Anonim

            Ieu lembur katelahna téh Pasir Waringin. Ceuk bapa mah, pédah pernahna dina halis pasir pisan. Lebah punclutna aya tangkal caringin kahot nu dikaramatkeun. Saban lima taun sakali sok diayakeun upacara sasajén ‘Ngaringin’. Pikeun ngahormat makam luluhur lembur nu aya handapeunana, sakabéh pangeusi lembur wajib nungkulan.
            Patukang tonggong jeung Pasir Waringin, aya kebon sawit nu ngampar upluk aplak satungtung deuleu. Nu cenah bakat ku lega, mun nyorang kebon sawit ti lebah tungtung Pasir Waringin ka tungtung beulah ditu téh baris kapeutingan di jalan.
            Salian di mumunggang pasir, tangkal caringin rajeg di alun-alun lembur. Di hareupeun sakola. Malah di buruan-buruan imah ogé loba pisan nu ngahaja melak. Boh di bonsaykeun atawa ngajungkiring mapakan tangkal buah.
Mun aya buruan nu teu dipasieup tangkal caringin, geus waé pada ngomongkeun jeung ngucilkeun. Dituding teu ngajénan caringin nu jadi cecepengan jeung simbol lembur.
Mun geus katohyan kitu, dedemit jeung jurig-jurig ti tangkal caringin baris rabul ngadatangan imah, tuluy ngaringkus lelembutan tiap-tiap jalma nu teu sapamadegan.
Kaalaman ku bapa kuring, disakompét daunkeun ku jurig nyiliwuri nu mindah rupa cakcak bodas. Bapa kuring didakwa teu tuhu kana karamat tangkal caringin, sarta dianggap ngarempak sagala larangan katut pantranganana.
Bapa ogé sabenerna yakin ku yasana tangkal caringin geus méré mangpaat anu teu saeutik pikeun lembur; nahan taneuh tina urug, neundeun cai keur bekel usum halodo, ngajaga héjo ngemplohna pasir, ngatur sirkulasi segerna hawa jeung ngajaga kasaimbangan alam.            Ari anu teu sapamadegan téh dina lebah tangkal caringin nu sok dipaké pamunjungan jeung pamujaan. Kitu peta téh patukang tonggong jeung kayakinan bapa nu wedalan pasantrén.
Nya ku kayakinan éta pisan. Meunang sababaraha bulan lelembutan bapa dikorod dedemit Pasir Waringin. Ngadon ngaringkuk di mumunggang pasir. Balik-balik deui téh, bapa geus ampir-ampiran paragat nyawa. “Mun teu api-api ngarti kana doktrin dedemit mah, meureun ngababatang jadi tumbal tangkal caringin.” Ceuk bapa harita mulangkeun panineungan.
Tapi da ari kangaranan kayakinan mah aya jeung tumuwuhna dina haté nu nyumput nyamuni. Sajeroning haté mah, bapa tetep pengkuh ngan Sang Jatiningtemen nu Maha Tunggal nu wajib dipuja. Tangkal caringin di mumunggang, ngan dijadikeun pondasi nu pageuh pikeun ngajaga lembur tina ranggeuman moderenisasi jeung globalisasi jaman.
Lembur Pasir Waringin karasa lemburna. Dikuriling ku pasawahan jeung héjo ngemplohna tutuwuhan, cai cur-cur, wahangan ngagenyas hérang. Kaayaan masarakatna nu aman tingrim tur pageuh nyekel tradisi adat karuhun jadi ciri mandirina. Pakasaban masarakatna ngandelkeun tatanén katut palawija geusan pananggeuhan hirup. Sawaréhna deui ngajégang buburuh purah ngurus sawit.
Cenah ceuk sakaol mah, kebon sawit nu sakitu upluk aplakna téh , baheulana kebon coklat pelak urang Walanda. Nya walanda éta pisan nu ngayakeun kerja rodi ka urang lembur Pasir Waringin sangkan nyacar leuweung.
Kulantaran nyacar jeung melak coklat sakitu legana bari teu dibéré dahar jeung istirahat. Loba pagawé rodi nu neumehan pati. Dina kaayaan kitu, aya aki-aki sakti nu sasadu ka urang Walanda. Manéhna sanggup nganggeuskeun pagawéan melak coklat ngan sapeuting. Asal urang lembur jeung lembur Pasir Waringin tong diguna sika.
Sanggeus bukti omongan Aki Waringin. Walanda nedunan jangjina. Lembur Pasir Waringin dijadikeun wates, urang lemburna dijadikeun pagawé-pagawé purah ngurus sawit. Sabada jaman kamerdekaan, urang Walanda barirat ninggalkeun Pasir Waringin. Kebon coklat nu sakitu upluk aplakna dicacar diganti ku sawit. Demi nu jadi vokalna anak turunan Aki Waringin. Nu cenah dipecaya ku masarakat mah, Roh Aki Waringin geus nyurup ka pamingpin nu kumawasa nagri, nu maké lambang tangkal caringin pikeun ngamajukeun hirup huripna nagara.
Ti harita, tangkal caringin maseuk na haté urang Pasir Waringin. Caringin mangrupa tangkal nu diutamakeun jeung jadi simbol ajeg inajegna lembur. Disaantéro Pasir Waringin kedal kecap pantrangan turun-tumurun.
Salila tangkal caringin di mumunggang pasir ajeg mah, lembur Pasir Waringin tetep ajeg. Moal nepi ka aya musibah, moal aya kalaparan, moal aya kakurangan cai, éstu aman tingtrim. Keur sukuran ku berkah tangkal caringin éta, dilaksanakeun upacara ngaruwat lembur “Ngaringin”, nu tujuanana pikeun nanjeurkeun ajeg inajegna tangkal caringin.

*

Carita karamat tangkal caringin henteu lana. Dina tilu welas taun katompérnakeun, sabagéan masarakat Pasir Waringin barontak. Doktrin jalma katilu nu geus ngadu domba kaayaan. Demi nu jadi marga lantaranana mah pédah ku ayana tangkal caringin éta geus mawa maksiat nu manjang, boh keur urang lembur Pasir Waringin, boh saluareun lembur.
Kaharti ari kituna mah. Remen tangkal caringin pada ngajugjugan. Boh ku urang Pasir Waringin atawa saluareunana. Ngadon marunjung, ngawadalkeun nyawa demi nungtun raja kaya nu ngaleuya ku jalan gampang.
Salian ti éta, ceuk béja nu sumebar bawaning angin mah, aya unsur politis nu matak jangar kapikiranana ku urang lembur Pasir Waringin, nu kudu numpes nepi ka akar-akarna.
Loba nu pro, kitu ogé nu kontra ku hal éta. Masarakat nu pro pikeun ngaruntagkeun tangkal caringin, geus gilig ngadegna tangkal caringin saenyana geus ngajajah katut nyasarkeun sakabéh masarakat. Nu kontra ogé teu éléh géléng. Tetep pengkuh kana pamadegan. Tangkal caringin kudu dijaga ajeg inajegna. Nu geus jadi tali paranti ti karuhun.
Tangkal caringin nu manjang ngalalakon. Di panungtung carita mah kudu waé rungkad. Neumahan pati ngababatang jadi bugang. Moal nyampak deui karamat katut patrangan nu kedal ti urang lembur. Nu nyésa dina  hambalan pasir ngan tunggul nu hamo sirungan deui. Ngahurun jadi suluh keur ngahuru sumanget réformasi jalma, ngabebela jeroeun dada, ngagedur saban jajantung, ngaléntab naon waé nu katénjo.

**

Sabada tangkal caringin rungkad, Pasir Waringin salin jinis jadi lembur nu geus lain deui lembur. Tapi lebur jadi kota nu sarwa moderen. Budaya deungeun beuki nyosok jero lir cai walungan nu ngocor ti girang ka hilir. Ngagolontor taya hahalang, ngamalir ka sikluk-sikuk wahangan, ngamuara patepung di laut.
Jalan satapak nu dijadikeun tempat badarat geus robah hideung lestreng ngabulungbung. Kabel listrik nu jadi pantrangan Aki Waringin but bet pajurawet lir ramat lancah nu jadi pitapak pikeun bondol jeung piit. Di ditu di dieu palita jeung damar-damar kasilih ku buricakna bolham katut néon ratusan watt. Pangeusi lembur lir silaru nu kaluar tina koropok kai, tuluy rabul muru caangna bohlam, pamustungan jengker teu bisa ngayonan panasna cahaya moderenisasi jeung globalisasi nu teu méré minge pikeun nu teu daraya.
Sawah nu sakitu upluk aplakna di Pasir Waringin digares buta-buta buldozer. Taya nu dibéré ampun. Sawah nu dijadikeun panggantungan hirup urang lembur salin jinis jadi pabrik pengolahan kalapa sawit. Keur gagantina, masarakat dipaksa ngabeuweung béas raskin hapeuk nu sabagéan geus béak dijalan.
Pasir Waringin bulistir, sirah cai saat, walungan ngolétrak. Ngali sumur pajero-jero, demi sakeclak cai beresih nu geus arang langka. Teu kudu ngadagoan mangtaun-taun pikeun nyaksian leburna lembur. Kiwari masakat ngadeg aing-aingan, lir jati nu kasilih ku junti. Taya nu nyésa sanajan na panineungan.
Geus taya hiji ogé pantrangan nu ampuh sabada tangkal caringin runtuh. Pasir Waringin kiwari leungiteun cecepengan, kampung adat nu ti baréto manjang ngalalakon, bet kudu ngabababatang kawas tunggul tangkal caringin. Lain deui karamatna tangkal caringin jeung dedemitna nu sumebar di sabudeureun lembur téh, tapi but-betna liberalis jeung paham-paham deungeun nu beuki laluasa nandasa Pasir Waringin.

***

Cisompét, bulan ka lima 2011

Nu nulis, mahasiswa jurusan Sastra Sunda Unpad. Lahir di Garut. Alumni Béngkél Ngarang Basa Sunda - YPK.
0 Responses

Posting Komentar