Iwan M. Ridwan
Kénging Anggi Novia Dewi

Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal salawasna cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung wancina. Sabab kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot cahya panonpoé, langit bakal beuki éndah katumbirian.
Handapeun langit nu kulawu, kuring kungsi ngabedahkeun cimata dina handapeun tetengger makam indung. Sora ceurik nu awong-awongan ngan awor dina jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh ngahiji jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadkeun runtuyan dunga. Sedeng leungeun ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun nanaon iwal ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras.
Ti harita, kuring sok resep neuteup langit kulawu. Cumeluk nepi ka hujan cluk-clak. Sanajan hawa jadi tiis, tapi kuring laluasa pikeun ngumbar lamunan. Nyawang rupa-rupa kajadian nu geus karandapan nalika hujan marengan.
Nepi ka hujan ngagebrét, kuring sok resep nadahkeun dampal leungeun bari tanggah. Nampanan mangréwu keclak caina tuluy diranggeum sina merebey kana sela-sela réma. Lir nu sapagodos, cimata merebey tembres sésélékét niisan haté.
Ti harita, kuring gé sok resep mireng sora guludug. Beuki ngajelegur sorana, beuki neunggar karasana dina dada.
“Raini, hujan!” kitu haréwos angin tiis téh.
Leungeun kuring sok tuluy aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana. Ngan nu karasa awak jadi baseuh, getih asa teu ngamalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur Apa téh.
Awak kuring sok tuluy dipayungan, dituyun ka nu teu kahujanan. Sanggeus kuring disalin, Apa sok mangninyuhkeun cai éntéh amis. Laju nyarios perkara panti. Di luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita Apa. Kuring ngan wasa unggut, da biwir mah asa rapet.
Di panti téh bakal loba babaturan, bakal aya nu ngurus kuring, bakal aya ibu jeung bapa panti nu kanyaahna sarua, bakal aya ...
Teu kapireng, naon deui nu bakal aya di panti, saur Apa. Sabab nu leuwih kapireng téh sora haté nu nyebutkeun yén, “Di panti mah moal aya Apa, moal aya kanyaah Apa.”    
Mimiti dianteurkeun ka panti ku Apa, dua kantong eusi pakéan jeung barang kuring lianna. Sanggeus cacarios jeung pibakaleun bapa panti, Apa ngambung embun-embunan kuring. Tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu dicarioskeun ka kuring mah, ngan tina kongkolak socana kuring bisa nyawang kalewang Apa nu taya hinggana.
Harita, langit gé pulas kulawu. Hayang teuing der ngagebrét hujan sing badag sangkan léngkah Apa ninggalkeun kuring di panti kahalang. Sangkan upama kuring ceurik nangkél ka Apa, teu katangén merebeyna cimata, ogé teu kapireng hingna sora ceurik.
Tapi hujan mimiti cluk-clak nalika Apa geus ninggalkeun kuring, nalika tonggong Apa geus leungit tina teuteupan kuring. Indung panti nyampeurkeun tuluy ngusapan tonggong, kuring ngan wasa tungkul bari nahan mangréwu cimata pihujaneun dina haté.
Ti harita kuring pisah jeung Apa. Ngarandapan cicing di panti. Unggal poé, nu ditutungguan iwal Apa. Sanajan aya bapa panti, sanajan enya sarua asihna, tapi geterna kana haté éstu béda.
Ti harita langit dina haté kuring gé kelirna kulawu. Sanajan dicangra-cangra ku sorot kaasih ti ibu jeung babaturan panti, tapi cangrana asa béda. Henteu béngras pisan. Kari nganti, hujan iraha clakna.    
Apa! Iraha badé ka panti? Ceuk sora hate, galécok tumanya ka diri.
Hiji mangsa hujan ngeclak tuluy ngagebrét. Kuring balik ti sakola ka panti. Angin tiis ngaharéwos deui, “Raini, hujan!”
Haté kacida bungahna. Sabab kuring bisa merebeykeun cimata jeung teu éra nyorakeun hing ceurik. Gogorowokan ngangentraan Apa, patarik-tarik jeung sora guludug. Ngumbar lamunan, nyawang deui rupa-rupa kajadian nu geus karandapan nalika hujan marengan.
“Apa! Raini hoyong tepang!” Haté galécok jeung cihujan.
Leungeun kuring karasa aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana. Ngan nu karasa awak jadi baseuh. Getih asa teu ngamalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur bapa panti téh.
Awak kuring tuluy dipayungan, dituyun ka nu teu kahujanan. Sanggeus kuring disalin, ibu panti masihan cai haneut. Laju nyarios perkara Apa. Di luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita ibu panti. Kuring ngan wasa unggut, da biwir mah asa rapet.
Kedah sabar, ikhlas, tumarima kana takdir. Sing betah, aya ibu jeung bapa panti nu sayaga masihan kanyaah, aya ...
Teu kapireng, naon deui nu disaurkeun ku ibu panti. Sabab nu leuwih kapireng téh sora haté nu galécok cumarita, “Apa! Raini hoyong tepang!”
Isukna awak kuring harééng. Ibu panti siang wengi ngajaga kuring. Ngahuapan, masihan obat, jeung ngomprés kuring. Bapa panti ngusahakeun manggihkeun kuring jeung Apa.
Geus rada cageur, Apa ngalongok kuring di panti. Saharita langit haté kuring nu kulawu téh jadi cangra. Taya pihujaneun saeutik-eutik acan. Barang gok pasanggrok gé, kuring ngagabrug, tuluy ngeukeupan Apa. Neueulkeun sirah kana dada Apa. Karasa aya nu ngeclak kana embun-embunan, cisoca Apa. Karasana bungah kacida panggih deui jeung Apa.
Awak asa hararampang, nu rarieut téh jadi ngurangan. Komo basa Apa ngahuapan kuring buah arumanis, jiwa nu asa gorowong ku tatu nu taya wujudna téh asa kaubaran. Laun-laun hégar deui.
Apa kulem di panti sawengi. Haté reugreug kacida, sanajan teu mondok sakamer jeung Apa. Énjing-énjing pisan Apa angkat ti panti téh, panonpoé gé karék meleték.
Sanggeus cacarios jeung bapa panti, Apa ngambung embun-embunan kuring, tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu dicarioskeun ka kuring mah, ngan tina kongkolak socana kuring bisa nyawang kalewang Apa nu taya hinggana. Raray Apa kaciri rada kanyosna. Kuring ngan wasa unggut. Imut saeutik bari dina jero haté mah ngarakacak.  
Harita, langit haté kuring nu cangra laun-laun jadi kulawu deui. Hayang teuing der hujan ngagebrét sing badag, sangkan léngkah Apa ninggalkeun kuring di panti jadi kahalang. Sangkan upama kuring ceurik nangkél ka Apa, teu katangén merebeyna cimata, ogé teu kapireng hingna sora ceurik.
Kuring pisah deui jeung Apa. Ngan haté teu lewang teuing, isuk jaganing géto kuring masih bisa papanggih deui jeung Apa. Teu kawas hayang panggih jeung Ambu nu geus mulang ka kalanggengan. Teu kawas babaturan kuring nu Ambu jeung Apana geus taya dikieuna.
Ayeuna mah mun hujan geus réngsé, kuring karék hayang nyawang langit. Hayang ngagambar raray Apa dina langit nu cangra tuluy diteundeun dina langit haté kuring. Komo mun aya katumbiri, kuring sok tuluy tanggah. Lir imut Apa, melengkungna katumbiri mapaés mamaras rasa.
 Sababaraha minggu ti harita, kuring mimiti betah cicing di panti. Ibu, bapa, jeung babaturan panti mimiti karasa anteb kanyaahna. Cahya panonpoé mimiti meleték dina langit haté kuring. Haneutna mimiti sumarambah.
Teu lila langit haté kuring cangra téh, Apa ninggalkeun kuring ka kalanggengan. Kacida handeueul, sabab kuring dibéjaan sanggeus Apa dikurebkeun.
Handapeun langit nu kulawu, kuring ngabedahkeun deui cimata dina handapeun tetengger Apa. Sora ceurik nu awong-awongan ngan awor dina jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh ngahiji jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadkeun runtuyan dunga. Sedeng leungeun ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun nanaon iwal ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras. 
Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal salawasna cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung wancina. Sabab kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot cahya panonpoé, langit bakal beuki éndah katumbirian.
Di panti, éta katumbiri téh mimiti mapaésan langit haté kuring. ***

Baitii, 8 Oktober 2013
Kahatur utun inji
Iwan M. Ridwan


(Carpon Iwan M. Ridwan : Galura edisi I Agustus 2012)

Kolam renang téh asa panas pisan. Ngahéab lir nu ngahaja ngaléob awak sadirieun. Ngebul. Kawas cai rérob dina keletikan. Padahal wanci geus ampir manjing ka tengah peuting. Méga ngambang. Langit angkeub balas ti soré kénéh hujan masih miripis. Tapi teu ieuh bisa ngarerepkeun kapanas cai Cipanas. Kapanas haté nu masih kénéh humapur. Kari-kari ayeuna kabaseuhan. Bunyanyahan. Mun mah dina beungeut-beungeut cai teu rapang nu garuyang, meureun peuting téh beuki jempling. Kabuktianana najan loba jalma, sakuriling bungking lir nu disirep ibun parabun. Nu ngaromong ukur tina haté kana haté. Unggal basa nu kaluar mapay ngaliwatan seuseukeut paneuteup. Ketug jajantung. Jeung tingsariakna getih nu ngamalir jeroeun daging. Anjeun nu aya dihareupeun paneuteup geus lain-lainna. Geter jajantung nu dagdigdug jeroeun dada dina cai panas, lain geter nu baheula kaluar tina kadeudeuh. Lain geter nu salalawasna nyumangetan kahirupan. Lain geter kanyaah. Teu mawa kalugina. Teu teusing. Teu ieuh bisa nyurahan geter kawas basa urang silih teuteup jero kamar. Ngararasakeun ketug jajantung sabada urang ngangon kasono. Dina beungeut cai kolam  renang urang ukur jadi kamelang cinta. Ukur jadi cai panas Cipanas.

Dina beungeut cai panas urang pada-pada ngangon lalakon sewang-sewangan. Lalakon anu sarua. Lalakon anu kungsi kaalaman. Nineung kana sagala rupa nu kungsi dipilampah. Ngaguar deui panineungan dina batin nu masih kénéh sarua boga geter katrésna. Mapayan sagalana. Ti mimiti ngangon kasono, ngumbar cimata tug tepika suka-suka tingcakakak nyeungseurikeun film kartun.

Urang kungsi ka Lémbang. Hujujanan. Balikna mawa susu murni kabeuki anjeun. Kabulusan. Ngadarégdég. Balik ka kontrakan anjeun ngajak sosonoan. Majar keur ngusir katiris nu masih kénéh nangkod sapanjang jalan tepika harita. Enya. Geter kaasih téh harita mah parna pisan. Nyongkab. Keur meumeujeuhna ngagulidag caah. Umpal-umpalan. Taya saurang ogé nu bisa ngahalang-halang najan kuring apal sorangan kumaha lalakon anjeun mangsa ka tukang. Cenah, enya ceuk anjeun. Anjeun mah lain lalaki satia ka hiji wanoja. Di ditu di dieu teu weléh ngait kana sakutri ati wanoja. Mun mah diparengkeun tepung deui jeung nu dirasa leuwih sagalana, anjeun pasti kabongroy deui bari jeung tara kebat ninggalkeun nu tiheula. Rikip anjeun mah. Nu itu diogo nu ieu dinangna-néngné. Waktu nu ngan ukur dua puluh opat jam téh teu ieuh dipaké kamelang pikeun ngabagi-bagina. Mun mah isuk-isuk kudu kanu maké tiung, nya bagéan peuting keur anu rebonding.

Cenah pasipatan hiji-hiji wanoja téh taya nu saruwa. Mun anu panonna mencenul bari jeung teuteupna sieup. Nu kitu téh lungguh tutut. Loba kahayangna. Loba impianana. Tapi gampang diperuhkeunana. Ku cara diogo jeung diayonan sagala kahayangna. Kitu cara nalukeunana. Anu sipit bari irungna mancung, cenah éta nu rada hésé mah ditalukeunana. Rada intropért. Hésé muka rusiah dirina ka batur. Mun mah ditanya ngeunaan pribadina sok inggis pikeun ngajawab saujratna. Pasti waé aya nu didindingkelir disindang siloka tepika ahirna teu bisa kaungkab pijawabeunana.
Enya ceuk anjeun éta téh. Meureun. Geuning anjeun mah sok karajinan macaan beungeut batur, bari jeung boa bener boa henteu.

Mun mah harita urang pada-pada satuhu kana jangji pasisni meureun geus lain kieu caritana. Mun mah harita kakuatan cinta urang ngabanding jeung pengkuhna tihang gunung Cakrabuana nu maseuk kana jero bumi. Meureun asih urang baris ngamalir kana muarana nu geus ditataharkeun. Kana sagara kadeudeuh nu salalawasna ngagulidag taya kendatna.

Enya kuring nu salah mah.

Mun mah waktu bisa balik deui ka dalapan bulan katukang kuring pasti ngawaro. Kuring pasti ngéléhan kawas biasana. Geuning dihenteu-henteu gé sagala omongan akang téh aya benerna. Malahan loba kénéh benerna tinimbang salah. Malah karasa pisan ku diri sorangan ayeuna mah. Éta atuhda ceuk pangrasa mah ucapan-ucapan akang téh matak nurih kana ati. Ngageri. Lian ti éta geuning kanyaah akang harita mah kawas anu ngurangan.

Beu. Geuning mun rék dibabandingkeun mah manéhna jeung akang téh mémang jauh pisan bédana. Haatna. Perhatianana. Akang anu dirasa ku abdi cuek bébék, kawas anu teu nyaah jeung perhatian, tapi geuning akang anu paling ngarti kana kahayang kuring, kana eusi pikiran kuring. Mun mah kabéh jalma euweuh nu apal kana kereteg haté kuring, akang mah surti sanajan kuring teu balaka ogé.

Naha ieu nu disebutkeun jodo téh, Kang. Urang reureujeungan aya kana lima taunna, ayeuna bet pasalingsingan. Urang lumampah kana sagara cinta séwang-séwangan. Kuring lunta ka laut kidul sedeng akang ka kalér mapay sagara. Muru lampah nu masih kénéh lampar tur tacan kaidrok naon anu bakal disanghareupan. Kuring saminggu deui rék rapalan sedeng akang karék dua minggu papacangan. Meureun ieu nu disebut jodo téh, Kang. Kawas kieu. Teu disangka-sangka lalampahan urang baris ditungtungan ku kapeurih. Kapeurih urang duaan. Taya saurang ogé nu apal. Kang. Di dieu di Cipanas, urang pada-pada muka rusiah sewang-sewangan. Dibeungkeut asih nu teu bisa ngahiji. Ditalian ku kacinta nu pada-pada ngaleupaskeun ranggeumanana.

 ***

"Bral geura miang jungjunan. Waktu nu baris disorang tong dipimelang. Kaduhung nu geus kalarung ulah waé dipigandrung. Kahéman aya dina diri urang. Kacinta aya dina satiap rénghap nu marengan. Geus cunduk kana waktuna tali kaasih urang udar tina kanyataan. Mun mah diparengkeun rasa amis dina sakolanding cai kahéman urang kudu ngamuara ka sagara séwang-séwangan, hiji mangsa bakal datang mamanis rasa dina haté urang...." ceuk akang ngaharéwos basa keclak cimata maseuhan kana lahunan.

Peuting teuing ku jempling. Tiris kawas nu ngahariring. Nganteur lalakon urang. Marengan kasono nu lawas kapegat duriat kawalat. Geter kahéman gumulung dina mumunggang peuting. Panasna cai panas marengan ngagolakna haté urang nu pada-pada ngaleupaskeun kasono. Kaasih lir manggih kapeurih.

Bandung, 2012


Iwan M. Ridwan

Mun mah baheula kungsi boga cita-cita nincakeun suku di Cilegon  téh seja suka bungah dina kariaan panganténan aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Éstuning patukang tonggong jeung naon anu kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal ku mobil pulisi bari tumpak sédan réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna ngalanglaun sapanjang jalan. Nyingray-nyingraykeun antrian patalimarga. Dipapaés keclak cimata nu asalna ngabedega tina sora-sora kacangcaya.  Sora-sora handaruan. Sora jumerit balilih. Kapiuhan. Sabab taya nyangka bakal kajadian. Baju aceuk nu baheula dicita-cita gaun panganténan niru gaya Kate Middleton, ayeuna mah ukur boéh dirurub asiwung. Teu. Teu leuwih ti kitu. Teu sugan maké makuta dipapaés manglé atwa kembang roncé.  Awak nu sampulur ayeuna duka kumaha ayana. Seuseut seuat gesan ngabayangkeunana. Saréréa taya nu wasa. Dalah anu kuat muka tamela ogé ukur uwa, rama salira. Uwa istri sareng enin mah tiba ngayukyuk kapiuhan deui waé.

Ti Jakarta ka Cilegon téh lain perjalanan meumeueusan. Tapi lalampahan anu ngemplad dibarung ku cimata mah. Lila. Ketir. Waas jeung baluas. Panas nyongkab sajajalan. Keur mah miang saméméhna ti Cianjur, teu sirikna geus taya nu dirasa. Kacapé. Katunduh. Lapar jeung hanaang. Teu ieuh bisa mangaruhan kana diri nu hayang geura-geura nepi. Ruing mungpulung jeung kulawarga nyeungceurikan nu teu walakaya. Nyeungceurikan nasib nu tumiba ka diri aceuk. Eumh. Mun mah dina manah kulawarga taya iman ka Nu Maha Kawasa, sigana geus kumaha boa. Sagala dipeupeuskeun. Sagala dijejewét bakating ku soak. Mungguh kitu kahayangna nafsu mah. Enya ukur kaimanan jeung kaikhlasan anu salalawasna marengan téh. Nya kayakinan ka Mantenna pisan anu satékah polah jadi panguat ka diri masing-masing. Seja marengan. Jajap ka pamatuhan anu salalawasna. Bakti anu panungtungan.

Eumh. Aceuk. Bet teu kusangka aceuk ningalkeun ku cara anu kieu. Ku cara anu tragis. Asa cikénéh urang téh reureujeungan. Di kampus. Di kontrakan. Enya. Urang kungsi sagulung-sagalang duaan. Sakontrakan. Malah cindung aceuk sareng kabaya urut wisuda masih kénéh aya dina lomari abdi. Seungitna nyambuang kénéh seungit aceuk. Sataun gé acan urang pipisahan, naha bet kudu pisah salawasna. Pisah tanpa pamit. Pisah anu teu kungsi ngedalkeun pipisahan.

Aceuk, mun apal bakal kieu jadina, abdi mah moal ngidinan Aceuk lunta ka Jakarta seja nohonan panggilan kerja. Geuning harita Aceuk mani bungah pisan kacida sasatna lulus kuliah langsung ditarima digawé. Enya atuh éta pagawéan téh anu salila ieu dicita-citakeun ku aceuk. Jadi réporter. Cenah saur aceuk kénéh, jadi réporter mah kawas anu boga surat sakti. Rék ka mana ka méndi ogé pasti bisa. Milu kaditu milu kadieu téh teu sugan disaha-saha da geus puguh aidina. Geus jelas kaperluanana. Seja ngabéwarakeun ka balaréa anu teu weléh nganti info anyar dina sagala widangna.

Jadi réporter mah moal kuuleun atawa kurung batok, saur aceuk. Teu kawas gawé kantoran anu ulukutek sapopoé di jero rohangan bari jeung kitu-kitu kénéh. Réporter mah gedé pisan pangalamanana. Bakal nyaho itu ieu. Dalah lain ngan saukur pelesiran di jero nagri, ka luar nagri ogé teu pamohalan bakal ngalaman. Bakal nyeuseup hawa nagara deungeun. Bakal nincak taneuh deungeun. Ulah hayoh waé urang deungeun-deungeun anu ngalanto ka urang, tapi urang gé kudu sarua bisa nganjang ka nagara maranéhna.

Jadi réporter, pangarti urang bakal leuwih nambahan. Kumaha tatacarana nyanghareupan kajadian, ngawawancara jalma anu kalibet dina éta kajadian, tuluy diringkes jadi berita anu penting, tuluy deui dilaporkeun ka pamiarsa di imah ku basa jurnalis. Ku kekecapan anu éféktif tur pikahartieun ku sakumna golongan. Mémang salila ieu abdi sareng aceuk ngagugulung basa jeung kalimah, tapi apanan moal sarua anu diajarkeun di bangku kuliah jeung anu diterapkeun di lapangan dina prak-prakanana.

Anu leuwih punjul ti éta apanan salila ieu urang téh maké basa Sunda, diajar basa Sunda, undak-usukna, sagala rupana. Tapi geuning anu dipaké mah Basa Indonésia jeung Inggris. Kitu saur aceuk. Enya aceuk mah geuning mani calakan dina sagala bidang téh. Teu sirikna nyanghareupan pasualan anu anyar ogénan kawilang gampang pikeun ngungkulanana. Itu ieu téh gampang nerapna. Enya ceuk sasaha ogé aceuk mah calakan. Dalah saur dosén ogé aceuk mah pangonjoyna di kelas téh. Geuning sok seueur dosén anu nyabit-nyabit nami aceuk pami nuju di kelas abdi. Tuh, cenah, tiru mah Néng Ismi préstasina teu weléh nyongcolang. Boh di kampus atawa di luar kampus. Karya-karya aceuk teu sirikna unggal minggu medal di média masa. Sok isin sakapeung mah pami tos émut ka dinya. Abdi mah mani sakieu ayana. Jauh bumi ka langitna pami dibandingkeun sareng aceuk mah.

Lian ti éta aceuk mah ka sasaha gé teu weléh némbongkeun paroman anu hadé. Campur gaul ka sasama éstuning teu bauan. Sasaha teu weléh diwanohan. Enya henteu sotéh jalma saliwat anu panggih di jalan. Bet piraku teuing atuh ka jalmi anu teu kenal mah ngadadak diwawuhan. Sakirana teu penting mah geuning aceuk gé sok milih cicing. Tapi dina waktuna aceuk  kudu aktif, nya didinya pisan aceuk némbongkeun kaparigelan. Bubuhan éta meureun cukang lantaranana aceuk ditarima jadi réporter téh. Dumasar kana pribadi aceuk anu gampang soméah kanu anyar wanoh. Teu sugan sieun didegigan atawa teu dianggap. Ari salira mah tos puguh, geulis.

“Salila niat urang hadé, tong kudu sieun meunang kagoréngan ti batur.” Kitu waleran Aceuk pami ditaros masalah éta. Ditungtungan ku imut. Dilak panon aceuk teu weléh ngalangkang dina kongkolak mata. Rigig aceuk, itu ieuna. Pangpangna mah panyumanget aceuk ka diri abdi nu teu weléh saat. Mun mah ayeuna rék disaruakeun jeung waktu katukang, meureun abdi téh geus teu boga nu nyumangetan diri. Enya sok sanajan aya Kang Déndi anu nyaah pisan kaabdi. Tapi geuning teu saruwa kanyaahna jeung aceuk salaku lanceuk ka adi. Kang Dendi mah teu bisa ngagantikeun aceuk. Ah bet sasaha ogé moal aya nu bisa ngagantikeun aceuk.

Kanyaah aceuk lain kanyaah anu dumasar kana cinta jeung resep. Kanyaah aceuk lain kanyaah papada awéwé antara indung jeung anak. Tapi kanyaah aceuk kanyaah nu dibikeun ti lanceuk ka adi, ti papada awéwé anu rumasa boga nasib anu sarua di tempat ngumbara, saperjoangan, sadiri sorangan. Kanyaah aceuk ka diri abdi kawas kanyaahna ka diri aceuk sorangan. Kitu deui sabalikna.

Harita basa aceuk lunta ka Jakarta téh bet asa ku baluas. Asa ditinggalkeun ku diri sorangan. Asa leungit pangacian. Asa leungit lelembutan. Geuning harita teu bisa diupah-apéh ku Kang Déndi anu salawasna marengan abdi kalayan daria. Tapi da angger wé rarasaan mah taya nu bisa nyaah kawas aceuk. Enya bisa leler téh harita ku paménta aceuk anu cenah ulah diceungceurikan anggursi silih du’akeun. Apanan komunikasi mah bisa salalawasna kahubung.

Sataun ti harita abdi wishuda. Saurna aceuk teu tiasa sumping da gaduh tugas liputan di luar kota. Enya kitu ayeuna mah kagiatan aceuk téh. Teu weléh bur-ber kaditu kadieu seja ngudag berita. Nya keur abdi mah teu bisa majar kumaha. Jeung teu kedah nyungkeun hapunten aceuk, abdi surti kana kaayaan aceuk. Geuning saur aceuk urang silih doakeun waé ti kajauhan. Sing lulus mulus berkah salamet. Enya kitu pisan anu dipiharep ku saréréa ogé. Alhamdulillah abdi di dieu tos lulus mulus berkah salamet wisuda mah, kantun milari padamelan. Tapi naha geuning aceuk anu ku abdi didoakeun téh bet henteu ninggang di lulus mulus berkah salamet téa? Aceuk mah bet meunang kamusibatan anu gedé kacida. Rohaka. Bencana anu ngageunjleungkeun alam dunya. Khususna dua nagara, Indonesia jeung Rusia. Muh mah lain aceuk anu harita kabagéan liputan dina penerbangan Sukhoi Super Jet 100, meureun moal ngalaman dugika kieuna.

Eumh. Ieu cimata abdi teu saat-saat marengan dunga pangjajab nu pamustungan. Marengan aceuk nu mulih ka jati mulang ka asal. Bet jadi paranas tiris kieu aceuk mun seug émut ka aceuk anu saméméh nyat unggah kana kapal aceuk wawartos ngalangkungan BBM, bari jeung ngapdet status @Sukhoi Super Jet 100. Sedeng display poto aceuk nuju nyepengan mic dynamic anu nganggo triangle teve trans. Aceuk wawartos bangun anu suka bungah. Mun mah harita abdi apal kapal bakal ragrag di Gunung Salak, pasti abdi ngahulag. Pasti abdi keukeuh peuteukeuh aceuk ulah ngiring.

Teu. Teu wasa aceuk. Abdi teu wasa naha ieu cimata anu teu saat merebey ngamalir jajap ka liang lahat. Mun mah baheula kungsi boga cita-cita nincakeun suku di Cilegon  téh seja suka bungah dina kariaan panganténan aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Estuning patukang tonggong jeung naon anu kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal ku mobil pulisi bari tumpak sédan réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna ngalanglaun sapanjang jalan.
Bandung, 28 Mei 2012