Ayana béngkél ngarang, dimimitian ku diayakeunana pelatihan keur pangarang anyar di gedong YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan) di Jl. Naripan No. 9 Bandung. Naha ngaranna bet Béngkél Ngarang? kulantaran pamilonna lain nu kakarék diajar ngarang, tapi nu geus biasa tulas-tulis di média. Tah, ari ngaranna béngkél téh hartina ngaropéa nu geus aya. Nya, hasilna bisa butut atawa alus gumantung ka anu di apingna.

Ayeuna, nu asup kana blog ieu (salaku pangarang) lain waé pamilon béngkél, tapi saha waé nu mikacinta kana budaya Sunda, hususna ngarang boh carpon atawa sajak.