ithok rahayu
mapay pasir dina liuh-liuh kasono
marengan diri ngarajut katrèsna
rèt imutna anjeun
mawa kabagjaan diri

dina lamping duriat
kuring neuteup anjeun
dibarengan ku hiliwirna angin
nu mawa beundeulan carita

duriat nu geus nganteng
dipapaès ku gupayna camara
tah ieu kuring mancegkeun rasa
nu nyaliara dina jeroeun dada  
Yayan Supriatna
Ada suatu permainan, permainan unik sekali
Orang naik kuda, tapi kuda bohong
Namanya Kuda Lumping. (lirik lagu)
Wanci haneut moyan, sasapu jeung ngepél geus réngsé, uing ngadaweung di buruan imah bari haté galécok ngobrol sorangan. Na énya kitu ari awéwé resep ka lalaki nu rada cunihin ?, énya kitu mun lalaki teu cunihin kasebutna kupér ?. Kitu soténan pédah éta wé Nden Tia siga nu leuwih resepeun ka Si Sulé batan ka uing. Panan Si Sulé mah gawéna ambring-abringan jeung balad-baladna béjana sok ngabréndi ogé. Ari uing panan sok dijadikeun conto ku kolot-kolot mun mapatahan budakna, pajarna –tuh kos Jang Udin budak mah ngan hiji-hijina téh daékan, daék sasapu, ngepél jsb.-. Padahal kusabab teu boga lanceuk jeung adi uing daék sasapu jeung ngépél téh da karunya mun sagala ngandelkeun ku Ema mah.
Hawar-hawar kadéngé sora tatabeuhan kendang jeung tarompét nu beuki lila beuki atra. Leuh.. Kuda Lumping, aya nu disunatan okosna. Geus ilahar di lembur uing, mun aya kariaan nyunatan sok nanggap Kuda Lumping. Budak Sunat naék odong-odong diarak ku tatabeuhan kendang, goong, tarompét, jeung kecrék. Alat-alat kaseniana kaasup sound sistimna digarotong abring-abringan ngurilingan lembur.
Uing gancang salin, calana sontog ganti ku calana jin, kaos ganti ku nu meunang nyetrika. Deuk ningali kuda lumping da Si Sulé gé sok ngibing kasurupan mun aya kuda lumping téh. Teuing kunaon bet jadi ijid ka Si Sulé, éta okosna pédah geus wani ngirim surat ka Nden Tia jeung sakapeung sok katingali babarengan.
Sora kendang ngadungdung ngahiap-hiap jajantung, torompét nérétét metotan sukma ngajak ngarénggénék, mungguh kuda lumping hareupeun pisan panon . Geus leuwih ti tilu urang nu ngarénggénék ngibing bari kasurupan, tapi ditengetkeun bet euweuh Si Sulé. Kos na can ngaliwatan ka tempat Si Sulé nangkring. Lebah lagu ‘Kembang Gadung’ uing ngagajléng asup kalang, ngahiji jeung jalma-jalma nu ngarénggénék ngibing sarwa kos nu kasurupan. Panon sakapeung peureum sakapeung dibuncelikeun bari angger rurat-rérét néangan Si Sulé.
Palébah pengkolan, katempo Si Sulé keur nangtung kos ngahaja mapagkeun iringan kuda lumping. Uing geuwat pindah kasisi bari angger ngarénggénék, ngarah pangdeukeutna ka Si Sulé mun iring-iringan liwat ka manéhna. Biasana mun nu kasurupan ngagabrug ka nu keur lalajo nu digabrug bakal milu kasurupan (kitu soténan meureun aya sinyal tinu lalajona hayang digabrug), bakal baréng ngarénggénék ngibing.
Geus deukeut, méméh digabrug ku nu lian, uing gancang ngagabrug Si Sulé malah lain ngagabrug tapi ngerekeb. Pipina dijembélan, kaméjana dibetotan tepikeun kancingna marurudul lalesotan, terus tonggong jeung dadana dikorowotan. Ngan hanteu ari ditonjok mah da asa can ngadéngé nu kasurupan nonjok.
Si Sulé kagét kosna dikerekeb kitu téh, jeung héran meureunan -naha aing teu milu kasurupan ?, pamikirna. Manéhna papukét ditindih bari dicakaran ku uing.
“ Nyingkah...nyinkah.. siah jurig jarian !, puah...puah.. “ ceuk manéhna bari kunyam-kunyem kos nu babacaan. Uing kalahka beuki motah ngerekeb manéhna. Manéhna kawalahan, tungtungna gogorowokan ménta tulung, “ tuluuung...tuluuung...ieu aing dikerekeb jurig jarian. “
Uing pada ngarejengan, basa nu ngarejengan ukur duaan uing teterejelan malahan masih bisa kénéh nyuntrungkeun Si Sulé nu deuk hudang nangtung. Sanggeus nu ngarejengan leuwih ti opatan, uing teu bisa walakaya da geus capé ongkoh. Tuluy datang Bah Uju pawang kuda lumping, bari mamawa cai na batok kalapa, kunyam kunyem bari panona mencrong seukeut ka panon uing. Bah Uju siga nu heraneun, uing gancang ngabalieur, ngeluk tungkul.
“Puaah....puaah...puaahhh..” , uing di bura ku Bah Uju aya kana tilu kalina. Beungeut baraseuh tepikeun ka kaos ogé jibrug cai pangbura campur jeung késang. Nu matak pikageuleuheun mah caina kacida bau jigong, seungitna kembang nu aya na cai pangbura kasilep ku bau jigong Bah Uju. Uing ngulapes, ngalenggerek kapiuhan.
* * *
Wanci sariak layung.
“Sujang siah, na tara-taraning bet ngigelan kuda lumping jeung maké kasurupan sagala, ngéra-ngéra ka kolot“, ceuk Ema.
“Geura dahar jung, Ema deuk ka kolotna Jang Sulé “ ceuk Ema deui bari tuluy ngaléos kaluar ti imah, okosna deuk ka imah kolotna Si Sulé. Bapa mah teu lémék teu nyarék keur ngelepus udud bako di rohangan tengah, uing harita di rohangan tamu.
Teu pati lila jol Bah Uju. “ Ujang, na heureuy téh mani kamalinaan, deleka kaasupna nu kitu mah. Karunya Si Sulé kaméja weuteuh kénéh tepikeun ka rajét.”. Uing teu nembalan ukur balaham belehem. Bah Uju tuluy muru ka bapa di rohangan téngah.
* * *
Wanci haneut moyan, kira dua minggu ti kajadian.
Keur ngadaweung di buruan, rentang-rentang katingali aya nu datang duaan. Beuki deukeut beuki atra, leuh geuning Nden Tia jeung adina nu bungsu, -beu..boa-boa aya patalina jeung kajadian dua minggu ka tukang- ceuk pamikir.
“Kang Udin, damang ?. Apa kaleungitan, kunaon ceunah akang teu embol-embol . Miwarang abdi ngalongok bilih teu damang.”, kitu pokna bari nitah adina sina asup ka jero imah mikeun rantang ka Ema. Enya ku kitu na mah, ti saprak kajadian uing can pernah datang ka imah Nden Tia. Biasana paling hanteu saminggu sakali sok datang boh ngabantuan bapana meulahan suluh, boh ngalatih adina Nden Tia ngibing silat, boh sakadar ulin wungkul.
“Apa sareng mamah teu resepeun ka Kang Sulé , abi ogé teu resep da geuningan cunihin Kang Sulé téh”, Ceuk Nden Tia deuih.
Bingah amar wata sutra bingah ka giri, asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas,ceuk basa enonesia mah ‘dapat durian runtuh’ ngadéngé iber kitu langsung ti Nden Tia sorangan.
Teu sadar dua lengeun uing ditamprakeun tuluy ramona dikeupeulkeun ngajadi peureup terus ditarik ka tukang tilu kali ka tukang, :
“Ye!..yes..yes.. !“, ceuk uing kalepasan.
***
Cag
Yayan “Bageur” Supriatna
0511
Nyai Endit
Kang Damar, naha anjeun téh bet kutéga, ngahianat kana sucina iketan rumah tangga urang Akang. Akang téga midua haté, Akang ingkar tina jangji, jangji yén akang ngan saukur mikanyaah ka diri kuring jeung budak urang. Akang, naha Akang teu karunya deui ka budak urang?. Tingali budak urang Akang, sakitu kasiksana, sanggeus ningali kalakuan akang nu salingkuh ti kuring jeung budak. Budak urang apaleun akang, budak urang ge nyahoeun, hanjakal, manehna teu bisa ngomong.

 Deudeuh teuing anaking, gedé kahayangna, tapi teu bisa ngedalkeun. Saukur bisa pepeta jeung tutunjuk. Umurna mah geus nincek dalapan taun, tapi euweuh ucap nu kaluar, salian ti mah, bah, jeung mamam.  
Si Acong, kitu lalandihan ti batur keur anak kuring, pédah panon sipit, kulit bodas, buuk cokrom. Persis anak babah cenah. 

Ngaran aslina mah  Pangéstu Wisesa. Ésa,  waktu dilahirkeun mah normal, euweuh nu kurang, sagalana hadé. Euweuh nu dipikahariwangkeun. Taun kahiji, sagala rupana normal, Ésa siga barudak lianna, gédé dahar jeung resep ulin. Tapi nya kitu, can ngomong jeung leumpang. Harita, ku kuring jeung Kang Damar teu di anggap seurieus, da cenah ceuk batur, barudak mah béda béda kabisa jeung béda béda dina ‘pertumbuhanana’.

 Nincek taun kadua,  kuring jeung Kang Damar curiga, sabab Ésa angger waé can bisa leumpang jeung nyarita. Teu di antep, Ésa di bawa ka dokter sepesialis anak, malah mah geus ka sababaraha urang. Timimiti dokter praktek, nepi ka rumah sakit gedé.  Hasilna? Astaghfirullah, Ésa di vonis moal bisa ngomong, leumpangna gé bakal tinggaleun , kusabab aya urat kacapit na suku nu beh katuhu. Ari sababna teu bisa ngomong, cenah mah létahna pondok, uratna teu bisa di fungsikeun. Ceuk élmu kadokteran mah Ésa téh nyandang  Célebral Palsy (CP)

Jauh tina pangharepan, asa di bentar gelap, kuring jeung Kang Damar, ting haruleng teu percaya. Tapi, ayeuna mah kuring jeung salaki geus narimakeun. Kabéh hasil pamariksaan dokter téh bener ayana, teu nyalahan.

 Umur tilu taun, budak kuring masih kénéh ngangsrod. Mun budak batur ulin sapédah, manéhna ngan bisa ngungudag ku cara ngangsrod. Capé ngangsrod, manéhna ngorondang. Nyeri haté téh  nempo budak sorangan siga kitu,  jaba di jalan aspal. Ari di carék, Ésa ceurik gagauran, mun di ais, manéhna teterejelan. Teu meunang dipikarunya budak téh. Tapi meureun, da hayang ulin manéhna gé, hayang siga batur. Deudeuh teuing.

 Hiji waktu, Ésa balik ti sakola, manéhna katempo béda ti biasana. Leuwih cicingeun. Kuring apal, ieu mah lain diri manéhna nu bihari, pasti aya nanaon. 

“Ésa,, kenapa sayang, di sekolah ada yang nakal ya?,” tanya kuring bari ngadeukeutan manéhna nu keur gogoleran di kamar. Ésa cengkat, diuk luhur kasur, neuteup ka kuring, panonna katempo dareuda, “ada apa sayang? coba bilang sama mama!,” olo kuring bari ngusapan. Nu ditanya lain némbal, ngadon ngajawab ku cimata nu mimiti ngeyembeng.

Teu wasa nempo budak kitu, kuring teu loba ngomong, Ésa ku kuring di rangkul, di tangkeup geugeut, kuring indungna, nyaho guligah haté manéhna. Dokter kapaksa di telepon, di pénta datang ka imah. Kusabab Ésa embungeun di bawa ka tempat prakték dokter. Ceuk dokter, Ésa teu nanaon, ngan panas biasa, tapi dokter nyarankeun, sangkan Ésa, di bawa ka Psikolog anak cenah. 

“Ké, naon hubunganana, panas awak jeung psikolog nya? asa teu nyambung?,” Kang Damar muka obrolan sageuleuyeungna mobil dokter nu ninggalkeun pakarangan imah kuring. Kuring saukur cicing, teu hayang nembal.

“Mah, Mamah,” sora Kang Damar ngagéroan ti kamar Ésa. Riket kuring nyampeurkeun, “aya naon kang,?” pikir téh bisi aya nanaon.  

“Mah, tingali ieu budak, bangun nu aya dipikiran, tapi hésé ngedalkeun-ana”. Pok kitu téh, Kang Damar bari ngusapan nu keur sare tibra. Kuring jeung Kang Damar pada pada neuteup kanu keur ngaguher. Deudeuh teuing anaking, nempo diri hidep nu keur anteng na impenan, ieu kaasih Mamah  beuki geugeut waé ka anjeun.

Geus tilu poe panas awak Ésa teu turun turun, awakna beuki ngaleutikan, katempo pisan jadi begung. Rék teu kitu kumaha, da budak téh teu daekeun dahar. mun di asupan kadaharan, ngan kaluar waé. Dokter geus datang deui, méré ubar panas  jeung antibiotik wungkul, da keukeuh teu nanaon cenah.

”Mah,” lalaunan kadéngé sora Ésa ngageroan ti kamarna. Deregdeg, kuring gancang nyampeurkeun. Katempo manéhna geus diuk di sisi ranjang. “ada apa sayang, mau buang air ya?,” nu ditanya gideug. Kuring diuk gigireunana. Leungeun kuring ngusapan, manéhna ngaléléndéhan ka nu jadi indung.

“Mah,” ceuk manéhna.

“iya, ada apa sayang?” jawab kuring bari malikkeun ku patanyaan. 

“Mah, eca au ngomoh,” pokna bari hésé rék kedal sora, ngan gerak biwir nu jelas. 

“ngomong apa sayang?,” tanya kuring bari panasaran naon kira kira nu rék di kedalkeunku manéhna. Atra! aya cipanon di juru panonna. 

“Mah, ak ku lih lihat papah sam sama tante, kem kemarin mah, pel lukan!,” bérés ucap kitu, manéhna langsung nyegruk ceurik na tangkeupan kuring. Nginghak kanyenyerian.

Kabéh jelema gé tangtu bakal ngageter haténa mun ningali kajadian jiga kieu. Kuring teu bisa nyarita, ngan saukur cimata jeung beuki pageuhna tangkeupan leungeun nu bisa  némbalan kanyeri haténa. Nempo Bapa sorangan, silih tangkeup jeung nu lain jadi indung. Deudeuh teuing, deudeuh teuing, sabar anaking, sabar bageur.

“Mah, ken napah ak aku gabisa ngomoh ? ak ku au ngomoh am ma pap pah,” hiji patanyaan jeung paménta nu beurat pikeun ngajawabna. 

Ésa neuteup  panon kuring, anteb, nepi ka kabéh awak kuring karasa ngageter, teu wasa ku tekad jeung kahayang manéhna nu hayang bisa ngomong. 

“Sabar sayang,“ ceuk kuring leuleuy, leungeun teu eureun ngusapan, panon nu sipit teh bales diteuteup, teuteup kadeudeuh ti kuring. 

“Sayang, semua itu, karena Allah menyayangimu, kalau kamu besar nanti, kamu pasti bisa mengerti“. Ésa teu nembal, cimata di juru panonna katempo deui. Euweuh ucap, euweuh patanyaan deui.

Gabrug, manéhna nangkeup kuring beuki pageuh.

“ mam mah, ak ku sa yang mam mah !”.






Cangkuang Kulon Bandung, 2011
Kantos dimuat dina Majalah Triwulan PuyaImut
Nina Rahayu Nadea
Keteyep manehna leumpang. Kadéngé palupuh patingrarekét najan leumpang laun pisan gé. Rekét manéhna mukakeun panto, ati-ati naker. Inggis kanyahoan ku indungna. Rék gék pisan diuk dina golodog…teu jadi basa inget indungna aya di pawon keur pak pik pek. Jung nangtung terus ka buruan luntang lantung. Teu lila koréléng wé manéhna kapipir.
Ah bébas… manéhna ngagerendeng basa geus aya di pipir. Leungeuna babatek kaluhur ka handap bari jeung murilitkeun awakna doyong ka kénca jeung ka katuhu piligenti nurutan senam, gék diuk dina batu hareupeun tangkal baluntas, paranti moe moekeun pakéan meunang nyeuseuh. Pikirna anteng néang pilampahan naon anu kudu ditulis. Rét kana tangkal caringin nu anggang. Tapi najan anggang katingali jelas sabab ayana di pasir nu aya di tungtung lembur. Belenyéh manéhna seuri Terus ngaluarkeun kertas jeung pulpén tina saku calanana.
Caringin…narik ati ngaranggeum manah ku kanyaah
Caringin ngiuhan linduh haté nu lungsé balas dirarajét
Car…
Nulisna teu kebat basa katingali Déwi aya diwarung Ceu Jumi kahalangan tilu imah. Jung cengkat…
“Balanja, Wi??” ceuk Si Kardun gumasép basa geus aya di hareupeun jelemana
Nu ditanya teu ngajawab anggur anteng wé milihan buku nu rék dibelina, teu mioroséa ka Si Kardun
“Tah buku éta sae gambarna?!” Ceuk Si Kardun basa Déwi nyokot buku nu gambarna dua ucing keur silih léndotan…
“So tau…!” Déwi jamedud
“Dun…Kardun..” kadéngé indungna ngageroan sanajan kahalangan ku 3 imah tapi sorana angger ngoncrang…
Ngadéngé indungna nyalukan Si Kardun ngised diukna ka tukang. Tapi na atuh ari golombrang téh aya nu murag bareng jeung awak Si Kardun anu ngajengkang ka tukang. Tayohna basa ngised ka tukang meneran pisan kana blék kurupuk anu keur ngagantung. Blék kurupuk ngagubrag kasérédkeun ku Si Kardun….
“Iyeu …Kardun di dieu…kacian déh lu dipanggil Emamu tuh ” ceuk Déwi bari seuseurian ningali Si Kardun
“Tah kitu seuri atuh Wi…daripada jamedud waé!” Si kardun ngomong tamba éra teuing. Leos manéhna indit muru imahna. Tapi teu nepungan indungna ngadon cicing di pipir, urut manéhna diuk tadi.
“Nya kamana budak téh, wayah kieu geus euweuh baku tah Si Ontohod téh waktu indung butuh euweuh dasar…!” Indungna ngecewis barang nyaho Si Kardun geus teu aya di imah. Nu digeroan mah ngahéphép wé di pipir
“Ah…aya bahan teu meunang sajak poe ieu…loba wae gangguan, Poho deui tadi téh nya…Ah dasar …Jadi wéh buntu. Sigana kudu dieusian heula beuteungna, Méh nyieun sajakna alus jeung leuwih konséntrasi” Si Kardun nangtung bari jeung ngusapan beuteungna anu kukurubukan.
Rék asup ka dapur rengkag rengkog basa katingali indungna aya keur ngepohan hawu anu hésé hurungna. Haseup ngelun…Si Kardun gé nepi ka bersin sababaraha kali. Najan irungna ditungkup, tapi teu burung indungna nyahoeun aya anakna di luareun panto dapur.
“Dun ari manéh kamana waé titatadi digeroan téh?!“
Teu kanyahoan indungna geus aya dihareupen manéhna.
“Biasa, Ma éta ti hareup heula sakeudeung…!!Ma aya naon yeuh… teu kuat lapar..?!”
“ Aya naon tujuh mulud deuleu, pan katingali ku manéh tuh hawu gé hésé hurung. Suluhna baraseuh da peuting kahujanan. Matak titadi nyalukan téh rék nitah mangmeulikeun minyak. Jig kaditu ka warung heula. Lain dahareun wé nu dipikiran téh Jig buru..!” Indungna mikeun duit
Horéam-horéam ge kapaksa we Si Kardun ngencid..
“Yeuh, minyakna..!”
Mana pulanganna..!”
“Euweuh !”
“Euweuh kamana..?! pasti dibeulikeun deui kertas nya?!”
Si Kardun ukur seuri konéng..
Baku manéh mah meuli kertas wé jeung kertas keur nanahaon lah nyaho indung keur werit kieu teu nalipak manéh” Indungna kutuk gendeng…bari jeung ngawurkeun minyak kana suluh terus ngecéskeun korek api. Hawu langsung hurung harita kénéh seuneuna ngabebela..
“Tenang atuh Ma, ké mun geus jadi penyair terkenal mah moal moal burung digantian lima kali lipet !”
“Penyair nanahaon lah gandéng…” indungna nyempad. bari leungeuna pakpikpek ngasur ngasurkeun suluh dina hawu…
Teu sawataralila nungguan .Liwet asak. Ceg diangkat ku indungna maké ceumpal tina daun. Diteundeun rada anggang tina hawu. Tutup kastrol nu ngan saukur tina piring séng dibuka. Haseup ngelun mumbul ka luhur paudag udag muru lalangit nu geus barolong
“Pangyokotkeun asin tuh na pipiti..!”
“Mana, …?”
“Ah manéh mah nyahona kana dahareun waé éta luhuren parasaeuneu…dina pipiti nu kadua ceuk indungna bari nunjuk ka paraseuneu..!”
“Yéy…bilatungan, Ma..!” Si Kardun ngabalangkeun pipiti ka hareupeun indungna barang nyaho na pipiti aya bilatung.
“Lah pilakadar bilatung. Moal nanaon,,,,. ieuh mah pédah teu kapoyankeun!”
“Moal nanaon kitu?!”
“Siga nu kakara wé dahar asin, pan unggal poe gé dahar asin lain?!”
Asin ditendeun dina hawu nu ruhak kénéh...digular gilir sangkan asak bener…
Sanggeus asak asin diangkat terus diwadahan kana piring séng nu geus harideung sisina bakat ku geus heubeul.
Si Kardun bati kumétap ningali asin anu sakitu seungitna, beuteungna geus pupurilitan ménta eusi .
“Sok atuh rék dahar mah…da geus arasak. Ema mah mumulukna rék disawah” Ceuk indungna siga nu ngarti ka Si Kardun nu geus lapareun
“Ngan omat geus na dahar ngala heula jukut keur Si Jalu. Ema mah rék neruskeun hanca ngarambét di Pak Haji…” bari jeung leungeuna pakupis mungkuskeun sangu kana daun tuluy ditimbelkeun. Diluhurna diteundeun beuleum asin jeung céngék aya meureun 5 siki, ngawadahan cai entéh kana urut aqua. Terus diasupkeun kana samping. Top kana dudukuy anu luhurna geus rangsak. Leos we indit …
Si Kardun teu nyarita terus ngalas sangu kana piring. Habek we dahar meni ponyo. Ngalasna gé aya kana 3 kalina. Leungeuna nu ramiping dilétakan nepi ka beresihna. .
Beres dahar Si Kardun teu léléda indit ngarit néang parab keur ingon- ingonna. Nepi ka sawah langsung ngarit meunang satolombongna. Tapi kituna téh teu kari da réréanamah nyieun sajak waé. Sakapeung nulis sakapeung ngarit sakapeung nulis sakapeng ngarit. Kitu jeung kitu gawéna….
Bérés ngarit manéhna nyarandé handapeun tangkal mahoni. Rét kana sakurilingna, belenyéh seuri sorangan bari mawa kertas tina sakuna. Trét nulis…
Aya ku éndah ieu alam
Hawa katingtriman méré tanaga nu geus suda
Angin ngipasan bangbaluh dina kalbu
Nepikeun kereteg nu geus laas ditinggalkeun…
Kancing baju dibuka bakat ku hareudang. Bari jeung ngageberan awak ku topi manéhna peureum bari jeung ngarasakeun hiliwirna angin nu asa mépéndé nitah saré. Bakat ku capé meureun ngan dug wé manéhna saré tibra nepi ka kérék…Kituna téh bari jeung ngimpi manéhna jadi penyajak terkenal. Tulisana remen dimuat dina majalah, dina suratkabar. Manéhna jadi pada mikareueus ku balarea. Moal bireuk deui ka Kardun penyair ti Cikadut. Sanggeus jadi terkenal mah awéwé ge ngantay hayang kenal, hayang ngilu beken ka ngaran Kardun. Pokona ngaran Kardun geus jadi sabiwir hiji. Komo basa Kardun kapeto meunang hadiah Sastra rancagé mah manéhna jadi kameumeut Kampung Cikadut. Manéhna diarak ti Cikadut ngaliwatan sababaraha kampung laju ka kota muru alun- alun. “Hidup Kardun….Hidup Kardun…!”.
“Kardun…Kardun..”
Kardun ngan ukur seuri..
“Kardun hudang yeuh tingali panonpoe geus manceran.”
“Mana hadiah rancagé, Ma?!”
“Hadiah naon ari manéh?, Ngadon saré wé titatadi téh. Geuwat nyaring tuh domba geus tingbérélé…!”
“Ah ngaganggu, Ema keur ngeunah-ngeunah ngimpi meunang hadiah…ngadon dihudangkeun..” Si Kardun semu nu keuheul ka indungna asa lebar hudang tina pangimpian.
“Sok buru bawa tah tolombongna!”
Bari jeung horéam ge teu burung nuturkeun indungna balik ka imah.
***
Si Kardun atoh kacida waktu aya béwara réhna di balédésa rék diayakeun pelatihan nulis sajak jeung ngarang sarta teu dipulut béa alias haratis. Nu méré matérina sastrawan nu geus moyan. Atuh harita kénéh Si Kardun daftar bari jeung mawa haté nu bungagang. Hayang geura geura ngilu latihan. Hayang geura jadi penyajak terkenal kitu ceuk gerentes haténa
Poe kahiji pelatihan manéhna estu cuang cieung pisan. Euweuh batur nu wawuh. Maklum manéhna wungkul anu tamatan ti SD téh kitu gé teu ngilu ujian nasional. Lolobanamah nu ngiluan téh budak SMA aya oge guru. Ngan untung harita téh aya urut babaturan SD. Ngarana Wiwit ti kampung Haurbeti. Atuh jadi asa boga batur.
Ngilu pelatihan téh keur Si Kardun mah loba pisan mangfaatna utamana loba pangaweruh keur dirina. Kawantu manéhna mah diajar téh otodidiak maklum teu boga dasar pisan. Resep nyieun sajak téh pedah we sok pirajeunan maca di perpustakaan désa.. Dina hiji poe manéhna manggihan majalah gular golér. Di dinya aya sajak judulna Raga Samagaha yasana Jejen Jaelani nu unina:
Runtuyan kecap nu jadi ungkara
Dibaca bari diteangan hartina
Mangjam-jam dikotéktak dina rasa
Dikorobét ka lebah poekna guha basa
Dirarampa kana haté nu nyangsaya
Susuganan aya cahya tina sapada
Nyaangan raga nu katalimbeng ku laku
Nu teu weleh sasar kana talajak codéka
Angger kareumpeukeun samagaha
Runtuyan ungkara nu jadi rasa
Unggal pada disasar bari dirarampa
Dikotéktak bari ditalungtik ku usap rumasa
Kakoréh nu karungkup kareumpeukan lampah
Angger samagaha dina talajak dosa
Éta sajak dibaca dibolak balik. Bet éndah rasana. Kataji pisan manéhna. Komo lebah maca dikorobét ka lebah poekna guha basa dirarampa kana haté nu nyangsaya. Ceuk pikir Si Kardun aya ku bisa jelema nyieun sajak siga kitu. Basa waé bisa digulak gilek dihadé-hadé maké jeung kecap guha…Bet siga nyindiran ka manéhna anu teu bisa pisan nguntun kecap antukna teu walakaya.
Ti harita Si Kardun beuki rajin macana, beuki mindeng nyieun sajakna. Komo kabéhdieunakeun manéhna resep pisan ka Déwi anu jago maca sajak.
Bari jeung waktu nyieun sajak téh estu saujratna tina jero haténa. Teu apal teori nanaon. Nu pentingmah ngabudalkeun rasa nu nyangkaruk na lelembutanna.
Waktu ditanya ide Kardun nyieun sajak timana. Jawabana estu polos pisan
“Idena mah ti mana we…lamun Ema ambeuk nyieun sajak ambeuk atawa lamun Ema bageur nyieun sajak bageur. Naon wé lah nu aya dina haté sok sagala ditulis” ceuk Si Kardun
Nu ngadéngékeun euweuh nu teu seuri ngadéngé jawaban Kardun téh
Kacida betahna Si Kardun ngilu pelatihan teh. Pangpangnamah bisa ningali nu gareulis. Sok asa gede hate lamun manehna keur mikeun hasil sajakna ka nu méré matéri. Asa aing pangbisana. Da jeung enyana manéhna kaitung anu berbakat ceuk nu méré pelatihanmah. Tinggal ngabébérés éstétikana jeung diksina.
Si Kardun irungna asa beukah waktu dipuji sajakna alus jeung layak muat. Insya alloh cenah karyana rék dibukukeun. Ngan kudu nyieun loba sajakna. Ah dicumponan wé ku Si Kardun téh da diimah ge geus ngahunyud sajakmah.
“Bulan nyumput jamedud
Dihalangan méga nu haleungheum angkeub
Nalangsa rambay cimata
Awéwé lalaki ngalingkung di gang nyelempét
Ngarémpak rambu jalan ka sorga
Simbol dosa pesekeun jaga
Séah angin meupeus keuyang tembok durjana
Belewuk dirungrum kekebul dunya
Angin sedih kingkin
Ngarasula ngipasan jalma milampah nirca
Barudak palintér…korban sinétron”
“Saé pisan sajakna, naon judulna??” Ceuk nu méré latihan waktu maca sajak Si Kardun
“Duka tah teu acan aya inspirasi” ceuk Si Kardun légég bari jeung teu nyaho naon inspirasi…
“Énjing wayahna candak sadayana sajakna, supados urang dipilihan, kanggé didamel buku..!”
“Tenang..béréslah tos seueur dibumi..”
Balik ka imah geus sore…. Langsung dahar segut naker, kawantu lapar sarta capé naker. Komo haritamah deungeuna maké pais hayam sagala… Kacapé téh enya kagantian. Kagantian ku harepan. Harepan rék nyieun buku, harepan ngarobah nasib manéhna jeung indungna anu kacida dipicintana. Harepan keur hirup hurip ka hareupna. Keur anténg dahar bari ngumbar lamunan indungna datang…
“Ma, boga duit timana make jeung bisa meuli hayam sagala?!..”
“Enya tadi aya tukang rongsok kadieu, kabeneran ningali di kamar manéh ngahunyud kertas ku Ema teh dijual wé…nu sawaréhna deui mah dijieun suluh wé…lumayan keur ngahurungkeun hawu ari hésé hurung. Tah mais hayam gé téréh maké kertasmah.”
“Emaaa…!” Si Kardun ngalenggerek.
kez sukezz
Bray, beunta !

Peletékna srangéngé mapag anca medal balébat

Ngalacatna alon mopoyankeun manah mawa hibar

Totondén kana isarah kahuripan dunya


Sanggeus raga katandasa sumerah pasrah

Kalimpudan ku karepul ngalak paul nu rupa-rupa halimun peuray

Tan wandé gumati kana sadrah


Nyingray lalangsé ahéng bangun bagja

Tandes ngabagéakeun wanci


Aya jigrah mancawura misuka mesékan atra mangkak mapaésan taman sawarga

Reujeung sorot tina kongkolakna nyumirat cahya ngarénclongan

Aworing reumis-reumis matri nu tingarendag ngaralaguan

Na’ rungkun tutuwuhan ngalagena sugrining ati


Sab hiliwirna angin bajra ngiwatkeun maneuh maturay nu teu weléh miseja

Ringkangna tumuluy antaré ngaruntuyan jiwa

Ngaderes wanci nangarakeun mangsa


Ti isuk jedur ihtiar balangsiar ka soré jedér

Kasareupnakeun

Ditaratasan sakur nyésakeun humaroshos


Naha nu ngulampreng rék mawa madu atawa peurah

Gundukan sacangkéwok ditimbangtarajuan

Hanjelu-sugemana hamo katara


Mun seug kairong buncelikna da geuning kitu rasa nu tumiba

Lalampahan bet nyawang ngawang-ngawang

Kacipta implengan kumelendang ngawawaas malapah gedang

Lain nyana angkeuhan mah can karuhan cacap

Sawatara léngkah lalampahan mungkas carita

Tampolana mo salawasna da cukang geus jadi patokan

Nalika titis tulis ciciptan gusti hyang widi


Rup ku padung

Rap ku lemah

Ngagalayah

Nyuuh dina rurugan teneuh beureum.
Yayan Supriatna

-Matak kabita ku penulis-penulis moyan, diondang kaditu-kadieu teu saeutik nu diondang ka mancanagara ogé. Mulya pisan mun jadi penulis, babagi elmu ka balaréa , jeung deui bisa dicandung pagawéan nulis mah panan bisa sakahayang, waktu ngagawéanana ogé-, pamikir uing.

* * *

“Deuk nyarpon”, ceuk uing ka pamajikan nu datang nganteurkeun cikopi. Siga nu atoheun ngaéngé kitu téh, da langsung kukuprak nyieun bala-bala. -Tibatan gapléh tepikeun ka peuting- kitu meureun pamikirna. Geus aya kana dua taona uing sok milu workshop nulis, macaan buku-buku ngeunaan nulis, ngahadiran diskusi jsb, tapi tacan bisa nyieun carpon hiji-hiji acan, nyéta hésé pisan kudu kumaha ngamimitianana.

Peuting ieu deuk ngamimitian nyarpon da ceunah jampé nulis mah taya deui iwal ti : “nulis, nulis, jeung terus nulis ! “. Kitu sotéh pédah wé tadi beurang aya kana saténgah poéna ngobrol sareng Pa Aan Permana, penulis moyan, penulis nu tos kahot dina widangna. “Panyarpon mah kudu loba merhatikeun/nitenan sing leleb kana sagala kajadian. Sireum nu ngagimbung kana cikopi atawa citéh amis nepikeun tinggarebrus pararaéh ogé bisa jadi carpon”, kitu saur Pa Aan. Gutrut uing nulis judul carpon : “Sireum jeung cikopi”, terus ngahuléng, kop kana bala-bala, regot kana cikopi, pelenyun udud bari ngahuléng. Bingung naon nu kudu ditulis, naon nu kudu dicaritakeun.

“Loba pisan picarponeun mah, mun deuk nyaritakeun Karéta pan dijerona loba deui picaritakeuneun : masinis, tukang dagang asong, rél kareta api, jeung sajabana. Contona wé, pék bayangkeun terus caritakeun kumaha sedihna masinis nu hayang jamaahan pas manéhna keur tugas. Piraku kareta kudu ereun heula ngadagoan masinis jumaahan”, saur Pa Aan deuih.

“Sireum jeung cikopi” dicorét-corét, ganti ku judul : “Masinis poé Jumaah”, terus ngahuléng, kop kana bala-bala, regot kana cikopi, pelenyun udud bari ngahuléng. Bingung naon nu kudu ditulis, naon nu kudu dicaritakeun.

“Lamun nyaritakeun pasawahan, apan aya patani, munding, belut, paré, jsb. Jadi deuk nyieun carpon unggal poé ogé bisa”, saur Pa Aan

“Malahan tiasa janten carita belut jadi carpon nu saé”, ceuk Kang Ayi nu nganteur uing nepangan Pa Aan.

“Masinis poé Jumaah” dikusék-kusék dicorét ganti ku judul anyar : “Munding jeung uing”, enya keur leutik pan uing sok ngangon munding, terus ngahuleng ngabayangkeun bujur munding.

Leng ngahuléng, kop kana bala-bala, regot kana cikopi, pelenyun udud bari ngahuléng. Bingung naon nu kudu ditulis, naon nu kudu dicaritakeun.

Kitu jeung kitu wé terus, unggal judul paling ditulisan saparagrap gé teu anggeus. Cikopi geus béak dua bekong, bala-bala kari piringnya, kuntung udud ngahunyud dina asbak. Carpon boro-boro medal teu ngelembeng-ngelembengna acan.

Inget deui kana omongan Kang Ayi tadi beurang di bumina Pa Aan, “Teu Bisa Nyarpon “, ogé bisa jadi carpon hadé ku pangarang mah”, kitu pokna téh. Harita uing unggut-unggutan siga heueuh ngarti kana omongan Kang Ayi, padahal lieur nu aya, nya naon nu dicaritakeunana lamun judul carpon : “Teu Bisa Nyarpon”.

Kaideuan, lima lambar kertas HVS kosong ku uing di hekter, pangluhurna ditulisan : “Hoyong pisan tiasa nyarpon, moga kersa masihan bongbolongan”. Deuk dikirimkeun ka Kang Ayi.

* * *

Cag ah

Yayan “Bageur” Supriatna

Rancaekek, 0511