Tampilkan postingan dengan label Kiki Pratiwi. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kiki Pratiwi. Tampilkan semua postingan
Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Kiki Pratiwi*

Ti iraha urang anteng sosobatan angin? Boa bakal langgeng salawasna. Teu nanaon da geuning tétéla anjeun anu satia. Satia niiskeun hate. Satia mirengkeun aral subaha. Resep temen langgeng sosobatan jeung anjeun mah, Angin. Teu jiga si Gilang jeung si Redi nu resep heureuy nyabakan harigu budak awéwé. Teu jiga si Amir nu resep noongan rok budak awéwé. Teu jiga si Siska jeung si Lia nu leuwih anteng ulin jeug bonéka Barbie nu rupana jiga jurig.
Boa didieu urang munggaran tepung téh, Angin. Dina jandéla nu haat jadi saksi kasono urang. Kasono nu ngancik saban wanci. Kasono nu boa-boa numuwuhkeun rasa nu teu biasa téa. Bogoh meureun ceuk batur mah.
Angin, dina detik ieu séja nganti anjeun. Bari meureumkeun mata, nyeuseup jero anjeun. Méré hawa seger pikeun bayah, mawa katigin, méré kakuatan. Bari beunta lalaunan, imut leleb ka anjeun. Ukur anjeun.
Na lahunan anjeun urang anteng sosonoan. Hiliwir anjeun teu weleh ngusap-ngusap ieu sirah. Asihing anjeun nu atra karasana. Dina lahunan anjeun urang ngawang-ngawang. Mapay tiap lalambar langit tuluy didinya urang ngukir mangpirang impian sarta manglaksa rusiah urang duaan.
Sanggeus éta, masih dina lahunan anjeun, urang neruskeun lalampahan mapay éndahna katumbiri. Éndah pisan taya papadana. Sarwaning warna.
“Katumbiri téh cukang ka sawarga, tempat ngancikna para pohaci!” ceuk anjeun harita.
Bet asa ku reuwas harita, barang ngadéngé sawarga. Apan sawarga mah tempat imahna indung. Horéng geuning sawarga téh henteu jauh. Boa éta pohaci téh indung nu nepi ka kiwari ukur kalangkang. Hayang pisan tepung jeung indung. Hayang pisan ka sawarga.
“ Upama hayang ka sawarga,” ceuk anjeun harita bari nunjuk kana tungtung katumbiri, “Urang kudu indit heula ka kalanggengan.”
Kalanggengan? Sawatara waktu urang paheneng-heneng. Masih kebek ku kahémeng. Hémeng ku sawarga jeung kalanggengan. Kamari nu haben jadi bangbaluh téh, dimana teuing ari sawarga. Ari ayeuna geus kapanggih horéng geuning bet kudu ngajugjug heula kalanggengan. Ah, dimana teuing ari kalanggengan téh?
“ Apan ari indung mah anu tadi nangkeup geugeut Bapa? Naha kudu ditéangan heula ka sawarga?” Anjeun neuteup bangun leleb naker.
Ah, da éta mah si Tanteu, lain indung. Nu haben molototan, malah sakali mangsa mah sok nyiwit nepi ka geuneuk. Nyeri apan ari diciwit téh.
Remen pisan kapperego si Tanteu keur silih tangkeup jeung Bapa. Bari nginum cai nu bauna kacida. Nu botolna diingkeun sina paburantak. Geus kitu mah duanana indit ka kamer, gagaléongan, tuluy pantona ditutupan, ditulakan. Ukur duaan di jero kamer, Bapa jeung si Tanteu.
Teu jiga indung si Lia jeung si Siska nu saban poé nganteur ka sakola, nu sok ngusapan sirahna lamun ceurik. Teu jiga indung si Gilang jeung si Redi nu saban dahar ngahuapan. Si Tanteu mah apan sok bangun nu ijid ari tepung pamprok ogé.
Kungsi sakali mah nyangka yén indung téh, nya éta Bi Iti. Sasat nu ngarorok ti leuleutik. Nu ngasuh ti leuleutik. Sarua jiga indung si Siska jeung si Lia. Teu béda jeung indung si Gilang ogé si Redi. Agul nu aya harita mah. Tapi naha saréréa bet kalah nyeungseurikeun. Ujug-ujug melengis mangsa Bi Iti wakca lain indumg. Da ceunah indung mah ayeuna aya di sawarga.
Geuleuh jadina téh ka Bi Iti. Padahal mah geus wé ulah wakca balaka nanaon. Sangkan tetep jiga batur, boga indung.
Duh Angin, bet teu wasa nahan nu ngeyembeng dina kongkolak. Tapi anjeun bangun nu surti.
“Nya geus atuh ayeuna mah urang mapay jemplinga peuting wé, yu. Mapag bulan, mapag béntang.”
Ukur bisa unggeuk.
Deui-deui di bulan anjeun méré katigin jeung kakuatan. Anteng dina lahunan anjeun mapay jemplingna peuting. Peuting anu urang.
Samet ayeuna mah boga deui sobat anyar. Bulan jeung béntang. Tapi tetep wé ngan saukur ka anjeun bisa cumarita mah. Ngébréhkeun manglaksa kapegung. Ukur anjeun nu bisa méré hawa nalika ieu bayah geus pinuh ku manglaksa rajawisuna.
Bareng jeung bulan anjeun ngahariring. Ceunah mah dangding kacinta. Ah, angin atra sétraning anjeun, atra asihing anjeun.
Tiap detik tetep nganti anjeun. Meureumkeun mata, nyeuseup jero anjeun. Miharep hawa seger pikeun bayah. Miharep katigin. Miharep kakuatan.
Di jandéla ieu ngungun nganti anjeun, pinuh kaliwung. Geus mangpirang wanci nu dililiwatan. Apan masih kénéh hayang anjog ‘na lahunan anjeun. Kacida simpéna ieu wanci. Kacida eungapna ieu bayah. Dimana téa anjeun téh? Padahal anjeun geus jangji rék marengan néangan indung ka sawarga.
Harita mangsa urang geus sosonoan. Kapireng Bapa nyarita, “Gélo sugan budak téh, ngomong sorangan, seseurian sorangan”
Barang dirérét, si Bapa keur nulak cangkéng bari digaléntoran ku si Tanteu.haté ujug-ujug ngadégdég. Geuleuh pisan nempo si Tanteu harita. Ceurik, jojorowokan beuki motah. Dina tungtung teuteup si Tanteu téh atra Banaspati. Jurig awéwé nu remen didongéngkeun ku Bi Iti.
Bulan, sobat urang téa, nu aya dina keupeulan, harita dialungkeun satakerna. Bulan nu dialungkeun téh nepi kana sirah si Tanteu. Si Tanteu nu haben ngaririwaan téh ayeuna mah baloboran getih.
Hahaha … resep temen nempona. Beureum jiga gulali.
Ah, Angin. Dimana anjeun harita?
***
Angin, dina detik ieu seja nganti anjeun. Bari meureumkeun mata nyoba nyeuseup jero anjeun. Detik ieu butuh hawa pikeun bayah. Butuh katigin,butuh kakuatan. Bari beuta lalaunan, imut leleb ka anjeun. Tapi tétéla, suwung!
Dimana anjeun Angin?
Nu mawa mangpirang hawa bagja. Nu haben mawa katineung ‘na tiap lalambar langit nu pinuh impian urang, ‘na katumbiri, ‘na bulan jeung béntang.
Angin di ieu karangkéng, masih anteng nyipta anjeun. Nganti ka kalanggengan.


* Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung, alumni Béngkél ngarang Basa Sunda-YPK
Kiki Pratiwi
Liwung Gandrung

Lancipna girimis masih satia marengan. Lir katigin urang seja wakca kapigandrung. Jeung duriat horéng lana ngagurat.

Lancipna girimis masih satia marengan. Cacak liwung anteng kénéh dina lahunan. Ieu kapegung kumaha teuing kedalna. Geus heureut kecap pikeun cumarita.

Lancipna girimis masih satia marengan. Ngimpleng lalakon urang nu pasolengkrah. Nataan sarwa katineung urang nu hamo laas.

Panutan, di mumunggang kuring anteng jeung panineungan. Di pajaratan anjeun anteng nunda diri.

Bandung, 2011


Ngembat Jalan Langit

Ngembat-ngembat jalan ka langit
antara urang cadu kumulungkung
surti winaya, sagetih hiji
ayeuna urang haripeut geuning
ku lapat-lapat gentra hibar

Di lawang langit, sobat
Langgeng temen ninun harepan

Bandung, 2011

Nu Nyanding

Panutan, setraning rasa
ngadadak geueumeun
sabab gandrung kapegat jalan cagak
duh, aya nu nyanding lian ti anjeun

Panutan, bet tibelat ngadon katambias
sarwa sono awor jeung teu wani wakca


naha kuring lir Drupadi micinta Pandawa?

Bandung, 2011

Lagu Tasbih

Horéng matapoé ngedalkeun tasbih liwat gulidagna cahya. Langit ngedalkeun tasbih liwat sumiratna katumbiri. Jeung bulan nyuuh Tasbih ku samagaha.

Jagat awor wakca Tasbih!

Horéng dina kalbu aya batu tohaga. Ati jeung sanubari anggang tamada. Lulurung jantung ukur kapegung manglaksa kapahung jeung kaduhung. Sarwa rasa ukur guruh gumuruh adigung.

Hawar-hawar aya galindeng kidung. Kutan lain ukur dangding sawirahma. Geuning kidung suci salira. Nu nyecep liwat bayah, ngamalir kana ati, mangprung 'na lulurung jantung.

Kasawang lampah nu pasoléngkrah 'na lambaran-lambaran mangsa.

Rerencepan masinikeun kedal jeung kalbu
Subhanalloh
horeng kidung salira silih peteng jeung lagu Tasbih
Subhanalloh
Adigung nu nalikung muga bencar dikubur padung.


Bandung, 2011





Peuting

Urang masih kumalayang di awang-awang ngukir saban rasa. Kadeudeuh, kasono, kacinta diharéwoskeun susuganan Salira mireng. Bareng jeung mangpirang béntang nu ngawurkeun harepan satengahing arca jeung ririwa. Instrumentalia peuting anteng mapag impenan nu minuhan dada. Jeung imaji nu balik deui kana lalakon suwung nu teu weleh protes kana tiap lambaran Qadar.
Najan gumeter, ieu kidung atra muji Salira
Ah, da Salira geus pasti mireng!


Bandung, 2011


LIPSTIK

Geulis!
Lir Subadra dipapaés mayang aruman
Jeung mustika paniruk ati

Eta lambéy nu beuki ambucuy
hanjakal pinuh ku pupulasan
mangpirang wakca ngawirahma suwung
campelak sabda ngagugu nafsu

Geulis!
Mangsa harita neuteup sarérétan
beuki anteb
jirim Subadra atra Banaspati



Bandung, 2011