Bengkel Ngarang Sunda
Ku Wini Fitriani


Hudang saré muka laptop, saméméh indit kuliah muka laptop, di kampus muka laptop, balik ti kampus muka laptop. Kitu jeung kitu wé gawé téh. Tangtu waé lain ngan saukur dibuka éta si laptop téh. Facebookan mimindengna mah, atawa twitteran. Ngerjakeun tugas atanapi skripsi mah kumaha engké wé. His! Tapi teu jaman kétang ayeuna mah fb-an jeung twitteran maké laptop atawa komputer, Blackberry dong, Android, atawa tab (naon wé mérekna mah), nu penting gaya. Geus jadi trénd di kalangan mahasiswa mah BB téh, meusmeus BBM-an. Mimiti mah sugan téh BBM téh “Bahan Bakar Minyak”. Ayeuna mah geus boga BBna, kalah bosen kuring mah.
Teu dimana-mana ampir sakabéh jalma nu boga HP kasebut canggih, pasti éta HP téh dikeukeuweuk. Aya nu ngajak ngobrol gé haré-haré wé, sakapeung mah sok disebut autis nu kitu téh. Asyik dengan dunianya sendiri. Leuheung mun keur cicing, ieu mah meuntas jalan raya gé ngeukeuweuk HP. Kumaha mun jegér téh katabrak. Boh jalmana boh HPna meureun bubuk harita kénéh. Kaasup kuring, teu jauh jeung nu lian, sok autis sorangan mun geus anteng jeung Android téh. Resep kénéh maké Android, padahal BB boga 3. Ah horéam mawa HP loba-loba bisi disebut adigung. Kuring mah resep kénéh twitteran daripada fb-an téh. Cenah ceuk batur mah twitter leuwih highclass tibatan fb. Padahal mah lain ku kitu-kitu teuing, kuring mah haro remen-remen teuing muka fb téh, bonganna sok aya si éta online waé. Matak panas sagala rupana. Teuing kunaon, padahal batur gé loba nu sok online waé, tapi ka si éta mah kuring asa teu resep.
Moal ngagugulung katugenah asalna mah, sieun. Enya sieun ku rupa-rupa kasus kajahatan nu asal muasalna tinu masalah jejaring sosial. Pan loba kriminalitas nu dilantarankeun ku facebokk, twitter jeung sajabana. Aya penculikan, perdagangan manusa, transaksi illegal, pemerkosaan, jrrd. Bararaid pokona mah. Loba ogé nu meunang kabogoh tinu jejaring sosial, meunang pagawéan, nu jadi artis téa mah. Ah rupa-rupa pokona mah. Geus jiga museum atawa perpustakaan hirup sugan mah jejaring sosial téh, naon sakur nu euweuh bisa ditéang ngaliwatan jejaring sosial éta. Gaya nya dunya teh ayeuna mah, aki nini atawa uyut urang mana nyahoeun kana fb atawa twitter. Ceuk basana ayeuna mah, kuper mun teu nyaho fb atau twitter téh. Malah cenah mah loba deui aplikasi séjén, tapi kuring kurang apal.
Ayeuna mah ambek-ambekan ditulis dinu fb, nyepétan batur dinu fb, bogoh ka jalma gé tulis dinu fb, ah pokona mah jejaring sosial geus jadi ajang curhat wé. Nepikeun ka ngado’a ka Allah gé dina fb. Na gusti Allah sok fb-an kitu?... Tara meureun nya? Tapi da kitu kanyataanana kétang. Moal bisa dihenteu-henteu, moal bisa disumput-sumput, manusa jiga nu geus kacanduan ku dunya maya téh.
Balik deui ka si éta. Enya si éta nu ngabalukarkeun kuring horéam muka fb, muka twitter. Teuing kunaon ayeuna-ayeuna asa héwa pisan ka manéhna téh. Teu pira padahal mah masalah status. Manéhna mindeng pisan update status ngeunaan sagala rupa. Mimitina mah kuring resep, simpatik kana status-status manéhna téh. Tapi….naha kadieunakeun mah jiga nu sombong. Meus-meus update status. Teu sirikna samenit sakali. Ongkoh deuih ayeuna téh manéhna geus lulus kuliah, tinggal wisuda. Bungah meureun kana kituna mah. Silih bales koméntar jeung babaturanana, jeung dosén pembimbingna. Babaturan kuring, si Kokom sok ngomong kieu :”keun wé atuh May, baé si éta nulis status mah, meni sok riweuh sorangan, da batur ieuh!” kitu pokna téh.
Dipikir-pikir bener ogé nu diomongkeun ku si Kokom téh, naha kuring séwot nya? Jiga nu kebakaran jénggot ceuk paribasana mah. Naha enya si éta téh sombong? Atawa kuring waé kitu nu panasan? Padahal batur gé loba nu nyieun status leuwih ti si éta, tapi kuring teu nanaon. Ti baheula mimiti asup kuliah, mun aya kagiatan-kagiatan kampus téh kuring jeung manéhna sok gawé bareng dina kapaniciaan. Manéhna sok kapapancénan jadi sekretaris waé, kuring mimindengna mah jadi humas. Da sabenerna mah kuring hayang pisan jadi sekretaris, sabab ti keur sakola kénéh di SMP, SMA kuring geus bisa kana tulas-tulis mah. Malah si éta mah euweuh nanaonan dibanding kuring mah. Ngan nu matak teu nyogrog-nyogrogeun manéh téh da rada éra, sabab manéhna mah dipilih ku barudak, nya dipercaya ku babaturan kuring, lain saurang dua urang tapi ampir sakelas. Puguh wé kuring teu bisa kumaha. Nepikeun ka ayeuna manéhna geus lulus, kuring sok rajeun kapanasan. Manéhna mah jiga nu teu ngarasa nanaon, tiis wé. Boa-boa kétang, manéhna nyaho kuring teu suka  ka manéhna, ngan api-api teu nyaho. Geuleuh atuda, meus-meus nulis status ngeunaan kalulusan atanapi wisuda. Kuring gé nyaho lah manéhanana geus lulus téréh wisuda, tapi ulah digembor-gemborkeun teuing, katingalina téh sombong. Enya kitu sombong? Atanapi ngan ukur katingalina wungkul? Ngan saukur rasa sirik pédah kuring can lulus jiga manéhna? Ah teuing atuh, nu puguh mah kuring héwa ka manéhna.
Harita kungsi kuring sura-seuri, ngalaméhan manéhna. Da puguh kuring keur aya pangabutuh. Ménta sumbangan keur ngado ka babaturan, nya si Kokom téa. Manéhna méré. Ku kuring téh dipuji-puji. Bageur pisan ceuk kuring téh. Manéhna mah ngan ukur seuri, tara loba omong. Sanggeus bérés éta mah kuring téh baeud deui wé. Jahat pisan atuh kuring téh nya lamun kitu mah? Bageur lamun keur aya butuhna wungkul. Teuing kunaon atuh ayeuna bet ngéwa kacida. Haté téh beuki panas waé, komo mun ningali si éta babarengan jeung kabogohna, dianteur jemput ka kampus ku kabogohna. Éh…naha nya kuring bet panas?...lain timburu, tapi sirik, sabab kabogoh kuring ayeuna keur jauh. Enya jauh, beubeureuh téh keur aya di luar kota, di Papua, balik ka lemburna. Enya gé beubeureuh kuring urang Papua, tapi da rupana mah teu jiga urang Papua nu harideung, buukna galing. Kabogoh kuring mah jiga urang Sunda. Urang Sunda nu kulitna teu héjo carulang, tapi sawo asak, nu asak pisan, ampir buruk. Buukna gé teu galing, tapi gimbal. Heueuh gimbal, ampir nyaruaan sayang manuk. Karesepna téh kana band atuda kabogoh téh. Matak kuring resep mun diajak ku manéhna maturan manggung. Pan wawuhna gé tina jejaring sosial kénéh. Heueuh jigana mah kuring gé sok kapanasan téh pédah éta meureun. Pédah kabogoh jauh.
Ayeuna mah si éta katingali arang fb-an atawa twitteran. Teuing kunaon, horéameun meureun ningali status-status kuring nu mindengna mah nyindiran jeung ngagosipkeun manéhna. Sok katingali kétang, sakapeung manéhna onliné, tapi mun pareng kuring keur online, nu kuring sok buru-buru di offlinekeun. Haro. Jeung rada sieun deuih, jigana manéhna geus apaleun yén kuring mikangéwa manéhna. Ayeuna mah masing-masing wé ah. Kuring horéam muka fb deui, onlén deui. Éh aya nu poho, ti tadi nyarita téh kuring can ngawanohkeun diri. Ngaran kuring Maya. Cing saha waé nu sok online, tong poho nya, add kuring MayaPanasBarananSadunya, follow ogé kuring di MayacelaluXirikcamaKamuh. Wilujeng tepang sareng simkuring di dunya maya.


Tanjungsari, 28 April 2012
Fitri W
Carpon : Derry Hudaya

“Di kota aya kakawasaan, kaagungan, jeung kasarakahan,” ceuk enin Kartini. Ieu mah lain, lain Kartini nu kungsi nulis surat-surat sakti ka urang Walanda. Lain Kartini nu saban taun haben dimilangkalakeun, direuah-reuah ku cara nu béda-béda. Direuah-reuah ku sakumna rahayat Indonésia. Ieu mah ngaran lengkepna téh Tini Kartini. Sakali deui, ieu mah sanés Radén Ajeng Kartini, kaulanun, tapi Tini Kartini.

Enin Kartini téh ari pikiran jeung ide-ide hirupna mah teu éléh ku R. A. Kartini. Hébréd, éh hébat. Uing sorangan minangka incu tegesna, nalika campur gaul jeung masarakat di lembur téh boga sikep kaleuleuwihi dipikir-pikir mah. Umaing. Teu sirikna leumpang gé ditegep-tegep, dada gé siendeu-sendeu, da boga rasa aing réa kapécrétan komarana.

Piraku atuh ninina hébat, bisa ngarang carpon Nyi Karsih, ari incuna bet leumpang ogé rerampéolan siga kurang giji. Turus kulawarga nu punjul mah lainna kudu pinter ngajaga komara kulawarga. Mun teu bisa ku cara mikir panceg, bisa-bisa leumpang ajég atuh. Naon wé nu kaduga, hiji-hijieun.

Kapan keur sakacamataneun uing mah enin Kartini téh taya duana. Boh lalakina boh awéwéna, boh kolotna boh budakna, boh cacahna boh ménakna, dalah nu geus taya dikieunna gé teu munasabah, kungsi wanoh tur ngadama-dama enin Kartini. Mun bohong, wani sumpah pocong! Éh, wani kasép maksud téh.

Réa, réa pisan nu ngahajakeun nepungan enin Kartini, utamana mah kaum wanoja éta gé. Da ari lalaki sok aya basa éra, sok aya rasa géngsi. Ari para wanoja téh datangna taya deui lian ti  ménta bongbolongan tina pasualan-pasualan nu disanghareupanana. Angot mun maranéhna rék nyanyabaan jauh, rék saba kota. Bubuhan énin Kartini kapercaya, apal kumaha suklak-siklukna kota. Damis kota, cepil kota, korong kota, tepi ka pinareup kota, enin Kartini mah tong ditanya.

“Di kota aya kakawasaan, kaagungan, lengkep jeung kasarakahanana.” Éta anu namper dina alam pikiran uing tina sakur caritaaan enin Kartini ngeunaan kota téh. Sasat dina mangsa séjénna, enin Kartini numbu catur deui, “Kakawasaan, kaagungan, jeung kasarakahan éta téh dipimilik raja-raja kota, Cu. Matak enin mah milih hirup di lembur waé, sangkan teu kagunasika ku anu kararitu. Jaman harita, Cu, aya salah sahijina raja kota nu disebutna téh dalem…”  

Dalem téh pamajikanana moal kurang ti opat. Selirna balatak. Anak-anak selir, aya kalana rék dijadikeun selirna deui, kawantu teu wawuh ka turunan sorangan. Pamajikan jeung selirna téh leuwih réa ti béntang, boa. Upama disapertikeun deui mah dalem téh siga bulan purnama. Bulan purnama, tapi jerona bangkarak hungkul. Alus ti luarna hungkul, méncrang ti kaanggangan. Kaagungan dalem reujeung kakawasaan dalem salaku raja kota moal dianggap, satungtung teu cumpon jadi bulan purnama nu dikurilingan ku béntang-béntang mah. Béntang nu matak weureu mun dibilang.

Tina éta caritaan, timbul  sawatara kapanasaran dina diri. Naha raja kota jaman ayeuna sarua jeung raja kota jaman enin baheula? Mun téa mah geus robah, naha jadi alus? Atawa nyucud kalah beuki goréng patut? Atawa nu robahna ukur ngaran, wujud, jeung tempat panyalindunganana?

Nincak taun 2015, uing manjing déwasa, geus nguntup hirup di kota pikeun neuleuman satungkebing kapanasaran nu pajeujeut dina masataka.

Kabeneran pisan, wedal uing téh Saptu. Ceuk mang Ihung, dukun sakti mandraguna ti Cianda, wedal Saptu mah sok panceg niat cenah. Tara gancang reuntas angen-angen. Tah, uing gé ka kota téh teu disaluyuan ku sasaha mimitina mah, ngan pédah uingna teu éléh géléng ku sasaha. Éjégélér. Pamustunganana mah pada ngidinan.

Anu tadina ngahulag-hulag téh teu burung mekelan. Aya nu mekalan duit, aya nu mekelan jampé gelut, ogé aya nu mekelan alamat imah pikeun uing cicing salila di kota. Malah enin Kartini mah mekelan pituduh sagala rupa. Nuduh-nuduhkeun sakur kawawuhanana nu dianggap bisa ngarojong cita-cita uing. Aya Pa Dédén, Haji Romyan, Céng Ayih, Prof. Edi, jeung Drs. Aris Absurd bandar bawang. Sok sanajan kitu, sabab uing mah boga karep sorangan, hayang boga kawawuhan gé ku cara sorangan wé.

*

Sadatangna ka kota téh teu burung boga babaturan, najan ukur hiji-hijina. Uing sok rajeun milu dahar di imahna, idek-liher di imahna. Remen diajak wisata, babarengan jeung kulawargana. Mimiti panggih jeung manéhna téh nalika uing luntang-lantung, teu paruguh laku. Harita manéhna keur luwa-lewé di sisi jalan raya. Siga budak satepak ditilik saliwat mah, padahal saumuran jeung uing.

Teu apal jalan balik ka imah, cenah. Tadina keur ulin ngoconan kalangkang, terus nyasab, los-los ka jalan nu teu kungsi kasorang. Numpak mobil umum bising aya culik, jeung teu apal di mana turunna. Dipangmegatkeun taksi anggur nyarékan uing laklak dasar. Atuh horéam-horéam ogé tungtungna mah dianteurkeun, diakod tepi ka imahna pisan.

Ieu budak téh bodona alahbatan urang lembur singkur, bau cikur, katuruban ku langit hapur. Padahal mah manéhna téh budak beunghar tur nyakola. Tapi asa gampang pisan dibobodona. Gampil pisan, kaulanun. Hayang itu hayang ieu ogé asal bisa ngolona, pasti ditedunan. Budak bodo téa atuh, ngaranna ogé kapan bodo. Ah, mun aya kecap bodo téh uing mah sok inget kana comro, oncom di jero téa kalulanun, sok hayang tuluy ngahuapkeun!

Ari uing mah pinter, kapan titisan enin Kartini. Turug-turug uing mah kungsi dikukusruk, dititah macaan buku di pabukon enin Kartini béak-karep. Dilelep-lelep kana buku filsafat, buku psikologi, buku antropologi, katut novel-novel karangan sastrawan nu meunang hadiah nobél. Buku pikeun ngabedahkeun balong gé aya kétang di pabukon enin Kartini mah.

Satemenna asup di akal mun uing leuwih pinter batan budak raja kota téh. Manéhna mah sakola ogé rarahulan. Tara daék maca buku-buku acan. Réa meuli buku téh lain keur bacaeun, tapi keur pamér ka batur-baturna wungkul. Mun aya pancén ti sakola ogé kalah nitah babu pikeun migawéna. Katurug-katutuh ku bapana nu tara katangén daék nyontoan. Najan enya aya lomari buku, dikacaan, eusina saehem, tapi da tara ditoél-toél acan. Bararesih bukuna téh. Matak pantes mun anakna gé kitu, ngaheulakeun gaya. Otakna beresih tina elmu pangaweruh.

Sok sanajan bodo, deukeut-deukeut kana disebut comro, ari mangpaatna mah lain lumayan. Bapana babaturan uing pisan nu jadi raja kota téh. Teuing raja kota tina minyak, teuing raja kota tina éngsél, teuing raja kota tina kondom, teuing raja kota tina nanahaon. Raja kota jaman ayeuna mah araranéh kasangtukangna téh. Malah aya nu sajarahna tina batu-batu tarahal di jalan ka jarian. Baladna téh tai kotok. Demi bapana babaturan uing disebut raja kota téh katilik tina ciri-cirina, teu jauh béda jeung dalem atawa raja kota baheula nu kungsi diguar enin Kartini.

Ieu Raja kota téh imahna nya gedong nya sigrong, nya jangkung méh ngajul langit paul. Jalma-jalma alajrih ka dirina, kalawan teu wajar. Éta wé, upama aya nu kabeneran pasanggrok di jalan, jalma-jalma téh mararanggutna édan-édanan, méh-méhan ruku, méh-méhan sujud siga ka Pangéran. Jalma nu laleumpang dihareupeunana ogé nyalingray, nyarisi heula, méré jalan ka raja kota. Atuh polisi lalu lintas ogé remen pahibut jadi pangawal pribadina. Nalika raja kota jalan-jalan tumpak mobil impor hasil ngajual kota Jakarta atawa ngagadékeun pulo Papua; salian ti ngajaga kaamanan, polisi téh kudu bisa ngalancarkeun lalampahan kangjeng raja kota.

Cacak-cacak wawuh ka ieu raja kota, rasa sebel mah mundel. Ningali manéhna di jero mobil, cukukuk-cakakak bari tetelepon. Teuing jeung saha-sahana, teuing penting teuing henteu obrolanana dina telepon téh. Teu hayang ngadéngékeun. Polisi karunya mah, nya panas nya macét, kudu ngawal maké motor butut, kudu nyingray-nyingraykeun sakur kandaraan nu sakirana ngahalangan. Upama datang balai binti bahaya, tangtu waé, éta polisi nu pangheulana ngajehjer di jalan téh. Bener polisi mah, toh pati, béla jiwa jeung raga téh enya-enya.

Tapi, aya deui nu leuwih pikarunyaeun batan polisi, nya éta mobil ambulan. Najan rusuh, sirineuna hurung jejeritan ménta jalan, tara-tara acan aya polisi nu ngaping marengan. Aya kalana kalah kudu nyisi heula, alatan raja kota rék maké jalan. Duh, karunya téh! Ceuk babaturan uing nu bodo mah, budakna raja kota téa, “Naha bet gering nalika bapa rék angkat momobilan? Jadi wéh kudu ngéléhan jalan. Matak gé gering téh kudu apal jadwal pelesir raja! Raja kota!”

Sanggeus apal kana pirang-pirang talajak anu nuduhkeun kana kaagungan, jeung kakawasaan raja kota, ras uing inget deui kana caritaan enin Kartini nu pandeuri: “Raja kota téh, ditilik ti luar mah siga bulan purnama, buleud, dikurilingan ku béntang-béntang nu moal kabilang. Wanita-wanita suci kapaksa kudu ngalayanan birahi nu timbul tina kasarakahanana.”

            Disidik-sidik, ditelik-telik, raja kota téh beuteungna bucitreuk buleud. Sirahna bolénang buleud. Panonna siga jéngkol, dua baruleud. Jangkungna sajeungkal jeung lébar sajeungkal jadi buleud. Ceuk pikir téh, nyaan, caritaan enin Kartini pisan. Buleud! Siga-siga bulan purnama raja kota téh. Tapi, ditenget-tenget dina hal pamajikan jeung selir mah béda. Raja kota jaman ayeuna mah pamajikanana ukur hiji. Teu boga selir, teu réa-réa teuing béntang disabudeureunana. Heuheuy deudeuh, raja kota téh nalipak manéh!

Geus ngarasa cukup kalawan bukti-bukti sohéh tepi ka bubuk leutikna mah, uing ngagutrut nulis surat. Lalampahan uing jeung sagala bukti nu kapanggih di kota ngeunaan raja kota utamana, ku uing ditulis banget daria dina surat. Nulisna gé ipis-kandel, diaplén maké pulpén cair. Teu kalis ku kitu geuning nulis surat téh. Saban surat diwewejek, teu kungsi tamat. Terus uing nulis deui nu anyar, nyusul-nyusul eusi kecap jeung kalimah tina kapanasaran.

Ngan kitu jeung kitu gawé téh, nulis surat keur enin Kartini. Teu angeus-anggeus.  Padahal eusi suratna mah saménél, rék nepikeun yén caritaan enin Kartini ngeunaan raja kota téh kabuktian ku mata jeung ceuli uing sorangan. Raja kota baheula jeung raja kota ayeuna sarua baé. Ngan geus robah ngaranna, lain dalem deui ayeuna mah. Pamajikanana ukur hiji. Teu boga selir. Duka nalipak manéh, duka pédah nyaah ka nu jadi pamajikan. Duka. Anu ébréh  kasaksian mah, pamajikan raja kota téh ditatap jeung diusap. Komo deui upama ngilikan foto-foto kulawarga di ruang tamu mah, foto-foto dina koran jeung majalah mah, atawa tina vidéo nu diputer dina siaran telepisi, raja kota téh kacirina nyaah ka pamajikan. Boga béntang hiji gé geus cukup pikeun raja kota jaman ayeuna mah! Meureun éta parobahanana téh. Sakitu.

            Haben ngagutrut nulis surat, kari sapoé deui kana jejeg itungan sataun. Babaturan nu belet tapi budak raja kota téh nelepon uing, rawah-riwih teu paruguh. Lantaran uing weléh teu ngarti kana naon-naon anu diomongkeunana, manéhna nutup telepon. Laju ngirim és-ém-és, nu unina nepikeun yén bapana geus tilar dunya. Subuh, sabada balik ti panyabaan. Étaeunana ngacung ka luhur. Geus dijampéan dukun lepus ogé teu ngulapés-ngulapés. Meureun ieu nu bakal jadi kaajaiban dunia ka dalapan teh.

            Nampa és-ém-és samodel kitu, uing ngahuhuleng sawatara jongjongan. Aya reuwas aya atoh, pagalo jadi nanahaon ngaranna téh. Teu lila uing gesat-gesut, indit rurusuhan. Mun teu kaburu ka imahna, meureun kaburu ari nungkulan dikurebna mah.

Sajajalan, nu jadi pikiran téh éstuning étaeun hungkul. Étaeun nu aya dina és-ém-és.

*

Langit ceudeum. Langit buburinyayan. Di langit siga keur aya perang Bubat, siga perang Troya, siga perang Salib nu rohaka. Sorana langit wuwuh matak murudul tai ceuli, matak caroplokkan tulang-tulang iga. Langit téh siga-siga milu sedih kingkin, ngan sedihna bobohongan, da cur hujan mah henteu geuningan.

Babaturan uing kasampak téh keur deku bari ngaramesan taneuh beureum. Batur-batur ngadaro’a, manéhna mah anggur ceurik gogoakan. Leuwih dramatis batan drama Dr. Chivago-na Boris Pasternak, atawa sajak pamflet W.S Rendra.

“Bapa, naha bet maot téréh-téréh. Atuh saha nu masihan deui abi jajan. Mamah mah kapan cedit. Ah, bapa mah bet waka maot. Abdi téh kapanan teu acan gaduh mobil, acan gaduh bumi, acan tamat sakola, acan nikah. Padahal mah engké deui maotna, atuh pa, pami abdi tos maot…”

Sagala ditataan. Sagala disasambat. Anu keur ngadaro’a mah teu pati engeuh, harusu naker munajat ka Anu Maha Kawasa, supaya nu dikurebkeun harita dicaangkeun alam kuburna, ditampa iman jeung islamna, jeung sajabana, jeung lian ti éta.

Keur kitu, di tukangeun uing pisan bet kapireng aya nu haharéwosan. Tapi bangun ngahaja sangkan uing bisa milu mirengkeun.

“Papih, papih ti endi. Teu uyahan, ti baheula mula jangji rék mangmeulikeun mobil jeung imah, teu ngabukti tepi ka kiwari. Ditatagih kalah nyacampah, si kasebelan téh…”

Uing malik ka tukang, taya sasaha.

“Terus pindah kanyaahna ka Si Anggi, terus ka Si Anna, terus ka Si Aci. Terus pura-pura nyaah ka nu séjénna deui, ka nu alanyar. Ka urang mah teu kungsi ngelol-ngelol deui mangkeluk gedé siki kanyut téh. Si bangkawarah. Padahal beungharna jeung kasenanganana téh tina késang urang-urang …”

Uing malik deui ka tukang, angger euweuh sasaha.

“Meujeuh wé mun aya nu ngabaruang ku obat kuat tepi ka over dosis gé. Aya nu sarua katipu sigana mah. Siga nu kalaman ku urang meureunana, nya? Hmm… Tepi ka waktu rék di kurebkeun, étaeunana terus ngacung cenah, euy! Meujeuh… Over dosis obat kuat…”

Uing malik deui ka tukang, nu katilukalina, angger euweuh sasaha. Éh, éta mah asa nu ngarobrol tadi dina Damri, ceuk pikir téh. Tapi lagam ngomongna asa enin Kartini? Teu sakara-kara, bulu punduk uing jol muringkak.

Uing pindah, sésélékét ti tukangeun nu ngadaro’a, ngésér ka hareup. Dongko gigireun babaturan uing nu can tamat ceurikna. Di deukeutan téh babaturan uing mah kalah asa disumangetan. Sorana mingkin tarik mapakan sora-sora handaruan di langit, ceuk nu bohong mah.

Harita, saméméh nimu pangalaman panungtung ngeunaan raja kota, di kuburanana, mimitina mah uing ukur ngusapan taktak babaturan. Lila banget ku lila, paneuteup téh bet euntreup kana padung raja kota. Padung téh warnana soklat. Padung téh ajeg, ngacung ka langit. Barang dirampa, gebeg. Geuning geunyal! Kai nanahaon anu geunyal?

Ras, kuring inget deui kana paguneman-paguneman awéwé dina angkot, nu lagamna  niru-niru enin Kartini mun keur nyarékan, nu kapireng deui sanggeus uing anjog ka kuburan. Paguneman nu tadina nyababkeun bulu punduk uing muringkak téh, dadak sakala robah karasana. Dituturkeun ku ayana taeun nu ngabagel dina palangkakan. Laju uing tungkul, api-api sedih nyanghareupan padung raja kota. Padahal, nu sabenerna mah uing keur noong tina samléh baju, noong nu ngabagel di jero calana, nu… ambuing, ambuing, ambuing! Geuning kembar jeung padung!