Mun mah
baheula kungsi boga cita-cita nincakeun suku di Cilegon téh seja suka bungah dina kariaan panganténan
aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Éstuning patukang tonggong jeung naon anu
kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal ku mobil pulisi bari tumpak sédan
réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna ngalanglaun sapanjang jalan.
Nyingray-nyingraykeun antrian patalimarga. Dipapaés keclak cimata nu asalna
ngabedega tina sora-sora kacangcaya. Sora-sora handaruan. Sora jumerit balilih. Kapiuhan.
Sabab taya nyangka bakal kajadian. Baju aceuk nu baheula dicita-cita gaun
panganténan niru gaya Kate Middleton, ayeuna mah ukur boéh dirurub asiwung.
Teu. Teu leuwih ti kitu. Teu sugan maké makuta dipapaés manglé atwa kembang
roncé. Awak nu sampulur ayeuna duka
kumaha ayana. Seuseut seuat gesan ngabayangkeunana. Saréréa taya nu wasa. Dalah
anu kuat muka tamela ogé ukur uwa, rama salira. Uwa istri sareng enin mah tiba
ngayukyuk kapiuhan deui waé.
Ti Jakarta ka
Cilegon téh lain perjalanan meumeueusan. Tapi lalampahan anu ngemplad dibarung
ku cimata mah. Lila. Ketir. Waas jeung baluas. Panas nyongkab sajajalan. Keur
mah miang saméméhna ti Cianjur, teu sirikna geus taya nu dirasa. Kacapé.
Katunduh. Lapar jeung hanaang. Teu ieuh bisa mangaruhan kana diri nu hayang
geura-geura nepi. Ruing mungpulung jeung kulawarga nyeungceurikan nu teu
walakaya. Nyeungceurikan nasib nu tumiba ka diri aceuk. Eumh. Mun mah dina
manah kulawarga taya iman ka Nu Maha Kawasa, sigana geus kumaha boa. Sagala
dipeupeuskeun. Sagala dijejewét bakating ku soak. Mungguh kitu kahayangna nafsu
mah. Enya ukur kaimanan jeung kaikhlasan anu salalawasna marengan téh. Nya
kayakinan ka Mantenna pisan anu satékah polah jadi panguat ka diri
masing-masing. Seja marengan. Jajap ka pamatuhan anu salalawasna. Bakti anu
panungtungan.
Eumh. Aceuk.
Bet teu kusangka aceuk ningalkeun ku cara anu kieu. Ku cara anu tragis. Asa cikénéh
urang téh reureujeungan. Di kampus. Di kontrakan. Enya. Urang kungsi
sagulung-sagalang duaan. Sakontrakan. Malah cindung aceuk sareng kabaya urut
wisuda masih kénéh aya dina lomari abdi. Seungitna nyambuang kénéh seungit
aceuk. Sataun gé acan urang pipisahan, naha bet kudu pisah salawasna. Pisah
tanpa pamit. Pisah anu teu kungsi ngedalkeun pipisahan.
Aceuk, mun
apal bakal kieu jadina, abdi mah moal ngidinan Aceuk lunta ka Jakarta seja
nohonan panggilan kerja. Geuning harita Aceuk mani bungah pisan kacida sasatna
lulus kuliah langsung ditarima digawé. Enya atuh éta pagawéan téh anu salila
ieu dicita-citakeun ku aceuk. Jadi réporter. Cenah saur aceuk kénéh, jadi réporter
mah kawas anu boga surat sakti. Rék ka mana ka méndi ogé pasti bisa. Milu
kaditu milu kadieu téh teu sugan disaha-saha da geus puguh aidina. Geus jelas
kaperluanana. Seja ngabéwarakeun ka balaréa anu teu weléh nganti info anyar
dina sagala widangna.
Jadi réporter
mah moal kuuleun atawa kurung batok, saur aceuk. Teu kawas gawé kantoran anu
ulukutek sapopoé di jero rohangan bari jeung kitu-kitu kénéh. Réporter mah gedé
pisan pangalamanana. Bakal nyaho itu ieu. Dalah lain ngan saukur pelesiran di
jero nagri, ka luar nagri ogé teu pamohalan bakal ngalaman. Bakal nyeuseup hawa
nagara deungeun. Bakal nincak taneuh deungeun. Ulah hayoh waé urang
deungeun-deungeun anu ngalanto ka urang, tapi urang gé kudu sarua bisa nganjang
ka nagara maranéhna.
Jadi réporter,
pangarti urang bakal leuwih nambahan. Kumaha tatacarana nyanghareupan kajadian,
ngawawancara jalma anu kalibet dina éta kajadian, tuluy diringkes jadi berita anu
penting, tuluy deui dilaporkeun ka pamiarsa di imah ku basa jurnalis. Ku
kekecapan anu éféktif tur pikahartieun ku sakumna golongan. Mémang salila ieu
abdi sareng aceuk ngagugulung basa jeung kalimah, tapi apanan moal sarua anu
diajarkeun di bangku kuliah jeung anu diterapkeun di lapangan dina
prak-prakanana.
Anu leuwih
punjul ti éta apanan salila ieu urang téh maké basa Sunda, diajar basa Sunda,
undak-usukna, sagala rupana. Tapi geuning anu dipaké mah Basa Indonésia jeung
Inggris. Kitu saur aceuk. Enya aceuk mah geuning mani calakan dina sagala
bidang téh. Teu sirikna nyanghareupan pasualan anu anyar ogénan kawilang
gampang pikeun ngungkulanana. Itu ieu téh gampang nerapna. Enya ceuk sasaha ogé
aceuk mah calakan. Dalah saur dosén ogé aceuk mah pangonjoyna di kelas téh.
Geuning sok seueur dosén anu nyabit-nyabit nami aceuk pami nuju di kelas abdi.
Tuh, cenah, tiru mah Néng Ismi préstasina teu weléh nyongcolang. Boh di kampus
atawa di luar kampus. Karya-karya aceuk teu sirikna unggal minggu medal di média
masa. Sok isin sakapeung mah pami tos émut ka dinya. Abdi mah mani sakieu
ayana. Jauh bumi ka langitna pami dibandingkeun sareng aceuk mah.
Lian ti éta aceuk
mah ka sasaha gé teu weléh némbongkeun paroman anu hadé. Campur gaul ka sasama éstuning
teu bauan. Sasaha teu weléh diwanohan. Enya henteu sotéh jalma saliwat anu
panggih di jalan. Bet piraku teuing atuh ka jalmi anu teu kenal mah ngadadak
diwawuhan. Sakirana teu penting mah geuning aceuk gé sok milih cicing. Tapi dina
waktuna aceuk kudu aktif, nya didinya
pisan aceuk némbongkeun kaparigelan. Bubuhan éta meureun cukang lantaranana
aceuk ditarima jadi réporter téh. Dumasar kana pribadi aceuk anu gampang soméah
kanu anyar wanoh. Teu sugan sieun didegigan atawa teu dianggap. Ari salira mah
tos puguh, geulis.
“Salila niat
urang hadé, tong kudu sieun meunang kagoréngan ti batur.” Kitu waleran Aceuk
pami ditaros masalah éta. Ditungtungan ku imut. Dilak panon aceuk teu weléh
ngalangkang dina kongkolak mata. Rigig aceuk, itu ieuna. Pangpangna mah
panyumanget aceuk ka diri abdi nu teu weléh saat. Mun mah ayeuna rék disaruakeun
jeung waktu katukang, meureun abdi téh geus teu boga nu nyumangetan diri. Enya
sok sanajan aya Kang Déndi anu nyaah pisan kaabdi. Tapi geuning teu saruwa
kanyaahna jeung aceuk salaku lanceuk ka adi. Kang Dendi mah teu bisa
ngagantikeun aceuk. Ah bet sasaha ogé moal aya nu bisa ngagantikeun aceuk.
Kanyaah aceuk
lain kanyaah anu dumasar kana cinta jeung resep. Kanyaah aceuk lain kanyaah
papada awéwé antara indung jeung anak. Tapi kanyaah aceuk kanyaah nu dibikeun
ti lanceuk ka adi, ti papada awéwé anu rumasa boga nasib anu sarua di tempat
ngumbara, saperjoangan, sadiri sorangan. Kanyaah aceuk ka diri abdi kawas
kanyaahna ka diri aceuk sorangan. Kitu deui sabalikna.
Harita basa
aceuk lunta ka Jakarta téh bet asa ku baluas. Asa ditinggalkeun ku diri sorangan.
Asa leungit pangacian. Asa leungit lelembutan. Geuning harita teu bisa
diupah-apéh ku Kang Déndi anu salawasna marengan abdi kalayan daria. Tapi da
angger wé rarasaan mah taya nu bisa nyaah kawas aceuk. Enya bisa leler téh
harita ku paménta aceuk anu cenah ulah diceungceurikan anggursi silih du’akeun.
Apanan komunikasi mah bisa salalawasna kahubung.
Sataun ti
harita abdi wishuda. Saurna aceuk teu tiasa sumping da gaduh tugas liputan di
luar kota. Enya kitu ayeuna mah kagiatan aceuk téh. Teu weléh bur-ber kaditu
kadieu seja ngudag berita. Nya keur abdi mah teu bisa majar kumaha. Jeung teu
kedah nyungkeun hapunten aceuk, abdi surti kana kaayaan aceuk. Geuning saur
aceuk urang silih doakeun waé ti kajauhan. Sing lulus mulus berkah salamet.
Enya kitu pisan anu dipiharep ku saréréa ogé. Alhamdulillah abdi di dieu tos
lulus mulus berkah salamet wisuda mah, kantun milari padamelan. Tapi naha
geuning aceuk anu ku abdi didoakeun téh bet henteu ninggang di lulus mulus
berkah salamet téa? Aceuk mah bet meunang kamusibatan anu gedé kacida. Rohaka. Bencana
anu ngageunjleungkeun alam dunya. Khususna dua nagara, Indonesia jeung Rusia.
Muh mah lain aceuk anu harita kabagéan liputan dina penerbangan Sukhoi Super
Jet 100, meureun moal ngalaman dugika kieuna.
Eumh. Ieu cimata
abdi teu saat-saat marengan dunga pangjajab nu pamustungan. Marengan aceuk nu
mulih ka jati mulang ka asal. Bet jadi paranas tiris kieu aceuk mun seug émut
ka aceuk anu saméméh nyat unggah kana kapal aceuk wawartos ngalangkungan BBM,
bari jeung ngapdet status @Sukhoi Super Jet 100. Sedeng display poto aceuk nuju
nyepengan mic dynamic anu nganggo triangle teve trans. Aceuk wawartos bangun
anu suka bungah. Mun mah harita abdi apal kapal bakal ragrag di Gunung Salak,
pasti abdi ngahulag. Pasti abdi keukeuh peuteukeuh aceuk ulah ngiring.
Teu. Teu wasa
aceuk. Abdi teu wasa naha ieu cimata anu teu saat merebey ngamalir jajap ka
liang lahat. Mun mah baheula kungsi boga cita-cita nincakeun suku di
Cilegon téh seja suka bungah dina
kariaan panganténan aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Estuning patukang
tonggong jeung naon anu kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal ku mobil
pulisi bari tumpak sédan réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna
ngalanglaun sapanjang jalan.
Bandung,
28 Mei 2012