Prayoga Adiwisastra

Carita Misteri
Prayoga Adiwisastra                                                                                                                                      


NU NGETROKAN PANTO

            Gagak, hawar-hawar kapireng ngelak deui. Kaayaan di saluareun klinik beuki keueung, beuki lewang. Gék kuring diuk dina korsi gigireun lomari paranti neundeun ubar. Leguk kana cikopi nu ti tatadi ngajagrag dina méja hareupeun.
Geus tiis kopi téh, gerentes kuring. Puguh baé, da taya deui gawé iwal ti ngan huleng  jentul. Rét kana arloji, geus jam sapuluh peuting. Waktuna istirahat keur pagawé nu kabagéan shift peuting mah. Pikiran lewang ngarancabang.
Bet ras inget deui  kana kajadian kamari.
            Jam sabelas peuting harita téh. Can peuting-peuting teuing asana. Ku biasa ngalembur, jemplingna peuting téh can karasa wayah sakitu mah. Geuleuyeung baé nyupiran konténer muru ka pabrik grinding. Bubuhan supirna keur gering, nya kuring nu nyuluran saheulaanan. Jandela ngeblak dibukakeun. Lalaunan baé nyupiran téh. Keur jejem kuring nyupiran, ti kajauhan kadéngé sora anak hayam ciak-ciakan. Rey kuring muringkak, da sok kadéngé béjana mun aya sora anak hayam ciak-ciakan téh kila-kilana aya ririwa, nya kunti téa.
            Beuki lila éta sora téh beuki nongtoréng. Ah, geus teu dipaliré deui ku kuring mah. Jongjon baé nyupiran, kuriak cilaka mun mun hantem mikiran nu kitu mah. Hareupeun kuring, kurang leuwih dua puluh meter, lapat-lapat katingali awéwé keur ngajanteng di sisi jalan beulah kénca. Enya, awéwé mamaké saragam médis pertambangan keur gugupay ka kuring. Sanggeus deukeut, reg konténer téh dierém. Pok kuring nanya, taya sangkaan nanaon.
            “Badé ngiring ka klinik?” ceuk kuring.
            “Muhun. Puguh ieu gé bade ngiring numpang.” témbalna.
            Clak éta mojang téh diuk kéncaeun kuring.
            “Nyalira waé, kang?” pokna.
            “Nya kieu we…..” témbal kuring pondok.
            Bari galécok ngawangkong, kuring sok pirajeunan maling neuteup. Mémang nyari éta mojang téh. Baju saragam bodas-bodas, dangdanan basajan. Tapi teu burung pantes katingalina.
            “Abdi mah lungsur di klinik nu payun, kang!” pokna deui.
            “Oh, mangga.”
            Hareupeun klinik pisan eureun téh.
            “Mangga, néng!” ceuk kuring.
            Manéhna teu némbalan. Panasaran, rét kuring ka kénca. Beu, taya sasaha! Gebeg! Awak karasa tingsariak! Ras inget deui kana sora anak hayam nu ciak-ciakan tadi. Teu talangké deui, berebet lumpat sakalumpat-lampét.
            Peuting ayeuna kuring kabagéan tugur di ieu klinik. Ngan saméméhna mah sok di klinik nu ilahar waé tugur téh. Ayeuna mah pindah tugas ka ieu klinik nu ngahiji jeung konténer. Peti kemas dina konténer téh salin rupa jadi rohangan klinik. Jerona dibebenah, dieusian ku parabot nu guyub aya di unggal klinik, ngan baé leuwih kumplit tibatan klinik biasa.  Kawantu  klinik di pausahaan tambang emas.
Meunang hésé naker  kuring bisa digawé di ieu pausahaan tambang téh. Tapi di ieu pausahaan kuring meunang pangaji nu kawilang gedé. Dahar jeung mondok mah geus puguh dijamin ku pausahaan.
Jung kuring nangtung. Kukulintingan teu puguh cabak. Di juru, blankar katémbong parongpong. Di luar, teu anggang ti klinik, mesin grinding bangun nu taya reureuhna muntir,  ngagiling batu nu ngandung emas. Aya kana puluhna nu digawé dina éta mesin téh. Ti dinya biasana sok jul – jol pasén téh. Ti mimiti nu kacilakaan hampang, nu leungeunna dewang ku mesin, nepi ka maotna, sagalana kungsi kajadian.
Karérét ku kuring, dina méja aya tilu kasét murotal nu ngaréndéng jeung radio tape. Jigana kasét téh urut perawat nu kamari di dieu, tinggaleun meureun, ceuk pikir kuring.
 Mimiti karasa tunduh, perelek heuay. Padahal geus nginum kopi bieu téh, tapi keur kuring mah euweuh pangaruhna. Golédag wé ngedeng dina blankar tayohna mah. Teu lila, kuring geus aya dina alam pangimpian.
Hudang – hudang sotéh sanggeus kagareuwahkeun ku sora nu keketrok.
Tok, tok, tok!
Gancang kuring hudang. Teu talangké, gedig kuring muru panto. Barang bray dibukakeun téh bet euweuh sasaha. Lunga – lengo ka kénca ka katuhu, angger suwung. Padahal di luar, lampu sakitu raangna, diwuwuhan ku lampu nu nyorot ti gudang.
Ah, jelema nu  heureuy meureun, ceuk pikir téh. Teu ieuh jadi bahan pikiran keur kuring mah. Keur mah geus teu kuat ku pitunduheun ti tatadi gé. Rét deui kana arloji, geus jam hiji peuting. Tuluy  baé kuring leumpang ka juru muru blankar. Golédag deui di dinya. Panon neuteup lalangit. Lenggut – lenggut, panon karasa beurat. Reup kuring ngalenyap.
Tok, tok, tok! 
Panto aya nu  ngetrok deui. Koréjat  kuring hudang. Emh, saha deui ieu téh, moal boa nu ngaheureuyan deui kitu, gerentes kuring. Gedig deui ngadeukeutan panto. Bray dibuka, euweuh sasaha deui baé.
“Saha?” kuring ngagorowok rada tarik.
Euweuh nu némbalan. Ukur hawa peuting nu beuki nyecep kana sungsum balung. Jut turun kana  tétécéan, tuluy ngoréléng ka gigireun konténer, angger teu kasampak jalma hiji – hiji acan. Antukna cat kuring unggah deui ka rohangan klinik.
Ah, asa teu kaharti. Mun jalma nu heureuy mah tangtu kadéngé sora lumpatna. Da ieu mah taya sorana, taya jirimna. Éstuning gaib. Kuring weléh hémeng.
Haté mimiti sabil. Bruh – bréh sangkaan  nu teu pararuguh. Pamohalan mun nu keketrok téh jelema. Boa – boa? Jajantung beuki ratug, punduk muringkak, hawa beuki keueung karasana, awakna luut – léét ku késang. Lah, naha aing téh bet sieun ku nu kitu?  Kuring  neger – neger manéh. Sanajan kasieun beuki ngagalaksak, tapi da kapanasaran mah tetep nyangkaruk.
Ah, ku aing dideukeutan, siah! Gerentes téh bari nutupkeun  panto. Laju ceuli diantelkeun kana éta panto, awahing ku panasaran.
Mun aya nu keketrok deui,  ku aing rék disurungkeun sakalian panto téh!  Jero pikir.
Teu kudu lila ngadagoan.
Tok, tok, tok!
Teu antaparah, panto téh disurungkeun satarikna. Plos, panto téh ukur neumbrag angin. Ningali kitu, kuring beuki baluas baé. Ambekan beuki ngerepan. Beuki yakin, yén nu keketrok téh geus tangtu lain jalma. Atuh berebet kuring lumpat muru ka gudang nu teu jauh ti dinya.
Sanggeus cunduk, babaturan padanyampeurkeun. Hariweusweus.
“Kunaon, Sés?” ceuk Si Wawan, sobat dalit, kabeneran sarua urang Sunda.
“Itu...................” témbal téh teu kebat.
“Itu kunaon?” Si Wawan beuki panasaran.
“Itu......  aya nu keketrok nepi ka tilu kali. Tapi ditempo téh da euweuh sasaha!” ceuk kuring deui bari rénghap ranjug.
“Oh ...... geus ayeuna mah reureuh heula!”
Nepi ka isuk, kuring teu tibra saré. Da inget waé kana kajadian nu tadi peuting karandapan.
Bari mumuluk, kuring jeung Si Wawan ngawangkong sual kajadian nu kaalaman tadi peuting.
“Mimitina mah kuring gé teu nyangka nanaon, Wan.  Tapi sanggeus ditempo nepi ka tilu kali euweuh sasaha, ti dinya kuring jadi keueung téh.” ceuk kuring.
“Hahaha.......” Si Wawan kalah seuri.
“Naha bet seuri?”
“Lain, da geus biasa atuh di klinik éta mah!”
“Geus biasa naonna?”
“Heueuh, geus biasa ditepungan ku nu kitu mah.”
“Wah?”
“Wani sumpah! Sarua kuring gé mindeng aya nu ngetrokkan panto mah, Sés!”
“Heueuh ari kitu mah meureun.”
“Ceuk béja mah di klinik éta téh kungsi aya pasén nu maot.”
“Euleuh.... kunaon cenah?”
“Cenah mah awakna sabeulah kagiling ku mesin konvéyor. Tuluy dibawa ka klinik éta. Tapi teu katulungan. Nepi ka maotna”
“Aduh...... pantes wé meureun!”
“Nu matak kuring mah sok nyetél murotal mun kabagéan shift peuting di klinik éta téh”
“Oh..... kasét murotal nu di klinik téh nu manéh, nya?”
“Heueuh, tinggaleun!”
“Lain ngabéjaan ti baréto atuh, Wan! Jaba  sapeuting deui tugur di klinik éta téh!” ceuk kuring, dibarung ku paroman nu pias.

Pléréd, 2011


***
Prayoga Adiwisastra
Carpon
Prayoga Adiwisastra 


                                                             KARÉTA RIWAN


Manéhna katémbong ngalayung deui di buruan imahna. Anteng neuteup layung nu ukur wasa mulas langit di tebéh kulon. Kalan-kalan tatanggahan nyérangkeun gumplukan méga, dipapay sajumpluk-sajumpluk. Sedeng angin. Angin pasosoré nu lirih ngahiliwir, teu wudu ngariab-riabkeun buukna geusan nyieun gurat-gurat ipis kana rarahina.

Geus bisa dibabadé tina riukna, yén manéhna keur nandangan samagaha pikir, luwang-liwung nu banget pohara. Da enya atuh, salila ngajanteng di dinya téh bangun nu taya deui ketak, iwal ti ngabigeug, ngawagu. Turug-turug beungeutna beuki dieu téh asa beuki pias baé.

Impian riwan tadi peuting nu ngabalukarkeun manéhna ngumbar lamunan téh. Saenyana mah impian-impian nu saméméhna gé pohara pikakeueunganana. Awéwé mamaké pakéan sarwa bodas tur sirahna baloboran ku getih bet datang mulan-malén kana impianana. Kamangmang jeung kasieun nu geus lila matuh dina haténa, beuki kahudang sanggeus nyorang alam pangimpian nu sakitu ahéngna. Impian nu ngorowotan waruga jeung batinna.

Geus ti sabulan katukang manéhna katémbong kitu peta téh, ngalangeu bangun nu jarauh panineungan. Kawasna téh hayang enya-enya nyacapkeun poé di buruan. Mun panonpoé geus ngampih ka pajuaranana, blus manéhna asup deui ka imahna, laju baé ngeueung di kamarna nepi ka beurang. Kitu jeung kitu pagawéananan unggal poé. Saliwat mah puguh siga nu langlang-lingling. Da tara-tara ti sasari. Saméméhna mah éta pamulu nu camperenik téh sok katémbong hégar baé, tara aya rurubed nanaon, kawantu medal tina haté nu wening tur dumeling.

Keur manéhna mah kaayaan pasosoré kitu téh teu ieuh karasa éndahna teusing, teu jadi kasugemaan batin cara sasarina. Malah keur manéhna mah éta soré téh karasa beuki ahéng. Dina panénjona, layung nu keur sumedeng ngempray téh lalaunan kasilih ku reueuk hideung. Beuki lila beuki ceudeum. Pihujaneun lir rék sacur-cureun bedah. Tangka langit nu melendung téh méh walatra kasimbutan ku reueuk hideung. Kilat jeung guludug silih susul ngendag-ngendag langit. Sakapeung mah éta sora handaruan guludug téh bet siga sora gumuruh karéta keur manéhna mah. Enya, karéta nu sok dipaké nyaba ka dayeuh ku manéhna jeung indung bapana basa keur budak. Mun pareng karéta diteureuy mongkléngna torowongan, manéhna sok tipepereket muntang ka indung jeung bapana. Tapi éta kajadian téh geus lawas pisan kalarung. Sapuluh taun ka tukang indung jeung bapana geus miheulaan mulang ka kalanggengan. Reueuk hideung beuki ngarungkupan langit jeung haténa.

Di langit, lalaunan éta reueuk hideung téh bet siga ngarupakeun beungeut jalma. Beuki lila beuki sidik. Buukna, irungna, biwirna, ceulina, nepi ka peresis mirupa jalma. Awéwé. Awéwé nu tadi peuting némbongan dina impianana. Manéhna ngagebeg, jajantungna asa didudut. Sakujur awakna ngoprot ku késang. Sabab manéhna apal. Apal pisan kana éta keureutan beungeut, saha deui mun lain beungeut sobatna, nu geus maot sabulan katukang

“Sinta……… ieu Méta………! “ sorana semu ngirung, kituna téh bari jeung dibarung ku patingbarasatna kilat tur gelap nu mutuh handaruan.

Manéhna tiba kaduga ngaregéh, ambekanana beuki ngerepan. Karasa aya nu ngagelek dina tikorona tangka teu kaduga ngajawab sapisan. Manéhna teu walakaya. Teu walakaya.

Lalaunan éta mega nu mirupa beungeut sobatna téh sirna, peuray katebak angin. Ngan langit mah angger baé meredong cara tadi.

Hawar-hawar kadéngé sora adan ngalaong ti masjid peuntaseun lemburna. Tapi kadéngé ku manéhna mah asa digorowokkeun kana ceulina pisan. Sarta éta sora adan téh kacida matak pikakeueungeunana. Kawasna teu bisa diukur sakumaha matak pikasieuneunana éta sora adan téh.

“Aaaaarrrrrkkkkhhhh…….. Gustiiiiiiiiiii………….!”

Manéhna adug-lajer bari nutupan ceuli ku dampal leungeunna. Bangun nu keur nahan kanyeri nu pohara. Sanajan bari jeung gupuy-gapay néangan pamuntangan, teu burung manéhna kaduga asup ka jero imahna. Sup, ka kamarna. Bluk, nangkuban kana kasur bari nutupan sirahna ku anggel. Karasa pipina geus juuh ku cimata, balas hantem baé ceurik awahing ku sieun jeung keueung nu geus ngagalaksak kana haté jeung pikirna.

Kudu, aing kudu kuat! Ceuk pikirna neger-neger manéh.

Méta..... kapan anjeun sabulan ka tukang geus tiwas basa ngaliwat ka lintasan karéta api nu euweuh palangan. Sakilat karéta nu keur nyemprung téh nenggel pisan kana mobil anjeun. Taya nu nyésa. Mobil anjeun remek, sarta sirah anjeun baloboran ku getih. Saharita sukma anjeun tuluy ngabelesat ka langit.

Apal sotéh sanggeus dibéjaan ku Kang Yoséf, kabogoh anjeun. Barang srog datang téh anjeun geus ditalkinkeun. Harita kuring hayang pisan ningali beungeut anjeun, da puguh ka sobat dalit. Antaré naker samping kebat palebah beungeut anjeun disingraykeun. Naha atuh bréh téh panon anjeun bet mélétét nojo pisan ka kuring! Atuh puguh kuring ngaranjug ningali paneuteup nu maot sarupa kitu. Sanajan mélétét, tapi panon anjeun téh bet asa seukeut tur leleb karasana. Gancang samping kebat téh disimbutkeun deui. Laju kuring mulang rurusuhan.

Sanggeus tujuhna, teu nyana saeutik gé Kang Yoséf wakca hayang mileuleuheungkeun kuring, atuh kuring teu wasa nolak. Cenah éta, Kang Yoséf ayeuna geus jadi kabogoh kuring, nya lumrah baé asana. Kapan ti baheula gé urang tiluan téh geus sosobatan. Ngan bédana anjeun mah geus hahadéan jeung Kang Yoséf. Tapi keur kuring mah teu ieuh jadi asa kararagok. Prah baé sakumaha biasana nu sosobatan. Kuring ka Kang Yoséf geus asa ka lanceuk, kitu deui Kang Yoséf ka kuring geus teu asa-asa ngaku adi. Sok sanajan teu bisa dibubuni, harita kuring gé geus kaancikan rasa nyaah nu leuwih batan ti kanyaah adi ka lanceuk.

Méta..... mun anjeun teu suka Kang Yoséf jadi kabogoh kuring, pék ayeuna kénéh geura bawa Kang Yoséf ka alam anjeun, alam padang poé panjang. Kuring ihlas, teu geuneuk teu maleukmeuk. Batan kalangkang anjeun hantem baé ngaririwaan.


                                                                     ***

Kerejet! Manéhna ngerejet, leupas tina lamunanana. Ambekanana masih rénghap-ranjug cara tadi, ngahégak. Bangun nu tas nyorang lumampah jauh.

Ti dinya mimitina kalangkang sobatna mindeng ngalangkangan sarta ngaririwaan dina saban impian-impian riwan manéhna. Sanajan manéhna apal, yén sakabéh roh mah moal aya nu bisa ngaririwaan. Tapi kasieun mah angger teu bisa dihulag disisieuh.

Isukna jul-jol nu ngaralongok, rabul nu ngalilipur. Baraya jeung sobat-sobatna milu ngabeberah nu keur gering pikir. Malah nepi ka aya nu tatamba jeung tatapa di luhur para sagala. Tapi ku manéhna mah geus teu kapaliré deui. Kasakitna beuki parna baé.

Sanggeus nu ngalongok marulang, teu euleum-euleum manéhna ngagerendeng sorangan.

“Sing carilaka, siah!” pokna ka nu geus ngaralongok manéhna.

Tuluy gaur baé manéhna ceurik bangun nu midangdam.

“Dosa aing téh dosa, Gusti…………” pokna deui.

Manéhna beuki kasiksa ku pamolahna sorangan. Rasa dosa ngalangkangan dina pikiranana. Kalangkang sobatna nu mindeng ngaririwaan mah geus karuhan. Kawuwuh ku pamolahna nu ngadu’akeun cilaka ka batur. Komo nepi ka sieun ku sora adan mah, manéhna teu pisan-pisan hayang. Da saenyana manéhna geu teu apal ti mana datangna éta kereteg hate goréng kawas kitu téh.

Nepi ka reup peuting manéhna masih gulinggasahan. Sanggeus waktu cunduk ka tengah peuting kakara manéhna bisa ngalenyap, kitu gé ngan sakerejep. Antara kaayaan sadar jeung teu sadar, manéhna asa hudang tina jero impian. Manéhna kahudangkeun ku sora nu keketrok kana pantona.
Haténa sabil, antara rék mukakeun panto atawa nuluykeun saré. Ngan sanggeus ngadéngé nu keketok téh uluk salam, gasik manéhna muru lawang panto.

“Kang Yoséf?” pokna semu héran.

Nu ditanya ukur unggeuk. Ngan bet asa aya nu robah dina paromanna, ayeuna mah beungeut kabogohna asa pias. Sarta itu deuih bet mamaké pakéan sarwa bodas.

Gap, leungeun manéhna dicekel. Manéhna teu bisa nongtak, da puguh asa kasirep ningali kabogohna nu robah saperti kitu. Kawantu manéhna keur dina kaayaan nu sakitu ripuhna, nya asa ditulungan baé, aya batur geusan pamuntangan.

Di buruan geus nyampak mobil kabogohna. Blus, duaan arasup. Geuleuyeung mobil téh ngalaju teuing ka mendi.

Kaayaan karasa simpé pisan. Di sapaparat jalan teu katémbong kandaraan hiji-hiji acan. Padahal karék jam salapan peuting. Sasarina gé wanci sakitu mah sok aya kénéh kandaraan nu ngalalar meuraykeun jemplingna peuting. Sarta itu kabogohna ti tatadi téh ngan mindel baé, teu lémék sakemék-kemék acan.

Teu kungsi lila gé mobil nu mawa dua insan téh geus anjog ka statsion. Statsion nu geus awor jeung sagala rupa nu ngaririwaan dina pikiranana. Manéhna beuki hémeng baé, naha kabogohna bet los-los mawa manéhna ka statsion.

Kasampak di dinya geus aya karéta nu keur eureun. Tapi bet euweuh nu turun hiji-hiji acan. Dalah nu ngajanteng di éta statsion gé ngan manéhna jeung kabogohna hungkul.

Leng, ingetanana mabur ka mangsa-mangsa nu kungsi kalarung. Éta karéta asa kungsi dalit jeung manéhna. Pulasna, jumlah gerbongna, sarta sora hatongna, manéhna inget kénéh. Sanajan loba karéta nu sarupa kawas kitu, tapi karéta nu éta mah kungsi namper dina lelembutanana. Enya, éta karéta téh kungsi mawa manéhna katut indung jeung bapana nyaba ka dayeuh basa manéhna keur budak.

Gap, pigeulang leungeunna dicekel deui, pageuh pisan. Regenyeng dibetot geusan muru panto karéta. Kalacat duaan naék. Barang sup ka jero, kaayaan téh bet beuki ahéng tur pikakeueungeun baé. Panumpang dina éta gerbong kabéh rampak maraké pakéan nu sawanda jeung kabogohna, pakéan sarwa bodas. Kétang, boa lain di éta gerbong hungkul, di gerbong séjén gé boa sararua kitu.

Manéhna teu wani cacarita atawa tatanya, sabab kasieun jeung kamangmang nu ti baheula ngancik dina dirina téh bijil deui, malah leuwih pohara karasana.

Geuleuyeung karéta téh ngalaju. Mimiti mah mémang karasana masih lalaunan. Tapi beuki lila beuki tarik tangka karasa nyemprungna pisan. Leuwih tarik batan biasana. Lampu-lampu jeung tatangkalan gé ngan ukur témbong kokolébatan.

Blus karéta téh laju norobos kana torowongan.

Barang kaluar ti torowongan gé geus anjog deui ka hiji statsion. Duka teuing statsion mana. Manéhna teu pati sidik.

Tina kaca jandéla, katingali indung jeung bapana keur ngajanteng di éta statsion bari nyérangkeun ka manéhna, sarta itu sobatna, Méta, bet sarua keur nangtung gigireun indung jeung bapana. Tiluanana mamaké pakéan sarwa bodas. Paneuteup tiluanana bangun nu bagja jeung ngabagéakeun.
Katémbong Méta nu sirahna baloboran ku getih keur gugupay ka manéhna.

                                                                        ***


Nu Nulis,
Prayoga Adiwisastra
Mahasiswa Jurusan Pend. Bahasa Daérah UPI
Alumni Béngkél Ngarang Sunda
Nyai Endit
Syifa imut, hatena bungah. Kapanasaran salila ieu kajawab kabeh. Salila opat belas taun, aya kanyeri nu disidem kumanehna.  Poe tadi, kabeh patanyaan hate kabayar. Arya, geuning manehna ge inget ka kuring.

Bray, alam dunya karasana leuwih caang, katumbiri leuwih endah, galindeng tembang ngalem manehna.

-0-

Opat belas taun katukang.

Syif, Arya juga minta ma’af sama kamu. Karena kesalahan itu bukan kesalahan kamu saja. Arya.


Syifa narima salambar surat ti leungeun Lely, adi kelasna. Surat ti Arya cenah, Arya teu bisa nepungan Syifa. Harita mah Syifa geus lulus sakola, sedengkeun Arya masih keneh di kelas tilu.

Nyeri, kuciwa ngahiji dina dadana. Hayang ceurik, hayang ngajerit. Naha Arya teu ngaragap hate manehna?.

Bubulanan  Syifa jeung Arya babarengan, deukeut sok sanajan euweuh basa nu nyatakeun yen maranehna papacangan. Duka kunaon alesanna, Arya lalaunan ngajauhan manehna, mindeng ngabalieur mun tepung jeung manehna.

Nu diinget ku Syifa, kasahalan manehna teh pedah loba nyaram. Syifa ngarasa Arya mimiti kabawa kupergaulan kurang hade. Niat Syifa mah ngingetan,  salaku jalma nu deukeut, nu deudeuh ka Arya  Syifa ngarasa kudu ngelingan Arya. Jeung deuih meureun, pedah Syifa mah leuwih kolot umurna batan Arya.

Ari Arya, ma’lum keur masa-masana,  darah muda ceuk Rhoma Irama tea mah, ngarasa naon nu dilakonan kumanehna euweuh salahna. Kenakalan anak muda nu lumrah keneh. 


Surat nu katampa, surat panganggeusan lakon maranehna.

-0-

Salila opat belas taun unggal panggih jeung babaturan sakola, Syifa teu eureun nananyakeun kaayaan jeung dimana ayana Arya. Boh ka babaturan saangkatanna atawa ka babaturan saangkatan Arya. Lebeng, euweuh nu arapaleun.

Hiji mangsa, Aam babaturan sakola Syifa jeung Arya nganjang ka imah Syifa bari mawa beja  cenah mah Arya gawe di Batam. Ngan, kusabab  Aam mah balik kalembur  teu balik deui ka batam, Aam teu boga informasi satuluyna.

-0-

Sababaraha poe katukang, waktu Syifa keur muka Face book. Aya notification ti Face book.
Arya Rangga posted in Kumpulan anak Jadoel.

 Kumpulan anak jadul teh grup nu dijieun ku Syifa dina Face book, ngahaja keur babaturan SMA manehna.
Syifa ningali  wall post  kiriman Arya Rangga.

Nepangkeun, abdi angkatan taun 99. Salam kenal wae kasadayana.

Ditempo poto profilna, lain geuning lain Arya Rangga nu diteangan, beda pisan ieu mah. Jigana mah Arya Rangga nu saurang deui, gerentes Syifa.

-0-

Asa kagunturan madu, kaurugan menyan bodas, bungah pisan Syifa poe ieu, geuning Arya nu aya dina Face book teh Arya nu salila ieu diteangan ku manehna. Arya nu baheula ngajak manehna nganjang ka imah kolotna.

Pon kitu deui Arya liwat inbok Syifa, Arya ngebrehkeun rasa nu sarua sonona. Sono antara dua sobat nu lawas teu panggih. Syifa bungah, kusabab dina Chating Arya wakca, yen manehna baheula kungsi bogoh kamanehna.

“Arya, kengeng teu abdi naros?”

“Mangga, nanging kade, tong serius nya, hehe, sok lajengkeun”

“Kahiji, rumaos kantos seneng teu ka abdi?”

“Hehehehehe, aya aya wae. Penting kitu?”

“Hemh ... tos atuh, teu kedah wae lah”

“Muhun atuh Syif, piraku hilap. Lajengkeun...”

“Oh ... hehe .. alhamdulillah, manawi teh abdi nu geer kapungkur teh”

“Duh, Gusti ... ieu mah nya”

Bray ... bray .. bray .. puluhan kali lipet dunya karasana leuwih caang. Syifa meunang Jawaban pikeun kapanasaran salila opat belas taun hate manehna.

"Tengkyu Pesbuuuuuuuuuuuk ........." tulis Syifa dina status ayeuna.