Iwan M. Ridwan
Daun eurih tingarulang
Ngagerihan dampal angin
: Asa geus rintih. Sada saha?
Ngan sada suku luméngkah
Lieuk deui, nu dilieuk geuning euweuh
Sedeng méga beuki hideung
Ningker beuheung
Daun eurih tingarulang
Ngagerihan dampal angin
: Saha nu rintih? Sada saha?
Ngan sada suku lumampah
2013


Garung Dungus
Bubulak geus burak-barik
Jungjunan! Geus dibuburak
Sada akar, sada urat
Sada duriat nu pegat
Jeung angin-angin nu kingkin
Bras ka Pasir Ipis
Jeung implengan saliwatan
Ras ka pager betis
Leuweung nu kamari luwang-liwung
Jungjunan! Geus ngalungkawing
Beuki lewang, beuki lamping
Beuki rumpil keur nu ngeumbing
2013


Catetan ti Batu Lawang
: Gunung Padang
Ka leuweung ka reuma
Jeung carinakdakna dongéng Ema
Bilik carang iga urang
: Geuwat peureum. Ujang, Nyai!
Tuluy keutar tina geutah
Pucuk-pucuk mala
Nu diala
Diamis-amis ku létah
Ti leuweung ti reuma
Jeung carinakdakna dongéng Ema
Peuting rarem langit surem
: Geuwat peureum!
2013


Di Hiji Galéri
Milu keri ka patani
manén katiga nu mangprung
di hiji galéri
Warna haté diulaskeun kana kanvas
siga layung ngolo panon
di hiji galéri
Milu seuri jeung patani
nyeungseurikeun cipanon
nu murag teuing ku naon
2013
0 Responses

Posting Komentar