Bengkel Ngarang Sunda
Carpon Anggi Novia Dewi

Di antara gerung mesin patalimarga, kuring nyamunikeun wirahma kemba. Beuki lila wirahmana beuki awor. Gerung. Gerung. Gerung.
Geus ampir tilu taun, gerung mesin ieu milu maturan léngkah kuring. Gerung mesin silung. Gerung mesin nu ngageterkeun satulang sandi. Gerung mesin nu ngagolakkeun embun-embunan. Gerung mesin nu ngagelebugkeun angin kana puhu ceuli. Gerung mesin nu muterkeun hawa bau késang campur parpum murahan, séséléké kana irung. Gerung silung nu awor jeung jentréng gitar. Gerung. Gerung. Gerung.
Dina jok-jok nu ieu, salila kurang leuwih sajam kuring nyawang butbetna jalan ka hilir ka girangkeun. Butbetna patalimarga. Butbetna udagan séwang-séwangan.
Dina tihang-tihang nu ieu, sakur beusi nu nulangan, karahaan. Kokotorna ngadilen, ngahiji jeung tapak-tapak mangsa. Tapak-tapak jalma lawas. Tapak-tapak albeum kahirupan nu méh pias..
Bihari, basa kuring masih mikir yén panonpoé téh lampu raksasa nu digantungkeun ku saha boa, basa ku ema diajak tumpak délman ka pasar alun-alun, apan upama ningali beus téh sok jorojoy hayang nyobaan tumpak. Anjeucleung dina jok beus. Dina haté téh kajeun beus butut gé. Hayang ngasaan tumpak beus ka dayeuhkeun.
Bihari, basa kuring masih mikir yén awan téh dijieun tina kapas nu diapung-apungkeun, basa ema masih mépéndé ku Pupuh Asmarandana, mun ujang nyiar pangarti terus sakola ka kota...beuki jorojoy hayang geura sakola ka dayeuh, hayang geura tumpak beus sing lila. Dina alam ciciptan, kuring anjeucleung dina beus asa bérégégéh.
Bihari, basa kuring masih mikir yén pulas biru atawa kulawu di langit téh aya nu ngacét, kuring sok hayang nginjeum pulas biruna. Rék dipulaskeun kana gambar beus dina alam ciciptan.
Kaparengkeun tinekanan, gawé di dayeuh. Malah nepi ka kiwari, umur ampir saperlima abad, beus butut nu kungsi digambarkeun dina alam ciciptan téh ngawujud tur milu maturan unggal léngkah kuring ka pagawéan. Gerung...gerung...gerung...! Tah sorana nu kungsi kapireng bihari téh!
Tina kaca-kaca nu ieu, sihoréng jalan beuki butbat ti suklakna ti siklukna. Beuki pungkal-péngkol. Beuki rarumpil. Udagan beuki rosa. Mesin patalimarga beuki ngagerung. Beuki metet. Beuki silipépéd. Beuki tingdarius. Beuki hayang paheula-heula nepi.
Tina kaca-kaca nu ieu, sihoréng albeum kahirupan nu méh pias beuki marojéngja. Nyawang padagang asongan, nu keur ngelém, nu anteng ngantel-ngantelkeun étana kana imbit batur, komo sabangsaning copét mah. Teu purun ngahongkeun, sab péso balati miheulaan ngagurilap nojo panon.
Tina angin-angin nu nebak kana puhu ceuli, kuring bisa ngadéngé sora mesin jeung klakson nu ditéma ku wirahma nayaga basajan ti sisi parapatan, pating patémbalan. Silih kékéak, pating kocéak.
Gerung...gerung...gerung!
Beureum, konéng, héjo, ngomando.
Mirengeuh gerung mesin silung, nu ngageterkeun sukma yén hirup téh kudu hojah. Kudu aya ngundakna. Mun poé ieu tumpak beus butut, poé isuk kudu tumpak beus alus komo pagéto mah kudu tumpak kandaraan sorangan. Keun baé motor butut gé. Komo mun bisa bari ngaboncéng awéwé. Kacipta sugemana!
Rék mereketkeun engké mah. Rék ngaluas-luas manéh. Rék siga beus nu ieu, nu bisa nyalip ti kénca-katuhu. Kajeun dadas saeutik mah.
Mun jadi poé ieu meunang sungapan keur mayar DPna, motor Si Jépri batur sakontrakan, rék dibeuli. Jalma keur rieut ku duit kitu, diasongan duit saratus rébuan lima lambar gé moal burung atoheun. Kapépéd cenah keur nambahan biaya ngaaborsi kandungan kabogohna. Komo basa kamari geus datang deui datang deui ka kamer kuring nginginjeum duit. Geus kapépéd pisan cenah, sieun kabogohna kaburu katohyan ku indung bapana. Keun baé motor ku manéh paké, DPna sajuta. Gurat katalimbeng Si Jépri masih écés.
Anjog ka tempat pagawéan, gerung silung ngalélécé, “wani moal?” ngagalindeng sawirahma jeung ratug jantung. Unggal tiktekna jarum jam, beuki asa dijujurung sangkan ludeung. Pikiran pagaliwota, napsu ngaberung. Gerung...gerung...gerung! siga sora mesin silung.
Keun urang tungguan nepi ka beurang. Nepi ka nu meuli metet. Pahibut. Si Dési, kasir anyar keur riweuh, mangka Si Bos euweuh, ngan aya anakna. Lah budak satepak ieuh! Jaba keur resep nyoo léptop anyar. Kamari gé, sapoé jeput ngahénén wé di kamer lanté luhur.
Kira-kira tabuh sabelas, kaayaan percis siga ciciptan, nu meuli metet. Si Dési nitah Si Jamal mantuan ngitung duit nu meuli jeung keur pamulangan. Ari polah Si Desi, can pati apal bener kana ngaran jeung rupa pagawé. Masih sok pahili waé nyebut téh. Meureun ceuk manéhna mah sarupa karuleuheuna. Jaba antara kasir jeung tempat neundeun duit téh dikacaan hideung sangkan teu kaciri duit tina laci ti luar, ti dituna mah. Beuki pilancareun maksud téh.
Si Jamal mikeun daptar barang balanjaan ka gudang, kuring nyelang ka tukangeun Si Dési. Gep duit sagepok ti Si Dési.
“Pangnukeurankeun kana nu sapuluhan!” ceuk manéhna bari tonggoy deui ngétang daptar balanjaan nu meuli.
Laci duit ku kuring dibuka, bréh téh duit ti nu beureum jeugjreug nepi ka nu récéhan. Duit lima puluh rébuan nu sagepok diitung, “sok geura cokot!” ceuk hiji sora.
Siga tilu poé katompérnakeun, ratug jantung beuki tutunggulan, leungeun ngadadak tiis, duit anu sagepok diteundeun kana jajaranana, “gening teu wani?” “lah engké pas anu saratus rébuan ngarah mun disakuan gé teu ngajendol teuing.”
Kuring ngétang duit sapuluhan sajumlah jeung duit nu tadi ditukeurkeun ku Si Dési. Song ka manéhna. “Yeuh, ku lima puluhan!” ceuk manéhna nukeurkeun deui duit saratus rébuan. Ku asa dibéré jalan. Diétang téh aya tujuh lambar, sup dua lambar kana laci, nu lima lambar diasupkeun kana saku. Nyokot duit anu lima puluhan mah sajumlaheun duit anu ditukeurkeun. Song ka Si Dési duit lima puluhan téh.
Aman lah...kuring ngupahan ratug jantung sorangan. Moal nyangka ka kuring dina leungitna gé. Pasti ka Si Jamal atawa ka Si Dési. Paling gé Si Dési dituduh salah ngitung duit kétang. Da dipahing pisan mun aya Si Bos mah pagawé pahibut jeung kasir ngaladangan téh.
Si Jamal asup, kuring ka gudang deui bari mawa daptar barang balanjaan. Geus di gudang mah tuluy nguliwek heula ka juru, bes duit nu tadi diteundeun kana kantong. Pupuh Asmarandana ti ema masih ngagalingdeng...sing jadi jalma rancagé...bener pinter bari séhat...
Tabuh lima pagawé geus baralik, mungpung euweuh Si Bos, balik soré kénéh. Kari Si Dési, rék ngitung heula pemasukan jeung pengeluaran cenah. Abong-abong pagawé anyar hayang kapaké ku dunungan, hayang sagala pagawéan réngsé saharita bari alus. Keun wé ah...
Leumpang asa hampang, duit keur ngaDPan motor Si Jépri geus aya. Kacipta isuk mah geus boga motor. Ngan rék dipaké pelesir mun poé libur jeung balik ka lembur, sageuy mun ema teu atoheun. Moal waka dipaké ka tempat pagawéan bisi Si Bos curigaeun. Ké mun geus aya kana sabulan, kakara rék dipaké ka pagawéan. Gerung...gerung...gerung! tah sora motor kuring!
Anjog ka parapatan langit ceudeum. Paralak girimis. Beuki lila beuki badag. Sora séahna pataréma jeung patalimarga. Teu lila gé beus nu biasa mawa kuring, ngaliwat. Kalacat naék. Teu kabagéan tempat diuk. Sanajan awak kadedempét, irung kacocokan ku bau kélék, sajajalan haté bungangang. Ninggali anu keur tumpak motor téh ayeuna mah teu panas teuing, isuk gé kuring boga! Hujan lantis maseuhan unggal péngkolan. “Kiri!” ceuk kuring ka kondéktur. Jut turun. Saléngkah, dua léngkah, tilu léngkah, haté ngarandeg. Meuntas jalan, motor nu keur mangprung teu katingali datangna. Nabrak awak, nigas sukma. Tidiiiddd! Bruuuk!
Handapeun cihujan nu nepakan awak, getih kuring maturan cileuncang nu nguyumbang tengahing jalan. 

Mujahidin, 12 Pebruari 2011
Kahatur Évi
0 Responses

Posting Komentar