Anonim


Wanci sariak layung karék balik ti kampus. Asa lalungsé, sapoé jeput ngagugulung seminar, dituluykeun uplek jeung dosén, ngabahas eusi skripsi nu keur dikeureuyeuh.
Di buruan imah rada kagét, sisinarieun amprok jeung dua jalma anyar pinanggih. Teuteupna seukeut, pakéan sing sarwa hideung, buuk jabrig, beungeut kereng. Saha nya? Siga dépkoléktor, tapi da sakanyaho kuring mah Uwa tara unjam-injeum ka bank.
Barang asup ka imah langsung nepungan si bibi nu purah babantu, nanyakeun saha-sahana jalma nu tadi. Bingungeun.
“Da tadi téh naroskeun juragan pameget, badé nawisan barang saurna mah!” bari jongjon pak-pik-pek nyiksikan buncis.
Teu pati papanjangan, geus biasa di kota mah. Ngan ngomat-ngomatan ka si bibi, mun aya deui tong diunggahkeun. Gerbang koncian. Hariwang jaman kiwari mah, komo mun di imah keur sorangan.
Uwa ngajar kénéh, kitu ogé Uwa istri. Ari putrana nu ngan hiji-hijina téh keur meujeuhna resep ulin, bubuhan budak SMA.
Soré waé kuring balik ti kampus téh. Sok nganjang ka perpustakaan heula. Néangan bahan pikeun référénsi skripsi. Lian ti éta, tempat kuring matuh jeung kampus téh anggang, Bandung – Jatinangor. Unggal poé didugdag kana ‘sakadang’ Damri. Ripuh. Wayahna tuda, kangaranan jalma leutik.
Cicing téh di bumi uwa. Ngahaja kos mah teu kawaragadan, biaya kuliah ogé ngandelkeun béasiswa, da kudu ménta ka kolot mah teu wasa, bapa ukur pangsiunan kuli bangunan. Keur nyumponan bubutuh sapopoé ogé ngandelkeun buburuh tani.
Kungsi sakali mangsa mah béasiswa téh teu cair. Harita seméster tilu, béja mah pengajuan téh katarima. Atra napel dina rilis papan pengumuman, tapi didago-dago, kalah lieuk beuheung sosonggéteun. Nepi ka seméster opat teu kaluar kénéh waé. Tungtungna nunggak SPP dua seméstereun. Mangka lain bantrak-bantrakeun keur pantar kuring mah. Dua juta perseméster.
Geus panceg kuring rék ka luar.
Euweuh solusi keur nyinghareupan ancaman DO, kudu ti mana néangan duit SPP opat juta. Najan kudu ngajual nyawa, gawé tisuksruk tidungdung nepi ka bijil késang getih ogé moal kaduga. Geus euweuh nu bisa dipéntaan tulung.
Kulawarga di lembur ditelepon. Tapi nyaram, rék ihtiar cenah. Ulah kuméok méméh dipacok, komo ngaku taluk mah. Can nanaon geus ngeluk. Can nanaon geus mundur. Sok heula tuluykeun.
Sababaraha poé ti harita, lanceuk nepungan.
“Jang, sawah nu di girang mah diical…”
Kuring ngarénjag, reuwas ngadéngéna.
“Ieu artosna anggo wé sadayana. Keun waé da nu di lembur mah tos sapuk, teu kedah diémutan. Teu kedah jadi beban. Sing jejem waé kana kuliah. Najan urang teu boga sawah ogé moal nepi ka kalaparan. Loba dulur, loba baraya, bisa ngahuma,” bari ngasongkeun amplop.
Kuring teu bisa ngomong nanaon. Ukur cimata nu beueus merebey kana pipi. Nalangsa ari kudu nepi ka bébéakan mah. Baheula basa anyaran kuliah geus diniatan. Moal rék nyusahkeun kolot, sabisa-biasa rék ihtiar waé ku sorangan keur biaya kuliah mah. Ari ayeuna geuning bet kieu jadina.
“Tong jadi pikiran, Jang. Pék paké keur waragad kuliah. Hampura aa, Ema, Apa, jeung dulur-dulur di lembur teu bisa mantuan. Ngan ukur doa waé teu kendat-kendat unggal poé, da geuning sakieu buktina,” pokna deui semu dareuda, “harepan kulawarga di lembur, hayang nyaksian Ujang nepi ka jucungna. Da geuning jadi jelema bodo mah kieu buktina. Sugan atuh ari aya hiji-hijieun mah nu nyakola, bisa ngajait ka dulur-dulur, nulungan mun keur butuh, nalang mun keur susah.”
Kuring ngajengjen bari tungkul. Cimata beuki murubut maseuhan pipi. Leungeun pageuh nyekel amplop. Ras inget ka waktu anyaran kuliah. Bisa asup téh ku alpukahna Uwa. Waktu lebaran panggih, basa silaturahmi di imah nini, anjeunna nyumangetan supaya kuring daék kuliah. Harita téh ukur bisa seuri konéng, teu kaerong pisakumahaeun waragadna. Dina bogana gé geus diheulakeun keur pangleuleueur néangan gawé kamari-kamari.
Tapi Uwa manglebarkeun. Malahan mah méré pedaran ngeunaan kaayaan dunya pendidikan kiwari. Cenah waragad mah bisa diusahakeun, lain panghalang sumanget, loba béasiswa ti mana-mana. Teu kudu hariwang, komo boga uteuk anu punjul mah.
Kuring percaya, da Uwa téh guru.
Tariking milik, nyobaan daftar SNMPTN. Langsung katarima di salah sahiji paguron luhur di Bandung. Tétéla bener omongan uwa téh, sanggeus katarima, kuring teu hésé meunang béasiswa. Uang jajan, uang keur biaya mahasiswa baru, uang bangunan, teu kudu ngaluarkeun duit, atuh SPP seméster hiji jeung dua ogé lancar.

*

Teu karasa ayeuna geus méh seméster ahir. Kari mémérés skripsi.  Tawaran gawé mimiti jul-jol pada ngahiap, mana komo bidang kaélmuan pilihan kuring, filologi kaitung nyongcolang.
Jauh kénéh sabenerna mah. Tapi sukur alhamdulillah geus nepi ka dieu ogé. Najan sasat bari ngorondang ngaliwatan poé téh, teu burung aya jalanna. Nanjak, mudun, pungkal-péngkol, lamping, jurang, rembet ku hahalang, teu burung nepi ka nu dituju.
Keur anteng ngumbar lamunan, nuuskeun késang sésa pasesedek dina Damri. Aya SMS asup. Diilikan, horéng ti lanceuk kuring, “Jang, wayahna nyelang heula uih ka lembur, Ema naroskeun waé. Tos dua dinten nyambat-nyambat Ujang, palayeun pendak saurna téh.”
Teg sagala lamunan éndah dadakan peuyar. Langit soré nu lénglang kasilih ku reueuk hideung. Angkeub mayungan, haleungheum nahan pihujaneun.
Awak ngadadak leuleus. Dua minggu kamari ogé lanceuk nelepon. Ngabéjaan indung gering. Rada parna cenah. Katambah loba pipikiran, nu utamana mah melangeun ka kuring. Ngan ditungtungan ku teu kudu mulang cenah, da geus rada mendingan. Tapi ari ayeuna…
Elf jurusan Leuwih Panjang – Cikelét ngadius meulah wanci sareupna, peuting mingkin poék ku pepedut. Garut, Cikajang, Gunung Gelap gancang kaliwatan. Reg mobil eureun. Teu lila geus aya di Cisompét.
Dipapagkeun ku girimis, sanggeus babayar ngagedig turun. Leumpang bari satengah lumpat. Mapay-mapay jalan satapak.
Ti jalan raya ka lembur téh aya kana tilu kilométerna. Kawantu ka lembur pasisian. Jalan bulat-beulit bari leutik. Nanjak mudun, ngaliwatan perkebunan coklat, asup ka kehutanan kai raksamala, ngaliwatan wahangan, bras ka astana gedé, asup ka pasawahan, kakara wé anjog wé ka lembur.
Tepi ka beungeut lembur jam sabelas peuting. Nu nyaangan téh ukur lampu lima wat nu reyem-reyem. Karasa combrék. Jauh tanah ka langit jeung di kota Bandung mah, teu katémbong jalma ngulampreng saurang-urang acan. Di pos ronda ogé suwung, taya nu jaga.
Cihcir nihtir ngagarelik, patémbalan jeung sora anjing babaung. Kuring mingkin rurusuhan. Komo barang mireng hawar-hawar sora situncuing ngagelik mah, haté tagiwur. Ingetan mingkin montél ka nu gering.
Nepi ka imah kasampak kulawarga can sararé, ngadagoan kuring tayohna mah. Saméméhna mémang geus dibéjaan, nga-SMS ka lanceuk.
Langsung muru kamar indung. Nyampak nu keur ngagolér ngarérét katémbong bungah. Najan teuteup ceuleuyeu bangun lungsé, paroman nu pias jeung begang matak hariwang. Gabrug nyuuh. Alhamdulillah geuning teu kunanaon. Reueuk hideung nu ngalimpudan pikiran sapanjang lalampahan ngadadak sirna. Kasilih ku haneut jeung cahya asih nu mabra ti nu jadi indung.
Sanggeus barang dahar jeung sosonoan, kuring ngampih ka kamar. Teu poho ngucap hamdalah sababaraha kali, geuning indung téh teu ku nanaon. Ngan cenah duka ku naon, minggu-minggu ieu indung téh bet inget waé ka kuring, mani teu bisa dibangbalérkeun. Kapikiran baé pokna téh, antukna kagegeringan.
Sit uncuing nu tadi, kadéngé deui. Mingkin nongtoréng mawa keueung. Hawar-hawar ti kajauhan, ngagelik, ngabangingik, mubus kana ceuli, ngancik dina pipikiran, antukna mépéndé ngajak lunta ka alam impian.
Isuk-isuk lanceuk hariweusweus ngaguyah-guyah. Rada lulungu kénéh. Paroman lanceuk pias, dina kongkolak panonna ngembeng ku cisoca. Kuring ngoréjat geuwat muru kamar indung. Kasampak keur diuk, angger lungsé. Tapi teuteupna kosong, siga nu baluweng.
“Aya naon ieuh, aya naon?” kuring hariweusweus, riweuh pacampur reuwas.
“Si Uwa Nasihin, di Bandung kabongkaran,” ceuk bapa. Teg kuring asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, awak karasa leuleus.
“Teras kumaha Uwana?”
“Saimah teu aya nu salamet, dipaténi. Sadaya harta bandana dikerid!”
Kuring olohok, asa cangcaya kana naon nu geus kadéngé. Sirah karasa lanjung, awak leuleus taya tangan pangawasa. Poék… sakolébatan kagambar beungeut kereng dua urang nu panggih di buruan téa. Geus kitu mah, kuring teu inget deui, teu inget nanaon, poék… poék… poék...***  

Cisompét, tungtung taun  2010

* Mahasiswa jurusan sastra Sunda Unpad
0 Responses

Posting Komentar