Bengkel Ngarang Sunda
Carpon: Anggi Novia Dewi

Maya, ti mimiti peuting ieu uing moal bisa nepungan anjeun. Peuting isuk, peuting pagéto, jeung peuting-peuting engké deui nu moal bisa diitung. Uing geus tibra, disimbut kalanggengan. Lain hartina uing teu nyaah ka anjeun. Hampura anu kasuhun, carita uing geus beungbeung.
Uing moal bisa apél deui ka anjeun, moal bisa sosonoan deui. Moal bisa curhat ka didinya deui. Malah moal bisa ngelol-ngelol acan néang anjeun. Hampura, Maya.
Poma riksa imah urang. Nitip unggal rohangna. Dingding-dingdingna. Poma anjeun ulah nepi ka indit. Tungguan wé geura, aya nu nganjang teu? Nu hayang ngobrol jeung urang siga sasarina.
Nitip poto-poto uing jeung si enéng. Komo poto uing jeung si enéng nu keur maké kaos kembar mah. Judul kaosna téh “I was born to love him” jeung “I was born to love her”. Énggel potona ti luhur. “Cisss!” cenah bari manyun. “Cetrék!” cenah sora kaméra hapé ngaburinyai. Poma teundeun dina tempat nu biasana.
Ah kétang, da anjeun mah tangtu satia. Moal ngucah-ngacéh rusiah. Moal ngabolékérkeun kasalahan batur, siga jalma-jalma di kantor uing. Komo nepika hayang pindah dunungan mah. Malah moal-moal acan anjeun mukakeun panto keur nu anyar datang, masing keketrok gé.
Apan anjeun geus dicangreud maké konci ku uing. Koncina moal aya nu bisa ngaduplikat. Moal. Masingna dokumén-dokumén di kantor, lain diduplikat deui tapi dipalsukeun kétang.
Siga kamari beurang, uing dititah nanda tangan tujuh kali. Keur laporan pengeluaran keuangan penelitian lapangan, cenah. Laporan podol séro! Uing mah teu pipilueun ka lapangan-lapangan acan. Cicing di kantor. Teuing ari nu dilaporkeun ku bagian personalia ka Pa Diréktur mah. Waktu harita uing rada merod, lain pédah teu butuh duit.
Uing ngarasa lain jalma nu sok codéka ka batur, nu sok ngahecker batur. Insya Alloh, moal aya nu kitu ka uing mah. Apan hukum kausalitas pasti aya, Maya.
Salila konci imah urang euweuh nu nyaho, moal aya nu bisa asup. Sanajan maranéhna keketrok gé. Tah geuning, si enéng keketrok. Deudeuh teuing geulis. Akang moal bisa sosonoan deui, bageur. Moal bisa ngobrol deui.
Enya, jandéla-jandéla di imah urang apan masih muka, Maya. Batur masih bisa ningali atra eusi imah urang. Tapi jandélana disarigsig naon boa, moal aya nu bisa asup. Maranéhna ngan ukur bisa naroong tina jandéla, tuluy ngotrétkeun pesen dina dingding keur uing. Haturan béla sungkawa, kitu meureun pibasaeunana.
Tuh geuning si mamah. Nuliskeun béwara sungkawa. Dituturkeun haturan sungkawa ti babaturan sakantor, salembur, jeung nu kungsi wawuh.
Tah si enéng keketrok deui. Manéhna ningalian dingding-dingding imah urang, Maya. Meureun teu si enéng eueuriheun mah. Komo macaan pesen-pesena mah, abong mun teu kanyenyerian haténa. Hampura geulis, sing ikhlas!
Tuh, si enéng mukaan poto-poto uing jeung manéhna. Tah, jeritna parat kadéngé nepi dieu. Nepi pangreureuhan uing, Maya. Deudeuh teuing bageur!
Enya, bulan kamari pisan uing néang ka imahna jeung kolot téh. Rék ngaiskeun pasini jangji, nyangreudkeun pamageuh kadeudeuh, ahad pamungkas bulan ieu. Lain uing jalir jangji. Teu nohonan pasini. Apan uing mahluk laip, Maya. Uing kudu nepungan Anjeuna. Nohonan nu geus dikedalkeun ti anggalna. Uing kudu ninggalkeun si enéng.
Rék teu kanyenyerian kitu kumaha deuih atuh, Maya. Apan di dinya apal sorangan, kumaha geugeutna uing jeung si enéng. Malah kamari beurang mah, si enéng balaka cenah mun geus nikah, hayang pangmasakkeun keur bekel uing di kantor. Ngarah beuteung uing teu kukurubukan waktu digawé. Ditungtungan ku emotion nu kieu geuning ;-). Koméntar kituna téh, basa uing nulis status “Duh, beuteung kukurubukan, euy!”
Teu lila si enéng indit deui, Maya. Teu keketrokan deui. Teu siga peuting-peuting katompérnakeun meureun. Karék nyaho yén si enéng gé keur aya di dunya urang, uing langsung ngagupayan. Manéhna teu kudu keketrok, uing pasti langsung muka panto imah urang, Maya. Tuluy ngobrol. Tuluy ocon. Nepika di imah urang téh, Maya, haneuteun ku tamu nu milu ngobrol. Nepi ka peuting, nepi ka uing ngaguherna.
Pan basa peuting kamari, basa si enéng keur sarua aya di dunya urang, Maya, manéhna siga biasa nganjang. Ngobrolkeun sagala rupa kagiatanana poé harita. Geus néang baju jeung si mamah cenah. “Saé téh A! Dicobian téh, pas pisan.” Kuring ngan bisa ngarahuh, ménta hampura teu bisa maturan manéhna. Témbalna téh, teu sawios atuh, pan Aa nuju milari artos keur enéng. Nu dituliskeun mah emotion seuri, tapi haté banget ngarakacak.
Tuluy manéhna ngobrolkeun geus meuli merchandise keur tamu. Cenah, mani rieut milihanana, ieu saé itu saé. Si mamah gé, kuat baeud. Da enéng lami teuing milihanana. Atuh da lalucu geura, A. Aya gantungan bonéka pangantén, aya miniatur angklung, aya...uing kaburu motong, enéng milih nu mana? Milih gantungan bonéka pangantén.
Geus kitu, manéhna ngobrolkeun piwuruk indungna. Cenah mun geus jadi pamajikan ulah sok hayang nyaho teuing urusan salaki. Keun cenah béré lolongkrang keur dirina sapribadieun. Manéhna nyikikik, uing nyakakak asa dipangmeunangkeun.
“Wljg le2son, A!” cenah mungkas obrolan peuting kamari.
Biasana mah sok tuluy reup saré. Peuting kamari mah nyileuk nepi ka tabuh sabelas leuwih. Asa teu pararuguh rasa. Pikiran pagaliwota. Teuing pédah tujuh belas poé deui uing rék ngucap ijab kabul. Teuing pédah suasana di kantor nu karasa mingkin beurat.
Nitip si enéng, Maya. Bisi manéhna sono, heug manéhna keketrok siga biasa. Omat, ulah disaha-saha. Heug aku, tingtrimkeun haténa. Pangbéjakeun ka si enéng, yén uing bener-bener micinta dirina.
Maya, di dieu uing cuang-cieung. Teu bisa néangan sobat siga di teun anjeun. Rék nga add, nyolék, rék dianggurkeun, atawa rék dipiceun gé, bébas.
Teun anjeun, Maya. Kabéh kasalahan bisa dihapus. Salah sakecap waé mah, tinggal di didelete atawa dibackspace ceuk paribasana. Tapi di imah uing nu anyar, teu bisa kitu. Kabéh kudu dipertanggungjawabkeun. Teu sirikna disiksik ditalungtik, nepi kana bukur-bukurna, Maya. Teu bisa sasalingkeran, nyumputkeun itu ieu siga di kantor. Kabéh gé kabuka, euweuh lalangséan.
Tadi isuk méméh indit gawé, apan uing masang status, “Hayang nganjang ka ahérat, sugan panggih jeung malaikat, hayang nyarita yén di ieu dunya téh geus pinuh ku nu basilat.” Ayeuna tinekanan, Maya. Tadi isuk hiji treuk ngagiles motor uing. Uing ambruk. Bruuuk!
Maya, tuh Malaikat Munkar jeung Nakir geus siap nakon kuring, Man Robbuka!
Mujahidin, 14 Maret 2011
0 Responses

Posting Komentar