Iwan M. Ridwan

Mun nyaho rék kieu, meureun moal daék diolo ku sasaha. Rék cicing wé di Enin. Keun baé dipikangéwa ku saréréa ogé. Kajeun indung unggal poé ceurik barintit. Éra kalura imah da puguh geus jadi omong balaréa. Bapa nya kitu kénéh teu sirikna kawas nu béak déngkak maké jeung ngancam-ngancam rék megatkeun tali anak jeung bapa. Kawas lain lalaki. Kawas lain pangawak nu belekesenteng bari jeung loba luang pangalaman. Pira gé nyanghareupan kuring kawas nu teu katanagaan.


Nya salah saha atuh kuring boga kalakuan kieu? Salah didikan maranéhna kénéh meureun anu kurang merhatikeun kuring salila ieu. Naha salah mun kuring hayang sagala apal sagala nyaho? Hayang ngarasa puas ulin-ulinan jeung babaturan atawa jeung kabogoh? Kawas nu teu ngalaman ngora waé.


Majar kalakuan kuring téh teu wajar. Pangawak awéwé sagala hayang nyaho sagala hayang loba pangalaman. Padahal mun mah sakali mangsa kuring geus rumah tangga meureun moal ngalaman kawas rumaja deui da teu boga idin ti salaki atawa katungkulkeun ku ngurus kawajiban rumah tangga.


Enya mun nyaho rék kieu, meureun moal daék diolo ku sasaha. Rék cicing wé di Enin. Moal ngadéngé papatah Ua atawa bibi nu éta-éta kénéh piwurukna mah, ngan béda cara nepikeunana. Béda omongna. Moal daék diolo ku si Amang nu ngahaja datang ti Bandung. Enya atuh nu matak daék leumpeuh téh rumasa nyieun kasalahan ti heula. Ka indung bapa pangpangna mah. Teu wasa geuning nyaksian indung unggal poé ngerem di kamar bari panon carindul balas sapopoé ceurik mikiran kuring. Teu téga tuntungna mah nempo bapa anu sakitu keur meujeuhna buta tulang buta daging ngadadak leumpeuh yuni. Ngadadak huleng jentul bari jeung ngancam-ngancam rék megatkeun iketan kolot ka anak. Sok sanajan éta téh moal bisa pegat ku omongan.


Eum dosa meureun nya kuring téh ngageringan haté indung jeung bapa. Ngéra-ngéra kulawarga. Saheunteuna Kang Dian téh masih kénéh katalian baraya. Enya ku alatan éta kuring daék diolo ku Si Amang dibawa deui ka Malangbong téh. Ku sabab éra jeung ngarasa dosa. Tamahana bet daék narima. Mémang nu ngaranna jodo pati bagja cilakan téh geus aya di dituna bari jeung ti dituna téh teuing ti mana. Jodo mah jorok cenah. Teuing naon maksud jorok éta téh, weléh teu ngarti kana babasaan kolot téh, kuring mah.


Bisa waé nu disebut jorok téh teu pipilih padahal urang téh geus wawuh ti anggalna mula. Hiji mangsa kalayan teu disangka-sangka éta jalma téh bisa jadi salaki urang. Kitu pisan nu kaalaman ku kuring. Cacakan mun geus apal jodo kuring téh Kang Dian, meureun moal daék bobogohan jeung si Angga tepika der matak paséa jeung kolot. Cenah si Angga mah budak baong. Teu nembongkeun rasa hormat ka kolot jeung ka batur. Dangdanana ogé kawas jalma weureu. Ceuli dianting, buuk dibeureuman. Teu puguh hirupna. Ngaji hanteu sakola komo deui. Unggal poé ngan ukur galandang dilinding ka kulon ka wétan bari teu puguh tujuan. Ngedul. Kabisana téh gelut jeung mabok.


Nu matak dina hiji mangsa kuring béak karep dicarékan ku si Bapa pédah kapanggih keur paduduaan dina motor jeung manéhna, di Cipeundeuy. Harita téh kuring rék jalan-jalan nempo pasar malem sakalian hayang malemmingguan ari si Bapa balik ti Tasik narik keusik Galunggung, éta mah dadak sakalak dititah balik bari jeung dipaksa kudu milu kana treuk. Diuk pasesedek jeung dua kenékna bari awak bararau késang. Sapaparat jalan dipaké nginghak. Sakapeung diselang ku némbal carék si Bapa. Untung wé teu pati jauh antara Cipeundeuy jeung Muncang Agung mah.


Datang ka imah hayo ditambahan ku haok jeung polotot. Dijagragkeun ka si Ema nu ngan ukur bisa ngembang kadu. Teu téga meureun nyaksian anak sorangan diceurikan ku nu jadi bapana. Rék panglawankeun da puguh teu kawasa. Antukna ngan ukur ngupah-ngapéh kuring bari jeung meus-meus mantuan nginghak.


Isukna si Angga ditepungan ku si Bapa. Ngahaja dipegat di jalan. Di bawa ka imah. Diomongan ulah hayang ngadeukeutan deui kuring. Alesanana mah teu pira pédah manéhna jalma teu puguh. Si Bapa mah enya gé gejul bari hirup di jalan, boga anak mah teu rido kudu dibabawa ku jalma nu teu puguh alang ujurna.Cenah mun teu daék ninggalkeun kuring, kapaksa si Bapa nu bakal misahkeun manéhna ti kuring. Duka téh teuing ku cara naonana mah, teu kebat kuring ngadéngéna sabab teu kuat hayang muragkeun cipanon ngerem di jero kamar.


Tilu poé ti kajadian harita kuring nampa SMS ti si Angga. Cenah manéhna lunta ka Bogor. Indit bari mawa haté peurih. Anu jadi tujuanana mah seja usaha nyiar pangasilan. Milu ka nu jadi amang dagang cilok. Manéhna hayang ngabuktikeun diri bisa hirup mandiri ku pangusaha sorangan. Miceun kamandang batur nu salila ieu ngahinakeun dirina, kaasup si Bapa nu pajar lalaki teu guna.


Inditna si Angga ka Bogor téh geuning teu ngajadikeun si Bapa ngabebaskeun kana hakirupan kuring satuluyna. Malah kapanggih ogé SMS-SMS ti manéhna nu keur aya di Bogor. Montong hayoh dilayanan cenah jalma cucungah kitu mah euweuh araheun. Si Bapa mémang teu ngajurung-jurung kuring deudeukeutan jeung hiji jalma, ogé teu ngarep-ngarep kuring meunangkeun jalma jugala. Sabab boh si Bapa atawa si Ema pada-pada surti kana kaayaan. Pada-pada nalipak manéh. Mustahil meureun jalma cacah kuricakan pantar kuring meunangkeun jajaka nu kasép ngalémpéréng konéng bari tumpak mobil sédan. Nu dipaikahayang ku maranéhna éstuning basajan, wajar jeung lumrah. Kuring ngahiji jeung lalaki anu bageur tur bener. Nilik dina pergaulan teu sakaparan-paran. Teu kabawa ku sakaba-kaba. Hirup boga dadasar élmu agama jeung darigama. Geuning ti heula gé kungsi deudeukeutan jeung Kang Andri teu ieu diulah-ulah. Datang ka imah éstuning dibagéakeun bari dituangleueutkeun saaya-aya. Majar manéhna mah katémbong gawéna najan can apal dimana dumukna. Nu jelas manéhna téh salah saurang sales nu nganteur-nganteurkeun mi instan ka tokona Ceu Haji Mimin dunungan kuring. Ari ceu haji Mimin apanan lain sasaha. Manéhna téh dunungan si Bapa ti babaheula nu geus nganggap kulawarga. Satamatna Tsanawiyah kuring ngalalanyah gawé di tokona di pasar terminal Malangbong.


Ngan hanjakal manéhna téh lain jalma bener dina urusan haté mah. Kabéhdieunakeun kanyahoan geus boga kulawarga, anak jeung pamajikan. Kéna-kéna lalaki teu katingali mana bujang mana nu boga pamajikan, teu burung wé ngamangfaatkeun bodona awéwé. Saprak katohiyan Kang Andri boga anak pamajikan si Ema jeung Si Bapa nyaram kuring reureujeungan jeung manéhna. Keur mah kuring ogé ngarasa dihianatan ku manéhna téh nu matak gampang pisan ngaleupaskeunana.


Béda deui jeung ka Si Angga anu masih kaitung perjaka tingting tur boga dedeg pangadeg anu teu joré-joré. Jalma pahatula lalis. Hirup ngan ukur jeung nini bari jeung teu bisa mihapékeun diri. Maklum atuh pergaulanana gé di lingkungan anu cenah sakabéh jalma di éta lembur mah ampir weureu kabéh. Kacap tukang bobok tukang tarok tukang nyingkab-nyingkabkeun androk. Nu matak si Bapa mah ngéwaeun pisan ka Si Angga téh da paur ngareuneuhan kuring leuwih tiheula.


Manggihan mangrupa-rupa kajadian dina masalah nu kieu, kuring beuki linglung. Gawé di dunungan kaluar. Ulin-ulinan beuki mahabu. Najan Si Angga geus di Bogor, kuring ulin sosoranganan. Babaturan salembur euweuh nu bisa diajak, ampir kabéh geus rimbitan, reuay ku anak.


Sakapeung ulin téh ka Uwa di Bandrék. Enya Uwa ti si Bapa anu bubuara di dinya. Dibawa ku salakina ti mimiti rumah tangga kénéh. Ngariung jeung dulur manéhna. Lanceuk si Uwa lalaki. Enya kolotna si Kang Dian téa. Eum da sugan téh moal bet panjang lalakonna. Sugan téh moal boga picaritakeuneun antara kuring jeung Kang Dian téh. Sakapeung mah mun manéhna datang ti Bandung sok ngadon ngobrol ngalér ngidul. Sagala dicaritakeun. Pangpangna mah manéhna nu cenah di Bandung mah loba pisan kaanéhanana. Mindeng nonton konsér artis jeung grup band, atawa atraksi sasatoan anu anéh, kawas lumba-lumba, dogér monyét jeung sajabana. Kuring gé atuh sakapeung mah asa kabébénjokeun hirup ngadéngé pangalaman manéhna.


Nya tina éta kasempetan jeung kadeukeutan, teuing kumaha mimitina si Kang Dian bet nyebutkeun suka ka kuring. Cenah urang ngawangun rumah tangga wé sabab naon deui atuh hirup mah mun seug boga gawé jeung teu katalian ku nyuprih elmu mah. Ceuk manéhna ti baheula kénéh manéhna geus nyimpen rasa ka kuring. Ti keur leutik kénéh. Ari kuring da puguh gé asa ka lanceuk, teu boga rasa naon-naon. Nu matak mun seug pareng ulin ka Bandrék atawa manéhna ka Malangbong teu ieuh mikir nu lain éstuning tepung kulawarga.


Teuing pédah naon kuring bet daék narima lamaran Kang Dian basa datang ka imah di Malangbong. Cenah méh teu palid cai angeun. Teuing atuh naon hartina éta kecap téh. Weléh teu ngarti kuring mah. Ah barina gé teu hayang ngarti. Kuring sorangan teu ngarti ka diri sorangan. Teu ngarti maké jeung daék nampa cincin sagram bawa manéhna. Kuring daék unggut basa indung bapana nanya naha kuring daék jadi anak maranéhna. Kuring daék unggeuk basa diajak kawin dina waktu anu deukeut.


Béda deui jeung kaayaan jalma di sabudeureun kuring jeung Kang Dian. Si Bapa, si Ema. Si Uwa, Nini, Amang jeung bibi. Maranéhna éstuning bagja tur lugina. Majar kulawarga baris beuki raket. Majar kulawarga bakal remen sili anjangan. Bakal kitu bakal kieu. Tangtu anu tangtu kitu. Tapi naha kuring bet reuwas ka reureuhnakeun. Pikiran bet inget deui ka Si Angga nu aya di Bogor. Beungeutna nembongan semu alum. Majar kuring ngahianat. Majar kuring teu nyekel jangji basa manéhna ménta kuring satia satuhu kana iketan nu geus nyangreud pageuh dina haté séwang-séwangan. Naha ayeuna kuring bet megatkeun simpay.


Ti dieu haté kuring mimiti sabil deui. Bet hanjakal daék narima panglamar Kang Dian anu sacongo buuk ge teu boga rasa nanaon ka manéhna téh. Meureun pédah sok remen panggih. Meureun pédah sok rajeun curhat, kuring loba nanggap manéhna pon kitu deui sabalikna. Tapi naha kadieunakeun Kang Dian téh asa jadi cunihin. Hayang deudeukeutan waé. Léléndéan. Gumasép. Gumeuleuh kétang pantesna gé keur manéhna mah. Gumasép mah jang nu kasép. Meureun rumasa geus ditarima lamaranana.


Eum. Hanjakal teuing bet daék diolo ku si Amang. Mun harita cicing di Cianjur, moal tepi ka ayeuna laki rabi jeung manéhna. Moal kawas kieu. Éta da nu jadi kolot duanana meni kagegeringan basa kuring ngejat ti imah téh. Majar kuring ngamomorékeun. Majar kuring lanca-linci. Horéam atuhda nyanghareupan Kang Dian anu asa beuki ogo cacakan karék tunangan, kumaha mun geus rapalan. Kawin maksud téh. Palangsiang kahariwang téh jadi kanyataan. Cenah ceuk si Bapa, Kang Dian mah geus mandiri, boga usaha di Bandung, bageur tara ngaroko. Tara heureuy ka awéwé. Boga rasa téh ka kuring hungkul bari geus ti babaheula. Atuh indung bapana teu kurang ku dahar paké sasatna kolot duanana arusaha. Daragang. Mun teu jadi rumah tangga téh kudu diteundeun dimana kaéra kolot.


Naha geuning sawangan éta téh jauh tina kanyataan. Cicipta maranehna jauhna lir langit jeung bumi tina kabuktianana. Ayeuna, sanggeus sataun, sanggeus kuring boga si Sikal, kaayaan nu aya dina angen-angen téh jauh mela-melu jeung kanyataan nu karandapan. Kang Dian dipecat tina gawéna, cenah perusahaan teu bisa deui mayar pagawé sabab usahana bangkrut. Antukna balik deui ka lembur, milu cicing di imah. Nyiar usaha ka ditu kadieu geuning mani rupek. Tatanya ka Si Amang susuganan aya beja, tapi weléh taya ibar harepan. Majar téangan we dina koran. Ah nya kitu atuh si Kang Dian geuning embung nyiar deui pagawéan. Majar susah lumur-lamar mah. Hayangna aya nu mawa bari jeung gawéna teu ripuh. Antukna cicing di imah. Gawé saaya-aya. Kula-kuli bari jeung teu bisa nyukupan kaperluan. Geuning Kang Dian kalah sumérah. Majar takdir nu ngarubah ieu kaayaan. Sapopoé ukur ngarengkol di jero kamar hayang diusapan. Dipépéndé. Cenah ulah pilih kaasih, kéna-kéna geus aya si Cikal, hantem wé manéhna nu diperhatikeun. Sedil. Sebel. Si Bapa jadi rungsing. Awakna meusmeus gering. Capé teuing ngabanting tulang. Cenah kawajiban ngabiayaan jadi nambahan.


Di imah mindeng hog-hag. Mindeng paréréa omong. Antara kuring jeung Kang Dian. Kuring jeung si Bapa. Kuring jeung si Ema. Si Ema jeung Si Bapa. Jeung Kang Dian. Jeung sarerea. Pamustunganana Kang Dian ogé lunta teuing kamana boa.

***


Ukur bisa cireumbayan mun ras inget kana nasib diri. Naha baheula téh maké jeung daék diolo ku Si Amang dibawa balik ka Malangbong. Meureun mun cicing mah bisa meunangkeun urang Cianjur anu puguh-puguh kasép, anak ajengan. Tapi nya kitu geuning kuring bet kapiheulaan nampa lamaran si Kang Dian.


Ayeuna, sagala pangharepan jeung kahayang baheula téh lamur dina tungtung teuteup. Asih nu teu pernah dibeuli carem tilem diranggeum ceudeum. Kecap-kecap nu baheula mapaes haté geus robah jadi tarahalna jalan pitapakéun. Ngemplad handapeun mata poé éréng-éréngan, ngaduruk taneuh, ngaléntab tangkal-tangkal nu salawasna ngarangrangan. Suku ngasruk ngarurud catang ngagerus cucuk alimusa. Luwang. Bimbang lumampah nyorangan. Si cikal dina aisan teu kendat gogoakan nyambat di mana ayana pitulung Gusti Nu Mahasuci


Réngsé, 13 Januari 2011


0 Responses

Posting Komentar