, taya alang-alang.

Paéhan!

Enya, enya pisan, kudu di paéhan. Kudu leungit, maranéhna anu geus nyébor, maranéhna anu jadi cukang lantaran kudu modar.

Niat geus buleud, sarwa buleudna jeung peureup. Kuring lunta, ngaléngkahkeun suku. Nyingkilkeun leungeun baju, ngamang-ngamang pakarang anu buburilakan. Laju nebas pirang-pirang beuheung, megat-megatkeun uratna.
Pirang-pirang sirah anu tinggulutuk ditalapungan satakerna. Dideukeutan hiji-hiji, diilikan, ditengetan. Eusina dibudalkeun: aya peureup, aya panon bolotot. Kuring beuki napsu. Éta sirah dicacag taya nu nyésa. Sanggeus bubuk, kuring lunta deui. Nyiar cukang deui. Nyingray-nyingraykeun rungkun, nugar guha bising dipaké nyumput. Nebas naon waé nu ngajega ngahalangan jalan nu rék disorang.

Getih terus ngocor ngagolontor. Getih mancawura, mancer tina urat-urat anu pegat. Leungeun kuring pulas getih. Panon kuring beureum, beureum getih. Getih nu ngamuara disiukan, ditaheur, terus diuyup. Dicéborkeun kana tatangkalan anu rajeg jeroeun raga badag.

Pirang-pirang daun reujeung kembangna nungtut maluguran. Gararing, lantaran dicébor getih nu ngagolak. Pirang-pirang tangkal ngiles tina alam pikiran. Dina bayah, dina jantung, dina haté, suwung.

Tinggal hiji tangkal. Tangkal anu aya jeroeun haté. Tapi lain, lain tangkal panyakit nu kamari ngahieuman. Béda. Ieu tangkal katilikna ngora kénéh. Rupana bodas kuleuheu.

Ti poé ka poé, ti minggu ka minggu, ti bulan ka bulan, ti mangsa ka mangsa, éta tangkal gancang naker ngajangkungan. Teuing tangkal nanahon. Teuing saha anu melakna. Ieu tangkal daunna mararungkut. Rupana beuki lila beuki kuleuheu. Beuki jangkung, beuki jangkung, rupana beuki kuleuheu. Jadi hideung meles.

Kuring panasaran. Disidik-sidik gemet pisan. Beurang peuting dipikiran.

Barang dina hiji mangsa, daunna mararuka hiji-hiji. Hiji daun nyegruk ceurik, ditémbalan ku daun séjénna anu pada-pada muka, pada-pada nyegruk ceurik. Awor. Sorana mahabu minuhan liang ceuli. Ngésétan haté. Haté kuring teuing kumaha. Teuing muringgis, teuing ngarahuh, teuing ngaringkuk. Teuing!

Kuring teu bisa lunta ka mamana. Suku katalikung ku hiji tali anu meungkeut kasadaran jeung kahayang. Hiji tali anu nalikung ku rupaning kapanasaran. Tali anu ngalantarankeun kuring poho kana bulan, poho kana panonpoé, jeung poho kana béntang. Geus teu diinget-inget. Teuing naon sababna éta tangkal jadi puseur pikiran.

Beurang jeung peuting, kuring anteng ngadédéngékeun ceurikna pirang-pirang daun anu beuki tarik. Ceuli kuring mudal ku sora-sora ceurik. Ceurik balilihan bari nyambat-nyambat nanahaon. Kuring ukur bisa ngajenggutan buuk sorangan nalika hayang apal kana naon anu disambat ku éta daun. Ceuli kuring kalah rawing. Buuk kuring murudul, kajenggut tarik teuing.

Kuring peureum. Bet kabayang urat-urat daun, pori-pori daun. Kuring asup kana alam pikiran éta daun. Aya getih, aya sirah, aya urat nu paregat. Aya sora nu ngocéak. Sora budak leutik, sora hiji indung. Budak leutik roroésan, dicekelan ku indungna bari pada-pada ceurik. Laju silih tangkeup. Teu jauh ti dinya aya kuring nu keur hut-hét narajang lalaki nu teu walakaya. Kuring nebas beuheungna. Urat-uratna pararegat, ngocorkeun getih. Sirahna direcah.

Kuring kaluar ti jero alam pikiran éta daun, asup ka alam pikiran daun séjénna. Aya layon nu teu sirahan, aya kuring nu keur ngalétakan pakarang.

Kuring kaluar ti alam pikiran éta daun bari peupeureudeuyan, asup ka alam pikiran daun séjénna.... Anu nyampak, sarua. Aya kuring jeung layon, jeung pakarang, jeung getih, jeung segrokna lalaki anu ditinggalkeun nyawa.

Kuring kaluar ti jero alam pikiran pirang-pirang daun. Laju nelek-nelek tangkal anu beuki meles hideung, beuki jangkung. Sora ceurik pirang-pirang daun mimiti bisa disurahan. Tétéla ceurikna téh bari nyarékan kuring, nyupata kuring sangkan cilaka. Ceurikna bari jeung nyambat-nyambat............ Pangéran.

Pangéran?!

Pangéran kumaha rupana? Ari pangéran dimana cicingna? Naha pangéran téh lain jelema? Naha anu disambat-sambat téh lain tentara, lain pulisi. Naha bet Pangéran? Naha, kuring bet teu wawuh ka Pangéran? Naha Pangéran bageur? Naha Pangéran leuwih cangra batan pangeusi langit? Ah jigana matak disambat ogé Pangéran téh....

Lalaunan, kuring beunta. Nelek-nelek sakuriling. Remeng-remeng geuning. Kaambung bau hangru. Kuring ngarampaan awak sorangan. Disasar tina ramo-ramo suku terus ka luhur, parat kana tungtung buuk. Geuning raca. Sakujur awak pasiksak. Lungsé taya tangan pangawasa.

Kuring nangtung lalaunan. Ngilikan anu rajeg dihareup, méh sarupa jeung tangkal pulas hideung jeroeun haté. Tapi ieu mah lain tangkal, jaruji beusi! Na ti iraha kuring di ieu tempat? Naha di tempat ieu aya Pangéran? Kuring teu kuat hayang tepung jeung Pangéran.

Ciumbuleuit, Februari 2011                                      
1 Response
  1. Hebat.... resep lah kana alam pikiran Derry teh.. lingas jaringas


Posting Komentar