Bengkel Ngarang Sunda
Ku Wini Fitriani


Hudang saré muka laptop, saméméh indit kuliah muka laptop, di kampus muka laptop, balik ti kampus muka laptop. Kitu jeung kitu wé gawé téh. Tangtu waé lain ngan saukur dibuka éta si laptop téh. Facebookan mimindengna mah, atawa twitteran. Ngerjakeun tugas atanapi skripsi mah kumaha engké wé. His! Tapi teu jaman kétang ayeuna mah fb-an jeung twitteran maké laptop atawa komputer, Blackberry dong, Android, atawa tab (naon wé mérekna mah), nu penting gaya. Geus jadi trénd di kalangan mahasiswa mah BB téh, meusmeus BBM-an. Mimiti mah sugan téh BBM téh “Bahan Bakar Minyak”. Ayeuna mah geus boga BBna, kalah bosen kuring mah.
Teu dimana-mana ampir sakabéh jalma nu boga HP kasebut canggih, pasti éta HP téh dikeukeuweuk. Aya nu ngajak ngobrol gé haré-haré wé, sakapeung mah sok disebut autis nu kitu téh. Asyik dengan dunianya sendiri. Leuheung mun keur cicing, ieu mah meuntas jalan raya gé ngeukeuweuk HP. Kumaha mun jegér téh katabrak. Boh jalmana boh HPna meureun bubuk harita kénéh. Kaasup kuring, teu jauh jeung nu lian, sok autis sorangan mun geus anteng jeung Android téh. Resep kénéh maké Android, padahal BB boga 3. Ah horéam mawa HP loba-loba bisi disebut adigung. Kuring mah resep kénéh twitteran daripada fb-an téh. Cenah ceuk batur mah twitter leuwih highclass tibatan fb. Padahal mah lain ku kitu-kitu teuing, kuring mah haro remen-remen teuing muka fb téh, bonganna sok aya si éta online waé. Matak panas sagala rupana. Teuing kunaon, padahal batur gé loba nu sok online waé, tapi ka si éta mah kuring asa teu resep.
Moal ngagugulung katugenah asalna mah, sieun. Enya sieun ku rupa-rupa kasus kajahatan nu asal muasalna tinu masalah jejaring sosial. Pan loba kriminalitas nu dilantarankeun ku facebokk, twitter jeung sajabana. Aya penculikan, perdagangan manusa, transaksi illegal, pemerkosaan, jrrd. Bararaid pokona mah. Loba ogé nu meunang kabogoh tinu jejaring sosial, meunang pagawéan, nu jadi artis téa mah. Ah rupa-rupa pokona mah. Geus jiga museum atawa perpustakaan hirup sugan mah jejaring sosial téh, naon sakur nu euweuh bisa ditéang ngaliwatan jejaring sosial éta. Gaya nya dunya teh ayeuna mah, aki nini atawa uyut urang mana nyahoeun kana fb atawa twitter. Ceuk basana ayeuna mah, kuper mun teu nyaho fb atau twitter téh. Malah cenah mah loba deui aplikasi séjén, tapi kuring kurang apal.
Ayeuna mah ambek-ambekan ditulis dinu fb, nyepétan batur dinu fb, bogoh ka jalma gé tulis dinu fb, ah pokona mah jejaring sosial geus jadi ajang curhat wé. Nepikeun ka ngado’a ka Allah gé dina fb. Na gusti Allah sok fb-an kitu?... Tara meureun nya? Tapi da kitu kanyataanana kétang. Moal bisa dihenteu-henteu, moal bisa disumput-sumput, manusa jiga nu geus kacanduan ku dunya maya téh.
Balik deui ka si éta. Enya si éta nu ngabalukarkeun kuring horéam muka fb, muka twitter. Teuing kunaon ayeuna-ayeuna asa héwa pisan ka manéhna téh. Teu pira padahal mah masalah status. Manéhna mindeng pisan update status ngeunaan sagala rupa. Mimitina mah kuring resep, simpatik kana status-status manéhna téh. Tapi….naha kadieunakeun mah jiga nu sombong. Meus-meus update status. Teu sirikna samenit sakali. Ongkoh deuih ayeuna téh manéhna geus lulus kuliah, tinggal wisuda. Bungah meureun kana kituna mah. Silih bales koméntar jeung babaturanana, jeung dosén pembimbingna. Babaturan kuring, si Kokom sok ngomong kieu :”keun wé atuh May, baé si éta nulis status mah, meni sok riweuh sorangan, da batur ieuh!” kitu pokna téh.
Dipikir-pikir bener ogé nu diomongkeun ku si Kokom téh, naha kuring séwot nya? Jiga nu kebakaran jénggot ceuk paribasana mah. Naha enya si éta téh sombong? Atawa kuring waé kitu nu panasan? Padahal batur gé loba nu nyieun status leuwih ti si éta, tapi kuring teu nanaon. Ti baheula mimiti asup kuliah, mun aya kagiatan-kagiatan kampus téh kuring jeung manéhna sok gawé bareng dina kapaniciaan. Manéhna sok kapapancénan jadi sekretaris waé, kuring mimindengna mah jadi humas. Da sabenerna mah kuring hayang pisan jadi sekretaris, sabab ti keur sakola kénéh di SMP, SMA kuring geus bisa kana tulas-tulis mah. Malah si éta mah euweuh nanaonan dibanding kuring mah. Ngan nu matak teu nyogrog-nyogrogeun manéh téh da rada éra, sabab manéhna mah dipilih ku barudak, nya dipercaya ku babaturan kuring, lain saurang dua urang tapi ampir sakelas. Puguh wé kuring teu bisa kumaha. Nepikeun ka ayeuna manéhna geus lulus, kuring sok rajeun kapanasan. Manéhna mah jiga nu teu ngarasa nanaon, tiis wé. Boa-boa kétang, manéhna nyaho kuring teu suka  ka manéhna, ngan api-api teu nyaho. Geuleuh atuda, meus-meus nulis status ngeunaan kalulusan atanapi wisuda. Kuring gé nyaho lah manéhanana geus lulus téréh wisuda, tapi ulah digembor-gemborkeun teuing, katingalina téh sombong. Enya kitu sombong? Atanapi ngan ukur katingalina wungkul? Ngan saukur rasa sirik pédah kuring can lulus jiga manéhna? Ah teuing atuh, nu puguh mah kuring héwa ka manéhna.
Harita kungsi kuring sura-seuri, ngalaméhan manéhna. Da puguh kuring keur aya pangabutuh. Ménta sumbangan keur ngado ka babaturan, nya si Kokom téa. Manéhna méré. Ku kuring téh dipuji-puji. Bageur pisan ceuk kuring téh. Manéhna mah ngan ukur seuri, tara loba omong. Sanggeus bérés éta mah kuring téh baeud deui wé. Jahat pisan atuh kuring téh nya lamun kitu mah? Bageur lamun keur aya butuhna wungkul. Teuing kunaon atuh ayeuna bet ngéwa kacida. Haté téh beuki panas waé, komo mun ningali si éta babarengan jeung kabogohna, dianteur jemput ka kampus ku kabogohna. Éh…naha nya kuring bet panas?...lain timburu, tapi sirik, sabab kabogoh kuring ayeuna keur jauh. Enya jauh, beubeureuh téh keur aya di luar kota, di Papua, balik ka lemburna. Enya gé beubeureuh kuring urang Papua, tapi da rupana mah teu jiga urang Papua nu harideung, buukna galing. Kabogoh kuring mah jiga urang Sunda. Urang Sunda nu kulitna teu héjo carulang, tapi sawo asak, nu asak pisan, ampir buruk. Buukna gé teu galing, tapi gimbal. Heueuh gimbal, ampir nyaruaan sayang manuk. Karesepna téh kana band atuda kabogoh téh. Matak kuring resep mun diajak ku manéhna maturan manggung. Pan wawuhna gé tina jejaring sosial kénéh. Heueuh jigana mah kuring gé sok kapanasan téh pédah éta meureun. Pédah kabogoh jauh.
Ayeuna mah si éta katingali arang fb-an atawa twitteran. Teuing kunaon, horéameun meureun ningali status-status kuring nu mindengna mah nyindiran jeung ngagosipkeun manéhna. Sok katingali kétang, sakapeung manéhna onliné, tapi mun pareng kuring keur online, nu kuring sok buru-buru di offlinekeun. Haro. Jeung rada sieun deuih, jigana manéhna geus apaleun yén kuring mikangéwa manéhna. Ayeuna mah masing-masing wé ah. Kuring horéam muka fb deui, onlén deui. Éh aya nu poho, ti tadi nyarita téh kuring can ngawanohkeun diri. Ngaran kuring Maya. Cing saha waé nu sok online, tong poho nya, add kuring MayaPanasBarananSadunya, follow ogé kuring di MayacelaluXirikcamaKamuh. Wilujeng tepang sareng simkuring di dunya maya.


Tanjungsari, 28 April 2012
1 Response
  1. Heuheu! Hebat... urban pisan ieu carpon. gkgk pokona mah Win!


Posting Komentar