Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Derry Hudaya

Kenténg.
Kuring jeung anu sanasib saperti kuring,  ngajajar dina suhunan. Boga pancén méré iiuh ka pangeusi imah sarta nangtayungan raga badag imah lian ti kuring. Teu bisa baha.

Pabeubeurang kudu sadrah, teu meunang hentu direrab matapoe. Matapoe nu panasna teu bisa dijentrekeun deui ku kecap. Sumpah. Pikeun nyacapkeun katugenah ukur ku humarurung jeung humaregung jeroeun haté.

Teu weléh nguat-nguat manéh saban datang poe. Teu meunang ngangluh, gering, sumawona istirah tina pancén gawé.  Meunang ogé cacad. Tapi nasib kuring satuluyna teuing bakal jiga kumaha upama cacad. Meureun bakal dipiceun kamana. Bakal dipiceun ka jarian boa. Bakal terus-terusan ngambeu bau jadol. Digembrong laleur jeung dikiihan anjing.

Nalika datang hujan téh atohna pohara. Hayang mah surak atawa gégéjrét atawa engklak-engklakkan siga budak leutik. Budak leutik anu sok terus lulumpatan di buruan imah, ngabagéakeun gebrétna hujan. Laju calawak sacalawak-calawakna lir anu bakal wasa nandéan cipanon langit. Kahayangna mah meureun neureuy langit. Eta we, panonna oge nepi ka peureum-beunta kitu. Atawa keur ngabayangkeun jeung ngararasakeun kanikmatan jigana mah. Hanjakalna kuring mah lain budak leutik. Keun wé, ku bisa nempo paripolahna ogé bisa ngubaran haté.

Tapi sanggeus turun hujan pirang-pirang lila, bet karasa tiris awak téh. Kabulusan. Tapi kaburu inget deui kana guratan nasib diri. Satékah polah kudu kuat. Kudu ngabiasakeun manéh ku kaayaan samodél kieu. Kuring kudu bisa ngubaran manéh, silih upahan jeung kuring-kuring séjénna, jeung anu sanasib jeung kuring.

Ti poé-ka poé, ti minggu-ka minggu, ti  waktu-ka waktu,  taya parobahan nasib. Kuring tunggara. Kuring wwaeureu-seubeuh kapanasan, kaanginan, kahujanan, sarta kaibunan. Kuring teu bisa majar kumaha. Kuring.... ah, lamun kuring ditakdirkeun jadi Téhel mah moal kieu. Ku nu boga imah bakal ditalingakeun. Samingu sakali waé mah bakal disapuan, dielapan, dikepél. Moal aya kekebul nu narapel dina awak. Rupa bakal beresih, cahayaan. Moal, moal kahujanan, moal kapanasan modél kuring. Moal teu senang lamun kuring pareng jadi Téhel.

Kuring, salawasna ngabobodo diri sorangan. Nguat-nguat manéh atawa naon bédana jeung api-api kuat. Padahal nu sabenerna mah hayang baruntak. Hayang pisan ngaberesihan awak tina kebul, tina lukut nu teuing ti iraha ayana. Nyaho-nyaho geus reuteum di sakujur awak. Rupa anu ngan sakieu ayana téh beuki kumaha. Beuki lila mah awak téh karasa ngurangan kakuatanana. Urat-urat sarap, kulit, tulang, jeung daging geus teu normal deui sakumaha mistina.
Sanggeus digorogotan akar lukut, angin, hujan, ibun, jeung mangsa nu beuki dieu -beuki dieu teh beuki gangas, awak karasa ngurangan kakuatanana. Turug-turug anu boga imah teu pati nalingakeun. Ari kuring sorangan kapan teu bisa ngurus sorangan. Kungsi éta  ogé dipulas. Tapi ukur sakali-kalina, saméméh nerap dina suhunan. Teu matak nguatkeun awak dina waktu lila.

Abong nasib, boa-boa isuk pagéto bisa kénéh ngabobodo diri sorangan. Boa mah awak teh peupeus alatan katinggang nanahaon. Ari katinggang barang teuas mah tangtuna gé moal bisa kukumaha deui. Ieu awak bakal peupeus. Ku nu boga imah tangtu dipiceun, diganti ku kenténg anyar. Duh, karunya teuing anu jadi kenteng anyar, nasibna moal jauh ti nasib kuring ayeuna.

 Téhel.

  Hirup téh nalangsa kabina-bina. Salawsna ditincakan. Komo ditincak ku jelema anu awakna lintuh bayuhyuh. Komo deui lamun anu lintuhna téh awéwé bari keur kakandungan salapan bulan. Pikembareun deuih anu aya di jero beuteungna téh. Hég rébo ku ngajingjing balanjaan. Aduh, hayang mah ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat. Ngajerit siga budak nu kacepét étana ku seléting calana. Ngajeritna ogé rék diédankeun, mapakan sakaligus nyontoan artis-artis sinetron anu acting-na maksakeun maneh, teu payus diteuleuman jeung matak murel pikeun anu kapaksa nongton. Atawa leuwih ti kitu.

Nasib, nasib téh sakieu ayana. Lamun nasib kuring jadi Panto, jadi Jandéla, jadi Kenténg, jadi naon waé asal tong jadi Téhel, meureun rada mending. Senang. Moal nguluwut teuing. Bener-bener ripuh. Najan enya éta ogé sok rajeun (sakapeung) disapuan, dielapan, dikepél, tapi ari teu sabanding jeung lakulampahna ka kuring? Malah sok aya nu gégéjrét bari meupeuh awak kuring satakerna. Komo lamun nu boga imah keur rarungsing mah, kuring kalah leuwih rungsing batan maranéhna. Ngabatin. Sagala dialungkeun, dibabetkeun, jeung remen nengel kana awak. Éstu teu ngaraskeun. Teu uyahan!

Upama maranéhna jadi kuring, boa kuat. Dalah kuring sorangan ogé teu kuat. Ngan api-api kuat wé. Tara ceurik, tara ngajerit, tara ngamuk, da teu boga biwir nu sarua jeung maranéhna. Biwir kuring mah ngan bisa dipaké ngobrol jeung budak anu keur diajar ngomong ba-bi-bu. Budak leutik anu ngomong sorangan, ceuk indungna mah. Padahal éta téh keur ngobrol jeung kuring. Keur silih tepikeun kateungartian kana paripolah jelema déwasa. Ngan teuing kunaon, ari geus déwasa jeung bisa ngomong jeung jalma déwasa mah éta budak anu sok jadi batur ngobrol téh api lain.

Alatan kitu, omongan kuring teu bisa ditepikeun deui ka kolotna. Lamun kuring langsung ngomong ka kolotna ogé moal kadéngéeun jeung moal kahartieun. Ku manéhna ogé boa ngartieun ari geus kitu mah. Rék kumaha? Hayang kitu-kieu ogé pamustunganana mah cukup ku cicing. Cukup ku jempling. Ngahariringkeun eusi batin nu diranggeum ceudeum.
**
 Dina hiji peuting anu jempling. Imah suwung.

 “Tiris. Aduh..... tiris. Teungteuingeun ari jelema. Lamun awak kuring dipulas deui, dikandelan deui cétna, meureun datang peuting téh moal tiris teuing. Lamun beurang moal panas teuing. Jelema téh teungteuingeun,” ceuk Kenténg.

 “Ah ogoan sia mah. Nyaho ngeunah jadi Kenténg mah. Tingali yeuh aing. Unggal poé ditincakan. Sakeudeung deui ogé pada nincakan. Jabaning nu boga imah téh balikna bakal rébo ku babawaan. Geus balanja téa atuh. Boa mah balanja kulkas anyar. Kulkas anu leuwih gedé batan nu ayeuna ngabeungbeuratan awak aing. Boa mah kulkasna sagedé gajah. Atawa sagedé teng waja. Jalma téa tara manggih puas. Sok hayang leuwih. Malah sok jadi kaleuleuwihi geuning.”

Saméméh Téhel leuwih panjang deui nyarita, Kenténg motong omonganana. “ Ah sia mah kaleuleuwihi. Omongan téh nurutan oknum pajabat. Ngaleuleungit kasugemaan nu aya, jeung ngawawaas diri sangkan ditaékkeun pangasilan. Teu meunang kitu, puguh ngeunah jadi Téhel. Ngeunah pisan. Tah rupa sia mani hérang kacida. Aing mah boro-boro. Kebul geus kandel ogé teu ieuh dipaliré….”

 Duanana ngarasa diri pang balangsakna, asa aing paling ripuh jeung ditambélarkeun ku nu boga imah. Antukna duanana silih carékan. Silih goréngkeun. Taya nu daék ngéléhan. Paheuras-heuras genggerong.

“Meunggeus ah gandéng!” Jandéla nyapih anu keur paséa rongkah. “Kabéh ogé sarua. Aing, Panto, manéh, jeung anu séjénna oge sarua. Taya nu ditalingakeun sakumaha mistina. Ngurusna sakarep ingsun. Lamun rék nyarékan ogé ka nu boga imah atuh. Lain ieu mah silih carékan. Naon gunana? Nyaho urang téh sanasib. Anu sanasib mah kudu bisa silih: silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Silih upahan ogé teu matak doraka. Tong nurutan kalakuan nu boga imah, gawéna paséa unggal poé. Lantaran kitu meureun, nepi ka poho nalingakeun urang saréréa.”

Saméméh aya nu nyarita, Jandéla neruskeun deui omonganana:

“Méh unggal poé, Si Panto dibantingkeun satakerna. Lamun teu ku budak-budakna anu ngadat alatan teu diturut kahayangna, ti mimiti budak nu hayang jajan nepi ka budak nu hayang kawin, atuh indung-bapana ogé sarua. Matak tugenah. Mimindengna mah mun geus paréa-réa omong geuning, atawa nalika bapana balik peuting taya nu gura-giru mukakeun Panto, kapan sok gegedor satakerna. Najan rusuh atawa keur aya kapusing, tapi teu lumrah lamun népakeun katugenah ka si Panto apanan.”


“Heueuh!” Panto irungna rebéh mun seug bogaeun irung mah. Hanjakalna henteu.

  “Ari enggeus kudu kumaha?” walon Kenténg jeung Téhel méh bareng.

  “Urang pikiran ku saréréa!”

  Kabéhananana mikir. Uleng. Ngoréh alam pikiran séwang-séwang, sugan manggih bongbolongan anu pantes keur ngajait diri tina nasib nu sarupa. Anu kapanggih ukur tanda tanya nu baradag. Geus ngarasa teu kapikir mah maranehna nanya ka imah nu aya di gigireunana. Imah tatangga nu geus jadi sobat dalit pikeun maranéhanana. Tapi, geuning ngalaman nasib nu sarua. Ti mimiti Kenténg nepi ka Tehél, nasibna sarua.

Dua imah sawala. Laju ménta tulung ka manuk uncuing sangkan mangméntakeun bongbolongan ka imah RT, anu pernahna rada anggang ti béh dinya. Tapi sarua. Nasibna sarua. Sarua keur tunggara. Ka imah lurah, ka imah camat, nepi ka imah persidén, kabéh ngalaman nasib anu sarua. Pada-pada dimomorékeun ku jalma-jalma anu nyicinganana.

“Tétéla, jaman kiwari mah jalma téh geus teu bisa males budi ka nu méré kahadéan. Poho ka purwadaksi. Poho kana tugas jeung kawajiban pikeun ngurus kahirupan. Urang ogé kapan sarua, bagéan tina kahirupan manusa anu wajib diurus. Lamun euweuh urang, rék bisa naon maranéhna? Rék saré di mana? Ré ngiuhan di mana?” ceuk Kenténg bari rumahuh.

  “Kumaha lamun ménta tulung ka Pangéran,” ceuk Jandéla bangun asa-asa.

  “Éh, heueuh nya. Hayu urang ménta tulung ka Pangéran!” ceuk Téhel jeung ceuk anu séjénna. Ramapak.

“Tapi kumaha carana?” ceuk Panto bangun anu bingung.

“Urang nurutan jelema wé. Tapi lain jelema nu ayeuna nyicingan ieu imah. Maranéhna mah boa ingeteun atawa wawuh ka Pangéran,” ceuk Jandéla. “Tapi urang mah nurutan jelema anu baheula kungsi nyicingan ieu imah geuning. Anu kiwari mah geus hunang-hening di jero kuburan, ” Jandéla neruskeun omonganana.

  “Heueuh kumaha?” Kenténg bangun nu panasaran.

   “Tengah peuting nyambat-nyambat Pangéran bari jeung nyebutkeun kahayang urang séwang-séwang,” walon Jandéla.

  Sapoé, dua poé, tilu poé. Taya kajadian nanaon. Taya kajadian anu dipiharep. Nu boga imah angger haré-haré. Kenténg guligah. Téhel marudah. Kitu ogé nu séjénna. Teu sabar ngarep-ngarep jawaban Pangéran, jeung ngarep-ngarep pitulung Pangeran ku ngarobah lakulampah jalma-jalma nu aya di éta imah. Leuwih tulatén ngurus jeung maliré kana kaayaan maranéhna.

Dina hiji peuting anu jempling, peuting anu pohara lilana, leuwih lila batan peuting-peuting samemehna, pangeusi imah saré tibra. Panto, Jandéla, Kenténg jeung nu séjénna leuwih husu ngado’a, nyambat-nyambat ngaran Pangéran. Barang keur kitu, angin rongkah datang ngagelebug. Disusul ku lini. Hujan turun sagedé-gedé peureup. Gelap dor-dar. Kenténg ngaburusut. Jandéla peupeus. Panto rujad. Antukna imah téh rubuh. Lain ukur imah éta, tapi imah nu séjénna ogé sarua. Bru-bro di ditu-di dieu. Sakampung! Sadésa! Sakacamatan! Sa.......ehm.

Teuing tanggal sabaraha, teuing jam sabaraha. Geus euweuh kalender jeung jam. Euweuh panto, euweuh kenténg, euweuh imah jeung euweuh ogé nu disebut jalma. Kabéh rata. Ukur aya taneuh.

Singajaya, 2011
0 Responses

Posting Komentar