kez sukezz
Wanci sumedeng entak-entakan

teu ngahaja nyaba nyiar reuma nyair luang dina biwir leuweung

mapau-mapay cikamalir leuwi nyiklukna direujeungan

naratasan antare ténjoeun mah teu weléh leupas mencrong

lebah sungapan nu mudal mancawura cai lébér



ngawawaas mawa kalewang !



Di dinya paeunteung-eunteung nineung

geugeueumeun leleban teuteup nampeu

bawirasa nu muru adug kecing sabudeureun simpé

sakur hiliwir angin batur ngéwat sangkan nutur lakon

nuju linduh iuh ditéma tagiwur rasa



Lain sual jumarigjegna awak sakujur haben ngendag satékah polah

ngaléléberwanén teu eureun nuyun

tapi neuteulina sora ngencringan lelembut mawur na sela rungkun batu mahpar

nu bolénang mawa rusiah



Randeg lampah taya nu ngunjukan

cukang siloka sakum jalma nu harayang jugala

nu jadi udagan najan nyawa ngoléang lapat-lapat.
Asép Héndrawan
- carita tresna -

lamun bulan ngudar cahayana
jeung bentang surud sinarna
naha peuting angger ngagalindengkeun tineung
atawa rasa kemba tuluy anteng mapay peteng?
lamun raga ngécagkeun kalangkang
jeung jiwa ilang panonoban
naha kojéngkang ringkang bakal kasarung
atawa diri pengkuh masieup lelembutan?

upama anjeun suda katresna
jeung keri asih ukur kerakna
naha anjeun keukeuh mikadeudeuh
atawa kuring rék téga nugaran ieu rasa?
lamun anjeun diiwat mangsa
sarta pinasti balik ka ajali
tuluy kangen koredas sapisan
kuring moal rék ngaléngkah ka séjén harepan

sab ieu rasa keur anjeun
pinasti takdir ti ajali

(2008)
Yayan Supriatna

Dukuh Gembrong.
Dirja jajaka umur 20 taunan, dedegna hadé rupa sampé, pangabisana loba : jago volly, pinter maénbal, jeung sok ngalatih silat. Moal aya nu bireuk ka ngaran Dirja keur urang lembur Dukuh Gembrong ogé lembur sabudeureunana.
Ngan lain kulantaran dedegan atawa kabisana manéhna kakoncara, tapi ku kalakuanana nu sok ngarasula jeung murukusunu, cawadan, jeung kurang boga rasa syukur. Mun meunang kasusah sok komo musibah, manéhna bakal nyarita ka unggal jelema, tara pisan batur ningali atawa kabéjakeun manéhna meunang kabungah. Waktu Dukuh Gembrong éléh dina Final Volly ku Dukuh Reungit pajar manéhna : -Kuduna urang juara ka hiji mun sayah teu keur nyareri awak mah- . Ogé waktu manéhna dibéré duit Rp. 5000 ku sémah nu nanyakeun alamat, pajarna, -lima rébu pérak mah teu mahi udud sabungkus-bungkus acan- bari jeung duitna geus béak dipaké jajan.
Lantaran kitu, loba nu méré landihan ‘Muram’ di hareupeun ngaran Dirja, katelahna : Si Muram Dirja !
Dirja suwung ku babaturan, malarat ku sobat, carang anu marengan. Ceuk nu gedebul mah : -langit caang lénglang mun Dirja datang bakal ngadadak angkeub, ceudeum pihujaneun-.
Lila-lila Durja ngarasa aya nu salah dina dirina komo basa Tati nu dipicangcam condong milih ka Nana nu sasat dedegan jeung waragadna sahandapeun manéhna. Babaturan saentragan kabéh geus rarumahtangga malah geus baroga budak, ari manéhna bébéné oge can boga.
Dirja nguyung, paromana nu surem tambah kiruh, haténa nalangsa.Tengah peuting Durja tepekur : -Duh Gusti, pasihan abdi pitunjuk jalan-. Isuk-isuk cumalimba ka kolotna ngadukeun kaayan dirina.
“Taktagé tong ukur ngarautan awak, ngabedasan tanaga wungkul, batin gé kudu dieusi” , ceuk kolotna bari ngajujurung sangkan indit masantrén ka Pasantén Dukuh Hurip di tutugan Gunung Cakrabuana.
* * *
Pasantrén Dukuh Hurip.
Ki Harpan nu kakoncara ‘weruh sadurung winara’, bangun surti kana kadatangan Dirja. Dirja dibéré Topéng Wasiat. Maunatna mun make éta topéng : paroman jadi béngras marahmay, panon cahayaan, lambeyna imut bae, matak resep saha wé nu ningali.
Ki Harpan nyarita : “ Manusa hirup di dunya ukur ngumbara, tugasna mung ibadah ka Gusti Allah SWT, kudu akur jeung sasama, silih ajenan, handap asor, halus budi, hade basa “.
Leuwih kana satauna Dirja mondok di Pasantrén Dukuh Hurip.
Bulan-bulan mimiti Dirja asa kasiksa make éta topéng, isuk-isuk dipaké soré dibuka. Beungeutna asa rengkeng, biwir nu biasana melengkung ka handap asa dibetot dipaksa melengkung ka luhur, ponona nu bolotot asa didedetkeun, beuheung nu tanggah dipaksa jadi tungkul.
Lila-lila Dirja mulai biasa, malahan peuting oge topéng tara ieuh dibuka.
Akhirna, topéng malah samasakali teu bisa dibuka ngahiji sakulit sadaging jeung Dirja. Topéng Wasiat geus kapimilik waragad katut eusina ku Dirja.
* * *
Balik ka lemburna, Dirja jadi robah pisan, ringkak paripolahna pikaresepeun, budi jeung basana pikaresepeun, paromana matak ayem tingtrim sing saha waé nu ningali. Kabeh wanoja léngoh pada hayang Dirja jadi carogéna, pon kitu deui kolot-kolotna pada hayang Dirja jadi minantuna. Teu kolot teu budak kabéh raresepeun ka Dirja.
Dirja jadi pamuda idaman sararéa, pamuda kabanggaan lembur Dukuh Gembrong.
* * *
Nina Rahayu Nadea

Asa dibentar gelap basa dokter mere nyaho yen Laras anak kuring kameumeut ati nu umurna kakara 4 taun divonis leukemia. Panyakit anu kacida dipikasieuna. Asa teu percaya kuring kana hasil pamariksaan dokter harita. Tapi geuning kitu hasilna angger. basa ku kuring dipariksakeun ka sababaraha dokter. Jumlah sel darah putih dina awak Laras ngaleuwihan sel darah merah.Nyata leukemia…
Akhirna kuring pasrah kana cocoba….bari ikhtiar kaditu kadieu….tapi kuring tacan siap lamun anak kuring kudu dikemo mah. Asa teu kabayang buuk Laras anu galling muntang kudu jadi botak mah…Deudeuh teuing Laras, naha beut hideup nu kudu nandanganana…. Padahal mah ti keluarga besar kuring oge salaki kuring teu aya nu katerap panyakit kitu.
Ayeuna kuring aya di hiji tempat panuduhan babaturan. Ceunah mah insya alloh ari aya jodonamah ku dokter ngora ieu, panyakit Laras bakal cageur…Tapi basa kuring apal ka ngaran dokterna mimitamah kuring teh rada hoream papangihna…inggis panto hate anu baheula dibebenjokan melenge deui….tapi kanyaah kuring ka Laras ngelehkeun sagalana. Antukna kuring datang ka ieu tempat. Susuganan atuh ku cukang lantarana Laras kameumeut ati bisa cageur deui…
Asa kuring sorangan nu nalangsa nu boga kasakit siga Laras teh. Tapi geuning ari geus aya di tempat ieu mah hate teh rada reugreug da geuning anu boga kasakit siga Laras teh loba. Bari nungguan di geroan…panon neuteup ka tiap pasien hiji-hiji imet dipalecrong. Sanggeus rarasaan geus katingali kabeh ret panon kana panto tempat praktek dokter . Di dinya ngajeblag ngaran Dr.H. Budi Pangestu…naha ieu teh anjeun Bud….ah tapi sigana lain apanan baheula ge anjeun mah boga kasakit…gebeg “Naha geuning beut sarua jeung anak kuring?!”
Lalaunan pikiran kumalayang mangsa-mangsa SMA kuring baheula
Harita kelas simpe keneh, barudak can daratang. Kabeneran kuring bagean piket, atuh gura giru we kuring beberes, keun we ah nu lain teu piket mah. Kuring mah sieun dihukum ku wali kelas kuring nu terkenal killer jeung jutek pisan.
Beres sasapu kadenge aya sora nu ngageredeng di luar kelas kuring. Pirajeunan kuring noong tina jandela. Ari pek teh Yani babaturan sabangku keur ngobrol jeung Budi…Sakedapan kuring neuteup anteub beungeut Budi nu anteng ngobrol jeung Yani. Sok aya nu sumarambah kana hate mun kuring neuteup anjeun teh Bud. Teuing apaleun aya kuring di kelas teuing heunteu harita Budi ngobrolkeun kuring ka Yani intinamah cenah anjeun teh resep ka kuring Bud. Sanajan ngan saukur curhat meureun harita ka Yani tapi kuring geus ngarasa bagja… geuning rasa urang teh sarua.
Suasana nu simpe …ayem…jadi gandeng sapada harita basa si centil…Dewi datang….
“Bud nginjeum PR Matematikana euy…!”
“Encan puguh …”!
“Ah bohong manehmah…buru nginjeum …urang sieun ku Bu Lisa’ Dewi maksa bari jeung ngarebut kantong Budi…!
Ah kuring teu kapapanjangan ningali manehna nu raribut. Kuring anteng nulis diari. Kuring keur nuliskeun anjeun nu salila ieu mapaesan hate..kuring. Komo sanggeus Yani curhat ka kuring yen ceunah anjeun teh sarua resep ka kuring…mileuheungkeun kuring. Dunya asa endah, asa caang narawangan. Sanajan anjeun can wani betus ka kuring. Malah ceuk anjeun ka Yani omat ceunah ulah dibeja-beja ka batur perkara perasaana ka batur. Atoh pisan ngedenge Yani nyarita kitu.
Mindeng kuring ngintip beungeut anjeun, nu kahalangan dua bangku ti bangku kuring. Sajajar diukna jeung barisan kuring. Remen kuring manggihan anjeun keur neuteup anteb ka kuring. Atuh urang ge sok mindeng paadu teuteup nya?!. Sanajan sakolebatan tapi hate asa ngapung ngajaul.ka awang awang…
Tapi kuring teu ngarti. Naha anjeun beut teu keudal nepi ka kiwari…kuring cape nganti anjeun ngucapkeun katresna nu ka kuring. Naha anjeun teu surti ka kuring nu salilana miharep anjeun. Padahal kuring geus asa mibanda anjeun…Tapi anjeun beuki lila asa beuki ngajauhan lir sagara nu teu kaojayan ku kuring.
Anjeun asa beuki teuleum. Enyaan hate anjeun teu bisa kaubek…
Dina hiji mangsa harita urang keur ujian, naha anjeun meuni bela ka kuring. Anjeun nu kabeneran diukna tukangeun kuring mere jawaban saujratna ka kuring. Anjeun mere jawaban ni digulungkeun na kertas ka kuring, basa ningali jawaban kuring kosong keneh. Padahal basa Dewi nanyakan jawaban ka anjeun teu mere saetik eutik acan. Atoh pisan harita kuring, da rumasa kuring mah euweuh kabisa dina pelajaran matematika teh.
Leungeun anjeun remen ngulinkeun buuk kuring harita
“ Nin..sae pisan rambutna meuni galing!”
“ Pan dirawat atuh!” kuring ngagerendeng… bari ret ka pengawas inggis katohyaan kuring ngobrol. …
“Atos ngeusianan…!”
“Atos…nuhun nya!”
“Sama sama cantik!”
Asa bagja harita kuring Bud. Rarasaan teh hayang salilana we meureun ujian, meh anjeun merhatikeun wae ka kuring.
Komo basa urang sakelas ka Bayongbong. Beut teu ku hanteu anjeun make ngalengkeun leungeun ka kuring waktu urang keur difoto. Jaba posisi urang harita aya ditengah-tengah. Atuh urang asa jadi selebriti ..Jadi sorotan batur batur. Tapi urang mah enjoy…..
Kuring awewe nu butuh ku kedal tresna ti anjeun. Bukti pangbeungkeut dua hate nyatana anjeun jeung kuring. Keur ciri anjeun nyaah ka kuring. Keur ciri anjeun mileheungkeun kuring. Tapi eta kecap can pernah kedal ti anjeun sanajan dianti nepi ka kiwari. Ditunggu nepi ka beak waktu,…Enyaan kuring cape nganti anjeun…
Matak basa Dani babaturan kursus mere surat nu eusina nyaah ka kuring. Teu mikir dua kali kuring narima Dani. Bari nu sabenerrna kuring teu bogoh ka Dani. Kuring nyaah ka anjeun, kuring bogoh ka anjeun…anjeun cinta munggaran keur kuring.
Mun pareng kuring keur maca surat ti Dani jeung Yani. Sok kapireng ku kuring.. anjeun merhatikeun kuring, anjeun sok hayang nyaho kana eusi surat ti Dani….
“Kabogoh ni ye…!” anjeun ngomong waktu kuring jeung Yani seuseurian bari jeung maca surat ti Dani
“Pengen tau aja..!” Yani ngabales bari jeung ngajauhkeun surat …basa Budi rek ngarebut surat tina leungeun Yani…
***
Teu karasa nya Bud ayeuna urang rek papisah….ayeuna teh pan poe perpisahan. Kabeh siswa kelas tilu kudu marake batik. . Nu kaseurian harita si Adul make batik sigana nu bapakna da maka batik PNS. Teuing teu apaleun …teuing hayang katingali lain dari yang lain…da dibejaan ge jinisna mah hare- weh, ngadon cungar cengir!
Acara tiap acara geus dipaju…aya tari, aya nyanyi, bodor ah rupa- rupa wae hiburan teh. Tapi karasa kanu hate asa sepi, asa teu gairah. Tiap babaturan mah saruka bungah, make jeung jaroged sagala. Komo si Mida mah meuni muter di panggung ngebor ceunah…nurutan Inul Daratista. Titatadi ieu panon ngulincer neang sorot jeung jirim anjeun, enya kuring neang anjeun Bud…nu titadi ti mimitian acara teu katingali ku kuring…. Duka kunaon anjeun beut teu datang. Padahal kuring keur nungguan anjeun. Sugan jeung sugan dina poe panungtungan di ieu sakola aya kedal ti anjeun nu bisa ningtrimkeun hate kuring.
Acara geus lekasan, kabeh siswa bararis bari sasalaman menta dihampura ka guru-guru jeung nu lainna. Geus puguh ari jeung babaturan mah careurik …silih rangkul. 3 taun babarengan geus mere kasuka kabungah… kabeh sasalaman ngantri…tapi.. enyaan nepi ka sasalaman panungtung kuring teu manggihan anjeun. Harita keneh kuring hayang geura mulang, hayang geura ceurik nyambat anjeun…hayang ningtrimkeun diri, hayang namplokeun kasono ka anjeun sanajan ngan ukur dina sawangan sanjan ngan ukur muka poto anjeun…
Sanggeus acara beres barudak sakelas mah teu langsung mulang tapi ka imah Mida, rek rurujakan. Tapi kuring mah teu milu alesan mah teu ngeunah awak. Padahal mah nyeta teu genah hate we…Diajak ku Dani nongton ge harita teh teu purun. Alesan hayang geura mulang….
Harita kuring rek naek angkot pisan, basa Yani ngagupayan ka kuring. Atuh teu tulus naek angkot teh.
“Aya naon Yan…tos BT yeuh hoyong geura istirahat !”
“Enyaan…teu hoyong apal kabar manehna ?!”
“Kabar saha?”
“Eta nu ngait dina ati…hi…hi!!’
“Saha…kuring panasaran bari jeung hate rada guligah…!”
“Ah sok api-api…!”
“Saha sih Yan…kuring ngabetot leungeun Yani…!”
“Sabar…sabar…!”
Yani mukakeun kantongna terus mikeun surat ka kuring.. Teu diengkekeun deui eta surat dibuka ku kuring..
Kahatur Ninda…
Nin…punten nya bilih aya kalelepatan ti Budi salami ieu. Saleresna Budi teh hoyong ngobrol panjang lebar ka Ninda…tapi sigana Budi tos teu kiat. Salami ieu Budi ngiatkeun diri…kusabab aya ubar nu matuh nu nagerkeun hate nyatana anjeun Nin. Anjeun salamina mapaes hate Budi. Anjeun tos kapimilik ku Budi sanaos ngan ukur na sawangan…sanaos na implengen. Eta tos cekap keur Budi. Hoyong Budi ngapimilik waruga Ninda sautuhna tapina moal tiasa Nin…. Budi tos ditakdirkeun ku Alloh ngagaduhan naon rupi anu batur teu gaduheun. Eta nu jadi hahalang ngaleuwihan gunung nu pangjangkungna ngaleuwihan sagara nu pangjerona. Tapi sanaos Ninda teu janten kapimilik ku Budi…Budi bakal langkung bagja upami ningali anjeun bagja. Wilujeng angkat nya Nin…Wilujeng ngaraih cita cita nya. Saurna hoyong janten Ibu Guru…..
Salam…..
Budi Pangestu
Aya nu haneut merebey...maseuhan pipi….kuring teu bisa kukumaha…kuring harita ngan saukur bisa nyegruk na dada Yani sobat kuring.
Ti Yani kuring apal yen Budi ngabogaan panyakit Leukemia. Ayeuna manehna cenah indit ka luar Jawa..milu ka dulurna….bari sakalian dek uubar duka teuing kamana da Yani sorangan ge teu dibere nyaho kamana kamana. Ti harita kuring teu manggihan deui anjeun…Bud.
Remen diri anjeun ngulayaban datang ka diri kuring sanajan na implengan, sanajan na lamunan. Lamun anjeun percaya nepi ka kiwari anjeun aya dina hate kuring…..sanajan kuring geus jadi Nyonya Dani Rukman, nu geus mere kakasih ati … si geulis rancunit Larasati Rukman Pangestu. Ngaran Pangestu hiji ngaran nu teu weleh ngait na ati kuring diadumaniskeun ka si geulis bentang katineung ati. Ngahaja ameh kuring tetep inget ka anjeun…
Bagja kacida waktu si geulis gubrag ka alam dunya. Dunya asa ngalegaan…kanyaah kuring jeung salaki tamplok kamanehna. Kuring jeung salaki geus jangji rek nganomor hijikeun anak dimana wae. Nepi ka kuring sadar anjeun kudu bisa dipupus dinu hate. Lalunan panto hate diajar nutupkeun ngaran anjeun. Sanajan anjeun kudu yakin ka diri kuring. Nepi ka kiwari kuring tacan pernah betus ka salaki ngeunaan diri anjeun…oge ngeunaan Pangestu anu ku kuring keukeuh kudu diterapkeun ka anak kuring. Tapi Kang Dani memang lalaki nu kacida nyaahna ka diri kuring….nepi kamanehna ngelehan mere ngaran Pangestu. Padahal ngaran asal nu rek dibikeun harita teh nyaeta Larasati Rukmana Ningrum…
Tapi kabagjaan rumah tangga kuring ngoleang…sirna basa Kang Dani mulang dipundut kunu rahayu dicandak kunu kawasa. Ngan nepi ka 2 taun umur Laras, manehna marengan diri kuring…
Ti dinya kuring sorangan marengan Laras ka ditu ka dieu. Komo basa 1 taun ayeuna Laras mindeng pisan geuring…mindeng panas teu pupuguh. Atuh kapaksa kuring menta heula cuti ka sakola keur uubar nu jadi anak.
“Larasati”…cek hiji suster na lawang panto…
Lamunan peuyar….Lalaunan kuring nangtung bari jeung ngais Laras…
“Sok antos heula na korsi Bu…” ceuk suster bari ngageserkeun korsi ka kuring
Kuring ngan saukur manggut bari pameunteu anteb ka dokter anu keur nukangan kuring nendeun kertas hasil pamariksaan pasen.
“Ini dok…hasil Lab nya!” ceuk suster mere hasil pariksaan laras ka Dokter.
“Pasenya panggil aja ke sini…!”
“Udah dok…tuh lagi nunggu…!”
“Oh…” Dokter malikeun awakna….barang breh….Duh gusti enyaan anjeun…kuring moal kasmaran. Sanajan ayeunamah jadi beresih, lintuh tur aya kumis ngajiripit…apan Budi nu baheula mah asa hideung jeung begang…Teu ku hanteu ieu hate jadi teu puguh…asa tagiwur. Sakeudapan kuring jeung anjeun silih teuteup…
“Ninda..!”
“Bud…ehm dok….!”
Anjeun imut leleb…bener bener masih imut nu baheula imut nu nengtremkeun hate nu keur marudah….
“Kumaha damang ?!”
“Damang…!” Dua leungeun patarema…..karasa aya nu sumarambah kana hate..haneut…ngahaneutan diri kuring nu nalangsa…kembang malati nu nyambuang di jero ruangan jadi saksi ngancikna deui asih na ati. Malati nu nguncup ayeuna ligar kasmaran nyegitan rohangan hate kuring. Hayang kuring nyegruk na dada anjeun nu sembada ngabudalkeun rasa katugenah jeung kanalangsa anu geus kaalaman ku diri kuring….
Ti harita kuring remen tepung jeung anjeun keur ngontrol kondisi Laras. Tapi kuring can wani tatanya ka anjeun perkara hal anu kacida pribadina…Mudah-mudahan Budi can boga pamajikan…meureun bisa katresna ngait na diri. Ah barina ge ketang boa cau ambon dikorangan manehna teu mikir mikir…
Dina hiji sore…
Tiriling….sora Hp disada. Diilikan aya SMS asup…
“Diantos…di klinik tabuh 5 sonten…. “ From: Dr Budi
“Teu lepat? Pan praktek dugi tabuh 4?? Sarengna deui pan kontrol Larasmah minggu payun?!” Klik tombol send dipencet…
“Aya nu kedah dibadantenkeun…teu kedah nyandak Laras…” From : Dr Budi
“OK!” klik tombol send dipencet..
Gura giru kuring salin bari ngilikan jam ayeuna jam 4…
Datang ka klinik geus sepi…kuring langsung ka ruangan anjeun…. Anjeun geus saged bari jeung teu make baju dines. Pangling kacida…!
“Yu urang kapengker heula…!” Kuring ngahuleng bari teu burung ieu awak nuturkeun anjeun nu muru ka tukang…muru mobil nu diparkir…
“Sok calikna dipayun..!” anjeun mukakeun panto mobil panghareupna. Asa dihipnotis kuring teh nurut weh ka anjeun Bud…
Geleser mobil sedan maju nyemprung melah jalan nu kabeneran harita sepi.….sarua jeung nyemprungna hate kuring nu pinuh ku rasa panasaran…
“Bade ka mana Dok…?!” kuring muka obrolan
“Urang ka Rumah Makan heula teu kiat lapar…Budi we…teu kedah nyebat Dokter sagala….!”
“Geuning ieu mah siga jalan anu bade ka….!” kuring teu kebat…
“Muhun ka Rumah Makan anu di Bayongbong tea…waktos urang kapungkur kadieu…, sugan we atuh ngemutkeun urang kapungkur nya Nin…!”
Kuring ngan ukur balem…
Teu lila geus anjog kanu dituju….bangunan masih siga nu baheula ngan ayeunamah asa leuwih hegar leuwih campernik…duka meureun pedah warna cetna anu cerah jeung dipalataran parkir ayeunamah pinuh ku rupaning kekembangan…
“Bade pesen naon??anjeun mikeun kertas ka kuring…
“Teu langkung lah…!”
“Nya atos atuh nya…pasti makanan sunda komplit kan?? Siga kapungkur?!” anjeun miken pesenan ka pelayan sanggeus ngabuleudan pesenan
Kuring ngan ukur seuri…teu nyana geuning anjeun masih inget kana karesep kuring
“Caina eueut heula supados raos ngobrolna!” ceuk anjeun bari jeung nyodorkeun gelas ka kuring…
“Aya naon Bud…meni asa rareuwas?!” kuring ngaregot cai…maseuhan tikoro nu tatadi garing…
“Teu kedah reuwas ieu mah diluar kedinasan….!” Ah anjeun tetep misterius Bud…
“Maksadna..!?”
“Masalah urang??”
“Masalah urang kumah?!”
“Nampi teu upami Ninda dipihukum ku Budi??!’
Gebeg….
Sanajan salila ieu piomongeun eta dianti-anti tapi teu burung hate ngaranjug komo bari jeung togmol kitumah….sakedapan kuring ngahuleng…
“Teu nampi nya?? Atau sieun ku panyawat Budi nu kapungkur…tenang…Nin…Budi tos damang 100%. Matakna ayeuna kumawantun ka Ninda atanapi peryogi ku hasil Labna….!!” Anjeun noroweco
“Eu..sanes kitu tapi…!”
“Tapi kumaha…?? Tos teu miharep Budi nya…?? Memang kapungkur Budi teu wanton wakca ka Ninda kumargi Ninda teurang Budi teu PD. Budi gaduh panyawat anu…yah Ninda ge teurang ku anjeun…Hate Budi tos pasrah waktos terang Ninda nikah ka Dani. Da panginten tos kitu titis tulisna. Tapi ayeuna urang dikersakeun deui pendak… Ayeuna Budi kumawantun miharep ka Ninda mudah-mudahan Ninda kersa nampi…!!”
“Ari istri Budi bade dikamanakeun??”
“Ninda…Ninda…moal satapa tapa Budi miharep Ninda lamun aya istrimah??
“Tos ngantunkeun atanapi pirak??”
Anjeun ngan saukur gideg bari jeung mesem..
“Janten salami ieu Budi teu acan….!” Kuring teu kebat…
“Budi teu acan kantos nikah….Nin. Istri nu salami ieu dipicangcam ku Budi taya deui iwal Ninda…Ninda cinta nu munggaran jeung panungtungan keur Budi” tembal anjeun dareuda..”Tapi upami Ninda teu nampi…teu sawios…Budi bagja tiasa ngedalkeun rasa nu tos ngurungan waruga Budi 8 tauna. Budi masih tiasa janten lalaki sajati ku nyatakeun rasa tresna ka Ninda. Sareng tong Sieun Nin…sanaos Ninda teu nampi ka Budi.. Budi masih tetep nyaah ka Laras, Budi bakal teteup ngontrol kondisi Laras!!... Kumaha Nin!!?”
Kuring teu bisa balaka…kuring ngan saukur unggek bari jeung panon neuteup anjeun….dina biwir panon teu karasa aya nu ngeclak..teu kaampeuh. Lir budal ngabudalkeun hate anu sarua karungruman rasa tresna nu meh lipur…garing…jeung tarahal ayeuna ngarekahan deui karembangan. Katresna nu ngarangrangan ayeuna mimiti sirungan deui
“Ninda ge nyaah ka anjeun Bud…!” ceuk kuring bari jeung nyekelan leungeun anjeun nu keur nyusut cipanon kuring…”Nuhun Bud…anjeun tos masihan kabagjaan ka kuring…!” kuring neueulkeun leungeun anjeun kana pipi …
“Anjeun nyaah ka Laras, Bud…!”
“Insya alloh hayu urang sasarengan micinta Laras…lamun alloh marengan sareng urang yakin insya alloh laras tiasa damang..!”
***
Peuting ieu peuting anu kacida bagjana keur kuring rehna poean tadi tos dirapalan Ninda Ayuningtyas S.Pd ka Dr.H., Budi Pangestu ahli leukemia nu ngaadumaniskeun kedokteran jeung terapi sedekah .
Bengkel Ngarang Sunda
HÉGARMANAH

Taya gerét tonggérét
Patémbalan, atawa tunda talatah
Lembur mingkin halimunan
Ngalelebkeun simpé

Enya, kapan dina samporét
Ngeukeuhan potrét jeung kotrét
Ngan salira
Kulawas ngaanggangan kalangkang

Wangunsari, Februari 2011


SIMPANGAN

Antara beureum lampu setopan
Jeung héjo lamuk lamunan
Teu kapaliré nu lumenggang
Muru anggang


SAGIRIMISAN

Basa hujan rerencepan
Patémbalan lir gamelan
Ari daun calipruk
Masih nyalangkrung. Sumegruk

Teu ieuh reureuh
Maheut-maheutkeun deudeuh
Najan liliuh soca
Anteng dirurub impian

Wangunsari, 2011
Bengkel Ngarang Sunda
-akar-akar panineungan

Akar-akar nyarakclakeun ceurik'na, ninggang batu jeung batu nu teu wakca ditandasa mangsa
najan tan wilangan catetan caah geus ngaringkid sarah lampah nunjang hilir bubuara ka muara
nilar gupay kalayar nu bareureum di biwir gawir ngiberan mustarining wanci
muru leuwi-leuwi nu murnakeun séwu gumuruh nu campuh nalikung jajantung
nganti pasini katumbiri rupaning pulas mawa titipan widi, asih, langit

Akar-akar raraket maruntang, nembus karancang tangkal jeung bagal
kapan kungsi ngararancang lamuk lamunan ti implengan ka implengan nu sarwa éndah
bet nyéah angin jeung cai gumulung na hiji sora
ngahariringkeun maskumambang catang jeung régang nu nungtut ngaruruntuk
nu ratug dicacag curug

Akar-akar ngarambat, nepung-nepungkeun kangen nu lawas ditigas anggang
saprak genclang cisoca sumérén melak hanjuang
di mana salira? Ukur rindat kingkilaban nu ngarurub simpé
ka mana salira? Ukur gerét tonggérét nyawalakeun samporét
ngelak dina elak-elakan, ti undak ka undak jalan satapak
Bengkel Ngarang Sunda
humandeuar lalangit kamar

sakeclak, dua keclak
rerembesan langit
niir lalangit

boa inghak'na
nu nyaksrak saawak-awak
nalék nyawa
kez sukezz
Simpé..
Tuk tekna jarum jam weléh mapaesan
Lelebkeun sadaya émutan
Nelek anteb kana sawangan
Rasa tumalina jeung eusi pikir nu galécok silih ratug jeung angen
Pagaliwota nu antukna miang kana ras diri
Manjang lalakon geus rék pegat deui
Basa rénghap na sagara ucap
Aya hawa medal kecap teges nandéan pakarangan haté
Bet pageduk kana dasar nyata
Titis tulis téh bet kamalir ka béh kalér
Dapon kitu cukangna samar semu ngulinkeun
Atawa dodoja nu teu weleh aya dina panganjrekan
Mun rék nepika dieu
Hamo ngabibisani
Tapi mangsa rék terus dipegat

HEUG !
kez sukezz
Kahirupan nu mangrupi

Teu weléh kagunasika

Najan raket kana simpé

Lumaku kawantu jaga

Dina ngariksa raga

Batur mah moal kajurung

Mun lain urang nu meta



Poma urang sing gumati

Ngajaga gorengna lampah

Lir kaceuceub nu dipaké

Balukar awak raruksak

Lelembut nu nyasaak

Setan iblis nu ngarungrung

Antukna mawa cilaka



Kitu geuning nu nyamuni

Sa' reup gé matak karasa

Da puguh bari dioprék

Baréd waruga nu nyiksa

Taya rasrasannana

Émutan bedas ditundung

Ngahelas bet karandapan



Landong naon anu matih

Kanggo sadaya pangupa

"Dupi mantri aya kénéh ?

Duh, Euis kuring teu kuat

Henjung geura hég neang

Kieu meureun diparabun

Pangunek ti jalma la'nat !"



Ya Alloh nu Maha Suci

Neda pitulung diseja

Na awak asa lalungsé

Pegat asa jeung harepan

Nun gusti uningaan

Kulan naon nu ngaberung

Taya tangan pangawasa





____________________???
kez sukezz
Heureut ku léngkahna



Rocét ku lampahna



Ngarincik nu teu weléh



Sugan ngalacat nincak darajat kamulyaan



Najan pondok harepan teu éléh jeung gedéna karep



Mun puluk jeung pedek kana bagja



Milik wancina nganjrék rék ditéang



Sugan karambang hamo reureuh



Reg di danalaga kahirupan



Mulut kasuka jeung kabungah tan wates



Seja mundut sadaya kapapancén



Mugia !
kez sukezz
HEMENG

Lebah dinya

Parapatan cinta

Aya nu nyangkaruk nyamuni di sagedéngeun réngkak polah anjeun

Cumarita ngayuta kecap ngageter leleb ngadangiang lelembutan

Weléh teu ngajirim

Peteng

Pagaliwota tumanya ranteng panasaran

Tangara nu jadi siloka hamo kaguar.



PASAMOAN

Renghap anjeun - renghap kuring

atra ngawirahma medar sajarah cinta

Rama jeung Shinta

dina tungtung peuting; wanci janari gede.


SPANENG

Kristal buleudan nu marakbak mapaésan dunya

kiwari pes ! meunggaskeun harepan

kantun reup brayna nyésakeun rénghap

madep lawang sigotaka.
kez sukezz
Pameunteu wening galih nu kalimpudan halimun peteng
mawa baha kana jiwa nu marudah baruntak rasa..

Metakeun eusi kadalon-dalon meupeus keuyang
mawa tunggara nalangsara batin kingkin..

Gulinggasahan nganteur ketak amarah kaberung napsu
ngagedur hurung molah ajén nyupataan diri..

Ringkang kumalungkung katalanjuran
teu kaur ngeleketey haté tan kamarasan bacacar rasa..

Alum nguluwut patamanan ati alatan karaman kanceuh
ngurasan nu tumuluy nguluntung sukma..
kez sukezz
Naha engkang bet ku téga
Ngalakon téh matak geuri
Tada teuing teu hariwang
Rasa nu kaseuit ati
Upama ngeunteung diri
Abdi téh kacida bendu
Ras inget ka salira
Kunaon siga teu surti
Kapidangdung ningalna kedah kumaha

Lalakon anu munggaran
Eukeur nitih dina wanci
Naha suda mikanyah
Kapan geus paheutkeun jangji
Ku surah anu matri
Dipayuneun pa penghulu
Abdi kalih salira
Pasini pakait ati
Ngajalanan laki rabi salawasna

Anapon mangsa ayeuna
Hurip pinuh ku berewit
Salira mah teu uninga
Gering pikir nu ngawiji
Taya nu mupusti
Palaur mung ukur saur
Tamélar ka piruca
Seug enung ngaraos risi
Kulan, sumangga ras emutan sing cacap

Upama teu aya cukang
Naha kedah nampi diri
Ningal engkang dina lampah
Éstu teu maliré asih
Mingkin dihin pinasti
Haté rajét balas nundung
Rasa anu tumiba
Pohara teu euih-euih
Aduh engkang nyawad manah talangsara

Poma tong kalalanjoan
Nyawang dina nyiksa diri
Najan suwung méméh suda
Pamundut nu kapiati
Hamo ngabibisani
Da puguh nu ngalulugu
Meungkeut duriat nyata
Ku wiwaha reujeung surti
Mapag bagja aya na panangtayungan
kez sukezz
Aya hiji ngaran jalma

Meunang landi nya si ustad

Beungeutna henteu mangrupa

Buukna siga Andika

Gaya vokalis nu ténar

‘Kangen band’ téa ngarana



Ningali loba pamolah

Batur sakamar gé betah

Saréna bari calangap

Neutep jeung nganaha-naha

Sawaréh pada rareuwas

Singhoréng teu dicalana



Aya deui kajadian

Nu matak batur sarurak

Lamun ngobrol sok ngacaprak

Nyarita bari pepeta

Rajeun ngutrukna sorangan

Nu séjén nanggap nyakakak



Hiji mangsa ujang ustad

Nguyung alum teu nyarita

Sakur basa anu hoghag

Paribasa keur paséa

Singhoréng eujeung dunungan

Manéhna ngerem di kamar



Ngabandungan nu harita

Batur sakamar hariwang

Kasieun sok tutuluyan

Da kitu kakurung adat

Mun lain ustad ngaranna

Gancang cageur tina baha
kez sukezz
Nyukcruk-nyukcruk lulurung

Mapay-mapay balungbang

Pasir-pasir disaliksik

Dataran-dataran disiaran

Nété akar ngembing jangkar

Kamana nya raratan?

Kamana nya jalan mulang?
kez sukezz
Antaré basa tutur ucap salira jajap imeut pangayun halimpu nganteng dina lelembutan..

Tangarana nyumirat cahya mancawura ngalak paul sasat kasandung satungkebing dunya haté..

Cukangna atra ngabérés roés nu beuki dieu beuki tan kaduga napak mapay sasak satapak..

Meupeuh ati nu remen teu ngawisik diri laku kalewang anggeus-anggeusan ngarakacak awuntah bibilasan..

Neuteup wanci heureutna karasa tinangtu hamo kalakon kantenan suda disanghareupan..

Mingkin karumasa teu sanggem ngukir turta ngama'naan sagala ringkang ku rundat-rindat nu basajan..
Yayan Supriatna

“Suksésna jalma saenyana mah disukséskeun ku Allah SWT. Salian ti ikhtiar jeung ngadunga, aya nu kalintang pentingna nyaéta sodakoh : welas-asih, méré-mawéh ka papada tur ka sasama “ kitu wangsit Ĕyang Sahamanaboa nu katarima dina hiliwir angin wanci jempling janari leutik.

* * *

“Ujang, wayahna hidep teu bisa kuliah. Aluk geura lengkepan pasyaratan pikeun asup ABRI susuganan bapa bisa ménta tulung ka babaturan sangkan hidep katarima”, ceuk bapa pasosoré di taon 1986. Harita uing keur ngadagoan pengumuman kalulusan SMA.

Hanteu ari ngarasula mah sok komo bari barontak ka nu jadi kolot, uing ngarti tur narimakeun kaayaan kamampuan nu jadi kolot. Kaharti pisan ku uing, ukur ngandelkeun pansiunan pangkat prajurit bari jeung bungsu deuk asup SMP, panengah deuk asup SMA moal teu kitu pamikiran mun seug uing nu ngajadi bapa. Kuciwa pisan tangtu, lantaran uing lalaki jeung anak panggedéna, boga cita-cita hayang ngaronjatkeun kahirupan kaluwarga, meureunan kudu sakola luhur sangkan cumpon.

---

"Wah hebat euy,... di dinya lulus PMDK. Kari daftar Rp. 300.000 geus langsung jadi Mahasiswa", ceuk sobat uing ngahaja datang ka imah méré béja. Manéhna geus ningali pengumuman nu ditémpél di sakola ceunah.

Panasaran jeung keur ngayakinkeun, harita keneh peuting-peuting uing ngagidig leumpang ka sakola deuk ningali pangumuman tea.

"Enyaan geuning, Aarrrggghhhhh...... kumaha atuh nya", uing ngomong sorangan

---

Badami kulawarga.

Uing bisa kuliah, ngan adi anu panengah kudu ngelehan, eureun heula teu bisa neruskeun sakola ka SMA.

"Keun Jang, sugan adi hidep bisa neruskeun éngké taon hareup, sing junun we kuliah na" ceuk bapak.

Kuring bungah pacampur jeung sedih. Bungah bisa kuliah, sedih ngingetkeun nu jadi adi kudu eureun heula sakola.

- Halimun na jéro haté, cai nyalangkrung na bayah rembes mapay dada, ngamalir kana soca, ngeclak ngajadi cimata –

---

Geus jadi kabiasaan ti bubudak, hudang wanci janari . Janari poé harita keur uing béda jeung poé nu liana. Poé nu pinuh ku sumanget, uing deuk daftar jadi mahasiswa.

Duit Rp. 300.000 diamplopan, dipisahkeun tina duit bubuk keur ongkos angkot.

Nyampé hareupeun Bank B*** di kampus U***, kasampak geus ngantay jelema nu deuk dalaptar padahal loket tacan dibuka, uing milu asup ka salahsahiji antrian.

Loket pendaftaran dibuka, saurang-saurang nu ngantay unggal barisan dilayanan. Beuki lila beuki deukeut ka giliran uing nu baris dilayanan. Jantung ratug tutunggulan, naha katingalina jeung hawar-hawar kadenge leuwih ti Rp. 300.000 keur daptar teh.

Giliran uing anu dilayanan. Beu,... enyaan cilaka, kudu mayar ampir kana Rp. 500.000 keur pendaptaran, sabab biaya semester awal kudu dibayar, jaket almamater, jsb. Uing ngahuleng, terus nyarita ka petugas supaya ditarima Rp. 300.000 heula, éngké kakurangana.

" Teu tiasa, da tos kitu peraturanana", ceuk eta petugas. Uing ngarti jeung maklum manéhna ukur ngajalankeun tugas nu geus ditangtukeun syarat-syaratna.

Kaluar tina antrian nu geus dilakonan ti isuk-isuk rebun bari jeung teu kalaksanakeun daftar jadi mahasiswa.

Leuleus, nalangsa, diuk handapeun tangkal tangkil nu aya di lingkungan éta Kampus Sajongjongan ngahuleung bingung teu manggih tungtung. Tada teuing bapa jeung ema sedihna uing bolay jadi mahasiswa padahal duit Rp. 300.000 teh meunang unjam-injeum ti dulur jeung ti tatangga. Uing nu geus gede harepan jadi mahasiswa, geus boga niat deuk ngalakonan soson-soson jadi nalangsa.

Lila-lila sadar, uing mikir naon nu kudu dilakukeun pikeun bisa ngaliwatan ieu masalah. Jung nangtung niat geus buleud :

'deuk manggihan pupuhu ieu sakola deuk menta kabijaksanaan'.

Kukurilingan neangan, bari tatanya ruangan Rektor. Kapanggih ruangana tapi Rektor oge wakilna nuju teu aya. Ngahuleng deui, bingung deu,duh kumaha atuh ieu teh.

Uing ngedalkeun maksud nepangan Rektor ka pagawe nu aya di ruangan Rektor.

"Cobi tepangan Bapa Dékan Fakultas Hukum " saur anjeuna. Bageur pisan éta pagawe malahan uing dianteur sagala ka ruangan Dekan Fakultas Hukum, Jurusan nu ku uing deuk diasupan. Karunyaeun meureunan ka uing nu geus katingali leuleus bakat ku bingung.Dékan Fakultas Hukum Universitas U*** kaleresan aya. Uing madep, ngedalkeun pamaksudan.

"Deudeuh teuing ujang, ieu Bapak gaduh artos Rp. 300.000 sok anggo daptar ku hidep, keun iraha bae mulangkeunana mah" saur Bpk. Dekan .

Bagja pisan, bungah kagiri-giri, bungah taya papadana lir ibarat kagunturan madu kaurugan menyan putih. Bapak Dekan carita yen anjeunna nalika kuliah ogé sarwa pinuh ku perjoangan. Sok nga loper koran, majalah, jeung sajabana keur nambahan beaya.

"Sok enggalan kaditu daptar, bisi kaburu tutup bank na"

Wanci geus nyedek ka sore.

---

Enggoneing ngalakonan kuliah, uing diajar soson-soson tur aktip dina kagiatan ka mahasiswaan. Mun aya buku kuliah nu kudu dibeuli, babaturan sok naritip, kolektif ka uing. Lumayan diongkosan jeung bisa boga buku bari teu kaluar duit ladang bati tina diskon alatan meulina loba.

Semester ka 2 nyambi digawé di Koperasi Universitas eta, boga pangala keur nambah-nambah bea.Kuliah réngsé sesuai waktu, ngaran uing ditambahan ku titél SH.

---

Ayeuna uing geus gawé, malahan kaasup pajabat di hiji Instansi, titél S2 geus kasandang. Asal daék ngumbar tandatangan amplop bakal daratang ,malahan mah pada nalawaran. Bener pisan yén uing disukseskeun, aya nu nyukseskeun, da asa pamohalan pisan harta banda jeung kadudukan ieu téh alatan ku iktiar sorangan wungkul.

* * *

Carangcang tihang.

Aya cai nguyumbang na ubin kamar. Samak jeung bantal jemblang, beungeut, katut awak baseuh.

“ Geura gugah akang bageur, mangga cikopi tos disayogikeun. Sanes badé damél akang téh ? ” ceuk pamajikan. Katingali manéhna ngabedega bari nyenyekel sisiuk kosong, caina tutas dibanjurkeun..ka uing.

* **

Cag.

Rancaekek 0411

kez sukezz
Guruh walungan séahna cai

Nyuruwuk nyurung jugrug

Ngabedega ngajanggélék

Rupa teu lumrah wujud teu akur

Nyatrék ranggéténg

Ruhruy ngucur beureum asak

Bolotot héjo seukeut panénjo

Untun ngagulung rewig ngawigwig

Dégla ngaléngkah panjang ngarangkunang.
kez sukezz
Béh wétan..

Katojo langit pulas maleukmeuk

Kalong rabeng haliber nyurak éak-éakan

Seuit uncuing ngedal sora

Mitapak

Méré totondén

Seja nurut ka tuturna

Sakur manut ka ingkangna

Weton kaliwon raja poék.
ithok rahayu
Ieu peuting asa ku simpé
Ngan kadengé sora jajantung nu teu dipaliré
Gedag gedug neangan katingtrim
Rasa haté nu teu karampa
Sora jiwa nu teu paya
Tingkolenyay rasaning ati
Gugupay anjeun mangsa harita
Emut anjeun dina éta mangsa
Geus jauh ti kongkolak mata
kez sukezz
Tegalan luang amparan jagat

Ngabalungbung suwung

Rungkun suni

Taya nu nganjrekan

Arang langka nu ngadeuheusan

Laju ngalongkéwang

Miangna ka jalan huni

Hieum angkeub

Réhé combrék.
Nyai Endit

 Leumpang mapay galengan sawah nu aya di kiduleun lembur. Tujuan ayeuna, rek apel ka bebene hate, Neng Dewi si denok demplon kameumeut hate. Pujaan ati jeung diri kuring. Geus lila kuring bobogohan jeung manehna, mun di itung itung mah aya kana tilu taunna.

Hese  meunangkeun Neng Dewi teh, pinuh ku pangorbanan, ti mimiti saingan jeung si Uju urang bandrek, si Emod urang kampung bobodolan, nepi ka saingan jeung si Lurah Encang.

Neng Dewi geulis kawanti wanti, bageur euweuh codeka. Numatak, lalaki mana nu teu kapelet ku manehna?. Najan teu make elmu pelet ge, lalaki normal mah bakal ngudag ngudag, paboro boro, wani padungdung meunangkeun dirina.

Ceuk pikir, kuring jelema pangsabar sabarna. Pek weh pikiran, basa si Uju nangtang gelut, pan kuring mah teu ngalayanan. Lain sieun, tapi era! maenya geus kolot kudu padungdung mah, mun kitu budak olol leho.

Inget harita basa si Uju ngurunyung bari pinuh ku amarah.
”Kardi! aing rek balitungan jeung maneh, ceuk si Dewi, maneh ngaheureuyan ka si Dewi. Naha bener kitu Kardi? boga kawani kitu ilaing? haram jadah siah,”  hahaok teu make basa basi deui manehna teh.

“Ke, keheula Ju, timana maneh meunang beja kitu teh?,” kuring malik nanya.

“Nya ti jinisna atuh goblog! matak aing kadieu oge!” tembal Uju beuki emosi.

Hate karasa mimiti ngaheab, ngan inget ceuk guru ngaji baheula, urang teh kudu bisa nahan amarah, kudu bisa mertahankeun kasabaran.

”Yeuh Uju, kuring moal kumawani ngaheureuyan Neng Dewi, mun kuring nyaho manehna kabogoh didinya. Saha nu teu apal ka Uju preman kasohor di lembur ieu atuh, preman nu berehan, nu loba bela ka sasama, loba amal  ka barudak ojeg”.

Si Uju tea, di puji mah karesepna. Ceuk batur ge beuki di puji beuki berehan cenah. Pek Uju siah, kumaha maneh, rek ngengklak kusabab bieu dipuji ku kuring ge  moal di caram. Nu penting mah Neng Dewi angger kapimilik.

Uju baluar balieur tuluy neuteup anteb, leungeunna nyepeng taktak kuring.

“Kardi, urang rek nanya ka maneh, naha bener kitu maneh bogoh ka si Dewi? naha rek bener  maneh ka dirina?” si Uju nanya katempo serieus pisan, rada leuleuy ayeuna mah nyarita-na teh.

”His, nya enya atuh Ju, maenya kuring rek ngadon heureuy wungkul? moal atuh, da kuring ge boga adi awewe, sieun aya babalesna!” tembal jeung alesan kuring pikeun ngayakinkeun manehna.

Si Uju ngaleupaskeun leungeunna tina taktak kuring bari pokna “heuh nya enggeus atuh ari kitu mah, urang  mikeun si Dewi  jang maneh, tapi omat! ulah nepi ka dinyenyeri!”.

Bray, dunya asa caang pisan, moal aya nu jadi hahalang ayeuna mah.
Teu lila ti harita, aya deui mangkeluk nu nyiar masalah jeung kuring. Si Emod, budak Haji Tata nu kasohor jegudna. Saha nu teu apal kana kabeungharan Haji Tata atuh, sawahna, taneuhna, kontrakanana, geus puguh mobil jeung motor mah.

Pokona mah bru dijuru bro di panto teh lain ngan saukur paribasa. Aduh, jadi inget basa si Emod, datang kaimah nyarekan laklak dasar. Pajar kuring lalaki teu gableg duit montong wani wani miharep Neng Dewi.

Eta ku lajag lejegna, beu, asa ku kamalinaan teuing. Tapi harita ge kuring masih keneh bisa sabar. Enya ge geus di hinakeun kuring mah cicing weh.

Kajadian katilu, ieu kajadian nu paling beurat nguji kasabaran kuring. Lurah Encang ngajak saingan jeung  kuring liwat kolotna Neng Dewi.

Kolotna Neng Dewi, ku lurah Encang unggal poe di kiriman dahareun. Boh martabak, roti bakar, nepi ka kadaharan luar nagri. Kungsi  indungna Neng Dewi ngabandingkeun kuring jeung si lurah. Eta pedah kuring tara barang bawa ari apel teh, cukup ku sayang jeung rindu. Ah, disabaran weh, sugan atuh isuk mah.

Lengkah kuring rada ngalaunan, kusabab geus deukeut ka imah Neng Dewi. Katempo di hareupeun buruan imah aya mobil kaluaran anyar nu keur parkir.

Aya semah jauh sigana mah, cekeng teh na hate. Da jarang atuh aya semah nu nganjang make mobil ka imah pimitohaeun kuring mah.

Palebah mobil nu keur diparkir, kuring ngabebener heula baju, kudu rapih atuh ari rek apel mah, komo ieu aya dulur dulurna. Bari ngeunteung dina spion mobil, kuring nyisiran buuk nu tadi kaacak ku gedena angin jaba leucir ku kesang deuih.

”Bae ah, da kasep keneh gening,” luak lieuk tuluy leungeun rada di kaluhurkeun, ngangseu kelek, bisi bau kesang, da puguh geus leumpang jauh.

Tah, ayeuna, kabeh geus siap, malah mah sun sayang ge geus disiapkeun, hususon pikeun Neng Dewi. Ibarat satria nu turun ti langit, kuring ngalengkah beuki gagah.

Nepi ka tepas imah, ti jero ruang tamu kadenge sora nu cicirihilan.
Aeh, gening sora Neng Dewi, jeung saha meni uplek kitu pikir kuring panasaran. Didedengekeun sakedapan mah, ih asa beuki araneh sorana teh gening.

Panto disurungkeun saeutik bari lalaunan. Katempo aya suku  lalaki jeung awewe. Dasar kudu katohyan panto teh kasurungkeun ku awak deuih ari bray teh, kasampak Neng Dewi keur gagalentoran dina  tangkeupan si Lurah.

Seak! ieu getih ngadadak panas kaduruk ku amarah. Teu loba nyarita, harita keneh kuring nyerenteng nyampeurkeun si Encang. Lurah koplok didudut tina diukna.

“Kaluar siah Sencang!”.

Jerit Si Dewi teu di denge, teu dipalire. Si Lurah atah adol di gusur ka buruan, tuluy, jekuk,  jekuk, habek, habek, di peupeuh ku keupeulan leungeun.

Nu diteunggeulan ngagoler teu walakaya, getih ngucur tina irungna. Si Dewi ngan saukur wani nempo ti tepas imah bari ngahinghing. Tatangga daratang ngalalajoan, euweuh nu wani nyampeurkeunkeun, komo misahkeun.
Sanggeus seubeuh neunggeulan jeung laklak dasar nyarekan si Encang, kuring ngaleeos ninggalkeun patempatan.

Harampang ayeuna mah, leumpang ge asa beuki gagah. Bari sajeroning hate gegerentesan, kuring jelema sabar, kuring jelema sabar.

Eta buktina si Encang hirup keneh mun kuring lain jelema sabar mah, si Encang pasti geus kari ngaran.

kez sukezz
Hiliwirna angin séséakan
Suar-séor
Mawa hiber dangdaunan
Maruragan kasénggol puhu kandaraan
Ngajéwang kalakay

Paturay


Barung pasuliwerna lalar liwat
Pangeusi jiwa-jiwa angkara murka durjana
Teu nyurti kana karungsing
Baroraah !
Ngabarungsinang mawa sumpeg


Maténi diri
Eungap taya papadana
Sasatna urat méh peunggas harepan


Dina jero rohang panjang
Ngarurub
Kulambu tisu layon bodas
Papayung kalbu
Linduh iuh
Mawa kuring ka pangimpian trésna


Mati suri !
Kiki Pratiwi
Liwung Gandrung

Lancipna girimis masih satia marengan. Lir katigin urang seja wakca kapigandrung. Jeung duriat horéng lana ngagurat.

Lancipna girimis masih satia marengan. Cacak liwung anteng kénéh dina lahunan. Ieu kapegung kumaha teuing kedalna. Geus heureut kecap pikeun cumarita.

Lancipna girimis masih satia marengan. Ngimpleng lalakon urang nu pasolengkrah. Nataan sarwa katineung urang nu hamo laas.

Panutan, di mumunggang kuring anteng jeung panineungan. Di pajaratan anjeun anteng nunda diri.

Bandung, 2011


Ngembat Jalan Langit

Ngembat-ngembat jalan ka langit
antara urang cadu kumulungkung
surti winaya, sagetih hiji
ayeuna urang haripeut geuning
ku lapat-lapat gentra hibar

Di lawang langit, sobat
Langgeng temen ninun harepan

Bandung, 2011

Nu Nyanding

Panutan, setraning rasa
ngadadak geueumeun
sabab gandrung kapegat jalan cagak
duh, aya nu nyanding lian ti anjeun

Panutan, bet tibelat ngadon katambias
sarwa sono awor jeung teu wani wakca


naha kuring lir Drupadi micinta Pandawa?

Bandung, 2011

Lagu Tasbih

Horéng matapoé ngedalkeun tasbih liwat gulidagna cahya. Langit ngedalkeun tasbih liwat sumiratna katumbiri. Jeung bulan nyuuh Tasbih ku samagaha.

Jagat awor wakca Tasbih!

Horéng dina kalbu aya batu tohaga. Ati jeung sanubari anggang tamada. Lulurung jantung ukur kapegung manglaksa kapahung jeung kaduhung. Sarwa rasa ukur guruh gumuruh adigung.

Hawar-hawar aya galindeng kidung. Kutan lain ukur dangding sawirahma. Geuning kidung suci salira. Nu nyecep liwat bayah, ngamalir kana ati, mangprung 'na lulurung jantung.

Kasawang lampah nu pasoléngkrah 'na lambaran-lambaran mangsa.

Rerencepan masinikeun kedal jeung kalbu
Subhanalloh
horeng kidung salira silih peteng jeung lagu Tasbih
Subhanalloh
Adigung nu nalikung muga bencar dikubur padung.


Bandung, 2011





Peuting

Urang masih kumalayang di awang-awang ngukir saban rasa. Kadeudeuh, kasono, kacinta diharéwoskeun susuganan Salira mireng. Bareng jeung mangpirang béntang nu ngawurkeun harepan satengahing arca jeung ririwa. Instrumentalia peuting anteng mapag impenan nu minuhan dada. Jeung imaji nu balik deui kana lalakon suwung nu teu weleh protes kana tiap lambaran Qadar.
Najan gumeter, ieu kidung atra muji Salira
Ah, da Salira geus pasti mireng!


Bandung, 2011


LIPSTIK

Geulis!
Lir Subadra dipapaés mayang aruman
Jeung mustika paniruk ati

Eta lambéy nu beuki ambucuy
hanjakal pinuh ku pupulasan
mangpirang wakca ngawirahma suwung
campelak sabda ngagugu nafsu

Geulis!
Mangsa harita neuteup sarérétan
beuki anteb
jirim Subadra atra Banaspati



Bandung, 2011

Nyai Endit

Sudirja, juragan beas, kasohor jelema beunghar. Boga budak awewe ti salah saurang simpenan-ana. Ma’lum Sudirja, loba harta banda, teu aneh mun loba awewe nu daraekeun ka manehna. Pama-jikan Sudirja nu di kawin mah aya tilu. Tapi nu teu dikawin mah, teuing sabaraha hiji.

Sudirja nyaaheun pisan ka anakna nu awewe teh. Sabab lian ti geulis teh pinter dagang deuih. Beda jeung lanceuk lanceuk terena, nu bisana ukur  meakkeun duit bapa-na wungkul.

Budak awewe Sudirja teh ngaranna Rukmini, umurna jejeg salapan welas taun, keur memeujeuhna beger . Rukmini  hahadean jeung Permana. Hanjakal Permana teh lain budak jelema aya, lain jelema sakolaan deuih. Ukur budak ti panyawah kulawarga Sudirja. Permana teu apaleun saha bapana, lantaran indungna teu kungsi betus mun ditanyakeun riwayat  Bapana.

Pasosore,di sisi walungan nu aya di lemburna, Permana jeung Rukmini uplek ngobrol paduduaan. Maranehna nyacapkeun kasono, silih ebrehkeun eusi hate.

“Kang, kumaha atuh, da gening bapa teh teu robih wae pamadegan-ana, Nyai bade ditikahkeun ka Ruslan,” ceuk Rukmini. Permana ngarenghap, bari neuteup seukeut panon Rukmini nu mimiti baseuh ku cimata.

“Sabar geulis, urang antosan wae, sugan isuk pageto, juragan tiasa nampi urang!” ceuk  Permana nenangkeun hate bebenena.

“Akang, kumaha pami bapa maksa nyai teras? Da saurna satuju teu satuju, nyai kedah kersa ditikahkeun sareng Kang Ruslan!” ceuk Rukmini bari nyegruk.

Tangkal awi oyag katebak angin, daunna patingkeresek, keur maranehna mah kadengena siga sora tembang katunggaraan. Sora manuk piit kadengena bangun ngalelewe. Permana teu nyarita nanaon deui da puguh manehna ge bingung. Dalah dikumahakeun oge Sudirja moal mikeun budakna. Saha atuh ari manehna, saha ari Rukmini. Ibarat bumi jeung Langit, najan ajol ajolan  moal bisa ngahiji.

Layung beureum geus bijil, nandakeun maranehna kudu mulang  ka tempatna sewang sewangan. Rukmini mulang ka imahna nu agreng. Sedeng Permana, ka saung reyod. Tapi, harita mah duanana ge euweuh nu jengkat ti eta tempat. Nepi ka teu inget, maranehna teu kuat ku panggoda setan, milampah dosa nu dipahing ku agama jeung darigama.

Bulan jeung bentang meungpeun. Era nempo kalakuan eta dua manusa, nu keur milampah dosa. Mega hideung lalumpatan, teu wasa nempo maranehna. Peuting nu simpe, peuting nu geus ngahijikeun hate maranehna. Saung butut  jadi saksina.

Isukna, juragan Sudirja ngagedor panto kamar Rukmini, tarik pisan gegedorna teh.

”Rukmini! Rukmini! buka panto! Geus timana maneh tadi peuting?” Sudirja hohoak ti luar kamar.

Rukmini nu keur tibra, ngorejat, reuwas  ngadenge sora bapana hohoak ti luar kamar. Buru buru manehna hudang, tuluy muka panto.

 “Geus timana maneh tadi peuting Rukmini? heueuh maneh balik tadi subuh? Jawab nu jujur Rukmini!” Sudirja nanya bangun nu teu mere kasempetan Rukmini pikeun ngajawab.

“Euh, abdi ngendong di bumi Saraswati, Pa!”, jawab Rukmini ngabohong.

“Awas siah mun bohong! Dipodaran ku aing”, Sudirja ngancam.

Dua bulan ti harita, Rukmini gering, manehna remen utah utahan, seueul beuteng, jeung awakna babareuhan. Rukmini sadar, yen eta teh ladang pagawean nu geus dilakonan jeung Permana. 

Hiji mangsa, isuk isuk keneh, Rukmini hudang, rek maksakeun nepungan Permana ka imahna, rek ngabejaan yen manehna keur kakandungan. Rukmini dianteur ku Bi Imah, rencangna. Bi Imah nu ngurus Rukmini ti leuleutik, nyaaheun pisan ka Rukmini leuwih - leuwih ti indungna sorangan. 

“Neng, tebih keneh ieu teh?” Bi Imah nanya satengahing jalan.

“Tos caket Bi, tuh nu aya tangkal asem,”  Rukmini bari nunjuk ka saung butut nu teu jauh ti dinya.
Bi Imah ngarandeg. Panonna melong ka saung butut nu bieu dituduhkeun. Satengah teu percaya, Bi Imah  olohok mata simeuteun.

“Ieuh, bibi, aya naon meni olohok kitu? hayu enggal mapahna,”ceuk Rukmini bari noel Bi Imah. Nu ditoel katempo bangun nu reuwaseun.

Sanggeus nepi, Rukmini uluk salam. Teu kungsi lila torojol awewe kira kira umur opat puluh taunan kaluar ti jero saung. Beungeutna katingali aya sari sari geulis keneh, dedeganna jangkung lenjang, buuk panjang ngarumbay hideung meles.

Barang nempo Rukmini, maneh-na katempo reuwas.Tapi leuwih reuwas deui basa manehna nempo Bi Imah.

"Saha tea nya?" ceuk pribumi bari neges neges semah.

“Abdi, Rukmini,” ceuk Rukmini.

”Dupi Permana aya di bumi? pokna deui. 

“Permana mah nuju ka leuweung, ngala suluh.  Aya naon milarian Permana? Aya padamelan panginten nya?” indungna Permana nanya deui. Ari Bi Imah katempo bangun nu asa-asa ka indungna Permana teh.

Teu lila nganjang teh, da nu diteangna euweuh. Sapanjang jalan balik Bi Imah teu loba ngomong. Ngan Rukmini nu noroweco teh ngomongkeun kumaha bageur jeung geulisna indung Permana. Rukmini teu sadar, yen nu di ajak ngomongna mah, pikiranana keur kumalayang ka mangsa katukang.

“Imah, Imah!” ceuk sora awewe ti lebah tangkal kacapiring. Barang ret, katempo ku Bi Imah nu ngageroan teh indungna Permana. Manehna tuluy nyampeurkeun.

”Darsih ieu teh?” ceuk Bi Imah.

”Enya Imah, kuring Darsih!” tembal Darsih.

“Imah, kuring rek nanya, ari Rukmini teh anak saha, Rukmini teh Kananga tea lain? anak kuring jeung Sudirja?” Hiji patalekan nu beurat di jawab ku Imah. Imah ngan saukur unggeuk. taya ucap  nu kaluar.

Barang nempo Bi Imah unggeuk, Darsih awakna ngeleper, rarasaanna asa kabentar gelap.Pangna kitu, ceuk pikirna piraku  Permana rek ngawin adina.

Kocap Sudirja, sanggeus apal Rukmini kakandungan, manehna ambek lain meumeueusan. Panyangkana Sudirja langsung ka Permana, da ceuk pikirna saha deui lalaki nu deukeut jeung anakna iwal ti si Permana.

“Uja, brewok, Peang, ka dieu!” Sudirja ngageroan jongosna. Nu digeroan lalumpatan nyampeurkeun.

“Teangan mangkeluk nu ngaranna Permana, bawa kadieu, rek di podaran ku aing!” ceuk Sudirja.

“ Omat ulah waka dikukumaha, ku aing diurusna!" pokna deui.

Rukmini nu titadi ngadedengekeun, buru buru indit, rek ngabejaan Permana yen bapana keur neangan manehna. Rukmini leumpang rurusuhan, sakapeung bari lulumpatan, sieun kapiheulaan ku jongos titahan bapana. Ku kabeneran, di tengah jalan, Rukmini panggih jeung Permana nu rek indit ka leuweung. 

“Akang, bapa nuju milari akang. Anjeunna apaleun abdi kakandungan!”,ceuk Rukmini. Permana ukur  ngahuleng.Sabot kitu kadenge aya sora nu ngagareuwahkeun.

“ Permana, kadieu silaing, juragan kuring aya perlu jeung maneh! montong lumpat siah !” si Uja nu hahaok kitu teh. Permana jeung Rukmini siga sahate, maranehna lumpat muru ka walungan, tempat nu biasa ku maranehna dipake nyacapkeun kasono.

Barang anjog ka sisi walungan, duanana ngajanteng, silih teuteup, euweuh ucap nu kaluar. Cipanon Rukmini teu bisa di tahan, kitu deui Permana, peuriheun hatena. Keur kitu torojol Nyi Darsih, disusul ku Sudirja jeung sawatara pagawena.

”Ulah kadieu! mun ngadeukeutan kuring jeung Rukmini rek ngagejeburkeun maneh ka walungan!” Permana ngancam. 
"Permana, ujang, ieu ema, naha ujang rek tega ninggalkeun ema?" Darsih ngelingan bari rawah - riwih.

"Rukmini, ulah geulis, ulah tega geulis, sing emut!" pokna deui ka Rukmini.

"Dengekeun ku kabeh, naha kuring jeung Rukmini teu meunang ngahiji? kuring nyaah ka Rukmini. Rukmini ge nyaah ka kuring! Naha bet ulah? Naon salah kuring jeung Rukmini?" tatag Permana nyarita bari neuteup seukeut ka Sudirja.

Sudirja teu langsung ngajawab, manehna katempo bingung pisan. Sudirja neuteup ka nyi Darsih, tuluy neuteup ka Rukmini. 

“Permana, Rukmini, sabenerna anjeun duaan teh dulur, adi jeung lanceuk, sagetih, sasusuan! Kuring bapa maneh duaan!”.

Permana jeung Rukmini ngagebeg lain meumeueusan ngadenge Sudirja nyarita kitu. Maranehna silih teuteup.

"Akang!" biwir Rukmini ukur kaluar ucap sakitu.

“Rukmini!" tembal Permana.

Bangun nu sapikiran, duanana unggeuk lalaunan. Teu kungsi lila gajleng maranehna luncat ka walungan nu caina umpal umpalan.

Hawar hawar, kadenge sora Sudirja jeung  Darsih nu ting jarerit, kitu deui nu lianna. Tapi ukur bisa ngajerit, teu bisa kukumaha.

Permana jeung Rukmini kabawa palid, nepi ka lesna teu katempo deui jirimna.





Kantos dimuat dina majalah dwi bahasa KATARA
edisi sasih Agustus 2010