Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Derry Hudaya

Hudang saré isuk-isuk, raga badag geus robah wujud jadi sagepok duit kertas. Sirah jeung beuheung, duit kertas. Suku jeung leungeun, duit kertas. Beuteung, bujur, nu patukang-tukang jeung bujur ogé duit kertas. Sakujur awak mangrupa duit kertas. Saha nu teu bagja?

Saha pijalameunana nu wani mikangéwa uing nu geus jadi sagepok duit? Moal aya! Jalma-jalma tangtu mikaresep uing. Kana duit téa sasaha ogé resep. Bakat ku resep-resepna jalma,  mun geus padeukeut irung jeung duit téh sorot panonna sok ngadak-ngadak seukeut, létahna ngelél, napasna rénghap-ranjug,  sarta ciduh nyarakclakan tina juru biwir. Pasti kitu. Badis anjing édan. Duit mah simana éduna pisan. Persidén ogé bisa sujud alatan duit. Persidén sakeudeung deui acong-acongan, nyembah uing.

Geuning, jalma nu irungna rebéh ogé sok ngarasa aing pangmancungna saalam dunya ari lubak-libuk duit mah. Béda jeung nu teu boga duit, najan irung mancung, bakalna téh ngarasula, karungsing gugulayunan dina bulu-bulu panon unggal mangsa. Irung mancung mah moal nyababkeun hirup jadi senang, duit nu bisa nyenangkeun hirup mah. Sumpah.  Lamun bohong, wani dikawinkeun opat kali uing mah. Wani!

Nu dituju dina hirup uing ogé teu salah deui, numpuk-numpuk duit. Sakola nepi ka sarjana téh sangkan bisa ngalap élmu raja duit, lain keur ngama’naan hirup. Lain. Éta mah ukur kedok  sangkan dianggap eucreug kunu lian, ku tiori-tiori kamanusaan nu teu puguh juntrunganana, tiori-tiori nu bulukan.

Uing ogé surti kana pamaksudan nu jadi kolot, pangna béak déngkak ngawaragadan sakola téh sangkan uing ka dituna bisa ngala duit ngunung-ngunung. Apanan lamun uing geus kitu mah nu jadi kolot ogé teu musatahil baris kapécrétan. Malah mah modal urut nyakolakeun uing gé bisa kagantian, teu pamohalan bisa batian.

Tong boro pantar uing jeung kolot uing, dalah jalma-jalma nu sapopoéna ngagiwing tasbé ogé beuki kana duit mah. Jalma nu ngomong-ngomong hadis, ayat Qur’an, atawa Pangéran, réréana mah boga maksud jeung tujuan nu sarua jeung jalma pantar uing: ngala duit! Sungutna ngabamblam dina TV atawa radio, sungutna ngabudah dina riungan-riungan, lamun euweuh duitan mah can tangtu kitu.

Ceuk sakaol, Pangéran téh geus maot. Nu ngusik-malikkeun jalma, nu méré kakuatan, nu méré pitulung, jeung nu méré pituduh téh jaman ayeuna mah duit. Duit jadi sagala-galana. Duit jadi raja, jadi persidén, jeung jadi Pangéran.

Malah aya hiji lalakon luar biasa: Kyai Mat Don, Kyai nu masih kénéh normal, nu sok ngawuruk santri jeung santriyah di Majlis Sastra, kungsi nonggéngan jalma nu dianggap Kyai paling Kyai dina éta jaman, sabab éta Kyai pinter pisan minteran batur. Pinter ngajual cimata jeung doa. Teu kabayang, kumaha mulusna bujur Kyai Mat Don? Dina waktu harita, jalma nu keur jualan doa jeung cimata di mimbar téh saat cimatana, doa nu keur diucapkeunana poho dadak sakala. Percaya teu percaya, uing mah teu paduli.
**
Alah, uing téh geus aya di luhur méja, diantara mojang lénjang jeung lalaki bau taneuh nu silih teuteup. Mojang lenjang, sakujur awakna pinuh ku tato gambar duit. Lalaki bau taneuh, beuteungna burayut pinuh ku duit, alatan duitna teu kawadahan ku saku calana jeung baju, nya diwadahan dina kadut jeroeun beuteung. Jeungna deui, ceuk pikirna, aman ari disimpen dina jero kadut sorangan mah. Moal aya nu nangénan.

“Wengi mah perang téh ramé, nya? Asa langkung pogot ti biasana,” ceuk lalaki bau taneuh, réma-réma leungeunna antel kana awak uing, ngusapan uing.

Awéwé nu diajak nyaritana, némbal ku seuri. Euleuh, dina huntuna, dina panonna, dina liang irungna, écés, aya gambar duit.

“Iraha tiasa tepang deui?” Ceuk éta lalaki nanya.

“Iraha waé ogé tiasa. Abdi mah sanés jalmi sibuk sapertos bapa.”

“Muhun atuh. Bapa mah sibuk sotéh pédah aya pancén nu teu tiasa diwakilkeun, kantenan ditinggalkeun mah. Unggal usik kedah ngurus rahayat, Néng.” Leungeun katuhuna muril-muril kumis. “Tapi nu diurusna mah bet teu ngukur ka kujur kétang. Kantenan nu disebat mahasiswa mah, pikasebeleun,” pokna téh, neruskeun.

“Sok darémo nya?” éta awéwé malik nanya.

“Tah, geuning terang.”

“Kapana kapungkur kantos kuliah, mung teu tamat.”

“Kunaon? Lebar atuh?”

“Ah, raos kieu, Pa. Ngarah teu kacacandak démo. Ngarah tiasa caket sareng bapa.”

Si lalaki bau taneuh nu beuteungna bureuteu pinuh ku duit téh seuri ngagak-gak. Ngalengak. Euleuh ituh, duit dijadikeun kongkorong, buricak-burinong sabudeureun beuheungna. Saha jalma nu nyieunna, nya? Lebar temen, batan duit dipaké kongkorong mah mending dipaké ombéh. Méh bujurna teu raméték. Kapan moal kaambung bau pedut mun bujurna geus teu raméteék mah. Upama bujurna geus dielapan ku duit, paling ogé jadi kaambung bau duit.

“Tah, ieu atuh kanggo jajan. Ké lamun aya waktos deui, lamun urusan rahayat tos réngsé, urang peperangan deui, nya? ceuk si lalaki bau taneuh ngasongkeun uing nu geus jadi sagepok duit. Panonna ngiceup sabeulah.
**
Awak uing diteuteup leleb ku hiji awéwé. Lain awéwé sambarangan, kapan sabeuleugeunjeurna ogé ditato ku gambar duit. Ti mimiti duit emas, duit kencring salawé pérak, nepi ka duit bangsa arab, gambarna aya, napel dina awakna. Uing ogé lain duit sambarangan ari keur dina kaayaan modél kieu mah.

Asa diayun-ambing nalika manéhna ngusapan uing. Pinuh kadeudeuh. Dampal leungeunna karasa lemes, teu béda jeung kaén sutra. Usapna karasa nepi ka haté, komo barang manéhna imut ngagelenyu mah, p-é-d-o: pédo!

Wah, uing dicium. Uing dicium deui. Uing dicium sarébu kali! Ah.... ulah, ulah diantelkeun kana dada! Aaaah!

Basa uing can jadi duit, boro-boro aya awéwé nu daék antel jeung uing, anjing bikang ogé lumpat tibabaranting. Nya lantaran ayeuna mah uing geus jadi sagepok duit, ngalaman ogé paantel kulit jeung awéwé. Kieu geuning rasana téh, saawak-awak jegjreg, jantung ratug tutunggulan, panon ogé karasana siga rék luncat!

Aaaah... komo ayeuna mah, itu awéwé ngudaran baju! Euh, sugan teh rék naon, geuning ngudaran baju téh rék terus saré. Ehmm... Karunya awéwé téh sapeuting jeput teu bisa saré. Pantes wé mun ayeuna, karék ngagolédag langsung pules saré.

Naon nu aya di jero impianana? Boa-boa uing: duit! Duit nu diimpikeunana téh?

Sagala nu aya di ieu rohangan dijieunna tina duit. Kekembangan, korsi, méja, lampu, jeung hordéng, dijieunna tina duit. Aéh-aéh, rohangan ieu sorangan dijieunna tina duit geuning. Gélo! Mudah-mudahan nu aya dina impianana téh sarua jeung nu aya disabudeureunana: duit! Uing!

Ah, kuma béhna wé kétang, daripada lieur mikiran hal-hal nu moal kapikir mending ogé saré. Sugan wé heueuh, éta awéwé téh ngimpikeun duit, ngimpikeun uing, kapan uing bakal bisa panggih dina alam impian jeung manéhna. Mun geus panggih mah edun lah. Alam impian téa bébas, rék kitu rék kieu ogé laluasa. Impian mah siga karya sastra suréalismé, réa nu teu asup akalna, teu kudu sarua jeung kahirupan nu dianggap wajar ku jalma réa. Duit ogé bisa bobogohan jeung manusa kapan.
**

Uing satengah teu sadar nalika aya nu gegedor kana panto. Nu gegedor téh gogorowokan satakerna. Atuh uing jeung awéwé nu karék érék amprok pisan dina alam impian téh ngoréjat hudang.

“Hudang! Gera hudang! Sia mah ari embung ditagih téh api-api molor! Koplok!”

Éta awéwé ngagisik panon. Tapi henteu ari tuluy mukakeun panto mah. Bangun geus bosen ngawaro kana peta jalma nu aya disatukangeun panto. Sigana, kajadian modél kitu téh geus jadi hal nu biasa dina kahirupan sapopoéna, da taya semu reuwas nu kagambar dina keureutan beungeutna. Teu siga kuring éta awéwé mah.

“Na dikumahakeun sia peuting? Mani mumul muka panto! Geus teu hayang dipangnéangankeun palanggan deui?”

Éta awéwé téh neuteup lalangit. Tina juru panonna aya nu ngeyembeng. “Salaki téh teu ngaraskeun pisan...” éta nu kaluar tina biwirna. Ngomongna lalaunan, cukup kadéngé ku diri sorangan.

“Sia hayang diusir ti dieu? Aing kurang bageur kumaha ka sia? Ngajait sia tina hirup balangsak. Mun teu ditulungan ku aing, sia bakal siga baheula, leledokan di sawah, di lembur indung bapa sia! Moal bisa hunang-hening di tempat modél kieu! Na kurang naon aing téh? Kolot sia mah kapan teu bisa nanaon. Aing nu bisa nyenangkeun hirup sia!”

Éta awéwé ngajengjen kénéh waé.

“Buka panto! Aing lapar! Aing butuh duit!”

Nu keur dicarékan téh pipina geus baseuh. Teuteupna teu bisa dihartikeun. Paneuteupna teu lésot tina lalangit kamar. Lalangit kamar nu reyem-reyem tangtuna ogé, lantaran lampu kamar geus pareum, sedeng cahaya panonpoé teu bisa nyaangan, kahalangan dua lapis hordéng: hordéng ipis jeung hordéng kandel. Kamar téh ukur kacaangan ku lampu akuarium nu aya di juru rohangan.

“Goblog! Naha sia hayang sanasib jeung Si Minah? Jeung Si Lia? Jeung Si Tati?”

Ngadéngé kitu mah éta awéwé cengkat lalaunan. Méméh muka panto rumpu-rampa heula ka handapeun kasur.

Barang panto muka, aya leungeun nu ngalayang, nengel kana pipi éta awéwé beulah katuhu. “Lain ti tadi muka panto téh. Di mana duitna?”

Nu ditanya teu waka ngajawab, kalah neuteup anteb ka lalaki nu cikénéh nampiling manéhna. Tina dirina kaluar cahaya warna-warni. Warna biru, héjo, beureum... warna-warna duit nu jadi tato disakujur awakna.

“Di luhur méja,” ceuk manéhna antukna ngomong, halon.

Éta lalaki ngabalieur. Laju nyampeurkeun méja, ngadeukeutan uing.

Beuki deukeut, beuki deukeut .... teu disangka-sangka, méméh tepi manéhna ngocéak. Dua leungeunna ngarampaan sirah belah tukang. Manéhna ngocéak deui sababaraha kali, saméméh ngudupruk haruepeun uing. Sirahna baloboran getih. Getih nu warnana sarua jeung warna duit saratus rébu.

Awéwé nu sakujur awakna ngaluarkeun cahaya warna-warni, ngajanteng tukangeun lalaki nu ngudupung teu walakaya. Éta awéwé nyéréngéh seuri. Getih di teueup. Sirah nu barocok diteuteup. Imeut. Péso lipet, diacungkeun hareupeun beungeutna. Sawatara jongjongan disidik-sidik.

Awéwé nu sakujur awakna ngaluarkeun cahaya warna-warni duit téh ngaléngkahan lalaki nu ngudupung teu walakaya, nyampeurkeun uing. Laju ngajak seuri. Padahal, uing mah teu diajak seuri ogé geus seuseurian ti tadi kénéh.

Singajaya, 2 Juni 2011
Nyai Endit
Ki Arom ngabedega luhureun batu gede sisi situ. Leungeunna melak cangkeng, panon seukeut ngilikan unggal juru patempatan.

Tatangkalan loba nu tutung, dangdaunan ngalayah, layon  pabalatak. Diantara layon-layon marake baju pangsi  gambar maung.  Atra, ieu mah Begal Maung Sancang nu kieu kalakuan teh, moal salah deui.

Ki Arom ngarenghap panjang, leungeun ngeupeul bari  tipepereket, huntuna ting kereket, bati nahan kanapsu.

Oaa … oaa … oaa … ,sora orok ngagareuwahkeun Ki Arom. Sorana datang ti saung nu aya beh kuloneun manehna.

Jleng,  jleng, Jleng ...  jleg! tilu kali luncatan Ki Arom geus aya di hareupeun saung. Oaa … oaa … oa …, sora orok beuki eces.

Sabot Ki Arom muka panto, kolebat ..., aya nu ngolebat, ngabelesat kaluar liwat jandela . Lalaki make cadar, dibaju sarwa hideung bari katempo ngagembol.

Saheulaanan  ki Arom ngarandeg, panon teu lepas nempo ka lebah ayana orok. Teu dinanaon kitu budak teh? Naha rek naon eta jalma nu bieu teh?.

Sagigireun ranjang, dua layon ngababatang, Layon awewe jeung lalaki. Meureun, nu awewe mah indung ieu budak, atuh itu nu lalaki, sigana mah bapana. Emh, deudeuh teuing anaking, gerentes Ki Arom bari gancang ngais orok beureum nu teu eureun gogoakan.

-0-

Hiliwir seungitna kembang malati  ditiup ku angin nu ngaheureuykeun, nyambuang , matak betah nu keur nyawang.

Nyi Arum keur anteng  neuteup mega umpal-umpalan waktu Ki Arom ngageroan ti jero Padepokan Gunung Gede
  
“Nyi, kadieu sakeudeung!”

Nyi Arum nu keur anteng ngalamun ngagebeg, reuwas pedah pikiranna nu keur kumalayang kagareuwahkeun.

“Aya naon ama?” tanya Nyi Arum sanggeus paadu hareup jeung bapana.

“Kunaon hidep teh katembong ngalamun wae geulis? Bebeja ka ama, aya kahayang naon cu?” sora Ki Arom halon.

“Teu aya ama, Nyai mah teu aya kahoyong nanaon”.

Ki Arom neuteup seukeut panon Nyi Arum, teuteupan nu nembus kana jajantung. Karasa pisan teuteupan teh ku Nyi Arum mah lir tumbak nu nuncleb kana eusi hatena. Wanoja nu geus dianggap budak sorangan ku ki Arom ngeluk tungkul. Lalaunan, aya nu merebey tina tungtung panonna. Nyi Arum teu bisa bohong.

Ki Arom ngahegak, ngabalieur.

-0-

Di tonggoh  gunung Papandayan, saurang wanoja buuk panjang keur pakupis nahan serangan tilu urang begal. Bedog nu ditujukeun kana awak eta wanoja saeutik ge euweuh nu ngeunaan kana awakna. Ngadon hayoh eta tilu begal teh bek deui bek deui awak jeung beungeutna kapeupeuh ku keupeulan leungeun si wanoja.

Dina hiji kasempetan, bek! Saurang begal kapeupeuh pisan irungna, kelepek kapiuhan. Babaturanna nu duaan deui silih reret,  masing masing kawas nu surti teu kudu  kedal oge maranehna pada pada ngarti yen maranehna kudu buru buru ninggalkeun eta patempatan mun maranehna hayang weuteuh boga awak.

Maranehna sadar ieu awewe tangtu luhung elmuna, si Codet wae nu ceuk maranehna mah  luhung kadigjayaanna bisa eleh, komo deui aing?.

“Ha ha ha hah ... naha teu jaradi sia teh rek ngarampog jeung mergasa kami mangkeluk hina? Bejakeun ka pingpinan ilaing, aing moal sieun sanajan pamingping maraneh nu datang ka aing. Hayang diacak acak panyumputan dia sugan? Ha ha ha ha hah ... bejakeun! Maung Sangcang nungguan dibegal!”

Dua begal nu lalumpatan ngagebeg waktu ngadenge kecap Maung sancang, nyata, maranehna salah neangan korban. Dina pikirna, pantes weh eleh jajaten ge, begal leutik ngabegal nu sajatina begal.  

Buuk ngarumbay diulinkeun angin, kaen sutra nu nutupan awakna gegeleberan. Beungeut nu tadi katembong galak jeung baringasan kiwari katempo marahmay.  Nyi Laras, wanoja nu geus naklukeun tilu begal nuluykeun lampah ngajugjug ka Gunung Gede.

-0-

“Ama, Nyai nyuhunkeun widi, Nyai bade turun gunung, mamanawian Ibu sareng Rama Nyai teh aya keneh. Nyai hoyong uninga saha ari Ibus areng Rama Nyai. Salami ieu ama teu kantos sasauran perkawis Ibu sinareng Rama Nyai nu sajatina, ama mung nyarios yen Ibu sinareng Rama Nyai nuju ngemban tugas ti ama merangan angkara. Kukituna ama Nyai bade milari aranjeuna,” Nyi Arum ngedalkeun kahayangna dina hiji waktu.

Ki Arom teu ngaenyakeun, oge henteu ngaulahkeun. Ki Arom ukur ngahuleng barang ngadenge naon nu dikedalkeun ku anak pulungna.

Lain ki Arom ngahaja nyumputkeun carita, lain oge Ki Arom teh rek nyiksa batin nu jadi anak pulungna. Ki Arom teu hayang mun Nyi Arum nyaho kajadian sabenerna  yen indung bapana dipateni ku gorombolan begal Maung sancang. Tada teuing nyerina Nyi Arum, kitu pikir Ki Arom.

Moal jadi mamala mun hal ieu teu ngajadikeun Nyi Arum dengdam. Kumaha mun Nyi Arum hayang mangmaleskeun kanyeri indung jeung bapana?. Moal, demi kasalametan Arum, aing moal nepi ka betus.

-0-

Trang ... trang ..., sora bedog jeung pakarang lianna ti beh wetan. Nyi Arum geuwat ngabelesat ka palebah sora. Satukangeun jujukutan  jangkung, Nyi Arom ngilikan kaayaan.

Saurang wanoja make kaen sutra beureum ngabedega bari melak cangkeng, satukangeunana sababaraha urang lalaki badega-badegana anteng nempo batur baturna keur ngagalaksak jeung mateni jalma nu aya didinya. Hanjakal  wanoja nu make kaen sutra beureum teh teu katempo keureutan beungeutna, sabab make cadar. Dina baju maranehna aya gambar maung leuweung.

“Cukup! Cukup! Bawa kadieu pamingpinna!” parentah wanoja nu make kaen Sutra beureum.

Kateuing boga kadigjayaan naon eta wanoja teh, kabeh jalma didinya ngan reg eureun barang ngadenge si wanoja ngagorowok mere parentah.

Sababaraha urang badega ngagusur saurang lalaki nu geus teu walakaya.

“Sia rek taluk ka kami, Suta? Ti ayeuna, sia jeung anak buah sia kudu tunduk kana parentah dewek. Parentah Nyi Laras, parentah nu kudu dilaksanakeun ku sakabeh patalukan Maung sangcang. Bejakeun ka sakabeh anak buah sia Suta, kiwari nu kudu diturut teh Nyi Laras, pamingpin Begal Maung sangcang”.

Nu disebut Suta unggut unggutan bari rengkuh, euweuh ucap nu kaluar.

“Ayeuna, dewek mere parentah ka dia, teangan nu ngaranna Ki Arom, bawa ka hareupeun dewek. Eta mangkeluk geus wani maehan indung bapa dewek. Ngarti sia Suta?” Nyi laras mere parentah satengah hahaok.

Barang ngadenge ngaran ki Arom disabit, Nyi Arum beungeutna pias saheulaanan, naha ngaran bapana bet disabit? pajar bapana geus mateni deuih.

-0-

Nyi Arum jeung Nyi Laras teu nyarahoeun yen masing masing maranehna, salila turun gunung pada pada aya nu nuturkeun. Nyi Arum, ditutur tutur ku Ki Arom, bapa pulungna. Pon kitu deui  Nyi Laras, salila ieu dituturkeun ku lalaki make cadar, dibaju sarwa hideung.

-0-

Sajajalan, Nyi Arum teu beak pikir, naha eta awewe bet nuduh ka bapa pulungna, maenya teh teuing bapana mun nepi mateni mah, asa ku moal mungkin. Palias teuing mung nu dipatenina jalma nu gede ku ungkara. Bisa jadi, jeung da kuduna.

Kaayaan pasar leuwih rame ti biasana, lain kulantaran ayana dagangan anyar atawa ayana kagiatan jual beuli, ieu mah pedah aya sababaraha urang lalaki nu mawa bewara.

“Deuleu ku mata maraneh! Sing saha wae nu bisa mere katerangan kalayan bener dimana ayana Ki Arom, ku kami bales dibere hadiah. Anak jeung kulawarga dia bakal disenangkeun ku kami. Sawah, kebon, imah katut eusina baris jadi milik maraneh. Ieu bewara ti pingpinan Maung sancang pikeun sakabeh daerah patalukan Maung sancang. Matak geura tareangan tah jalma deleka nu ngaranna Ki Arom teh”.

Aya nu unggut unggutan, aya nu ukur colohok, aya oge nu katempo panasaran rek tumaya, tapi sieun rek nanya-na. Euweuh ucap nu wani kaluar ti sakabeh jalma didinya, dimana aya oge katempona ngan saukur silih harewos.

Nyi Arum, asup kana barisan jelema nu sakitu reana, manehna seseledek nepi kahareup. Atra, didinya aya wanoja  make kaen sutra beureum, nu kamari nuduh bapana.

Nyi Arum teu narima ngaran bapana digogoreng. Jero dadana karasa aya nu nyedek, kaambek jeung kawani ngumpul, manehna kudu manglawankeun bapana.

“Kami nyaho ayana Ki Arom” ceuleungkeung Nyi Arum nyeuleungkeung.

Nu araya didinya pating lalieuk, kabeh panon nempo ka hiji sumber. Nyi Arum. Gebeg! Nyi Laras ngagebeg waktu nempo beungeut Nyi Arum, pon kitu deui badega badegana.

Gajleng ..., Nyi Laras dina waktu ngan asakiceup geus aya hareupeun Nyi Arum. Ayeuna duanana paadu hareup. Nyi Arum neuteup seukeut panon Nyi Laras, nu diteuteup katempo samar polah, Nyi laras nu sakitu digjayana teu wani malik neuteup.

Nyi Laras ngabalieur, maksudna sangkan teu paadu teuteup jeung  Nyi Arum. Duka teuing naon sababna, Nyi Laras bet teu wani malik neuteup panon Nyi Arum. Manehna ngarasa yen Nyi Arum teh jalma nu kungsi deukeut jeung manehna, tapi dimana? Saha?.  Naha manehna  kudu taluk ku panon ieu awewe?. Ceuk pamikirna, ku sakali jurus ge ieu jelema  tangtu bisa dijongkengkeun.

“Nu bener Nyi, bener nyaho dimana ayana Ki Arom? montong heureuy jeung kami” Nyi laras teugeug.

“ Kuring Nyi Arum, anak Ki Arom  nu ditareangan ku maraneh,” tembal Nyi Arum teu eleh teugeug.

Ngadenge kitu, badega badega Nyi Laras langsung masang kuda kuda, masing masing geus siap nyepeng pakarangna. Kari parentah ti Nyi Laras, tapi Nyi Laras teu mere isarah nanaon.

Nyi laras ngagebeg  waktu ngadenge saha eta awewe, hatena ngadadak panas, aya seuneu nu ngagedur jero dadana.

“Cuih ..., datang sorangan geuning katurunan mangkeluk hina teh. Wayahna, kusabab bapa maneh geus maehan indung bapa kuring, ayeuna tarimakeun takdir, malekat maut datang pikeun ngajemput” sora Nyi Laras ngabedasan, manehna masang kuda kuda.

Nyi Arum, nu memang geus nyaho naon resikona nyanghareupan Begal Maung sancang geuwat taki taki, siap narima serangan Nyi Laras.

-0-

Jleng ... jleng ... belesat ... , saurang lalaki ngabelesat, ngadeukeutan jalma nu keur ngagimbung. 

“Ceuk uing, eta wanoja nu make kaen ungu bakal tiwas euy, wawanianan nyanghareupan pamingping maung sancang nya euy,” ceuk lalaki pendek busekel diantara barisan jalma nu lalajo patarungan.

“Heueuh  nya euy asa ku lebar, mangkaning  geulis  mun paeh teh lebar. Nyaho kitu mah saacan paeh teh dikawin heula ku uing” tembal babaturanna bari nyerengeh, panon mah angger neuteup kanu keur diadu kasakten.

“Ah sia mah, kana kawin wae, naha teu cukup kitu pamajikan sakitu geus tilu? Salahna euy, eta wanoja nu make baju ungu teh bet anak Ki Arom atuh.
Lalaki nu kakara datang curinghak barang ngadenge ngaran Ki Arom. Panonna ngulincer nempo kaayaan eta patempatan. Hemh, kandang Maung sancang, kabeh jalma didieu marake lambang maung leuweung.

-o-

Nu keur adu jajaten beuki panas wae. Masing masing maranehna pengkuh kana pamadeganna. Nyi Arum ngarasa, bapa pulungna teu boga salah, sabalikna Nyi Laras keukeuh nuduh Ki Arom nu mateni indung bapana.

“Tarima ieu Arum!” leungeun katuhu Nyi Laras ngaluarkeun haseup jeung hawa panas. Haseup beureum pating garulung leutik, ngarah ka lebah Nyi Arum.

Sagilek, Nyi Arum leupas tina serangan haseup Nyi Laras. Eta haseup jeung hawa panas teh tangtu baruang matih, sabab karasa Ku Nyi Arum hawana nyababkeun peurih dina kulitna.

Nyi Laras kaget nempo Nyi Arum bisa nyingcet  tina serangan manehna. Nyi Arum saukur imut, tapi panonna atra ngalecehkeun kasakten  Nyi Laras.

“Sakitu kabisa teh Laras? Sugan teh enya pamingping Maung leuweung  jawara tanpa tanding”.
Beres nyarita , tak, tak, Nyi Arum niupkeun sumpitna. Ti jero sumpit, kaluar puluhan jarum leutik ngabelesat meh teu katempo ku panon buligir.

Nyi Laras geus surti manten. Sakali ngebutkeun salendangna,  jarum malik deui kanu bogana.

Hiat ... ! Nyi Arum geuwat ngagajleng, awakna hiber kaluhur suhunan salah sahiji warung . Ratusan panon nuturkeun geleberna Nyi Arum.

Jleng, jleng, belesat ... Dua kali teumbragan kana taneuh, Nyi Laras nuturkeun Nyi Arum. Maranehna kiwari paadu hareup deui.

Keupeulan leungeun Nyi Laras dimaksudkeun kana beungeut lawanna. Rikat Nyi Arum nangkis, Nyi Arum malik meupeuhkeun keupeulan.

Buk! Keupeulan leungeun Nyi Arum keuna pisan kana palipisan Nyi laras. Nyi Laras ngabangkieung, tapi tuluy nyerang ku sepakan sukuna. Sakali waktu, Nyi Arum kurang waspada, sepakan Nyi Laras nyababkeun manehna teu bisa mertahankeun kasaimbangan. Nyi Arum ngajengkang.

Gedebut! Awak Nyi Arum neumbrag bumi. Teu diengke engke, Nyi laras muru musuhna nu keur nguniang hudang. Jebot ! Jebot! Nyi Laras meupeuhkeun sababaraha kali keupeulan leungeunna.

Nyi Arum teu walakaya, Leungeunna ngarawu taneuh,wur, di awurkeun ka tukangeun awakna, pas pisan keuna kana panon musuhna.

Nyi Laras teu bisa nempo awas, manehna nutupan panonna, cadarna dibetot, bray beungeutna. Sabot kitu, Nyi Arum hudang, tuluy jekuk, jekuk, giliran Nyi Laras nu narima keupeulan leungeun.

Mangpirang  jalma nu ti tadi nempokeun patarungan eta dua wanoja tingkecewis. Beungeutna sarua,cenah.

-0-

“Meunggeus! Cukup! Eureun maraneh duaaan!” hiji sora kadenge ti antara barisan jalma.

Jleng ... jleg... ! saurang lalaki ngabedega hareupeun maranehna. Nu ngalungan ngadadak eureun.

“Arum, ama rek cumarita, kolot hidep geus euwueh dikieuna, rek di teang kamana wae oge tangtu moal kapanggih. Kitu deui anjeun, Laras, kolot hidep memang bener geus aya nu mateni , tapi lain kuring, kuring teu narima mun hidep nuduh kuring nu mateni”.

Nyi Arum Jeung Laras ngadon pating colohok mata simeuteun, ngarasa kaget barang nempo beungeut masing masing, naha sarua? Gerentes hate maranehna.

“ Laras, Arum, ieu kuring rek mikeun hiji hijina bukti, saha maraneh sabenerna. Ieu ge nandakeun bukti  saha nu sabenerna mateni indung bapa hidep duaan. Laras, Arum, hidep duaan teh geuning sagetih sasusu, saindung sabapa”.

Ki Arom ngasongkeun peti leutik kanu duaan. Nu duaan silih reret. Nyi Laras nu narima peti, asa asa peti ku manehna dibuka. Bray ..., dijero peti aya salambar keretas daun lontar.

Eusi surat, matak hese ditarima ku Nyi Laras.

“Sing saha wae nu nimu ieu surat, kuring, Ki Bara rek nitipkeun budak. Budak teh dua, awewe. Kiwari, kuring jeung nu lian keur diserang ku begal Maung Sancang. Kabeh jalma nu aya di paguron kuring hiji hiji dipateni. Kuring kasedek, kuring eleh jajaten.”

Nyi Laras nyurucud cimata.

Belesat ..., aya nu kabur ti eta patempatan. Saurang ku lalaki make cadar, dibaju sarwa hideung, make lambang Maung leuweung.
















18 Juli 2011
  
 










Bengkel Ngarang Sunda
Carpon : Derry Hudaya

Kuring gering, enya. Anu ngalantarankeunana taya lian iwal ti laku lampah gering maranéhna. Maranéhna anu piligenti ngarungkup panonpoé sarta bulan anu  meujeuhna sumirat. Maranéhna ogé mipit béntang-béntang anu tingdarilak. Di langit kuring ukur nyésa kalangkang-kalangkang hideung.

Padahal kuring ogé sarua jeung maranéhna, boga kahayang. Hayang boga tingalieun, hayang boga paningtrim nalika karungsing gugulayunan dina bulu-bulu panon. Naha bet hararawek? Siga ulah kapimilik ku diri kuring. Ah meureun maranéhna téh gering. Memang lumrah. Kuring ogé lumrah lamun gering, da sarwa manusa. Sarwa lumrahna saupama nandangan panyakit.

Panyakit kuring téh ngaranna ceuceub. Panyakit anu tumuwuh teuing ti iraha. Éta panyakit remen dicebor. Kembangna mararangkak, seungit lir haseup kenalpot mobil butut. Sirungna rajeg di sisi-di gigir, minuhan haté kuring. Haté kuring jadi peteng. Kahieuman.

Kuring remen paamprok jeung hal-hal anu ngalantarnkeun jantung ratug tutunggulan, ciduh nyarakclakan tina dua juru biwir, ramo-ramo leungeun ngeleter teu bisa ditahan, laju ngajaranggélék di lalangit kamar. Méh unggal peuting kituna téh. Lir putri-putri anu turun ti kahyangan,  mandi bulucun di walungan. Atuh kuring sok gancang nutupan beungeut maké simbut. Untung simbutna geus barolong balas di gégélan beurit.

Tapi pamustunganana mah kuring ngan bisa ngégél curuk sorangan. Sabuntungna. Pirang-pirang pameunteu anu nyorotkeun cahaya téh dicomot, disimpen di langit maranéhna. Kuring teu bisa majar kumaha. Ukur bisa ngalegleg buleud rasa hanjelu, nanangkeup tuur bari nyérangkeun poékna langit anu teu leuwih poék ti langit haté kuring.

Tarékah anu geus dilakukeun, sakur léngkah jeung ucapan, mumbul ka luhur, jadi méga di awang-awang. Ngahieuman. Laju nyarakcakan jadi hujan, nyébor tangkal panyakit dina haté. Atuh éta tangkal beuki subur. Sirung-sirungna jalugjug jangkung. Kembangna ngahiliwir, mahabu minuhan liang irung saban rénghap.  Buahna meuhpeuy leubeut, maluragan hiji-hiji. Buruk. Jadi gemuk!

Éta tangkal sirungna beuki réa. Ngajajar, pasesedek. Dina haté geus pinuh,  tumuwuh dina jantung. Jantung pinuh, tumuwuh dina bayah. Dina urat. Dina daging. Sumebar minuhan raga badag. Jeung rajég jeroeun pikiran, minuhan alam pikiran.

Engeuh kana kaayaan kitu mah lila-lila jadu baluweng. Unggal poé taya gawé lian ti nangtung ngalanglayung. Néangan tarékah pikeun ngungkulanana kalah tinemu jeung jalan buntu.

Lamun maranéhna euweuh, ieu tangkal moal aya nu nyébor, daunna baris ngarangrangan. Moal sirungan deui. Bakal pararaéh nepi ka akar katut indung tangkalna. Alam pikiran kuring moal hieum. Haté kuring baris béngras, taya alang-alang.

Paéhan!

Enya, enya pisan, kudu di paéhan. Kudu leungit, maranéhna anu geus nyébor, maranéhna anu jadi cukang lantaran kudu modar.

Niat geus buleud, sarwa buleudna jeung peureup. Kuring lunta, ngaléngkahkeun suku. Nyingkilkeun leungeun baju, ngamang-ngamang pakarang anu buburilakan. Laju nebas pirang-pirang beuheung, megat-megatkeun uratna.
Pirang-pirang sirah anu tinggulutuk ditalapungan satakerna. Dideukeutan hiji-hiji, diilikan, ditengetan. Eusina dibudalkeun: aya peureup, aya panon bolotot. Kuring beuki napsu. Éta sirah dicacag taya nu nyésa. Sanggeus bubuk, kuring lunta deui. Nyiar cukang deui. Nyingray-nyingraykeun rungkun, nugar guha bising dipaké nyumput. Nebas naon waé nu ngajega ngahalangan jalan nu rék disorang.

Getih terus ngocor ngagolontor. Getih mancawura, mancer tina urat-urat anu pegat. Leungeun kuring pulas getih. Panon kuring beureum, beureum getih. Getih nu ngamuara disiukan, ditaheur, terus diuyup. Dicéborkeun kana tatangkalan anu rajeg jeroeun raga badag.

Pirang-pirang daun reujeung kembangna nungtut maluguran. Gararing, lantaran dicébor getih nu ngagolak. Pirang-pirang tangkal ngiles tina alam pikiran. Dina bayah, dina jantung, dina haté, suwung.

Tinggal hiji tangkal. Tangkal anu aya jeroeun haté. Tapi lain, lain tangkal panyakit nu kamari ngahieuman. Béda. Ieu tangkal katilikna ngora kénéh. Rupana bodas kuleuheu.

Ti poé ka poé, ti minggu ka minggu, ti bulan ka bulan, ti mangsa ka mangsa, éta tangkal gancang naker ngajangkungan. Teuing tangkal nanahon. Teuing saha anu melakna. Ieu tangkal daunna mararungkut. Rupana beuki lila beuki kuleuheu. Beuki jangkung, beuki jangkung, rupana beuki kuleuheu. Jadi hideung meles.

Kuring panasaran. Disidik-sidik gemet pisan. Beurang peuting dipikiran.

Barang dina hiji mangsa, daunna mararuka hiji-hiji. Hiji daun nyegruk ceurik, ditémbalan ku daun séjénna anu pada-pada muka, pada-pada nyegruk ceurik. Awor. Sorana mahabu minuhan liang ceuli. Ngésétan haté. Haté kuring teuing kumaha. Teuing muringgis, teuing ngarahuh, teuing ngaringkuk. Teuing!

Kuring teu bisa lunta ka mamana. Suku katalikung ku hiji tali anu meungkeut kasadaran jeung kahayang. Hiji tali anu nalikung ku rupaning kapanasaran. Tali anu ngalantarankeun kuring poho kana bulan, poho kana panonpoé, jeung poho kana béntang. Geus teu diinget-inget. Teuing naon sababna éta tangkal jadi puseur pikiran.

Beurang jeung peuting, kuring anteng ngadédéngékeun ceurikna pirang-pirang daun anu beuki tarik. Ceuli kuring mudal ku sora-sora ceurik. Ceurik balilihan bari nyambat-nyambat nanahaon. Kuring ukur bisa ngajenggutan buuk sorangan nalika hayang apal kana naon anu disambat ku éta daun. Ceuli kuring kalah rawing. Buuk kuring murudul, kajenggut tarik teuing.

Kuring peureum. Bet kabayang urat-urat daun, pori-pori daun. Kuring asup kana alam pikiran éta daun. Aya getih, aya sirah, aya urat nu paregat. Aya sora nu ngocéak. Sora budak leutik, sora hiji indung. Budak leutik roroésan, dicekelan ku indungna bari pada-pada ceurik. Laju silih tangkeup. Teu jauh ti dinya aya kuring nu keur hut-hét narajang lalaki nu teu walakaya. Kuring nebas beuheungna. Urat-uratna pararegat, ngocorkeun getih. Sirahna direcah.

Kuring kaluar ti jero alam pikiran éta daun, asup ka alam pikiran daun séjénna. Aya layon nu teu sirahan, aya kuring nu keur ngalétakan pakarang.

Kuring kaluar ti alam pikiran éta daun bari peupeureudeuyan, asup ka alam pikiran daun séjénna.... Anu nyampak, sarua. Aya kuring jeung layon, jeung pakarang, jeung getih, jeung segrokna lalaki anu ditinggalkeun nyawa.

Kuring kaluar ti jero alam pikiran pirang-pirang daun. Laju nelek-nelek tangkal anu beuki meles hideung, beuki jangkung. Sora ceurik pirang-pirang daun mimiti bisa disurahan. Tétéla ceurikna téh bari nyarékan kuring, nyupata kuring sangkan cilaka. Ceurikna bari jeung nyambat-nyambat............ Pangéran.

Pangéran?!

Pangéran kumaha rupana? Ari pangéran dimana cicingna? Naha pangéran téh lain jelema? Naha anu disambat-sambat téh lain tentara, lain pulisi. Naha bet Pangéran? Naha, kuring bet teu wawuh ka Pangéran? Naha Pangéran bageur? Naha Pangéran leuwih cangra batan pangeusi langit? Ah jigana matak disambat ogé Pangéran téh....

Lalaunan, kuring beunta. Nelek-nelek sakuriling. Remeng-remeng geuning. Kaambung bau hangru. Kuring ngarampaan awak sorangan. Disasar tina ramo-ramo suku terus ka luhur, parat kana tungtung buuk. Geuning raca. Sakujur awak pasiksak. Lungsé taya tangan pangawasa.

Kuring nangtung lalaunan. Ngilikan anu rajeg dihareup, méh sarupa jeung tangkal pulas hideung jeroeun haté. Tapi ieu mah lain tangkal, jaruji beusi! Na ti iraha kuring di ieu tempat? Naha di tempat ieu aya Pangéran? Kuring teu kuat hayang tepung jeung Pangéran.

Ciumbuleuit, Februari 2011