Anonim

            Ieu lembur katelahna téh Pasir Waringin. Ceuk bapa mah, pédah pernahna dina halis pasir pisan. Lebah punclutna aya tangkal caringin kahot nu dikaramatkeun. Saban lima taun sakali sok diayakeun upacara sasajén ‘Ngaringin’. Pikeun ngahormat makam luluhur lembur nu aya handapeunana, sakabéh pangeusi lembur wajib nungkulan.
            Patukang tonggong jeung Pasir Waringin, aya kebon sawit nu ngampar upluk aplak satungtung deuleu. Nu cenah bakat ku lega, mun nyorang kebon sawit ti lebah tungtung Pasir Waringin ka tungtung beulah ditu téh baris kapeutingan di jalan.
            Salian di mumunggang pasir, tangkal caringin rajeg di alun-alun lembur. Di hareupeun sakola. Malah di buruan-buruan imah ogé loba pisan nu ngahaja melak. Boh di bonsaykeun atawa ngajungkiring mapakan tangkal buah.
Mun aya buruan nu teu dipasieup tangkal caringin, geus waé pada ngomongkeun jeung ngucilkeun. Dituding teu ngajénan caringin nu jadi cecepengan jeung simbol lembur.
Mun geus katohyan kitu, dedemit jeung jurig-jurig ti tangkal caringin baris rabul ngadatangan imah, tuluy ngaringkus lelembutan tiap-tiap jalma nu teu sapamadegan.
Kaalaman ku bapa kuring, disakompét daunkeun ku jurig nyiliwuri nu mindah rupa cakcak bodas. Bapa kuring didakwa teu tuhu kana karamat tangkal caringin, sarta dianggap ngarempak sagala larangan katut pantranganana.
Bapa ogé sabenerna yakin ku yasana tangkal caringin geus méré mangpaat anu teu saeutik pikeun lembur; nahan taneuh tina urug, neundeun cai keur bekel usum halodo, ngajaga héjo ngemplohna pasir, ngatur sirkulasi segerna hawa jeung ngajaga kasaimbangan alam.            Ari anu teu sapamadegan téh dina lebah tangkal caringin nu sok dipaké pamunjungan jeung pamujaan. Kitu peta téh patukang tonggong jeung kayakinan bapa nu wedalan pasantrén.
Nya ku kayakinan éta pisan. Meunang sababaraha bulan lelembutan bapa dikorod dedemit Pasir Waringin. Ngadon ngaringkuk di mumunggang pasir. Balik-balik deui téh, bapa geus ampir-ampiran paragat nyawa. “Mun teu api-api ngarti kana doktrin dedemit mah, meureun ngababatang jadi tumbal tangkal caringin.” Ceuk bapa harita mulangkeun panineungan.
Tapi da ari kangaranan kayakinan mah aya jeung tumuwuhna dina haté nu nyumput nyamuni. Sajeroning haté mah, bapa tetep pengkuh ngan Sang Jatiningtemen nu Maha Tunggal nu wajib dipuja. Tangkal caringin di mumunggang, ngan dijadikeun pondasi nu pageuh pikeun ngajaga lembur tina ranggeuman moderenisasi jeung globalisasi jaman.
Lembur Pasir Waringin karasa lemburna. Dikuriling ku pasawahan jeung héjo ngemplohna tutuwuhan, cai cur-cur, wahangan ngagenyas hérang. Kaayaan masarakatna nu aman tingrim tur pageuh nyekel tradisi adat karuhun jadi ciri mandirina. Pakasaban masarakatna ngandelkeun tatanén katut palawija geusan pananggeuhan hirup. Sawaréhna deui ngajégang buburuh purah ngurus sawit.
Cenah ceuk sakaol mah, kebon sawit nu sakitu upluk aplakna téh , baheulana kebon coklat pelak urang Walanda. Nya walanda éta pisan nu ngayakeun kerja rodi ka urang lembur Pasir Waringin sangkan nyacar leuweung.
Kulantaran nyacar jeung melak coklat sakitu legana bari teu dibéré dahar jeung istirahat. Loba pagawé rodi nu neumehan pati. Dina kaayaan kitu, aya aki-aki sakti nu sasadu ka urang Walanda. Manéhna sanggup nganggeuskeun pagawéan melak coklat ngan sapeuting. Asal urang lembur jeung lembur Pasir Waringin tong diguna sika.
Sanggeus bukti omongan Aki Waringin. Walanda nedunan jangjina. Lembur Pasir Waringin dijadikeun wates, urang lemburna dijadikeun pagawé-pagawé purah ngurus sawit. Sabada jaman kamerdekaan, urang Walanda barirat ninggalkeun Pasir Waringin. Kebon coklat nu sakitu upluk aplakna dicacar diganti ku sawit. Demi nu jadi vokalna anak turunan Aki Waringin. Nu cenah dipecaya ku masarakat mah, Roh Aki Waringin geus nyurup ka pamingpin nu kumawasa nagri, nu maké lambang tangkal caringin pikeun ngamajukeun hirup huripna nagara.
Ti harita, tangkal caringin maseuk na haté urang Pasir Waringin. Caringin mangrupa tangkal nu diutamakeun jeung jadi simbol ajeg inajegna lembur. Disaantéro Pasir Waringin kedal kecap pantrangan turun-tumurun.
Salila tangkal caringin di mumunggang pasir ajeg mah, lembur Pasir Waringin tetep ajeg. Moal nepi ka aya musibah, moal aya kalaparan, moal aya kakurangan cai, éstu aman tingtrim. Keur sukuran ku berkah tangkal caringin éta, dilaksanakeun upacara ngaruwat lembur “Ngaringin”, nu tujuanana pikeun nanjeurkeun ajeg inajegna tangkal caringin.

*

Carita karamat tangkal caringin henteu lana. Dina tilu welas taun katompérnakeun, sabagéan masarakat Pasir Waringin barontak. Doktrin jalma katilu nu geus ngadu domba kaayaan. Demi nu jadi marga lantaranana mah pédah ku ayana tangkal caringin éta geus mawa maksiat nu manjang, boh keur urang lembur Pasir Waringin, boh saluareun lembur.
Kaharti ari kituna mah. Remen tangkal caringin pada ngajugjugan. Boh ku urang Pasir Waringin atawa saluareunana. Ngadon marunjung, ngawadalkeun nyawa demi nungtun raja kaya nu ngaleuya ku jalan gampang.
Salian ti éta, ceuk béja nu sumebar bawaning angin mah, aya unsur politis nu matak jangar kapikiranana ku urang lembur Pasir Waringin, nu kudu numpes nepi ka akar-akarna.
Loba nu pro, kitu ogé nu kontra ku hal éta. Masarakat nu pro pikeun ngaruntagkeun tangkal caringin, geus gilig ngadegna tangkal caringin saenyana geus ngajajah katut nyasarkeun sakabéh masarakat. Nu kontra ogé teu éléh géléng. Tetep pengkuh kana pamadegan. Tangkal caringin kudu dijaga ajeg inajegna. Nu geus jadi tali paranti ti karuhun.
Tangkal caringin nu manjang ngalalakon. Di panungtung carita mah kudu waé rungkad. Neumahan pati ngababatang jadi bugang. Moal nyampak deui karamat katut patrangan nu kedal ti urang lembur. Nu nyésa dina  hambalan pasir ngan tunggul nu hamo sirungan deui. Ngahurun jadi suluh keur ngahuru sumanget réformasi jalma, ngabebela jeroeun dada, ngagedur saban jajantung, ngaléntab naon waé nu katénjo.

**

Sabada tangkal caringin rungkad, Pasir Waringin salin jinis jadi lembur nu geus lain deui lembur. Tapi lebur jadi kota nu sarwa moderen. Budaya deungeun beuki nyosok jero lir cai walungan nu ngocor ti girang ka hilir. Ngagolontor taya hahalang, ngamalir ka sikluk-sikuk wahangan, ngamuara patepung di laut.
Jalan satapak nu dijadikeun tempat badarat geus robah hideung lestreng ngabulungbung. Kabel listrik nu jadi pantrangan Aki Waringin but bet pajurawet lir ramat lancah nu jadi pitapak pikeun bondol jeung piit. Di ditu di dieu palita jeung damar-damar kasilih ku buricakna bolham katut néon ratusan watt. Pangeusi lembur lir silaru nu kaluar tina koropok kai, tuluy rabul muru caangna bohlam, pamustungan jengker teu bisa ngayonan panasna cahaya moderenisasi jeung globalisasi nu teu méré minge pikeun nu teu daraya.
Sawah nu sakitu upluk aplakna di Pasir Waringin digares buta-buta buldozer. Taya nu dibéré ampun. Sawah nu dijadikeun panggantungan hirup urang lembur salin jinis jadi pabrik pengolahan kalapa sawit. Keur gagantina, masarakat dipaksa ngabeuweung béas raskin hapeuk nu sabagéan geus béak dijalan.
Pasir Waringin bulistir, sirah cai saat, walungan ngolétrak. Ngali sumur pajero-jero, demi sakeclak cai beresih nu geus arang langka. Teu kudu ngadagoan mangtaun-taun pikeun nyaksian leburna lembur. Kiwari masakat ngadeg aing-aingan, lir jati nu kasilih ku junti. Taya nu nyésa sanajan na panineungan.
Geus taya hiji ogé pantrangan nu ampuh sabada tangkal caringin runtuh. Pasir Waringin kiwari leungiteun cecepengan, kampung adat nu ti baréto manjang ngalalakon, bet kudu ngabababatang kawas tunggul tangkal caringin. Lain deui karamatna tangkal caringin jeung dedemitna nu sumebar di sabudeureun lembur téh, tapi but-betna liberalis jeung paham-paham deungeun nu beuki laluasa nandasa Pasir Waringin.

***

Cisompét, bulan ka lima 2011

Nu nulis, mahasiswa jurusan Sastra Sunda Unpad. Lahir di Garut. Alumni Béngkél Ngarang Basa Sunda - YPK.
Iwan M. Ridwan

Geus lila teu tumpak angkot. Aya kana tilu bulanna. Nu jadi alatan mah arang indit-inditan. Sakalian aya perlu ogé sok nginjeum motor babaturan sakontrakan, kitu ogénan teu pati jauh ngan semet néangan dahareun atawa aya kaperluan ka kampus.

Poé ieu mah kudu ngalaman deui naék angkot. Rada ngemplad ogé lalampahanana. Ari tujuan mah ka Alun-alun rék nyokot duit honor carpon di salah sahiji koran lokal. Mungguh anggang alun-alun téh ti kontrakan kuring mah, kudu naék angkotna ogé dua kali bari jeung leumpang heula.

Pabeubeurang indit téh. Ngahaja sugan bisa panggih jeung wartawan senior atawa penulis kahot anu cenah maranéhna sakapeung sok karumpul di kantor éta koran.

Dibaturan ku panon poé nu beuki galak, kuring leumpang ngaliwatan jalan raya. Jalan anu teu kaliwatan ku kandaraan umum, lian ti béca mah. Kuring sorangan boga kasieun naék béca téh, sieun tijungkir ka hareup. Ditilik tina kasaimbangnana béca mah bagian hareupna gedé tur lebar, sedeng bagian tukang ukur ban hiji bari ipis. Dina pikiran kuring sok kabayang mun seug diuk di hareup, bakal ngajulaeut, nu numpakna geus pasti karungkupan ku awak béca, katindihan kunu ngaboséhna. Tah éta nu nyababkeun kuring embung naék béca tepi ka kiwari téh, najan sakumaha jauhna ogé daék kénéh leumpang.

Kurang leuwih dua puluh lima menit anjog ka jalan raya anu loba angkot ngaliwat. Ka Alun-alun, Leuwipanjang, Gedé Bage jeung sajabana-sajabana. Teu kungsi lila aya nu nyampeurkeun. Klaksonna “cuwaw-cuwew” kawas sora manuk. Sanggeus eureun hareupeun kuring asup sabab éta pisan angkot anu bakal mawa ka Alun-alun téh. Angkot téh kosong, ukur aya saurang di hareup kadua supir. Geus kolot éta jalma téh. Kumisna gé geus bodas.

Béda ti sasari ieu mah angkot téh teu ngetém heula. Ti parapatan tempat kuring megat tadi, langsung ngabiur nuturkeun jalurna. Supirna mah bapa-bapa lima puluh taunan. Kawasna saumuran jeung anu diuk gigireunana. Pakena ginding. Mun dipapantes, manéhna téh asa leuwih alus jadi pénsiunan guru tinimbang supir angkot. Geura éta wé kekecapan nu diomongkeunana ogé teu weléh sopan jeung daria. Guntreng jeung nu diuk di hareup éstuning kawas lain obrolan jalma handap-handap. Majar lamun gawéna wakil rahayat téh kawas tihothatna pamaén Timnas sépak bola atawa bulutangkis, orokaya moal gering teuing ieu bangsa atawa nagara téh. Ari buktinana mah, nagara téh digugulung ku jalma anu baroga niat hayang makaya diri sorangan. Teu sugan karep hayang ngangkat darajat rahayat nu kagarencet nasib. Atawa nanjeurkeun bebenéran. Hukum anu adil.

Balik deui kana obrolan olah raga. Cenah pinunjulna Tim Sépak Bola téh ku jasa anak-anak bangsa anu boga poténsi sarta dirojong ku pelatihna anu disiplin. Bubuhan dilatih ku urang Eropah atuh. Memang kitu cenah urang kulon mah dina gawé téh éstuning sagala proféssional, teu ngawilah-wilah saha jeung urang mana anu dilatihna. Tara conténg kanu konéng cuet kanu hideung. Tara sugan diwilah-wilah si anu mah budak jalma beunghar, si anu mah budak jalma sangsara, tapi éstuning dirakul kabéh sakirana manéhna boga poténsi anu hadé mah. Naha kudu nyewa urang kulon ogé dina widang pulitik atawa ékonomi ngambéh kawas sépak bola? Kitu ceuk maranéhna.

Paguneman téh sakapeung diselang gumujeng. Seuri. Teuing lebah mana nu matak piseurieunana mah. Bangun anu manggih kabungah nu matak lugina. Tapi sakapeung kawas nu éra mun omongan méngkol kana perkara mafia hukum anu ayeuna keur jadi padungdengan panjang nagara. Nu majar rék dibéré hukuman bui 20 taun jeung dengda lima ratus juta. Ceuk maranéhna éta hukuman jeung dengdaan téh lain matak kapok keur palaku, tapi malah asa dibéré jalan hamo meuntas. Sok cenah pikir, duit anu kumanéhna dibogaan jauh mela-melu jumlahna jeung duit dengdaan. Duit sakitu mah teu satai kuku tai kukuna acan. Malah mun dengdana hayang leuwih ti sakitu ogé tangtu diangsonan.

Deui-deui obrolan téh diselang ku gumujeng. Seuri. Teuing lebah mana nu pikalucueunana mah. Tapi sanggeus aya mojang ginding asup diuk di jero, maranéhna bangun anu béakeun piomongeun.

Giliran haté kuring nu galécok nempo nu geulis mah. Lebar temenan mun teu diteuteup téh. Awak anu sakitu sampulurna téh dipapaés ku kulit anu konéng umyang. Buuk kawas lukisan nu ngahaja diguratkeun ku seniman keur ngagambarkeun kaayaan haté nu keur manggih kabagja. Lemes, meles hideung matak pantes ngabunian taar jeung palipisan anu sakitu hérang mencrangna. Komo éta panon lir batu permata nu ngahaja ngahurungan léontin. Irung jeung biwir lir sapasang widadari jeung wildan anu turun ti kahiangan, kareueut leuwih amis batan madu kawasna téh. Mun dilarapkeun di artis mah, Nikita Willy jeung Asmirandah mah asa geulis kénéh manéhna. Eum kacipta mun kuring jadi salakina moal teu peureum kadeuleu beunta karasa téa.

“Kiriiii!” cenah ngan ukur sakitu-kituna. Sorana halimpu pisan kawas méga. Nyelesep kana haté. Jantung ngadadak ratug tutunggulan. Dag-dig-dug. Bet sakeudeung teuing panggih téh, geulis.

Angkot eureun ka sisi. Nu geulis gura-giru, lalaunan turunna téh kawas nu paur tidagor kana lawang panto. Anca pisan turunna téh, kawas ancana paneuteup kuring ka manéhna ti tadi mula. Sanggeus turun, ngasongkeun duit sarébu pérak ka supir. Tuluy ditampanan laju disimpen dina kotak spidométer. Mobil maju deui sedeng paneuteup satékah polah hayang tumetep euntreup di manéhna. Tapi dalah dikumaha, angkot maju, manéhna asup ka jalan komplék. Nya kapaksa kudu ngeureunan kahayang.

Rét paneuteup kana urut diukna. Seblak deui haté téh inget kanu tadi. Éta-éta bet aya duit sarébu lima ratus pérak logam, mani harérang kénéh, boa-boa katépaan hérang tinu bogana. Bet teu gugur teu angin diuk téh maké jeung hayang pindah kana urut tempat diukna. Rét ka supir jeung panumpang gigireunana, kawas anu surti kuring pindah diuk, tapi kituna téh sakeudeung-sakeudeung. Nalika maranéhna ngawaskeun ka hareup bari muka deui obrolan, leungeun kénca bet ngarawél éta duit. Tuluy disakuan kana saku baju, selengseng duit téh mani seungit, geus moal salah kaseungitan tina awak manéhna.

“Eumh sugan wé manjang, bisa panggih deui jeung nu bogana. Rék dibikeun deui bari diajak wawanohan. Apal kuring ogé komplék éta mah, isuk jaganing géto baris didagoan di sisi jalan tadi.” Henteu ari kedal mah, ngan haté teu weléh kumejot hayang geura-geura panggih deui. Moal poho satungtung boga kénéh ingétan mah.

“Enya, pasti aya balitunganana masalah duit nagara mah, boh di ahérat atawa di dunya kénéh. Tong boro duit anu sakitu mangpuluh juta triliun, bet saratus dua ratus pérak ogé bet matak jadi mamala ka ngaranan lain hakna mah.” Ceuk supir norowélang pisan kanu diajak cumaritana. Haté mah puguh atuh gegebegan ngadéngé kitu téh, asa katuduh. Tapi diteger-teger deui da ieu mah lain hayang atawa butuh ku duit, tapi hayang kunu boga duitna, isuk jaganing géto rék dipapay deui malah mah mun kongang balik ti alun-alun rék ngahaja ulin ka éta komplék, sugan jeung sugan panggih jeung manéhna.

Teu karasa bari jeung ngalamun ogé geus anjog ka alun-alun. Turun pas pisan di alun-alunna kiduleun kaum. Ti dinya mah kudu leumpang deui ka belah kalér. Kuring mah sok ngahaja norobos ngaliwatan buruan masjid, motong jalan. Asup ti panto kidul, kaluar ti panto kalér. Ti dinya meuntas ngaliwatan jambatan layang, tuluy leumpang deui aya kana saratus méterna, malah moal kungsi.

Anjog ka kantor téh geus biasa nanyakeun Bu Ai, nya moal bireuk deui keur pagawé di dinya mun seug aya jalma datang nanyakeun Bu Ai tangtu rék nyarokot honor tulisan. Kapareungan geuning harita mah teu pati ramé di kantor téh ngan ukur aya duaan katilu skuriti. Teu warawuh dedeg pangadeg atawa pameunteuna mah. Mun mah Kang Aan atawa Kang Ocid kuring ogé moal kasamaran sasatna mindeng chatting di pesbuk.

Asup ka jero kasampak Bu Siti Ai keur puncat-pencét kalkulator duka téh teuing ngitung naon da tara tetelepék. Kuring uluk salam téh gancang mairan bari jeung imut ngabagéakeun. Cacarita sakumaha biasa, tuluy néken kuitansi. Golosor amplop ti Bu Ai diasongkeun. Kuring nampanan, geus kitu tuluy amitan. Lila-lila di jero ogé kalahka éra, kuring mah lain pangarang jekékan, cacakan ieu ge bari diajar teuing enggeus teuing encan leléngkah halu ge. Sharing mah sharing ka nu geus kahot, tapi angger waé hasilna mah teu leuwih ti catétan eusining haté.

Ah keun baé kétang, cenah ulah jadi beungbeurat haté masalah éta mah, nu penting urang tuluy diajar bari jeung prakna. Kudu keyeng nanaon ogé cenah. Mun keyeng mah pasti pareng. Satuju pisan kana éta palasifah téh.

***

Mentrang-mentring panon poé lir nu meupeus keuyang. Ngabanting-banting satiap jasad nu ngarenghap. Di jalan-jalan, jero angkot, jero beus nu haseupna mulek, patétéép. Nu balawiri ngulon-ngétan. Nu daragang di alun-alun. Kabéh kawas nu saruwa ngarasa halabhab. Teuing halabhab tina naon. Kawasna mah halabhab tina kamakmuran.

Angin ngahiliwir kawas satitik ibun nu maseuhan taneuh garing balas halodo panjang. Nyelesep kanan bayah. Sumarambah ka sakujur awak nuuskeun késang. Gedig deui léngkah muru jalan pangbalikan, niat mah seja ka toko buku. Néangan buku anyar. Sugan aya nu murah. Mungguh kitu biasana lalakon para pangarang mah, meunang honor tina nulis téh sok tuluy dibeulikeun buku. Ka Palasari atawa ka jalan Ibu Inggit Garnasih. Keun ari ka Gramédia mah iraha-iraha mun pareng aya pintonan téater di CCF sok pirajeuneun unggah najan ngan ukur ngadon maca.

Angot téh pinuh ku panumpang. Henteu kétang ari pinuh teuing mah mahi dua urangeun deui mah. Sup kuring milu ngariung. Taya nu cacarita. Kabéh caricing kawas nu pada-pada éra. Angkot ngangkleung teungahing kota. Teu burung anjog kanu di tuju. Jrut turun, gedig deui leumpang mapay trotoar. Ulak-ilik ka unggal jongko. Sararua jongko téh bubuhan kabéh ngajual buku. Meureun bédana téh buku anu dijualna.

Teu hayang lila sisi jalan, kuring mah geus langganan ka toko nu di jero, nu teu weléh ramé. Ampir sagala jinis buku aya di dinya. Kawilang toko gedé éta mah da ditingkatkeun sagala rupa. Asup ka jerona ogé tas atawa hélm sok nitah disimpen di tempat panitipan barang, majar ngarah laluasa, padahal nya kitu téa bisi aya nu karajinan ngasupkeun buku kana tasna. Kitu pisan kuring ogé asup ka éta toko téh, tas kudu dititipkeun heula karék bisa asup. Anu dituju téh taya deui lian ti lomari buku sastra, maksud rék néangan bukuna Samuel Becket – Waiting For Godot, baheula ogé boga buku éta téh, tapi aya nu nginjeum can malikeun tepi ka ayeuna. Teuing saha bet rada poho deui. Heueuh kuring téh kaasup jalma bodo, cenah ceuk seniman dunya mah jalma anu pangbodona téh jalma anu nginjemkeun buku. Enya geuning kasusna mah kawas nu alaman. Leungiteun élmu pangaweruh. Pantes waé dikatégorikeun jalma bodo ogé.

Loba kénéh hadéna téh di toko buku téh. Kuring nyokot hiji. Hiji deui mah Sandékala yasana Kang Prébu Godi Suwarna. Resep asa maca sajak panjang. Teu loba teuing nyokot buku téh bisi teu kaduitan. Ari semet dua mah mahi dibayar tina honor ogé.

Gura-giru basa rék mayar buku téh. kudak-kodok kana pésak calana, duit téh teuing di mana. Unggal saku dikodokan weléh teu kapanggih. Panasaran néang heula tas ka tempat panitipan nu teu pati jauh, diubrak-abrik unggal selétingna dibukaan, tapi tetep amplop téh euweuh. Uman-imen nutupan hanjelu, ngagiwing tas bari nyampeurkeun kasir.

“Tetéh punten artosna ka kantun di bumi. Ngké abdi ka dieu deui nya!” cekéng bari beungeut beureum. Tuluy kaluar ti toko muru jalan pangbalikan. Palangsiang ngampihan duit nu geulis sarébu lima ratus pérak kuring kaleungitan duit honor.

Bandung, 1 Juli 2011

Asép Héndrawan
- galindeng hujan -

tepung deui
jeung hujan soré ieu
siga kamari
tutas maluguran ti langit
anteng ngeyembeng
minuhan lemah

sok resep
mapay gurat hujan
ngagaléntoran daun
ngusapan dahan
nyarakclakan
maseuhan tangkal

terus kagémbang
lamun hujan lekasan
haté milu baseuh
laju ngamalir ka anjeun
ngeyembeng dina sawangan
nyarakclakan lebah lamunan

(2011)


- 'nu nyésa tutas hujan -

gurat hujan
ti rincik ka rincik ngerepan
ngagarenyas hérang nyilanglangan
maseuhan tangkal ti pucuk ka dahan

gurat hujan
ngocor ka landeuhkeun
malidkeun rupa-rupa kalakay
tuluy mendet lebah kamalir peuting

hate mudal;
tiis, rembes citangis

(2010)


- mulang -

hayang mulang
ka lemah indung
mupu cinyusu
ngipuk ciibun

rék néang
ka paku sarakan
sacangkéwok tampian
saampar labuhan bulan

tuluy nyungsi
nganteur diri
ngalongok pasaran
mageran pajaratan

(0411)