Iwan M. Ridwan
puisi keur unaida

"saha unaida téh?" cenah.
sawatara jamla nanya kitu sual anjeun, unaida.
lain. anjeun teu kungsi nampik cinta kuring,
teu ngaraheutan haté ieu, teu deui nyasaak awak
nu ngebatkeun pipikiran huleng jentul
jiga nu kabarandungan ku maranéhna
kasaksian sapopoé

lain deui, anjeun teu ngalaman raket jeung kuring
paadu reujeung saban beurang atawa peuting
siga bulan reujeung méga, angin reujeung kalakay
"saha atuh unaida téh?"
"nu mana?"

teu penting saha unaida
hiji ngaran sukup boga hiji sawangan
unaida. anjeun. hiji wanoja anu ngalantarankeun
haté biluk kana rupa-rupa implengan
kana puisi. hiji mojang nu nyaangan hate,
nyaangan kahirupan. lain bulan, lain béntang, lain méga
tapi jomntara nu murbeng pangharepan

bandung, 7 méi 2006

(Sajak Sunda Munggaran ieu téh)

deudeuh

- unaida
neuteup anjeun dina kelemeng cahaya néon,
diharudum simbut panglamunan, panineungan kuring
muter ka saban mamangsaan. kuciwa. gumbira
atwa pancarobana kuciwa jeung gumbira
hiji-hiji carita nembongan dina bulu panon anjeun
sieup, ngajalan satapak mapay waruga
nembang wirahma, ngagaris paroman rasa

anjeun.
deudeuh.
nyangsaya dina kamelang. tatu nu jadi alatan
sakujur awak ngalungsar dina kanyaah balaréa
dina pamisah antara belegbeg peuting reujeung hiliwir angin
jempling. peureum anjeun mendem cangcaya

bandung, 23 januari 2007
Iwan M. Ridwan
Soré harita mah hujan gancang raatna. Langit béngras deui. Panon poé moncorong deui najan geus ampir mubus ka handeuleum sieum. Di jalan mobil jeung motor beuki pasuliwer ngulon-ngétan: nu baralik gawé, nu baralik sakola jeung kuliah, atawa nu ngahaja ulin papasangan. Aya ogé nu rék indit. Indit gawé atawa indit ka mana horéng. Kuring mah biasa wé nikreuh sapanjang jalan. Lain teu boga duit keur naék angkot atawa ngahaja ngirit, tapi nu liwat dinya ukur mobil méwah jeung motor nu ngahaja maké jalan tetembusan. Ah kétang mimindengna gé kitu apanan.

Salsé nakéranan leumpang téh sakalian cuci mata. Sagala dirérét sagala diténjo. Tapi kalah peurih ku kekebul nu halaliber kabawa angin soré. Cuci mata sotéh nempo nu hérang-hérang maksudna mah. Nu gareulis. Barudak SMA nu arabmucuy keur meujeuhna kokoseun, atawa mahasiswa perkantoran jeung perhotélan anu dangdanna méakeun batur. Dibiasakeun cenah ambéh gampang néangan pagawéan. Da lolobabana mah pagawéan téh ngabutuhkeun nu gareulis. Tuh geuning SPG nu karék arindit gawé shif malem, mani salaleger katempona. Ngadak-ngadak ngaruy.

Nu diboncéng dina motor diukna cangégang, ngahaja kawasna mah ngabibita. Teuing ngabibita saha-sahana mah, kuring gé teu apal. Anu kitu téh kalolobaabana mah budak SMA. Dibawa ku pasangana dina motor bégang bari knalpotna boborobotan. Di jalan ngebut, meuni teu sieuneun asup angin najan erok kulawuna ngaliglag ogé, ah kétang asup si imin ogé teu sieuneun. Cenah mah di urang ayeuna, barudak awéwé téh ampir tujuh puluh persénna geus ngalaman kikituan. Wallohu kétang urusan éta mah moal deuk diuar-uar.

Balik deui ka jalan, anu dina motor téh aya ogé anu paduduaan jeung awéwé deui atawa sosoranganan. Nyelap-nyelip kana sisieun mobil méwah anu beuki euyeub ngagegekan kota Bandung, geus rumasa béak lolongkrang mah eureun harita kénéh gé. Nu dina motor séjén sok ting rarérét luhur handap. Nempo beungeutna jeung awakna tuluy turun kana lebah harigu jeung cangkéngna. Reug teuteupan areureun dina lebah pingpingna, aya ogé nu pirajeuneun ngahuitan bari sarangah-séréngéh, nu kitu téh biasana mah barudak ngora papantaranana, kalolobaanana mah ngan semet bisa neureuy ciduh bari diukna sok rada usad-ised.

Klakson réang disarada nalika lampu geus héjo deui. Biur kabéh maraju tinggarerung bari patétéép.

Basa anjog ka stopan, kadéngé hénpon disada nandakeun aya SMS nu asup. Ah moal salah ti Si Enéng beubeulahan haté nu geus jangji rék patepung di parapatan. Sakapeung mah sok ngarasa anéh, papanggihan téh bet di lampu stopan. Saheunteuna gé di taman kota pantesna mah atawa di Mall kawas ilaharna barudak ngora nu keur meujeuhna ngangon katrésna. Tapi keun baé kétah ngarah béda.

“A, Abdi badé angkat ayeuna nya!” kitu uni SMS nu katarima.

“Enya sok diantosan, A tos di tempat. Cekéng, minangka balesan.

“Walah tos ngantosan? Sareng saha di dinya A?” témbalna deui masih dina SMS.

“Nyalira, Néng! Teu sawios nyalsé wé ti bumi ulah kekebutan!” ceuk kuring deui bari tuluy diuk dina bangku panjang paranti tukang béca reureuh ngadagoan panumpang. Harita mah kaparengan rada sepi, témbong aya béca hiji, nu bogana keur babaseuhan dina sélokan bari ngaguar-guar runtah, sabab cai hideung téh mudal maseuhan jalan. Ngabayahbah. Kabawa muih ku ban mobil jeung motor nu ngaliwat. Ukur dirérét mélétét. Embung milu riribugan mah.

Paneuteup ka hareup deui, ngawaskeun balawirina jalan Soekarno-Hatta. Nempo motor nu kawas pawéy. Sakapeung areureun kapegat lampu beureum. Piligenti jeung nu datang ti arah kulon. Giliran nu ti arah kulon eureun, manéhna maraju bari ting baliur. Kitu jeung kitu we sapapanjangna. Henteu téh ari peuting meureun semet jam sabelas kaluhur nepika jam lima subuh. Teuing da teu kabandungan.

Sajoroning nitenan kaayaan, haté teu weléh galécok. Barang nempo ka kencaeun jalan, teg téh haté bet ngadadak ngabagel sabab nempo kotakan badag nu biasa dipaké nongkrong jeung barudak peuting-peuting, ayeuna geus robah rupa jadi taneuh barangkal nu rata. Batu-batu geus singgarunduk sisieunana kawasna geus sababaraha poé diurugan, kari-kari ayeuna geus tinggal ngadegkeun wangunan.

Sawah téh tinggal sajarah. Bet jadi inget ka nu di lembur. Inget ka indung nu geus kolot bari jeung masih kénéh riripuhan di sawah. Abah nya kitu kénéh, subuh-subuh geus kukurubutan dina reumis, beurangna jejeblogan bari papanasan mopokan galeng atawa ngamalirkeun pétakan, enya ayeuna téh waktuna nyawah. Kuduna mah geus waktuna eureun tina nyawah kolot téh. Geus waktuna cicing. Tapi dalah dikumaha Haji Sadili masih kénéh mercayakeun nyawah ka Abah bari jeung hasilna mah ngan ukur keur ngamodalan deui sawahna. Ngeunah wé keur manéhna mah hasil téh dikerid satengahna, sedeng modal sawah mah teu apal ti mana ti mendina. Timana meuli gemukna, timana keur nyemprot hamana. Keur mayar nu mopok jeung ngalektor, can deui nu tandur. Ah puguh ge mun si Abah teu merih mah pimanaeun bisa aya keur dahar bari jeung teu meuli beas.

Abah téh jalma ngumbara kawas kuring, manéhna kakaburan tina udagan Goromolan DI/TII ti Cibatu, Garut, tuluy panggih jeung Eyang Haji Enur, nya digawékeun di Anjeuna tepika ngajodo ka incuna nyaéta indung kuring ayeuna.

Loba nu teu panuju harita téh sabab maenya aya bujang meunangkeun dunungan najan enya ka incuna. Ari Eyang Haji Enur katut bapana indung kuring, aki tea, teu sugan mondah atawa ngajodo-jodokeun ka nu jadi anak-incu téh, kumaha jinisna we majar téh nu rék rumah tanggana ge maranéhna sorangan tangtu boga pamilih. Keur mah eukeur indung kuring téh anak yatim satutasna ditinggalkeun maot ku Nini, enya idungan indung kuring, nu maot sabot ngalahirkeun indung kuring. Ari aki kawin deui ka parawan kolot nu sapopoéna kuli nutu di saung lisung Eyang Haji. Dasar atuh awéwé beunghar ngadadak kabawa ku salaki, anu asalna cacah ngadadak jadi menak, watek jeung tabeatna jadi asa aing pangendenna. Dangdanan jadi ceuyah, kadaharan kudu ngarareunah, sare kudu dina kasur merenah. Teu daek indit deui ka saung lisung, anti pisan bobolokot leutak sawah.

Ah keun baé kétang, ulah sok diuar-uar, teu jadi kahadean malah mah jadi kagorengan. Keun wae da ayeuna mah maranéhna geus areuweuh, lian ti éta Abah jeung Ema ge geus mopohokeun meureun. Kudu syukuran ayeuna mah, kuring bisa kuliah tina hasil itikurih maranéhna téh.

Enya sok sanajan ripuh ogé di sawah, baheula mah bisa kampal-kumpul sautak-saeutik, tepi ka bisa ngagade deui sawah. Tina hasil gadean éta nya dikumpulkeun deui wae, keur kukumpul ziarah ka Tanah Suci, jeung Alhamdulillahna téh bisa tinekanan. Enya pangakuan Abah jeung Ema mah lain karana Nisab cenah munggah haji téh, tapi karana nasib, geus digariskeun ku Pangéran Nu Welas Asihna teu kawatesan ku nanaon.

Harita mah teu pati loba mikiran eusi beuteung Abah jeung Ema téh, cukup ku ngandelkeun pangasilan tina nu dipelak di kebon jeung di sawah we. Cekeng ge ari beas mah teu meuli, deungeunna nya kitu kénéh karék lalab-lalaban jeung lauk emas mah teu hararese, komo ninggang di usum nyawah mah, tutut jeung keong hideung ge sok ngadak-ngadak milu mijah. Nu matak resep, mun keur ngabedahkeun téh sok loba kamras jeung hurang, matak bungah sasairan téh, boboko jeung totombo téh asa kurang kénéh wae.

Teu ngan ukur sakulawarga nu curak-curak di sawah mangsa ngabedahkeun téh, tatangga ogé sok milu riribugan, diajakan sasairan bari ngalaan tutut. Alus kana taneuhna mun seug lidig loba nu nincakan téh jadi gembur tur gampang nyoronganana. Kana parena bakal leuwih alus sabab jukut-jukut nu kungsi jaradi téh milu kalelepkeun jadi gemuk.

Sok sanajan riweuh nyanghareupan usum nyawah, Abah jeung Ema teu weleh suka seuri, sabab bakal metik halisna. Komo mun geus beres ngarambet mindo mah kari nungguan. Tamba kesel téh ngalanto ka sawah bari ngagebah keting jeung piit. Enya ngagareuwahkeun téh sok resep, ngenyang tali nu rantuy ku lalamakan, tungtung nu pangjauhna nyangreud kana beuheung bebegig, sabot dikenyang téh témbong unggut-unggutan bari jeung gogolombrangan kawas nu ngagebahkeun. Padahal mah teu sabaharaha si Piit jeung si Keting téh nyatuna, tapi da kitu katikmatanana.

Kiwari sawah nu baheula téh kari sacangkewok, kitu ogé sawah batur, sabab sawah nu Abah jeung Ema mah apanan béak dijual paké borah kuring kuliah. Lain alatan hayang-hayang teung dijual paké beaya kuliah, sawah téh ayeuna mah geus kurang hade. Taneuhna geus kurang subur, ditambah hama pare beuki maceuh. Karék ogé ceb tandur, geus ku simeut jeung keong. Atuh binih téh kudu dilobaan, deder teu sirikna di unggal juru kotakan kudu aya. Geus rada gede bari disaatan, karék rada eureun tah si keong téh. Enya eureun hiji datang nu lain, si monyong beurit tah nu ngagalaksak leuwih rongkah mah. Manéhna mah ngala humutna pare téh, atuh moal bisa dipondah tangkal-tangkalna rarubuh.

Lian ti hama sato téh apanan taneuh jeung caina ogé geus kurang alus, teu matak mawa subur kana parena. Mimindengna mah beureum daunna téh, laju kana buahan ranggeuyan-ranggeuyanana ge apan carerewing nangtang langit, tiangtu kana hasilna ogé teu matak nguntungkeun. Keur mah ti babaheulana ge tangkulak téh loba nu ngajuk, kari-kari hasilna kawas kitu, nya teu bisa majar kumaha nu matak dina hiji mangsa mah basa kuring daftar kuliah di Bandung, sawah téh dijual ka urang Jakarta. Lain ngahaja dijual kétang, manéhna sorangan nu datang ka lembur néangan tempat piimaheun. Ari sugan téh keur imah manéhna hungkul, sing horéng keur imah balaréa tepika sawah bogana Haji Apud jeung Kang Minta ogé milu dibeuli.

Ari sawah Haji Sadili mah mungguh jauh ti jalan, nu matak masih disawahan kénéh ge, moal dijual cenah satungtung manéhna aya kénéh mah.
***

“Tiiiiidt”

Sora klakson meupeuskeun lamunan. Nafas renghap ranjug kebek ku kareuwas. Ditilik nu tunggangna, nyeh imut satengah ngadilak.

“Ngalamunan naon hayoh?” cenah bari ngolesed tina diukna. Kuring geuwat nangtung maksud rék nyampeurkeun nu anyar datang. Tapi manéhna leuwih tiheula anjog ka hareupeun. Geus deukeut, buku-buka kana kantongna. Kusiwel ngaluarkeun bungkusan leutik pulas coklat.

“Yeuh, abdi mah bageur badé jalan-jalan téh masihan heula bekel.”

“Térang nyalira meureun A amah tos tinggal awak sabeuleugeujeur. Keun wae da Rama Enéng mah, kantun ngarawuan artosna ogé.”

“Enya mudah-mudahan we tiasa salalawasna!” ceuk manéhna mungkas obrolan.

Motor nu teu pati jauh diparkir téh dibawa ku kuring, Si Enéng di tukang nangkod pageuh kawas sasari. Soré geus ganti ku peuting. Dayeuh Bandung beuki ginding. Kuring jeung manéhna nyaksian kahirupan dayeuh peuting nu beuki nyaring.

Rengse, Bandung 9 Juni 2011

Bengkel Ngarang Sunda
Carpon: Anggi Novia Dewi
“Hih, naha saré téh mani tibra-tibra teuing.” Ceuk haté bari ngusap beungeut. Gigisik bari nyoélan ciléuh dina juru kongkolak, laju disusutkeun kana sarung nu nyimbutan awak. Cengkat. Ningali geus tabuh opat. “Tobat...kabeurangan ieu mah, moal kaburu mandi sigana mah!” Jung nangtung bari nungkup biwir nutupan heuay. Panon karasa haneut, cimataan.
Tuluy babatek. Lah, naha mani asa ku nyareri awak jeung rarieut ieu téh. Asup angin kitu? Padahal lain sataun dua taun saré dina ubin nu ngan ditilaman kasur busa ipis téh. Ogoan teuing, biasana ogé tara cararangkeul kieu. Pucal-pacul, turukal-térékél, ungkat-angkat, pokona sakur pagawéan beurat geus matuh dikeureuyeuh.
Simbut sarung ditilepan. Diteudeun luhur bantal lépét. Rap dibaju takwa, ngarangkep jeung kaos panjang paranti saré. Kahandapna diganti ku calana panjang urut tadi peuting. Abong lungsuran ti nu beunghar, tapak istrika anu ngajiripit téh teu karijut sumawonna leungit. Geunah deuih dipakéna, upama hawa sedeng panas, kaén calana karasa tiis nyerep késang. Upama hawa tiis, kaén calana siga nu beunang dititah karasa mawa haneut. Teuing nanahaon bahanna.
Rekét panto kamer dibuka, laju leumpang nyusur-nyusur sisi tempat wudlu di masigit. Asa kagunturan madu karagragan menyan putih puguh, basa ditawaran nyicingan kamer sagowok nu asalna gudang téh. Geunah waé nu aya ayeuna mah, geus diberesihan jeung geus diperenah-perenahkeun mah. Kaitung geus lima taun leuwih kuring nyicingan kamér nu pernahna tukangeun masigit téh. Kari nyorangan ieuh, budak geus rarumahtangga.
Keran dibuka, cai ngucur ngaliwatan selang leutik sangkan teu cérét keur nu wudlu. Bismillaahirrahmaanirrahiim. Cai karasa tiis nyulusup kana kulit karenyod dina sela-sela ramo. Kekemu tilu kali. Ngumbah liang irung. Ngaratakeun cai wudlu kana beungeut kanyos. Leungeun katuhu-kénca nepi siku nu méncos. Ngusap buuk nu geus cetuk huis, ti bagian hareup ka tukang tuluy dibalikkeun deui bari ngumbah ceuli, ti mimiti liang ceuli nu kaduga ku tungtung curuk, dikaluarkeun bari ngumbah tonggong ceuli ku dampal jempol tilu kali. Suku, ti mimiti sela-selana nepi ka mumuncangan. Cag! Rérés ngumbah sakur anggahota wudlu prak ngadunga.
Jamaah masigit téh réréana mah nu geus kolot. Pakokolot supa jeung kuring téh. Aranjeuna mah pangsiunan. Da nu ngarorana mah boa keur ngagojod manéh ku simbut wayah kieu téh. Kaharti ku kituna mah, lolobana masarakat sabudeureun, pagawé kantor anu singsarwa sibuk. Kadang upama beurang mah di imah-imahna téh nu nyésa ngan bujangna wungkul. Kieu geuning masigit di komplék mah, wangunana mah tohaga, ngan eusina nu coréngcang téh.
Bari naék kana tangga, karérét tempat neundeun sendal geus muka. Hartina Jang Opik geus muka-mukakeun panto masigit. Bagéan Jang Opik perkoncian mah. Leumpang rada digancangkeun, muru ngahurungkeun lampu. Bisi Jang Maman kaburu ngolotrak rék adzan subuh atawa jamaah daratang muru sholat.
Lain perkara énténg ngahurungkeun lampu téh tuda di ieu masigit mah. Mun kitu siga di kamer. Cetrék saklar lampu nu dipimaksud hurung. Ieu mah apan ngajajar aya kana 32 saklarna, aya rohang husus saklar sagala. Rohanganana ngaréndéng jeung rohang sound system paranti azdan. Can kudu ngapalkeun nomer saklarna. Lampu lebah mana nu rék dihurungkeun, sabaraha nomer saklarna. Kakara jetrék dihurungkeun ku tungtung gagang sapu, da sieun kasetrum sabab kabel pajurawet sagedé-gedé indung leungeun. Kakara lampu bray caang. Ngelol heula kaluar, bener henteuna. Ngonci deui rohanganana.
Édas...pama geus rusuh atawa poho nomer saklar barang mimiti mah. Atuh nu keur ngaji di tempat sholat lampuna pareum, ari lampu keur ka téras nu geus mangsana dipareuman kalah hurung kénéh. Nu remen ka masigit geus apal deui mun lampu ujug-ujug pareum atawa bray caang téh, sok kalah ararimut bari pokna téh “Lepat Abah, muhun teras...teu acan hurung!” Atawa “Heup Abah, atos hurung!”
Pancén kuring éta téh, salian ti purah beberesih jeung bébérés. Sabangsaning sasapu, ngepél, ngelapan kaca, masang karpét, mérésan al-qur’an, meresihan WC, tempat wudlu, jeung ngomékeun kumalir cai. Atawa nguma-ngomé sautak-saeutik kana wangunan masigit nu ruksak. Siga kamari soré, mungpung inget jeung keur nyalsé ngomékeun kenténg nu bocor, dibantuan Jang Opik éta gé. Pokona mah nu aya hubunganana jeung kabersihan atawa karapihan tempat sholat katut tempat wudlu, éta pancén kuring. Kungsi éta gé sakali mangsa, aya budak ngora nu ngilu pasantrén kilat, haat babantu pancén kuring, tapi teu lana. Bérés pasantrén, budakna mah duka ka mana.
Untung upama kudu nyeuseuh mukena atawa sarung mah sok dibantuan ku pamajikan Jang Opik. Nya kitu deui perkara dahar kuring sapopoé, sok dianteuran. Imah Jang Opik téh di gigireun masigit, bari muka warung. Asa geus jeung anak sorangan puguhna gé ka Jang Opik jeung pamajikanana téh. Kitu deui ka anakna, asa geus ka incu sorangan. Da jeung anak sorangan mah pimanaeun teuing nyaah ka kolot model kituna. Matak betah cicing di dieu. Alhamdulillah, tawis nuhun ti DKM saban bulan aya, kuring teu niat ngahargakeun. Sapaméréna waé, seja ditampi.
Sanggeus lampu rohang sholat harurung, kuring sholat dua rokaat. Takhiyatul mesjid ceuk Ustad Ayat mah. Takbir, nangtung, ruku, sujud, diuk di antara dua sujud, diuk tasyahud, éstuning kudu tumaninah. Tumaninah dina bacaan jeung obahna. Tumaninah kana manah, cenah. Sabisa-bisa ngamalkeun waé kuring mah.
Rérés sholat, bari ngadagoan adzan subuh ngawirid saapal-apal, tara nu paranjang, cukup subhanalloh, alhamdulillah, allohu akbar, jeung laa illaaha illalloh. Kumejot éta gé, hayang siga batur bisa ngederes al-qur’an surat tresna ti pangéran ceuk Jang Maman mah. Bagja meureun, bisa ngagalindengkeun ayat-ayat trésna_Na, unggal waktu, saban ruménghap, saban haté ngageter misono dzatning wening nu maha asih.
Hanjakal, ti bubudak teu getén diajar ngaji. Ka kolotnakeun ripuh. Sagala teu weruh. Maca hurup gé tibabaradug. Létah tikoséwad waé antara hurup sa nu titikna tilu jeung sa nu euweuh titikan. Banda teu boga, bekel keur ka ahérat sakitu samporétna. Komo pama sholat, taya pilihan surat deui nu apal, iwal ti tilu qul. Qulhu, falaq, jeung binnas.
Kuring geus moal bisa siga Wa Haji nu umrohna unggal taun, bisa méré mawéh ka anak yatim, nu zakat malna ogé sapuluh juta. Atawa siga Jang Maman nu sok ngagalantangkeun adzan, ngawuruk unggal subuh, atawa sok kadéngé ingsreuk-ingsreukan nalika sujud pamungkas dina sholat. Sumawonna hayang siga Ustad Ayat ketua DKM mah, jauh tanah ka langit sigana téh. Paromanna teu weléh hégar, cicirén ngajaga wudlu dina unggal waktu, cacariosan jeung lampahna pada ngahamin jeung ngahéman. Éstu taya cawadeunana. Komo anjeuna téh guru di hiji mangultas cenah.
Saprak wirid, pikiran ngolébat kana taman nu tadi kaimpikeun. Enya, ngimpi tadi téh matak kabeurangan hudang gé, jadi teu kaburu mandi jeung sholat tahajud. Ngimpina téh keur aya di hiji taman. Lain keur melak kembang atawa ngoréd caritana téh. Éstu keur pelesir waé, ningalian sabudeureun taman.
Na, aya taman éndah-éndah teuing. Aya cinyusu ngocor, aya tempat leleson siga kasur jeung bantal ditumpukkeun nu katingali wareuteuh kénéh, diamparan ku permadani nu warnana zamrud. Gelas-gelas keur nginum geus disadiakeun patinggurilap katojo cahya nu datang ti mana boa. Kelir kekembangan mapaésan. Gusti...éta taman téh liuh, angseuna seungit, matak midangdam hayang terus nganjang. Ari diinget-inget, éta taman téh bet siga anu kungsi dicarioskeun ku Ustad Ayat.
Keur anteng nyusur-nyusur taman nu tadi kaimpikeun, Jang Maman kadangu mimiti ngolotrak kana mik. Tuluy ngagalantangkeun adzan. Saprak ngawaler adzan téh, taman nu tadi mungguh kokolébatan waé. Komo ieu dianteur ku sora halimpu Jang Maman. Beuki wé tingsérédét kana haté. Gusti, enya kitu éta téh gambaran surga ‘Adn? Taman kalanggengan kagungan Anjeun nu kebek ku kani’matan nu taya hinggana saur Ustad Ayat mah. Abdi mah rumaos laip Gusti. Asa isin ku bolokot dosa.
Jang Maman komat. Saréréa ngabaris dina shaf-shaf muru kautamaan pahala sholat berjamaah. Sok sanajan, unggal subuh jamaah tara leuwih ti dua baris.
Ustad Ayat, takbir. Iftitah tumaninah kana manah. Basa Ustad Ayat ngaglindengkeun bismillah, ngembatna hurup ba lir ngembatna walungan madu di taman impian téa. Panggih jeung hurup sa, saban angina nu ngahiliwir ngusapan kulit éstu matak tiis tingtrim kana mamaras. Réngkolna mim, apan tanda sumujud makhluk ka Mantenna kana sakur ni’mat. Alif, lam, lam, ha taya lian iwal Alloh nu maha kawasa.
Taman ngolébat deui. Aya cinyusu ngocor, aya tempat leleson siga kasur jeung bantal ditumpukkeun nu katingali wareuteuh kénéh, diamparan ku permadani nu warnana zamrud. Gelas-gelas keur nginum geus disadiakeun patinggurilap katojo cahya nu datang ti mana boa. Kelir kekembangan mapaésan. Gusti...éta taman téh éndah kacida. Seungitna asa beuki deukeut. Beuki seungit. Beuki seukeut. Beuki ngadalingding kana acining diri.
Lalaunan kapireng galindeng sora diri basa mimiti diajar ngaji. Bé sin jéér bis. Mim, alif, elam, elam, tasjid jéér mil. Bismil. Elam jabar la, ha alif elam ero tasjid jéér hir. Bismillaahir. Kalawan nyebat asmana Alloh, sadaya-daya anu Mantenna.

Mujahidin, 19 November 2011
Tawis pangbaktos kanggo Ambu.