Bengkel Ngarang Sunda
Carpon: Anggi Novia Dewi

Maya, ti mimiti peuting ieu uing moal bisa nepungan anjeun. Peuting isuk, peuting pagéto, jeung peuting-peuting engké deui nu moal bisa diitung. Uing geus tibra, disimbut kalanggengan. Lain hartina uing teu nyaah ka anjeun. Hampura anu kasuhun, carita uing geus beungbeung.
Uing moal bisa apél deui ka anjeun, moal bisa sosonoan deui. Moal bisa curhat ka didinya deui. Malah moal bisa ngelol-ngelol acan néang anjeun. Hampura, Maya.
Poma riksa imah urang. Nitip unggal rohangna. Dingding-dingdingna. Poma anjeun ulah nepi ka indit. Tungguan wé geura, aya nu nganjang teu? Nu hayang ngobrol jeung urang siga sasarina.
Nitip poto-poto uing jeung si enéng. Komo poto uing jeung si enéng nu keur maké kaos kembar mah. Judul kaosna téh “I was born to love him” jeung “I was born to love her”. Énggel potona ti luhur. “Cisss!” cenah bari manyun. “Cetrék!” cenah sora kaméra hapé ngaburinyai. Poma teundeun dina tempat nu biasana.
Ah kétang, da anjeun mah tangtu satia. Moal ngucah-ngacéh rusiah. Moal ngabolékérkeun kasalahan batur, siga jalma-jalma di kantor uing. Komo nepika hayang pindah dunungan mah. Malah moal-moal acan anjeun mukakeun panto keur nu anyar datang, masing keketrok gé.
Apan anjeun geus dicangreud maké konci ku uing. Koncina moal aya nu bisa ngaduplikat. Moal. Masingna dokumén-dokumén di kantor, lain diduplikat deui tapi dipalsukeun kétang.
Siga kamari beurang, uing dititah nanda tangan tujuh kali. Keur laporan pengeluaran keuangan penelitian lapangan, cenah. Laporan podol séro! Uing mah teu pipilueun ka lapangan-lapangan acan. Cicing di kantor. Teuing ari nu dilaporkeun ku bagian personalia ka Pa Diréktur mah. Waktu harita uing rada merod, lain pédah teu butuh duit.
Uing ngarasa lain jalma nu sok codéka ka batur, nu sok ngahecker batur. Insya Alloh, moal aya nu kitu ka uing mah. Apan hukum kausalitas pasti aya, Maya.
Salila konci imah urang euweuh nu nyaho, moal aya nu bisa asup. Sanajan maranéhna keketrok gé. Tah geuning, si enéng keketrok. Deudeuh teuing geulis. Akang moal bisa sosonoan deui, bageur. Moal bisa ngobrol deui.
Enya, jandéla-jandéla di imah urang apan masih muka, Maya. Batur masih bisa ningali atra eusi imah urang. Tapi jandélana disarigsig naon boa, moal aya nu bisa asup. Maranéhna ngan ukur bisa naroong tina jandéla, tuluy ngotrétkeun pesen dina dingding keur uing. Haturan béla sungkawa, kitu meureun pibasaeunana.
Tuh geuning si mamah. Nuliskeun béwara sungkawa. Dituturkeun haturan sungkawa ti babaturan sakantor, salembur, jeung nu kungsi wawuh.
Tah si enéng keketrok deui. Manéhna ningalian dingding-dingding imah urang, Maya. Meureun teu si enéng eueuriheun mah. Komo macaan pesen-pesena mah, abong mun teu kanyenyerian haténa. Hampura geulis, sing ikhlas!
Tuh, si enéng mukaan poto-poto uing jeung manéhna. Tah, jeritna parat kadéngé nepi dieu. Nepi pangreureuhan uing, Maya. Deudeuh teuing bageur!
Enya, bulan kamari pisan uing néang ka imahna jeung kolot téh. Rék ngaiskeun pasini jangji, nyangreudkeun pamageuh kadeudeuh, ahad pamungkas bulan ieu. Lain uing jalir jangji. Teu nohonan pasini. Apan uing mahluk laip, Maya. Uing kudu nepungan Anjeuna. Nohonan nu geus dikedalkeun ti anggalna. Uing kudu ninggalkeun si enéng.
Rék teu kanyenyerian kitu kumaha deuih atuh, Maya. Apan di dinya apal sorangan, kumaha geugeutna uing jeung si enéng. Malah kamari beurang mah, si enéng balaka cenah mun geus nikah, hayang pangmasakkeun keur bekel uing di kantor. Ngarah beuteung uing teu kukurubukan waktu digawé. Ditungtungan ku emotion nu kieu geuning ;-). Koméntar kituna téh, basa uing nulis status “Duh, beuteung kukurubukan, euy!”
Teu lila si enéng indit deui, Maya. Teu keketrokan deui. Teu siga peuting-peuting katompérnakeun meureun. Karék nyaho yén si enéng gé keur aya di dunya urang, uing langsung ngagupayan. Manéhna teu kudu keketrok, uing pasti langsung muka panto imah urang, Maya. Tuluy ngobrol. Tuluy ocon. Nepika di imah urang téh, Maya, haneuteun ku tamu nu milu ngobrol. Nepi ka peuting, nepi ka uing ngaguherna.
Pan basa peuting kamari, basa si enéng keur sarua aya di dunya urang, Maya, manéhna siga biasa nganjang. Ngobrolkeun sagala rupa kagiatanana poé harita. Geus néang baju jeung si mamah cenah. “Saé téh A! Dicobian téh, pas pisan.” Kuring ngan bisa ngarahuh, ménta hampura teu bisa maturan manéhna. Témbalna téh, teu sawios atuh, pan Aa nuju milari artos keur enéng. Nu dituliskeun mah emotion seuri, tapi haté banget ngarakacak.
Tuluy manéhna ngobrolkeun geus meuli merchandise keur tamu. Cenah, mani rieut milihanana, ieu saé itu saé. Si mamah gé, kuat baeud. Da enéng lami teuing milihanana. Atuh da lalucu geura, A. Aya gantungan bonéka pangantén, aya miniatur angklung, aya...uing kaburu motong, enéng milih nu mana? Milih gantungan bonéka pangantén.
Geus kitu, manéhna ngobrolkeun piwuruk indungna. Cenah mun geus jadi pamajikan ulah sok hayang nyaho teuing urusan salaki. Keun cenah béré lolongkrang keur dirina sapribadieun. Manéhna nyikikik, uing nyakakak asa dipangmeunangkeun.
“Wljg le2son, A!” cenah mungkas obrolan peuting kamari.
Biasana mah sok tuluy reup saré. Peuting kamari mah nyileuk nepi ka tabuh sabelas leuwih. Asa teu pararuguh rasa. Pikiran pagaliwota. Teuing pédah tujuh belas poé deui uing rék ngucap ijab kabul. Teuing pédah suasana di kantor nu karasa mingkin beurat.
Nitip si enéng, Maya. Bisi manéhna sono, heug manéhna keketrok siga biasa. Omat, ulah disaha-saha. Heug aku, tingtrimkeun haténa. Pangbéjakeun ka si enéng, yén uing bener-bener micinta dirina.
Maya, di dieu uing cuang-cieung. Teu bisa néangan sobat siga di teun anjeun. Rék nga add, nyolék, rék dianggurkeun, atawa rék dipiceun gé, bébas.
Teun anjeun, Maya. Kabéh kasalahan bisa dihapus. Salah sakecap waé mah, tinggal di didelete atawa dibackspace ceuk paribasana. Tapi di imah uing nu anyar, teu bisa kitu. Kabéh kudu dipertanggungjawabkeun. Teu sirikna disiksik ditalungtik, nepi kana bukur-bukurna, Maya. Teu bisa sasalingkeran, nyumputkeun itu ieu siga di kantor. Kabéh gé kabuka, euweuh lalangséan.
Tadi isuk méméh indit gawé, apan uing masang status, “Hayang nganjang ka ahérat, sugan panggih jeung malaikat, hayang nyarita yén di ieu dunya téh geus pinuh ku nu basilat.” Ayeuna tinekanan, Maya. Tadi isuk hiji treuk ngagiles motor uing. Uing ambruk. Bruuuk!
Maya, tuh Malaikat Munkar jeung Nakir geus siap nakon kuring, Man Robbuka!
Mujahidin, 14 Maret 2011
Bengkel Ngarang Sunda
 Carpon : Derry Hudaya
Rumus-rumus utey dina kertas-kertas poster nu dibalikeun dina témbok. Rumus téh lir cacing atawa bilatung anu ngagorogot panon, ngagorogot lamunan, ngagorogot tangtungan saban wanci. Mun seug kertas-kertas dibalikeun, katara paroman artis-artis nu geulis rancunit jeung nu gagah perténgtang, nyekel mik di panggung pentas, disorot lighting warna-warni. Aya ogé nu keur leumpang, keur udud, keur nyekel botol bir, keur ngagaraya. Gaya nu mahabu pikaresepeun kuring.

Geus kelas tilu SMA geuning. Asa teu karasa. Asa teu kaerong kumaha pikahareupeunana. Can parigel ngigelan jaman, can boga pangalaman, can boga nanaon pisan. Boga sotéh babaturan nu teu jauh béda jeung kuring. Sarua karesepna: cinutrun di sisi jalan, babalapan tengah peuting, udud meletek dikamar kontrakan. Udud rokok filter jeung udud bako Acéh (ganja téa). Bubuhan di Acéh mah tumuwuh di mana-mendi, jadi dingaranan bako Acéh. Ari di Acéh mah anu modél kitu téh sok dipaké bumbu masak, sedeng di urang mah sok dipaké…

Lamun pareng ngabako Acéh, sok genah cacarita bari babarakatakan manasuka. Tara puguh kalér-kidulna nu dicaturkeun, tapi bet karasa éndah tan watesan. Tara bosen ngigelkeun létah. Lalakon hirup nu pajurawet dadak sakala leungit tina pikiran, ganti kunu lempeng jeung ngamul ka alak paul. Ti alak paul atra paroman wanoja nu imut bari ngiceupan, maké erok mini, maké baju supermini. Sabeuleugeunjeur disawang, dipapantes ku rarasaan jeung pangalaman séwang-séwang, sarta pangalaman babarengan.

Sanggeus ngawang-ngawang ka alam nu teu kabayang ti anggangna, gelas-gelas dicican ku cai nu ngabudah. Maké és batu sangkan tiis jeung leuwih loba budahna. Boh sungut boh cai, pamustunganana mah pada-pada ngabudah. Laju nalangkarak, ocon ku mangpirang guyon. Silih tepak, silih toél, nepi ka teu sadar di bumi alam. Aya ogé nu ngadak-ngadak ngoréjat hudang, leumpang babangkieungan, lumpat ka kamar cai: babalongkéngan. Antukna sarua teu inget di bumi alam. Teu inget deui kana rumus-rumus.

Ayeuna béda ti biasana. Kuring nyorangan di rohangan reyem-reyem. Taya sasaha. Taya batur, taya udud, taya budah. Taya nanaon nu ngabaturan. Ngahaja, aya nu keketrok ogé teu diwaro, nu ngageroan teu di témbalan. Éstu hayang nyorangan. Niiskeun pikir nu harénghéng.

Minggu kamari aya nu datang ka sakola, ngaku yén manéhna téh tatangga kuring. Teuing ngaku salaku tatangga kontrakan atawa warga pituin nu natangga, anu puguh mah manéhna ngarasa kaganggu ku paripolah kuring sabalad-balad. Padahal ceuk rarasaan mah saban ngumpul di kamar kontrakan, sok ngahaja nungguan euweuh sasaha. Ari warga, tara ieuh nanaon. Puguh kuring mimiti nyorang hirup jiga kieu ogé pédah remen campur-gaul di wewengkon éta. Uplek ngobrol jeung pamuda-pamudana saban peuting di pos kamling. Bako Acéh jeung cai nu ngabudah ogé ngalanggan ti maranéhna.
Bener-bener baluweng, taya nu kapikir. Tanda tanya ngajeblag dina tarang. Lalangit mongkléng. Pipikiran bet kumalayang ka banjarkarang. Bréh Ema jeung Abah. Abah kutrat-kotrét, ngitung untung usaha. Ema cindekul dina méja, nungguan palanggan nu beuki arang datang. Abah ngalageday bari kerung, terus peureum. Ema narik napas jero pisan sanggeus neuteup kosong ka lebah panto warung. Suwung.

“Meureun kieu nu disebut bangkrut téh.”
“Kumaha budak urang waragad sakolana?”
“Urang jual tanah nu di kalér.”
“Urang unjam-injeum ka Uana sugan.”
“Bakal kagantian engké ogé, mun budak urang geus jadi jelema…”

Berebey cipanon maseuhan beungeut. Kuring ngajenggut buuk sorangan. Ngusap beungeut sababaraha kali. Laju nyusut cipanon.

“Abah, jigana budak urang téh keur ngapalkeun. Maca buku. Siga mun pareng libur dilembur. Ngalelengkur, ulukutek jeung buku di pangkéng. Tara udar-ider jiga budak batur, Abah. Budak urang mah…”

Berebey deui cipanon téh. Buuk beuki kusut.
Iraha datangna malaikat nu dibarengan kica-kica? Nyaangan jajalaneun. Ngararata jalan nu taringgul. Mager jalan sangkan teu tikusruk ka jurang lungkawing. Ngaping lampah sangkan teu dirogahala sato jeung ririwa nu ranggéteng di saparat jalan.

Ema jeung abah imut ngagelenyu ka lebah kuring. Gugupay. Kuring nyampeurkeun. Digabrug digaléntoran. Kuring deku nyium indung suku. Abah jeung Ema teu lila malik nonggongan. Laju leumpang ngajauhan. Kuring teu bisa nuturkeun. Suku teu bisa digerakeun, sumawona diléngkahkeun, anggur ngabelesek kana leutak rawa semet tuur, semet beuheung. Eungap. “Abah! Ema!” kuring jumerit maratan langit dina haté. Di alam peteng dilingkung lamping lungkawing. Diawaskeun kunu rarangéténg.

Ema jeung Abah leungit tina tungtung teuteupan. Ngagelendrung sora Bu Imas, Pa Herman, Pa Aca, Bu Cucu….. Rampak nalék kuring, ngeuleuh-ngeuleuh, nyatet alamat imah kuring di lembur. Taya saurang ogé nu sorana halimpu. Kuring ngan wasa ngaheruk. Aya gimir nu ngarandakah dina jero dada.

Geuning kieu? Cenah geus nganggap kuring salaku anakna sorangan. Tapi naha dina waktuna kuring butuh kahéman, kalah rék ngusir. Kuring teu meunang datang deui ka éta tempat. Meureun sangkan éta tempat beresih, da rumasa ari kuring mah kotor satangtungan. Euweuh pulukaneunana. Tapi naha bet daék nampa kuring baheula, ari teu sanggup jeung tanggungjawab ngaping ngajaring kuring mah? Memang kuring nu salah, tapi jalma salah téh lain kudu dipiceun. Mun méncog kudu di benerkeun. Mun poho kudu di ingetan. Kitu ogé mun ti gebrus, kudu dijait dihanjatkeun, lain diantep tilelep….

Kumaha kuring mimiti ngaguar lalakon ka Ema jeung Abah? Kumaha mun Abah ogé sarua polahna jeung Pa Herman, jeung Bu Cucu, jeung nu ngagarantawang nyarékan kuring kamari-kamari ieu? Kumaha peta kuring?

Hawar-hawar aya nu ngetrok panto leuleuy. Kuring bet jorojoy hayang muka panto. Jung nangtung bari nyusut cipanon maké simbut héjo nu barolong. Leumpang lalaunan ngajugjug panto.

“A, wayahna. Aa kedah ngalih ka sakola sanés. Wayahna da ieu mah sistem di sakola urang. Seueur nu natamu ka sakola, ibu ramana murid-murid di sakola urang…

Tapi sing sabar, A. Ibu tos nguruskeun itu-ieuna. Aya sakola nu nampi, Aa. Tong hariwang tong salempang, moal guyur ka lembur….”

Panjang lébar ngajelaskeunana guru BK téh, guru Bingbingan Konseling. Kuring teu bisa nyangkem sakabéh eusina caritana. Kuring ngagabrug ngagukguk. Cipanon murubut teu bisa ditahan-tahan. Tonggong kuring diusapan.
**
Kuring geus jadi murid di hiji sakola. Sakola nu teu pati seungit komarana. Bubuhan sakola pamiceunan: tempat sakolana jalma-jalma nu teu lolos testing diditu-didieu, karék arasup ka éta sakola. Atawa tempat sakolana jamla-jalma nu sanasib jeung kuring, diusir ti sakola saméméhna lantaran milampah codéka nu teu bisa dihampura. Atuh murid-muridna ogé teu pati palinter. Pinter sotéh minteran guru-guru, pinter narékahan aturan: pinter ngaroko di kamar cai, pinter jajan teu mayar di warung sakola, pinter kabur ti sakola, pinter ngalinting bako Acéh, jeung pinter nyicikeun cai nu ngabudah.

Bako Acéh mulek deui di kamar kontrakan. Calacahna ngunung-ngunung nepi ka nutup rumus-rumus, nutup ingetan kuring ka mangsa kaduhung, nutup panto kasadaran. Haseupna ngamul ka alak paul, ngajak kuring nyawang wanoja nu geus nyasarkeun lampah. Gelas-gelas ngabudah deui.

Kuring beuki asruk-asrukan, kalangsu, turug-turug boga balad ngaratus ngarébu ti sakola nu ayeuna mah. Saban peuting ubrang-abring, sugan amprok jeung anu numpak motor nyorangan di tempat suni. Eusi lokét jeung sakuna dirawu, motorna diaku. Lamun seug teu narima, wayahna tatu. Tatu siga kuring. Tatu, teu mampuh ngigelan waktu....
Asép Héndrawan
- carita kahujanan -

angin rintih ngahiliwirkeun pasini
tepungna méga-méga 'nu nyakclakkeun girimis
ngerepan jadi umpalan silantang
séah, ngepris-ngepris kamelang

hujan, ramo-ramona niir juringkang
nyelecep anteb mirig riwan
ngentobkeun rantengan urat badag
notoskeun sahunyudan lamunan

sababda kotrét panungtung mungkas catetan
hujan malidkeun sagalana
mudalkeun mangsi carita
ngabedahkeun harénghéng haté
'nu ngalémbéréh lebah embun-embunan

(0511)