Bengkel Ngarang Sunda
ku Anggi Novia Dewi*
 
Sangkan pangajaran basa jeung Sastra Sunda mingkin ngirut keur peserta didik (pamilon atikan), bahan pangajaran bisa diarahkeun sangkan luyu jeung dunyana. Bahan pangajaran nu raket jeung dunya maranéhna, nu sakirana ngahudang minatna, nu sakirana keur réa diadurényomkeun ku maranéhna.
Misalna nalika ngajar tingkat SMA satata, guru kudu parigel dina milih jeung milah bahan pangajaran nu merenah keur pamilon atikan nu luyu jeung karakterna. Ilaharna tingkatan umur pamilon atikan tingkat SMA satata aya di antara umur 15 nepi ka 18 taun.
Nurutkeun pancén kamekaran psikologi atikan, apan umur sakitu téh keur aya dia fase rumaja. Keur meumeujeuhna néangan jadi diri, néangan picontoeun, jeung mimiti aya sir ka lawan jinisna. Atuh dina mangsa rumaja nu siga kieu, pamilon atikan téh hayang katingali yén dirina téh aya (exist). Salian ti éta, karakter umur sakitu keur meumeujeuhna resep kana konsép basa nu ceuk pamanggihna ahéng. Salaku guru, munasabah urang kudu bisa surti kana karakter umur nu ieu.
Panulis kungsi nyieun modul pangajaran basa jeung sastra Sunda kelas X jeung XI ku sorangan (pon kitu deui jeung modalna, modal sorangan). Gugon kana Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD), tuluy nyieun silabus nu diluyukeun jeung kondisi psikologis turta karakter rumaja. Bahan bacaanana nulis sorangan, diluyukeun jeung kamampuh panulis.
Dina SKKD kelas X, aya matéri perkara maca carpon. Geus dirarancang saméméhna, carpon keur pamilon atikan umur kelas X téh merenahna ngeunaan téma rumaja anu salawasna kawengku ku soal cinta. Ceuk pamanggih, umur pamilon atikan kelas sakitu téh mun dibabasankeun mah nincak kana balég tampélé atawa galak sinongnong.
Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda ti LBSS, babasan balég tampélé miboga harti mangkat begér, wani ditukangeun, ari di hareupeun éra kénéh. Dilarapkeun keur awéwé balég tampélé mah. Ari keur lalakina aya babasan galak sinongnong. Nurutkeun kamus nu sarua, Galak sinongnong hartina mimiti aya sir ka awéwé, tapi can wani adu hareupan (bujang). Dina keterangan éta, bisa dicindekkeun yén babasan balég tampélé jeung babasan galak sinongnong téh mibanda harti nu sarua, ngan béda dina ngalarapkeunana.
Sanggeus dibeuweung diutahkeun, jejer carpon téh Balég Tampélé. Siga biasa diréka basa jeung sastrana sina luyu jeung basa ogé sastra rumaja. Paralun lain maksud pikeun ngawates-wates. Basa jeung sastra Sunda mibanda ajén linuhung nu ajég mandiri. Taya lian, iwal ti sangkan tujuan pangajaran kahontal. Pamilon atikan ngarasa resep kana pangajaran basa jeun sastra Sunda. Sabab basa jeung sastrana babari dipikaharti ku maranéhna.
Diéntépseureuhkeun kecap per kecapna. Diperenahkeun suasanana. Digambarkeun tokoh jeung pasipatanana sina keuna kana mamarasna. Dina éta carpon téh dicaritakeun tokoh rumaja saumur maranéhna nu sipatna gugon kana harti babasan balég tampélé. Tokoh utamana wanoja umur SMA satata, kelas X. Manéhna boga haté kadua leutik ka lanceuk tingkatna di sakola.
Dicaritakeun téh sangkan maranéhna bisa nyaho nu kumaha ari babasan balég tampélé téh. Ari mangsana di imah rék indit ka sakola, hayang geura-geura panggih. Dangdan ogé béak karep. Seuri, ngomong, jeung cara leumpang, diperenah-perenah sangkan teu ngisinkeun mun panggih. Ana geus pajonghok mah di sakola, teu lemek-lemek acan. Malah éra hayang buru-buru asup ka kelas. Cindekna carpon dina modul nu dirarancang téh réngsé.
Keur évaluasi, disusun kalimah patalékan pikeun neuleuman wacana carpon. Di antarana aya patalékan samodél kieu, naha hidep ngarasa aya hubunganana antara eusi carpon Balég Tampélé jeung kahirupan hidep ayeuna?
Sanggeus diajarkeun ka pamilon atikan, jawaban tina éta patalékan téh, (sampel aya kana 90 pamilon atikan) 75 persén leuwih jawabanana nyebutkeun henteu aya hubunganana. Sésana nyebutkeun aya. Ditanya harita kénéh naha nyebutkeun teu aya hubunganana. Kieu cenah jawabanana téh, “Ya kalo udah ketemu mah, ketemu aja, Bu. Langsung jalan, kenapa malu-malu?” Beu, manawi téh babasan balég tampélé jeung galak sinongnong masih matut dina psikologis rumaja kiwari. Ana pék téh!
Beuki dieu, beuki kaharti jawabana téh. Apan geus jadi “pemandangan” nu lumrah nalika aya budak awéwé diboncéng kana motor ku budak lalakina, rék indit atawa balik sakola. Leuheung mun budak awéwéna teu montél mah. Da ieu mah teu sirikna rapet.
Munasabah, tina hasil panalungtikan nu teu kahaja téh, urang bisa maluruh kondisi rumaja ayeuna. Pancén guru téh mingkin bangga geuning. Apan urang téh lain ngan saukur kapapancénan ngajar (méré élmu) tapi ogé kapapancénan pikeun ngatik ngadidik. Ngadidik tina nu asalna kurang merenah jadi merenah, tina nu asalna salah jadi bener, tina nu asalna goréng jadi alus, tina nu asalna teu nyaho jadi nyaho.
Naon atuh nu kudu dilakukeun ku guru basa jeung sastra Sunda? Loba hal nu bisa dilakukeun. Ti mimiti pendekatan ka pamilon atikan sacara personal, sangkan ari geus deukeut mah babari ngahudangkeunana. Atawa bisa jadi, ngaliwatan pangajaran Basa jeung sastra Sunda. Misalna salian ti ngawanohkeun kecap déngkak téh, guru bisa nyelipkeun pangajaan étika jeung tatakrama nurutkeun budaya Sunda. Naha istri tiasa dungkak-déngkak? Komo dipayuneun pameget mah. Komo deui pami nuju tumpak motor sareng pameget mah. Awon katingalna. Kitu ceuk paribasana. Komo upamana sabari ngadungakeun sangkan sina saroléh, calageur, balageur, barener, palinter mah.
Téknis ngageuingna mah tinangtu loba pisan. Guru kudu parigel dina cara ngakomunikasikeunana. Lalaunan tapi ku sering mah, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok apan. Sangkan anu rék digeuingkeun téh teu ngarasa dihulag atawa dicarék tapi ngarasa sadar sorangan. Tuluy jorojoy tina dirina hayang ngarobah lampahna. Mugia tinekanan!
Mujahidin, 8 Maret 2011

*Guru Bs. Sunda SMK Pajajaran 2 Bandung,
Guru Bimbel Rexa Prestise Bandung,
Guru MD Mujahidin Bandung.
Pamilon Béngkél Kapangarangan Basa Sunda-YPK
.
0 Responses

Posting Komentar