Iwan M. Ridwan
Nirca Nirmala


Pireu.
Taya kecap kaluar tina léngkah
Alum.
Langit pihujaneun pindah kana raray
Geter sukma kawas hinis dirabut tina tungtung kalbu
Nyérését ngagerih batin sésa panarajang jaman

Témbok-témbok ngaheureutan. Jalan beulah. Langit ragrag
Batu-batu kaluar tina bayah maseuk dada
Sirah bencar. Ceuli totos ku sakeclak cimata
Kecap robah jadi leungeun
Imut ganti ceuceub

Ukur neda hampura basa keclak cimata robah jadi cua
Ukur bisa nyangsaya basa lengkah salira teu mirasa
Sabab ngan ukur Mantenna nu surti kana kacinta

Bandung, 5 Oktober 2010


Boa Lain Boa

Boa isuk atawa géto dunya balik deui kana mangsa lungsurna Adam jeung Hawa
Atawa indit ka mangsa nu burakrakan

Boa isuk atawa géto langit robah pulas jadi kayas
Béntangna eureun tingkariceup béakeun tanaga

Boa isuk atawa géto panon poé leungit panas
Unggal raga taya nu nafas sabab buana teu boga carita

Boa isuk atawa géto cai laut jadi seuneu
Sabab lain boa cinta urang geus katambias di hiji pulo nu euweuh dina péta

Bandung, 5 Oktober 2010


Réalita Cinta

Geuning cinta téh beurat mawana
Sakapeung robah jadi batu cadas
Kalan-kalan jadi parahu emas

Bandung, 5 Oktober 2010



Sabada Soré Tutup

Ngabebela gedur cimata salira
Cua reujeung cinta nyaliara
Batin teu kendat miroséa rasa
Sasat remen panggih jeung peurih

Sabada soré tutup, jurang beuki luang
Matrikeun waas di tiap cadas
Jalan pitapak beuki hieum
Hawa ningkeb nyesek rénghap

Geuning kapalay salira mah lain dunya atawa surga
Geuning kahoyong anjeun mah lain bulan atawa béntang
Tapi merdih neuleuman manah nu kalan-kalan jadi katumbiri rubah warna
Nganti sanubari ngahiji kawas geti nu haat mirosea nyawa….

Bandung, 6 Oktober 2010
Asép Héndrawan
gurat hujan
ti rincik ka rincik ngerepan
ngagarenyas herang nyilanglangan
maseuhan tangkal ti pucuk ka dahan

gurat hujan
ngocor ka landeuhkeun
malidkeun rupa2 kalakay
mendet lebah kamalir peuting

hate mudal;
tiis, rembes citangis

(2010)

Yayan Supriatna
“Jodo, pati, bagja, cilaka anging Gusti Allah SWT anu kawasa nangtukeun, manusa ngan sakadar rancana jeung upaya”
------
Geus leuwih sataon kuliah di Bandung tacan kénéh boga kabogoh, lain pédah euweuh nu geulis anu cocok kana haté, tapi tacan kaparengan aya nu daékeun da ari usaha mah enggeus éta gé.
Pasosoé, gigitaran ngariung opatan : Uing, Iding nu ngagitar, Syarief nu ngalagu, jeung Dadan nu keur maca buku, jol datang Entis karak balik ti lemburna : Limbangan di Garut.
“Lur..,alo sayah karak lulus ti SPG tacan boga kabogoh, ceunah hayang dikenalkeun ka babaturan kuliah “, pok na Entis bari kusiwel ngaluarkeun potrét tina dompétna. Eta potrét nguriling mapay teu sirikna parebut pada hayang paheula-heula nempo. Ditilik-tilik..geulis ningan nu dina potrét téh : kulitna bodas beresih, panona cureuleuk, irungna bangir.
“Naon euy syaratna supaya bisa jadi kabogoh manéhna ?” uing sarius nanya, nu séjén ogé katingalina malerhatikeun pisan kana bakal jawaban ti Entis.
“Hayang boga kabogoh nu pinter ngagitar ceunah “, jawab Entis
“Hoy..dak, atuh bakal milih ka ngaing kitu mah”, ceuk Iding bangun nu berag kacida, enya da manehna nu pangpinterna ngagitar diantara limaan nu keur ngariung mah. Iding urang Petir di Banten mun nyalukan ka babaturan kecap gaganti jalma ka dua teh ‘Dak’ pondokna tina budak/barudak. Syarief jeung Dadan ukur mésem siga nu rada pupus pangharepan. Uing sarua teu pati berag ngadéngé syaratna . Nyaho ari konci grip ngagitar mah ( A,B,C, tepikeun ka G mun teu salah) ngan jauh tina kasebut pinter ngagitar.
“Leuh.. naha lain nu séjén syaratna, paalus-alus ibing pencak misalna”, ceuk uing rada kukulutus.
“Lah.., sakalian urang arulin we ka imah sayah engke bulan hareup, kabeneran lanceukna deuk kawin”, ceuk Entis mungkas obrolan bari ngaléos ka kamer kontrakan manéhna.
* * *
Ba’da lohor, limaan kaasup Entis salaku sohibul bait, saged indit ka lemburna. Masing-masing mawa pikirana sewang-sewangan. Pamikir uing, moal kasingsalkeun teuing sigana dina ieu saémbara malahan aya harepan pinunjul –Nyai geulis pupujan ati, antos ieu Arjuna seja tandang-, ampir unggal poé dina sabulan ieu uing diajar ngagitar. Iding nu katempona optimis pisan mah, Syariep jeung Dadan paromana biasa teu bisa kabaca jeroan haténa.
Ti Cicaheum naék beus jurusan Tasik turun di Terminal Limbangan, terus naék mobil buntung ka lebah kénca nuju ka lembur Séla Awi. Ngaliwatan pasawahan, meuntas walungan, kebon-kebon anu héjo ngémplo, éndahna pamandangan di pileburan. Lebah pengkolan ka lembur Séla Awi, uing limaan tarurun terus leumpang nuju ka imahna Entis. Jalana cukup gede, asup keur dua mobil ogé ngan teu di aspal ukur dibalay ku batu wungkul. Anjog ka imah Entis wanci sareupna.
Ba’da Isya, Malem Ahad harita, limaan ngabring ka imah alona Entis bari mawa gitar. Iding nu mamawa gitar anyar bogana Dadan, -beuh..pangrasana mah meureun ieu ngaing Satria Bergitar- . Teu lila da teu jauh jarakna, geus nepi ka imah anu dituju.
-Yuyu Yohana- ngarana, enyaan geulis, malahan leuwih geulis batan na potrétna. Manénhna anak bungsu tinu anak nu ngan ukur dua, isteri duanana. Bapana sihoréng Kuwu (Kapala Desa) mangsa éta. Atuh beuki sumanget wé maksud uing ngiwat haténa, komo basa peutingna Entis nyaritakeun yén kolotna lain teu sanggup ngabéyaan Yuyu kuliah teupikeun ka S3, dalah ka mancanagara ogé, tapi keur naon, cukup jadi guru wé bari ulah jauh ti indung jeung bapa, kitu cenah. –Heu..heu..kaasaup cowok matré ogé uing , tapi da moal teu kitu pipikiran babaturan uing ogé jigana-.
Sanggeus masing-masing pada nepangkeun ka kolotna ogé ka lanceukna, ngarobrol di rohangan tamu, terus kaluar galigitaran di buruan imahna anu lega tur asri ku tatangkalan sarupaning jambu, balingbing, jeruk, jeung tangkal-tangkal kembang. Iding nu mimiti ngagitar aya kana sa albumeun mah, nu nyanyina giliran atawa babarengan.
“Mani tiasaan Aa Iding mah ngagitarna “ ceuk Yuyu muji.
“Iding mah ti keur SMP kénéh sok ngagitar, malahan nuju SMA mah kantos gaduh grup band” tembal Iding. Beuh..matak ateul ceuli ngadéngéna ogé, eta da.. ku tara biasa nyebutkeun ngaran sorangan, tuman nguang-ngaing, jeung karak ngadéngé manéhna ngucapkeun ‘kantos’ biasana gé ‘enggeus pernah’.
“Ari Aa Dadan tiasa ngagitar ?” Yuyu nanya ka Dadan.
“ Teu acan tiasa, nembé badé kursus, éta gitarna ogé némbé mésér saminggu kapengker”, tembal Dadan bari nunjuk gitar nu keur dicekel ku Iding.
Halaah...., cicingeun teh geuningan pinter ari kompanye diri sorangan kanu geulis mah.
Yuyu ngarérét ka uing, mani nyeblak kana jajantung ningal giler soca jeung imut nu geulis. “Ari Aa Nana ?”, pokna téh.
“Kantenan atuh..., sok Néng badé nyanyi naon ku akang digitaran, mung laguna teu kengeng nu sanes salain ti lagu ‘Naik-naik ke Puncak Gunung’, ‘Gelas-gelas Kaca’, sareng ‘Yang Hujan Turun Lagih’ “, tembal uing jujur, bari nyokot gitar nu keur dicekel ku Iding.
Aya ku éndah peuting harita, Yuyu nyanyi tilu lagu éta, sorana halimpu pisan, uing nu ngagitaran. Langit harita caang lénglang, bulan keur purnama, béntang-béntang maridang. Uing rarasaan jadi Galih, Yuyu nu jadi Ratna na, asa keur paduduaan wé – nu séjén mah anggap wé bebegig, heu..heu. -.
Syarief mah can ditanya ogé, geus pok nyarita, “ teu bisa ngagitar sayah mah “, bari rada kuraweud haseum. Heu.. serah bongkokan sigana, alus lah.. ngurangan saurang saingan.
Di imah Entis, peuting harita uing hésé saré najan mata dipeureum-peureumkeun ogé. Dadan katempo ngagutret wae nulis dina buku diari, teuing nulis nanahaon. Sarief mah saré tibra, geus euweuh beban sigana.
Isukna, arulin ka kebon terus ngaruseup di balong kolotna Yuyu. Dalahar beurang oge di saung balong jeung goréng lauk meunang ngaruseup. Unggal kasempetan ku uing, Iding, jeung Dadan dipake pikeun ngiwat haténa Yuyu. Ukur Sarief nu hanteu mah.
Kayaho jeung pangabisa ku uing dipraktekeun kaasup papatah Doel Sumbang ‘yén lalaki mah kudu rada cuni sabab mun lalaki teu cunihin namina kuper’. Duméh éta papatah uing sababaraha kali nyalukan Entis make titel ‘Mang’ ngahaja supaya kadangueun ku nu geulis.
“ Mang Entis, naha di dieu mah leunca téh tangkal sareng buahna baradag “ , ceuk uing bari nunjuk tangkal takokak pura-pura teu nyaho kana takokak.
Terus oge uing ngomong ka Yuyu, “ Neng, tuang rama dedegana siga tangtara, bangun nu galak tapi geuningan mani bageur tur hemanan “
“ Muhun.. da kapungkur pun bapa téh tentara, mantri kesehatan tentara”, tembalna.
Di imah Entis, peutingna uing hésé saré deui, Dadan ngagutret nulis deui, Sarief mah saré tibra.
Poé Senén, ba’da lohor sanggeuh salasalaman ngucapkeun salamet ka lanceukna Yuyu nu panganténan, limaan baralik deui ka Bandung.
* * *
Balik kuliah ngahaja ka kamér kontrakan Entis deuk nanyakeun iber nu geulis, béjana karak datang balik ti lemburna. Kasampak geus ngariung Iding, Dadan, jeung Sarief. Loba dahareun malahan aya nasi bungkus sakérésék badag oge buah-buahan.
“ Aya acara naon euy.. teu béja-béja ”
“ Tah kabénénar datang, tadina deuk ditéang. Dadan kaul, jadian jeung alo sayah téa “, Entis nu nembalan.
Beledag... asa aya nu nembrag kana dada, eungap..asa teu bisa ngarénghap meunang sajongjongan mah. Lah..aya nu teu bérés, ieu patojaiyah jeung judul saémbara. Apan Si Dadan (maké ‘Si’ da keuheul) mah teu becus ngagitar tepikeun ka ayeuna ogé, geus ngabohong deuih teu milu kusrus ngagitar. Apanan sakalina ngagitar gé Si Dadan mah dibalikeun gitarna téh ditabeuhan bujur gitarna siga anu keur nabeuh genjring bari ngalagu nu ngan hiji-hijina : “perdamaian..perdamain..perdamaian... perdmaianan “
Deuk protés satadina, ngan dipikir-pikir bakal ngéra-ngéra sorangan, pantesna ogé Iding nu kudu protés badag mah. Iding katingal ngaheruk di juru. Sarief surungah-séréngéh jiga nu ngaléléwé.
* * *
Wisuda. Bungah geus bisa lulus jeung boga titel S1, tapi asa nalangsa uing mah di wisuda téh. Batur mah wisuda teh salain dihadiran ku kolotna ogé disaksian ku kabogohna atawa tunanganana. Iding aya kanu tilu mobilna nu ngahadiran ti lemburna, tunangana oge datang, Sarief jeung Entis kitu ogé. Si Dadan salain kolotna hadir, datang ogé Yuyu Yohana nu geulis pupujan haté.
“Wilujeng ..sukses Kang Nana “, ceuk Yuyu bari nyodorkeun leungeuna ngajak sasalaman. “ Tétéhna teu ngiring ?” pokna deu. Ngarti uing ogé maksudna mah nanyakeun kabogoh.
“ Akang mah tunggal, teu gaduh tétéh “ cékéng jujur.
Peutingna, titit..titit..titit.. murudul aya kana tilu pesen nu nyampay na ‘Pager’ ( ‘penyeranta’ maksudna, harita can usum HP ) :
“ Selamat dan sukses selalu buat Kang Nana. Akang adalah sobat yang sangat menyenangkan dan mengesankan. Beranikanlah untuk mengungkapkan langsung isi hati karna untuk memastikan perempuan tidak cukup hanya isyarat. ( dari Yuyu YR) “
Beuh..yakin ayeuna mah Si ontohod Dadan téh salain sok nyogok emangna ku udud, ogé manéhna ngirimkeun surat ngedalkeun haténa ka Neng Yuyu Yohana Rahmat nu geulis pupujan haté.
Cag
Rancaekek 0311
Yayan Supriatna
“Apana geura gugah, Subuh tos badé elat”, ceuk pun bojo bari ngusapan sirah uing, dibarengan ku teuteup deudeuh.
----
Tara jauh ti kitu kajadiana lamun uing elat hudang isuk. Ngahudangkeun uing téh manéhna mah (pun bojo) sok geus saged, geus mandi, maké pakéan rapih jeung geus sarareungit, geus ngeusian térmos ku cai panas anyar keur ninyuh kopi, sajadah geus diamparkeun bari jeung diluhureunana geus disayagikeun sarung katut kopéahna.

Kétang, keur mimiti panganténan mah tara ku ngusapan buuk ngahudangkeun téh, tapi ngagaléntoran, jeung deui tara miheulaan mandi da sok hayang bareng maklum borangan kénéh meueruenan harita mah. Nyalukana ogé lain – Apana - tapi – Yayang -.

Lila meueusan ti panganténan, ganti lain ku ngagaléntoran, tapi ku nyium tarang. Calukana oge ganti tina – Yayang - jadi – Akang -, jeung mulai wanian mandi nyorangan, mandi miheulaan.

Ti saprak boga budak ngahudangkeun ku ngusapan buuk bari jeung nyebut – Apana - , enya nga – Apa - keun ka budak maksudna mah. Tapi angger ari nu séjéna mah : ngamparkeun sajadah, nyadiakeun sarung jeung kopéah, ogé nyadiakeun cikopi.

Kétang, tara unggal elat hudang Subuh dihudagkeun cara kitu, lamun manehna keur bendu. Contona baé waktu uing elat hudang lantaran peutingna miluan lomba gapléh tepikeun ka janari : “ Kiriniiing ...” , sora béker mani nongtoréng gigireun ceuli pisan. Manéhna katempo jamedud sisi dipan. Tapi nu séjéna mah angger saperti biasa, bédana duei nyadiakeun cikopi téh teu jeung ududna. Halahhh...

* * *

“Kiriniiiing....” sora béker disada tarik pisan, jam opat lima belas, kobla subuh. Uing culang-cileung, rurat-rérét ka gigireun, ka sakabéh rohangan kamar : sepi, tiis combrék, taya sasaha. - Duh... asa can lila, asa kamari kénéh pun bojo nyarengan, babarengan suka-bungah, sedih jeung susah ngambah sagara rumahtangga, samodra kahirupan -.

Kajadian-kajadian anu geus lawas narémbongan deui, asa kajadian nu kakarék kamari karandapan, malahan asa karandapan deui. Teu karasa aya cimata nu ngalambéréh maseuhan pipi.

“Alahu Akbar..Alahu Akbar...” sora adzan subuh mulangkeun kasadaran uing

*****
Cag ah
Rancaekek 022011
Hena Sumarni
Koas jeung Gadung nu mantak weureu
Dibagjakeun Batrawali
Jadi werejit
Kunaon nasib bet kieu?
Resep teuing ngukuntit heula pandeuri
Paudag-udag jeung kasabaran
Mayungan sapanjang pangjugjugan léngkah
Weureu Gadung weureu deui
Weureu Koas nu racunna teu didagé
Wenang kula kumawula kana aral jeung subaha?
Bengkel Ngarang Sunda
dimuat di Harian Kabar Priangan, 23 Pebruari 2011


Basa Langit Raang 

Kapan dina léma pamungkas
Sapuk urang rék ngabungbang
Narawas ringkang séwang-séwang

Sorangeun raang, ku titipan cahaya
Manjangkeun kalangkang
Lewang sapanjang rénghap

Duaan ngangkleungkeun raang cahaya
Balungbang urang, rék nyipta anggang
Nyérangkeun purnama

Hégarmanah, 2011


-------

Balada Urang

Mimitina tukang béca
Nganteur-nganteur gurilap deungeun

Tuluy kakilima ka émpér-émpér markét agréng

Tungtungna urang, ngembang loséh
Na biwir lamping

Cililin, 2011
Bengkel Ngarang Sunda
karya Arom Hidayat
dimuat di Harian Kabar Priangan, 23 Pebruari 2011


Aya nu ngeleleper niiran haté
Nitip kecap ka gedong saté
Jeung gelebug, jeung gulidag
(Awaking, diudag-diudag)

Aya hariweusweus carita kota
Di incer buta tina peta
Ku sareukseuk, ku sareukeut
(Létah Awaking, ku beuki heureut)

Aya aweuhan karatagan
Ti Sancang, ti Bubat, ti patilasan pati pakusarakan
Lagu leuweung, lagu liwung
(Buhun Awaking, tarurun gunung)

Aya uga natas iga
Palangsiang seuweu siwi nembang peura
Tuluy leuit, tuluy leungit
(Jempling hariring Awaking)

Bandung, 2011
Bengkel Ngarang Sunda
karya Arom Hidayat
dimuat di Harian Kabar Priangan, 23 Pebruari 2011

Pegat-nyambung gerbong jeung gerbong
Aya kénéh rohangan nu molongpong?
Keur ngigelkeun sada

Paregat-nyarambung lalakon jeung lalakon
Aya kénéh sésa cipanon?
Keur nungkulan béja

Nu paregat-nu nyarambung
Silih téangan, sumedeng gumuruh dina sora jeung sora

Bandung, 2011
Bengkel Ngarang Sunda
sajak Arom Hidayat
dimuat di Harian Kabar Priangan, 23 Pebruari 2011


Léngkah-léngkah dadamaran, maruru puseur purnama
Satengahing hibar langit, wanci nitih ramang-ramang
Bet sasalad angin rintih marengan bangun mustari hiliwirna
Basa sapu panyaraan sabeungkeutan nu paregat jeung urat-urat duriat

Di muara pananggalan nu jejem, urang pengkuh nepungkeun kangen
Dina liliuh leuwi pangreureuhan satutas lantis ngaguyangan gulinggasahannana jaman nu mingkin rumanteng ngaremetan angen-angen
Na kasang nu remen murag-muragkeun kalangkang sabada késang maluguran
Ngaleuleueur ramat kamalé sorangeun nu anteng cungkelik-cungkedang

Rep, sidakep sinduku tunggal. Reup saniskara indra mareteng nareuleuman dadasar leuwi
Mapat jampé rahayuning karahayuan, mepet simpé lebah rusiah istirah cai. Cai wening, cai meuting
Sir, budi, cipta, rasa. Gumulun. Na hiji titik widi asih pangersa Gusti
(jempling)
Bray, bruy-bray kadi bulan kadi béntang gumiwang murub mubyar cahaya ngalang cahaya, asihan raga asahan rasa, sab isuk angger rucuk jeung pitapak

Hégarmanah, 2011
Asép Héndrawan
Carpon Asep Benito Aripin



"Geura netepan heula cep! Bilih kaburu seepeun waktos!" ceuk manehna bari tonggoy ngahenggoy suuk anu pabalatak dina meja, "janten bade ngiring ka Karangpari teh? Resep geura, urang nongton nyi ronggeng si Baranyay tea," pokna deui. Teu nyahoeun lamun kuring geus rek tilu roka'at solat isa teh, "aeh...si encep...!" nempo kuring keur cugek-cugek solat manehna teu kebat ngomong.
Bada solat teu buru-buru nguniang, ngadu'a we rada ditarikkeun. Manehna katingali keur nyarande dina korsi bari angger ngagayem suuk keneh. Kulitna pabalatak dina meja. KTI tinggal botolna. Bari teuteuraban pok deui manehna ngomong, "mun rek ngiring, jeung abdi wae boboncengan, tong hilap dijeket da diditu mah hawana tiris pisan cep!"
"Ari ustad make naon? Ning teu jeket2 acan?" kuring nyelangkeun mairan basa manehna jongjon dibaju.
"Abdi mah kieu wae, da tos biasa momotoran tara di jeket, tos kiat hehe...!" cenah bari memener beubeur kulit anu geus hawuk.

Ustad ngaran gaulna teh, ari ngaran aslina mah Hasan. Teuing ku naon pada ngalandih ustad. Pedah baheula kungsi ngawuruk ngaji meureun pangna manehna pada nyarebut kitu teh, teuing nyindiran teuing kumaha da mun dipikir rada kurang payus lamun dilarapkeun jeung kalakuanana ayeuna.
Kuring teu pati inget ti iraha wawuh jeung manehna. Wawuh loma maksud teh da samemehna oge geus wawuh, wawuh munding, teu loma cara ayeuna. Baheula sababaraha taun ka tukang, keur kuring sakola keneh, basa usum pere sakola, kuring miluan pasantren kilat di masjid lembur. Tugas ti sakola, salila sabulan, murid-murid kudu ngeusi waktu pere ku kagiatan kaagamaan. Kabeneran di masjid lembur kuring ngayakeun pasantren kilat. Rupa-rupa kagiatanana teh, ti mimiti neuleuman elmu akidah ahlak, nadoman jeung barjanji, baca tulis Kur'an jeung sejen-sejena, ilaharna masantren enyaan. Tah nu ngawurukna teh salah sahijina manehna, ustad Hasan baheula, si ustad ayeuna. Kapeto ngawuruk pedah manehna loba waktu dibandingkeun tua kampung nu jadi Ajengan di masjid eta. Sanajan ngora bari lalagasan keneh, manehna leket ibadah, pangarti nyukupan. Ngawuruk ngaji jeung kitab koneng, pidato, adan jeung sejen2na kacangkem ku manehna mah. Matak pantes kapeto jadi tukang ngawuruk oge. Kuring kaasuh ku manehna nyaeta basa usum masantren kilat tea. Jadi santri kameumeut si ustad kuring teh pedah cenah pangonjoyna ti santri2 pasantren kilat sejena. Ti harita kuring loma dina harti loma antara murid ka guru jeung sabalikna. Kuring hormat ka manehna atuh manehna oge ajrih ka kuring. Dina umur teu pati jauh antara kuring jeung manehna, kolotan si ustad.

Baheula kitu soteh, sababaraha taun katukang. Ti saprak indung bapana pipisahan, hirup Hasan robah 180 darajat. Alatanana mah pedah bapana kanyahoan salingkuh, kawin deui ka randa tatangga kampung sabeulah. Pakaya bapana nu teu sabaraha koredas sapisan balas mahugi nu ngora. Indungna ampir2an maragatkeun nyawa nyaho salakina bebeakan harta banda kabongroy ku nyi randa tea. Ti harita Hasan jadi pindah pileumpangan, teu betah di masjid, boro2 ngawuruk kawas baheula, da ayeuna mah reremena bagadang di parapatan jeung barudak. Nginum jeung eueut, nga-lem aibon atawa ngonsumsi pel beka jadi kagiatan anyar manehna ayeuna. Beuki maceuh kalakuana teh basa indungna nekad minggat jadi TKW ka Saudi. Manehna kadua adina asa kaleungitan panyalindungan, kateungteuingan komo bapana mah geus teu malire, anak pamajikan dilurjeunkeun, milu ka jikan nu ngora. Ninina nu geus jompo bati ngurut dada, teu walakaya ku ketak lampah si ustad. Mun baheula unggal waktu solat, ngong adan, sora halimpu manehna nu kadenge, ayeuna mah keukeuleuweuhan dina kamalir alatan weureu kucubung. Sakali mangsa kungsi ngajengjehe handapeun bedug, teu hudang2, weureu pecin, cek nu ngabejaan, karek nguniang basa mang Da'i nakol bedug dikitirkeun nampeu pisan kana ceulina. Pada nganaha-naha, sawareh mangkarunyakeun, milu mangnyerikeun ku talajak bapana. Sakaol deui mupuas, teu kuat iman we cenah eta mah kabawa ku sakaba-kaba. Jadi bukur catur salelembur majar si ustad pindah pileumpangan jadi preman. Sok sanajan kitu, tug nepi ka kiwari tutas eureun "papasantrenan", sosobatan teh manjang. Duka ku naon bela pisan manehna teh ka kuring mah, meureun pedah kuring sobat anu ngarti jeung narima kana kaayaan manehna, sobat anu bisa diajak cumarita utamana dina waktu manehna keur goncang siga ayeuna. Pikeun kuring teu masalah. Ongkoh asa aya batur sanasib sanajan anu kaalaman ku kuring teu pati parna siga anu kaalaman ku manehna. Kuring tara tetelepek deuih sumawona nyigeung ku naon pangna manehna robah adat, napsi-napsi. Pon kitu deui manehna, malah mah manehna nu sok ngingetan lamun geus asup waktu solat atawa ngingetan kuring lamun aya kalakuan nu rada minculak.

"Tos siap cep?"
Rada ngarenjag basa manehna ngelol lebah lawang. Kagebah lamunan teh, buru2 nilepan sajadah.
"Tah ieu jeket abdi angge, urang nyampeur heula Pepen sareng ujang Dani, cenah hayang ngiring" ceuk manehna bari ngasongkeun jeket bahan lepis. Karek meunang nyeuseuh sigana mah, kaangseu tina seungitna.
Clak kana motor, manehna ti hareup, kuring dibonceng. Gigi hiji anteb keneh mawa motorna teh, nincak gigi dua motor ngabiur. Kuring tipepereket muntang kana behel motor, sieun kabantingkeun da teu make helm ongkoh. Lebah pengkolan haji Sobirin, reg eureun. Nyampak si Pepen jeung ujang Dani geus saged, mawa batur duaan, jadi genepan ayeuna mah balad teh.
"Si Dadang jeung kang Oman teu jadi milu Jang?" si ustad nanya ka ujang Dani.
"Geus tiheula Tad, papanggih diditu we cenah!"
"Hayu atuh, bisi kaburu kapeutingan euy, moal kabagean si Baranyay keh!"
Clak tarumpak kana motor sewang2, teu ngebut cara tadi mawa motorna si ustad teh, pauntuy-untuy jeung nu sejen. Momotoran teh mapay2 jalan desa anu tarahal da can di aspal. Si ustad tapis pisan ngagiwar2 stang nyingkahan liang.

Ka Karangpari tujuan teh, lain lalakon indit sakeudeung2 da ngaliwatan sabaraha pasawahan gunung jeung lamping. Ma'lum tempat anu di tuju teh rada nenggang ti lembur kuring mah. Bubuhan di pilemburan, imah masih ancal-ancalan, atuh jalan teh poek da teu kalistrikan. Ukur kacaangan baranang bentang jeung cahya bulan. Pasawahan upluk-aplak, pasir2 sawarna kulawu ari peuting mah matak waraas. Endah geuning pamandangan pilemburan teh mangsa peuting mah.
Di tengah jalan, geus deukeut ka nu di tuju, patalimarga tambah rame, lolobana nu laleumpang, kabeh kerid ka nu hajatan. Bejana mah bandar gula kawung hajat gede, ngawinkeun anak parawana anu munggaran, nanggap ronggengna oge ti Pangandaran anu bentangna si Baranyay tea, hamo bireuk da eta maskot ronggeng pakidulan mah. Matak jalma ti suklakna ti siklukna ngaleut pada hayang nempo si Baranyay makalangan. Malah aya nu ti beurang mula daratangna teh, nu laleumpang, nu kana kolbak oge aya. Ti barudak bujang nepi ka aki2 tengah tuwuh cek paribasana daratang.
Nepi ka nu dituju, jalma museur di nu kariaan. Nu daragang ngampar sapanjang jalan. Ma'lum di lembur, teu nitih sabulan sakali aya karamean teh. Ari lain keur hajat mah lembur teh rehe combrek. Ayeuna, turug-turug geus lila euweuh nu kariaan kari2 aya nu hajat gede, teu sirikna jalma sakuliah dunya tungkeb kabeh ka Karangpari muru nu hajat.
Balandongan geus pinuh ku nu narongton, hansip jeung kaamanan paciweuh ngatur pakalangan sangkan merenah nu rek ngarengkenek.
"Bisi engke hese panggih, beres acara ngumpul di imah si Sarip nya, mun kapeutingan, urang milu ngendong di imahna, bejaan si Dadang jeung kang Oman mun panggih!" cek si ustad ka Pepen jeung ujang Dani katut kadua baturna.
"Maneh rek langsung ka balandongan?"
"Heueuh, ari encep kumaha? Rek ngiring ngibing?" pokna ka kuring.
"Kuring mah didieu we lebah tukang suuk nya! Sakalian ngajaga motor!"
Leos nu limaan ka lebah balandongan. Kuring mah nyerangkeun ti kajauhan, digigireun tukang suuk. Lain teu hayang milu, tapi teu pati paseh ngarengkenek. Kungsi baheula oge basa aki nanggap jaipongan, nyobaan ngibing, kalah pada nyeungseurikeun majar siga bebegig sawah rarampayakan digendangan.
Beuki peuting jelema beuki ngagimbung, pagegelek jeung pabaliut teu puguh. Nu dagang pakupis laladang, lolobana mah seepeun ladangeun. Dina emprona si Baranyay makalangan, teu sirikna paheula-heula hayang ngibing, hayang paloba-loba nyawer, hansip jeung kaamanan pakupis ngatur pakalangan da rereana mah embung gantian. Si ustad teuing geus beak sabaraha puluh rewu nyawer, da katingali song deui song deui nyelapkeun duit kana kabaya si Baranyay. Pon kitu deui nu sejen, paloba-loba nyawer sangkan bisa terus ngarengkenek bareng si Baranyay.

Wanci janari leutik acara lekasan nyesakeun taneuh lidig hareupeun balandongan urut diranjah ku nu tas makalangan.
"Beak sabaraha tadi mahugi si Baranyay Tad?" kuring nanya sabot ngabonceng si ustad anu geus payah.
"Lah teu ngemutan cep! Nu penting puas hate, engke oge kenging kiriman deui ti Ema," walon si Ustad bari nyangheuy kana punduk kuring.
"Tuluy ka imah si Sarip wae cep, moal bener balik oge. Palaur, kuriak si ustad murag di tengah jalan keh!" cek Pepen ngagorowok ti tukang.
Peuting eta ngarendong di Sarip, kawawuhan si ustad basa baheula natamu ka lembur eta. Nu boga imah cakah-cikih sasadiaan keur tamu nu teu di ogan.

Isuk2 wanci carangcang tihang geus saraged deui rek balik. Si ustad can pati cenghar pisan, sesa mabok tadi peuting can pati leuheung. Ka nu boga imah sanduk2, pupuntenan geus kaririweuhan. Utamana milu mondok bari jeung teu mere beja ti anggalna. Rombongan dijajapkeun ka lawang. Kakarek ge kaluar ti pakarangan, ujug-ujug gabrug teh saurang nini2 nangkeup si ustad bari terus nyiuman dampal leungeuna.
"Dupi ieu teh ustad Hasan? Jang ustad Hasan tea? Bagea jang ustad lawas ti lawas teu patepang, emut keneh ka nini? Nini Ioh tea anu kapungkur kawuruk ku jang ustad basa usum pangaosan minggonan di dieu, piraku kalinglap?" si nini ngageubig-geubig awak si ustad nu hareugeueun.
"Su...sumuhun nini Ioh tea ieu teh?"
"Muhun jang ustad! Ambuing meni pangling geuning! Marga lantaran jang Ustad, ayeuna mah nini teh janten apal alip bingkeng, kaderes kur'an nadoman sareng du'a sagala, bagja nini teh, dina sesa umur tiasa tenang ibadah, langkung bagja deui tiasa patepang sareng jang ustad sanaos di jalan pasampangan kieu," cek nini Ioh bari rambisak tuluy rut-ret kaluhur ka handap negeskeun dedegan si ustad.
"Teu kenging waka rurusuhan uih jang ustad, etang2 pakaulan patepang sareng guru bangsa kampung Karangpari, antosan nya ke incu nini sina nyandak cau saturuy kaleresan aya cau raja asak tina tangkal nembe pisan dirubuhkeun, eta deuih gula kawung tilu bonjor, antosan sakedap!" cek si nini bari leos indit.
Teu lila kurunyung datang deui jeung budak welasan taun angkaribung babawaan; cau raja saturuy, gula tilu bonjor, kiripik rangginang satoples-satoples, dodol we dua koronjo.
"Aduh nini kalah ngarepotkeun kieu!"cek si ustad bari camuil kana cau.
"Teu sawios-wios, etang2 panuhun nini ka jang Ustad. Di alap ganjaranana we nini mah da saur katerangan saha anu tuhu tumut kana piwuruk ajengan ganjaranana sawarga. Iraha atuh bade ngawurukan deui ibu2 di dieu jang Ustad?" bari ret ka jalan, "tah kabeneran geuning, sok nyi Ijoh, nyi Kokom, nyi Eha, bu Susi bageakeun tah jang ustad Hasan, nembe sumping!" cek nini Ioh ka rombongan ibu2 nu kabeneran liwat rek ka pangaosan. Sung song salam jauh bari pada ngabageakeun.
"Kaleresan dinten ieu teh pangaosan, kumaha upami pa ustad ngadugikeun ceramah bubuka pangaosan? Sakedap we. Tos sono ibu teh hoyong ngadangu ceramah2 pa ustad, kumaha ibu2 satuju?" cek bu Susi ka rombongan ibu2.
"Satujuuuuu....!" meh bareng sarerea reang ngahaminan.
"Eu...punten...euu!" si ustad rampang-reumpeung. Pepereket pupuntangan kana stang motor.
"Teu kenging natamu jang ustad, sanes disasaha ieuh, sasatna jang ustad teh tos janten warga kahormatan kangge urang dieu mah sasat tos janten guru bangsa urang Karangpari. Mangga ayeuna urang ka masjid, bebersih teras taruang heula, ke ngangge acuk koko abahna kangge ceramah mah. Keun eta cacandakan urang titipkeun heula!" nini Ioh teu sirikna ngagugunyeng.
Kuring geus rek sapok-pokeun nolak, ari celengkeung teh si ustad ngawalon pegat2," ma...mangga..atuh!"
Teu bisa majar kumaha, si ustad disangkeh kenca katuhu ku kuring jeung si Pepen. Ibu2 kayungyuneun meureun, ustadna dikaleng kawas ustad enyaan. Ngalabring tukangeun. Padahal mah si ustad dikaleng soteh paur bisi labuh, langlayeuseun keneh, kurang sare ongkoh sesa mabok ongkoh.

Tamu dibageakeun ku pupuhu masjid didinya. Teu sirikna parebut hayang sasalaman. Hareraneun pedah ustad teh begang ayeuna mah, rambut rada gondrong deuih.
Beres bebersih, tuluy titah dalahar, balakecrakan. Pulih langlayeuseunana ari geus barangdahar mah. Si ustad dipakean sorban sapuratina. Salila eta kuring jeung nu sejena teu pati loba omong. Si ustad ge ukur ngomong saperluna.
"Tad kumaha, rek maksakeun wae ieu teh?" harewos kuring hariwang.
"Tenang cep, kapalang edan lah, abdi bade ngetrukeun deui pangaweruh nu lami teu dipakalangkeun!"
Masjid geus pinuh ku ibu2 pangaosan. Katambah ayeuna aya ustad anu baheula kungsi jadi da'i sejuta umat di eta lembur rek ceramah deui. Jamaah leber ka emper masjid. Dina emprona si ustad unggah ka mimbar, sarerea saregep hayang ngadangukeun pituah ti ustad kameumeut. Demi anu ceramah, tatag jeung lancar mimiti bubuka pidato mah, ngan waktu rek asup kana eusi ceramah sabada ammaba'du katingali paroman manehna pias. Kesang ngaragajag sawak-awak, poho deui sigana mah manehna teh kana eusi ceramah nu rek ditepikeun. Teu rek poho kumaha, mangtaun2 geus tara pidato, ieu maksakeun. Jaba awakna kurang sehat, sesa mabok deuih, mabok ronggeng. Awakna ngeleper, ngomong ngadak balilu, sorana pegat2 teu jelas nu diomongkeun, rampang-reumpeung teu puguh cabak. Antukna, lenggerek si ustad kapiuhan, koleang...gubrag awakna rubuh ninggang awak pupuhu ajengan didinya.
Kuring, si Pepen, ujang Dani jeung nu sejena hookeun, bingung pipetaeun. Si ustad dipayang ka deukeut paimbaran. Kuring manghariwangkeun. Bisi kumaha onam jaba dilembur batur. Sanggeus diceuceuh jeung pada mencetan, kulisik si ustad beunta, kuniang hudang. Na ari jleng teh manehna luncat ka tengah masjid, ka tengah riungan ibu2 anu tingjarerit reuwas. Rengkenek rarampayakan ngibing siga peuting. Disangkana nu ngarariung teh panayagan jeung ronggeng meureun. Si ustad ngengklak, gogorowokan bari ngulang-ngulang sorban.

Giliran kuring, si Pepen, ujang Dani jeung batur nu duaan nu kapiuhan teh.

(Pasarminggu, 190510)
Yayan Supriatna
“Deudueh teuing Ujang sing sabar, keun didungakeun ku Ema isuk jaganing geto Ujang pinanggih jeung kabagjaan”, Ema ngusapan sirah uing, bari rambisak cimata.
---

Harita uing kelas 2 SMP. Urang lembur geus ibur yen ké peuting, Malam Ahad di lembur tatangga bakal aya Wayang Golek dalangna Asep Sunandar Sunarya nu gues kakoncara kamana-mana tea. Beurangna di sakola, uing geus ngomong ka Udung batur salembur hayang milu lalajo barang ngadéngé manehna deuk indit lalajo. “Nya sok we datang ka imah tas magrib rék milu mah”, ceuk manehna.

Barang jol ka imah balik ti sakola ogé langsung bébéja ka Ema deuk lalajo wayang . Ema rada ngahuleng sabab pasti kudu kana ojég inditna sedengkeun keur ongkosna teu aya artos. Sanggeus dibejakeun deuk milu ka ojég nu di sewa Udung , Ema katingali reugreug teras masihan artos keur jajana. Uing sumanget pisan harita, bet hayang gancang soré, hayang gancang lalajo wayang. Wanyang Golek karesep uing pisan ti keur bubudak .

Ba’da magrib uing geus sageud make jaket terus indit ka tonggoh nuju ka imah Udung. Di pakarangan lega imah Udung kasampak geus aya tukang ojég, Udung keur mandi keneh cenah. Uing nungguan jeung tukang ojég.

Katempo Udung kaluar ti panto imahna, uing geus nyéngclé dina ojég.
“ari manéh boga duit keur ngabengsinan ojég ?” Udung nanya.
“ ah hanteu, nya milu we atuh, aya ari keur jajan we mah “, tembal uing bari nembongkeun duit rebuan dua siki.
“turun lah, hareurin ongkoh numpak motor tiluan mah”, ceuk Udung paromana sarius bari manehna teu daék naék kana ojég saméméh uing turun.

Uing teu jadi indit lalajo wayang, wayah isya mudun balik deui ka imah bari jeung haté kacida ngarasa nalangsa. Duh... nasib diri naha kieu-kieu teuing

[Kajadian geus aya kana lima belas taonan ka tukang, weléh teu ilang tina ingetan alatan sedihna nu kabina-bina jeung pangpangna ku ningal Ema rambisak cimata.]
* * *

Lulus ti SMP, Udung nuluykeun ka PGA (Pendidikan Guru Agama) di Ciamis kota, maklum manéhna kaasup anak jelema aya. Ari uing lantaran teu aya beya pikeun nuluykeun sakola, indit ka Bandung milu buburuh jeung Emang, buburuh naon bae sabisa-bisa. Kalan-kalan jadi laden bagunan, kalan-kalan jadi tukang gali di proyek jalan atawa dimana we nu ngabutuhkeun. Aya kana dua taona buburuh jadi kuli kitu teh.

Taon katilu, boga modal meunang ngumpulkeun ladang buburuh, uing ganti pakasaban jadi tukang koran jeung dagang rokok asongan. Isuk-isuk ngiderkeun koran bari nganteur-ngateurkeun ka langganan, beurang nepikeun ka soré ngasong rokok di parapatan jalan.

Minangka pangkalan, tempat ngiuhan, nya di salahsahiji kantor nu teu jauh ti parapatan jalan tempat uing ngasong rokok. Onggkoh deuih loba pagawé di éta kantor anu ngalanggan atawa sok meuli koran jeung rokok . Lamun aya pagawé kantor nu nitah, uing tara sok hésé ari bisa mah ngaksanakeunana, da salsé ngasong rokok mah.

Aya kana dua taonan leuwih ngalakonan dagang koran jeun ngasong rokok , geus teu asa-asa ayeuna mah lar sup di eta kantor bubuhan loba nu mercaya. Hiji mangsa Pak Tatang pagawe nu sok tutah-titah ka uing, boga kadudukan lumayan di éta kantor nawaran pikeun ngabantuan manéhna cutat-catet (admistrasi), lain jadi pagawe di éta kantor, ngan di gajih mingguan unggal poé Saptu ku manehna. Pak Tatang nawaran kitu sotenan pedah ningali tulisan uing lumayan alus, rapih, tarapti, jeung jujur tara wani nyokot duit pangangsulan mun manehna nitah barangbeuli tanpa idin ti manéhna, sok sanajan geus pasti di bikeun unggal duit pangangsulan teh, kitu ceunah.
* * *
Udung, lulus ti PGA teh teu ngaguruan tapi muka toko elektronik di kota Ciamis modal tina ngajual sawah jeung kebon kolotna nu memang lega. Jadi guru mah leutik gajihna pajar manehna. Uing meunang béja kitu teh ti Ema jeung ti babaturan anu di lembur.

Gagah katempona, maklum pendidikanana kaasup luhur keur ukuran harita di lembur uing. Motorna anyar meuli ti dealer.
* * *

Geus aya kana sapuluh taona digawe di Pak Tatang, ti mimita tukang nyatet wungkul terus nyekel duit kas leutik ayeuna geus jadi kapercayaanana Pak Tatang, dipercaya nyekel duit mangratus-ratus juta. Gajih mingguan oge geus nikel sababaraha kali lipet. Ningali pendidikan nu sasatna ukur tamatan SMP uing sorangan helok bisa boga pangala nu sakitu gedena.

Sanajan merenahna di kabupaten lain di kotamadya, imah nu dicicingan geus kapimilik. Motor meuli anyar ti dealer gues boga malahan hiji ewang jeung pamajikan, mobil kajeun butut ogé boga.

Idul Adha kamari uing ka lembur saperti biasana unggal Idul Fitri jeung Idul Adha. Pasosoré uing, pamajikan jeung Ema ngobrol di tengah imah.
“Ujang, inget kénéh ka Si Udung ?, pikarunyaeun pisan manéhna rumahtanggana burantak, usahana ancur, ayeuna manéhna ngojég di kampung sabeulah “, saur Ema.
“Asa dosa, Ema harita nyupata manehna jéroning haté “, saur Ema deuih.

Kajadian lima belas taon katukang kagambar deui écés pisan. Puas siah tah..ceuk na jero haté uing, tapi buru-buru uing istigfar –astagfirulloh..- kabayang Kang Nana Bedog nu nyarita yén kautamaan Jungjunan Alam Kanjeng Rosullulloh Muhamad SAW diantara Rosul-Rosul saméméhna nyaéta tara pernah ngado’akeun goréng, supaya cilaka atawa nyupata ka kaumna sok sanajan ka anu ngamusuhan Mantena.

“Ah, sanes kulantaran supata ti Ema Udung jadi sangsara, eta mah ku kalakuan manéhna sorangan. Upami kabagjaan nu karaos ku Ujang eta leres pisan lantaran do’a ti Ema” ceuk uing, rada heran oge bisa nyarita kitu, siga omongan Kang Nana Bedog sobat uing nu sok pagiling-gisik sahenteuna sapoé dina saminggu di pagawean.

Ema katingali ngahuleng, ngalamun siga sarua nyawang kajadian lima belas taon katukang. Socana beueus, rambisak siga harita lima belas taon katukang. Bedana ayeuna mah ceurik ku kabungah, ceurik kusabab bagja.

“Ujang.., Eulis geura aremam jung, tuh tos disayagikeun “, saur Ema bari nyusut cisocana. Tepikeun ka ayeuna Ema mah tetep ngagero ka uing teh ‘Ujang’ sok sanajan uing geus boga pamajikan. Di kantor kabeh ogé nyarebut teh Bapak malah aya hiji dua nu nyebut Adén ogé.

“Pah, kenapa Ema manggil papah ‘Ujang’, manggil aku ‘Elis’ bukan Luna? “, pamajikan nanya semu bingung maklum urang sebrang.
“Itu karna papah ganteng dan mamah cantik”, ceuk uing bari mencet irungna.
* * * *

Rancaekek Januari 2011
Nyai Endit


Eros cengkat tina diukna. Manehna muka laci lomari jati nu aya digigireun ranjang. Buku diari nu sapopoe jadi tempat pangaduan hatena di tempoan, manehna neangan diari nu nyimpen hiji rusiah tina lalampahan sababaraha waktu katukang. Hiji hiji, buku diari di tempoan, nu ieu lain, nu itu lain. Eros inget, warna kayas buku diarina teh.

Laci ditutupkeun, Eros muka laci nu hiji deui, eusina masih keneh buku-buku diari. Teu kungsi lila, breh, aya buku bungkusna kayas. Ah, geuning, aya keneh, piraku leungit, da tara aya nu kakaratak kana laci, jaba dikonci deuih, koncina ditunda dibuni -buni, gerentes Eros dina hatena.

Karek nempo bungkusna wungkul ge leungeunna geus ngadegdeg, hatena ngageter. Laci ditutupkeun deui, buku diari diteundeun luhureun ranjang. Eros nutupkeun panto kamar, tuluy ngabeubeutkeun awakna kana kasur. Buku diari dicokot, di usapan bungkusna bari diteuteup. Moal kitu ieu buku diari bakal kapanggih ku Kang Agus? tada teuing Kang Agus ambekna mun maca eusi ieu diari. Boa kuring bakal narima talak ayeuna keneh? Eros hatena noroweco.

Bungkus diari dibuka.

“Wilujeng sumping kaasih, wilujeng sumping kadeudeuh, bageakaeun diri kuring ku diri anjeun”.

Eta kalimah nu ditulis ku Eros dina kaca kahiji. Hiji kalimah nu ukur Eros nu apal kana hartina. Kalimah nu jadi konci tina rusiah manehna. Lamunan Eros mimiti kumalayang, nineung ka mangsa nu harita kungsi kalakonan. Jaka, saurang lalaki nu minuhan hatena sabot Eros ngarasa diculjeunkeun ku salakina. Hiji lalaki nu ngubaran raheut hatena, ku alatan Agus ngahianat iketan rumah tanggana. Agus salingkuh jeung batur sakantorna. Dina kaayaan rumah tangga nu keur ruwet kitu, Jaka datang jeung sajak-sajakna, sajak endah nu bisa nenangkeun batin jeung lelembutan Eros. Jaka nu unggal poe nelepon jeung ngirim sms ka maneha.

Lembar kadua dibuka, aya tanggal nu ditulis diluhureunana, Bandung, 06 Juni.

Saha nu maok, saha nu dipaok, saha nu maok teuteup? Hate kuring milu kapaok.

Eros seuri sorangan waktu maca kalimah dina kaca kadua. Manehna inget harita Jaka maling teuteup ka manehna. Sabenerna, Eros nyaho yen Jaka keur merhatikeun manehna. Tapi Eros pura-pura teu apal. Tapi ceuk pikirna, keun wae da manehna ge sarua resep nempo manehna. Eros imut ngagelenyu, asa era ku dirina sorangan.

Eros narik bantal hareupeunana. Bantal dijadikeun panahan dadana, leungeunna nalungkup, awakna angger nangkuban. Eros narik napas panjang, bari tuluy imut sorangan. Leungeunna mukakeun deui lembaran nu satuluyna, aya sajak pamere ti Jaka, dikirimkeun ngaliwatan SMS, nu harita geuwat dicutat kana diari manehna.

Imut anjeun jungjunan, kembang eros nu ligar diburuan. Sora anjeun jungjunan, kembang eros nu ngaharewos katebak angin. Peuting nyaring ku dalingding, beurang beunta ku seungitna. Reup peuting teu bisa tibra, bray beunta teu puguh rampa.

Sakali deui eta sajak ku Eros dibaca. Karasa keneh bagjana cara basa harita manehna narina eta sajak ti Jaka. Ah, ayeuna oge, sanajan hubunganana jeung Jaka geus pegat, angger wae ari dina hatena mah nyidem keneh rasa kasono.

Eros nyumputkeun beungeutna kana bantal, hatena ngajerit, duh Gusti, naha abdi teu diamprokkeun sareng Jaka basa nuju lalagasan keneh? Cangkeul palebah siku leungeunna, Eros terus nyangigir, bari diari mah angger dicepeng ku dua leungenna.

Muka kaca nu kaopat, Eros imut sorangan, pedah eusina nyaritakeun waktu manehna jeung Jaka huhujanan duaan. Kawas budak mun dipikir mah, saaya-aya tempat keur ngiuhan, ngadon milih lulumpatan, antukna baju jibreg jeung asup angin. Ti kajadian harita, sababaraha poe wae mah maranehna teu panggih. Najan kitu, ari komunikasi mah tetep jalan, ngaliwatan telepon jeung SMS.

Aya SMS nu nepi ka ayeuna Eros ingeteun keneh.

Basa hujan megatkeun lalampahan urang poe harita, salira moal apal, leungeun ngusiwel ngaluarkeun kembang eros, diseuseup bari geugeut, ngaganti jirim salira.

Kitu eusi SMS-na teh. Eros nangkarak, neuteup lalangit nu dicet ku warna bodas. Pikirianana kumalayang, hatena noroweco, bener, dihargaan kuring mah ku Jaka teh. Saestuna dianggap awewe nu butuh diusap, dijaga, tur di puspusti. Beda jeung Kang Agus nu geus ngahianat jeung nganyeyeri hate awewe. Tapi, lain Jaka ge sarua, geus ngahianat ka pamajikanna? Geus nganyeyeri hate pamajikanna? Ari kitu mah sarua meureun pada pada tega ka awewe. Ah, teu bisa disaruakeun, da Jaka mah deudeuh ka kuring, karunya ka kuring.

Reup, Eros peureum, tuluy gigideug. Moal, Jaka mah moal nepi ka kitu. Diari ditutup, Eros pikiranana kumalayang ka jauhna, nyipta-nyipta Jaka. Naha anjeun mikiran kuring ayeuna? Sono teu ka kuring ayeuna? Siga sono kuring ka anjeun, kuring rumasa teu bisa mopohokeun.

Sabot Eros keur nyawang, hape di hareupeunana disada, lamunanana kagareuwahkeun.

“Assalamu’alaikum. Mah, Papah moal uih deui ayeuna, meeting-na diperpanjang dua dinten deui,” sora Agus dina telepon.

“Wa’alaikum salam Pah. Naha meni lami-lami teuing? Meni dugi ka genep dinten?” Tanya Eros panasaran.

“Muhun Mah, teu tiasa ditolak, da Pa Cukra nu nugaskeun,” sambung nu ti peuntaseun telepon. Emh, Pa Cukra dijadikeun tameng. Baku ari alesanana Pa cukra nu nugaskeun teh. Maenya euweuh pagawe nu sejen deui pikeun ditugaskeun? Cek Eros dina hatena.

Sanggeus nutup telepon, manehna muka deui diari, tuluy anteng maca kaca nu kalima.

Mega nu umpal-umpalan, jadi saksi urang duaan, poe ieu urang nyacapkeun rasa kasono, rasa kacinta. Ngebrehkeun sakabeh rasa urang, pikir urang, dihijikeun dina asih nu saestuna nyalahan.

Panon Eros cirambay, inget waktu manehna jeung Jaka nekad indit ninggalkeun imahna sewang-sewangan. Manehna ninggalkeun Agus, salakina, Jaka ninggalkeun pamajikanana, demi rasa cinta maranehna. Tilu poe Eros kakaburan jeung Jaka, nyewa villa di hiji tempat nu jauh ti tempat maranehma. Inget harita Eros narima telepon ti indungna nu nyaritakeun yen Agus menta dihampura. Eros daek balik deui ka imahna, manehna kapaksa ninggalkeun Jaka di villa nu pinuh ku carita.

Jaka, tiharita, anjeun euweuh ibarna deui, euweuh nelepon, euweuh ngirim SMS. Geus ratusan kali kuring nelepon, nomerna teu aktif. Ditanyakeun ka babaturan gawena, pajarkeun anjeun geus teu gawe deui di dinya.

Hape disada deui, gancang ku Eros ditempo, aya tulisan ngaran Pa Cukra.

“Hallo, Bu Eros? Saya Pa Cukra, beberapa hari ini, kenapa Pa Agus tidak masuk kerja, Bu? Apa dia sakit?” Gebeg, Eros ngagebeg lain dikieuna.

“Euh, iya Pa, dia kurang enak badan beberapa hari ini. Maaf kalau suami saya belum ngasih kabar, Pa,“ Eros nutupan salakina nu ingkar tina pagawean.

“Oh, ya enggak apa-apa kalo gitu mah, biar Pa Agus sehat aja dulu, makasih ya, Bu.”

Asa katinggang langit nu runtuh karasana ku Eros, sanggeus nampa telepon ti Pa Cukra, dunungan salakina. Jadi salila ieu, salaki kuring ka mana? Jeung saha? Eros hatena beuki noroweco. Ambek teu kabendung, Eros gancang nelepon salakina, teu nyambung. Dicoba sakali deui, sarua. Nepi ka sababaraha kali telepon salakina teu aya nu ngangkat.

Kang Agus, naha tega anjeun ka kuring. Mun enya akang geus teu suka, serahkeun kuring ayeuna, ulah diganggayong kieu. Eros nyegruk, bohak hatena kasuat-suat deui.
Eros inget aya nomer telepon Jaka hiji deui, nu ditulis dina diari, geuwat ku manehna diteang, susuganan nomer teh aktif keneh. Pinuh ku harepan, Eros mencetan nomer nu dituju. Nomer masih aktif keneh, kadenge aya nada sambung.

“Hallo, wilujeng siang,” sora nu teu bireuk keur manehna manehna kadenge deui.

“Jaka, kadieu, Jaka, kuring butuh anjeun ayeuna keneh. Bawa kuring ti dieu Jaka, kuring geus teu kuat di dieu,” cek Eros dibarung ku eueuriheun.
Anonim
Carpon : Taufik Rahayu
(dimuat dina majalah Mangle, maret 2011)

Ti keur leutik geus wanoh kana roko téh, sok mindeng katiténan kolot bangun nu nikmat kacida nyeuseupan haseup roko. Sabatang-sabatang matak uruy ningalina. Komo mun tas dahar, nu pangheulana dirongkong pasti roko kadua korékna.
Isuk-isuk nya kitu kénéh, hudang saré téh bapa geus pelenyun kana udud, dibaturan kopi hideung bangun pogot naker. Ari keur leutik mah asa teu kaharti, naon ngeunahna ari roko? Haseupna? Kararagok kudu nyeuseupan haseup tina sabatang roko mah, mending kénéh nyieun durukan nu ngaluarkeun haseup loba, ban mobil atawa pelastik. Geus kitu kari diseuseupan, seubeuh meureun. Moal kawas roko, unggal usik. Matak kaluman ningalina, talung mun murah. Nu puguh mah duit jajan sok dikorteng waé ku indung. Béak dipaké roko bapa manéh majarkeun téh cenah.
Nya naon ngeunahna atuh? keur kuring mah, karék ngambeu haseupna ogé irung karasa arateul teu puguh rarasaan, eungap. Kaditu pasti matak jadi batuk.
Kungsi nanya ka aki, naon pangna resep kana roko? aki ukur mésem, “Tong sok ngabiasakeun wawuh jeung roko sia mah, jauhan. Matak teu gableg kaboga. Montong nurutan bapa sia.” kituna téh bari teu euren-eureun ngenyotan bako nu dibungkus daun kawung, katémbong bangun nu nikmat kacida. Béak salintingan, tuluy ngalinting deui, kecrék gasolin kameuemutna dihurungkeun, pelenyun deui.
Asup SMP kuring ogé mimiti ngaroko téh. Mimitina sok mindeng katingali babaturan sakola ngadon ngararoko, kuring asa mobok manggih gorowong. Nanyakeun  naon ngeunahna ari roko. Maranéhna ogé sarua siga bapa jeung aki, bangun nu nikmat pisan. Selebung-selebung. “Gaul mén, lalaki nu teu ngaroko mah banci siah…” ceuk babaturan bari ngasongkeun roko ka kuring, “cobaan geura, tong sok bébéncongan ngéwa jadi lalaki mah.”
Rada asa-asa rék nampanan roko téh, kawantu baheula ogé kungsi ngalaman nyeuseup, kalah batuk jeung murel. Tapi ke heula, embung teuing kudu disebut banci mah. Roko ditampanan, dikenyot lalaunan. Haseup munggaran asup ngaliwatan genggerong, eureun sakeudeung dina dada, paru-paru pahibut ngompakeun haseup ka sakabéh awak, kana jantung, kana urat-urat, kana otak, narapel dina daging, namper dina tulang, ngahiji jadi getih, tuluy lalauna haseup dikaluarkeun deui. “huuuhhh…” karasa nikmat geuning roko téh. Dikenyot deui, dikaluarkeun deui, dikenyot dikaluarkeun tina irung, ditahan sakeudeung na dada, dikaluarkeun dibuleud-buleud. Beuki dieu beuki karasa ngeunahna haseup roko téh, matak deudeuieun, nu antukna nyandu.
Sabada meunang pagawéan, kana roko mingkin maceuh. Geus teu kudu deui nyusahkeun kolot. Kana roko lir kana oksigén, unggal nyaring teu weleh ngebul, unggal hawa nu dikenyot kudu waé aya kekebul bodasaan. Nepi ka boga pamajikan, boga budak. Roko geus jadi getih jadi daging. Sabungkus, dua bungkus, tilu bungkus, geus teu ka itung deui.

*

Karasa gararing baham téh, geus sababaraha minggu ti saprak di rumah sakit teu bisa nyeuseup roko. Ceuk dokter kuring kudu eureun ngaroko, éta oge ari hayang hirup leuwih lila. Kangker paru-paru ganas geus parna pisan. Staging, tingkat opat, cenah.
Kudu eureun ngaroko? Tangtu waé teu bisa ditarima kitu waé, kawantu roko téh geus ngadarah ngadaging ngajadi jiwa keur kuring mah. Teu bisa ngaroko mah sarua waé jeung nitah paéh.
Da enya atuh, sanggeus kaluar ti rumah sakit, pamajikan jeung anak kuring siga nu geus baradami. Sagala hal nu aya pakuat pakait jeung roko téh dipiceun, asbak nu biasana aya di unggal juru korédas, kitu ogé roko nu biasa maturan téh teu buntut-buntutna acan. Kuring ngan ngaheruk, rék ingkah awak teu walakaya. Sadrah kana kaayaan diri.
Baham beuki gararing, mun pareng diasupan sangu ogé geus teu karasa nanaon. Geus teu apal kumaha tiis jeung panas, komo rasa kadaharan mah. Létah siga nu geus paéh. Rék naon waé nu diasupkeun, angger euweuh rasana, hambar. Nu aya dina pikiran mah keukeuh montél kana roko. Euweuh deui, ukur roko nu boga sayuta rasa mah. Pareng mun diseuseup ngageleser asup ngaliwatan genggerong, ereun sakeudeung dina dada, bayah pahibut ngompakeun haseup ka sakabéh awak, kana jantung, kana urat-urat, kana otak, narapel dina daging, namper dina tulang, ngahiji jadi getih, tuluy lalaunan haseup dikaluarkeun deui.
“Huuuhhh…” kabayang karasa nikmatna roko téh.
Ayeuna mah neureuy ogé karasa beuki nyeri. Sangu bubur hésé rék asupna. Diteureuy ngaganjel dina genggerong lir batu teuas, seuseut kacida. Euweuh deui nu matak mawa kanikmatan mah. Ngan haseup roko, teu kudu sangu. Ku haseup roko mah langsung jagjag, sok najan ku bako atawa kuntung panyésaan ogé.
Mindeng pisan batukna ayeuna mah, malah pacampur jeung getih nu semu hideung. Rarasaan téh ari ku ngaroko mah batuk téh sok leungit, genggerong jadi haneut. Dada karasa ngaremplong.
Ti saprak eureun ngaroko, awak beuki ngorotan. Mun pareng kuring nanyakeun roko, pamajikan jeung anak langsung jejebris. Padahal ubar nu matih keur kuring mah euweuh deui ngan hiji. Nya éta haseup roko. Teu kudu di Radioterapi, Kemoterapi, Targeted therapy  sok komo kudu dibedah mah, lebar kahambur-hambur biaya.
Panénjo asa kurang awas, sirah mingkin beurat. Baham beuki garing, ciduh téh teuing kamarana miisna. Dedegan roko keukeuh lir nu gugupay dina jero sirah. Kungsi dibéré roko elektrik, nu teu kudu maké seuneu atawa haseup, matak séhat majarkeun téh. Tapi da keur kuring mah, justru kanikmatan sabatang roko téh koncina aya dina seuneu jeung haseupna. Asa ngahina ari kudu dibéré roko elektrik kitu mah, asa jadi budak nu dibéré cocooan. Teu harayang teuing.
Poé ka poé awak mingkin karasa ngorotan, dada beuki seuseuk, genggerong beuki teu puguh rasa, napas heureut. Pamajikan  bur-ber tatamba ka ditu-ka dieu, ti dokter mah puguh. Malah aprak-aprakan mapay lembur-lembur pasisian. Geus disaréatan ka mana-mana cenah.
Sok keueung ogé mun pareng ngadéngé pamajikan ngaji, maca yasin. Sok sanajan ngagerenyem tapi da kadéngé matak kareueung. Sakapeung kadéngé inghakna nu marengan doa-doanna. Asa geus béak pangharepan. Kahayang kalah ayang-ayangan. Karesel kudu nambru dina kasur unggal poé kieu mah.
Hiji peuting maksakeun hudang, karasa beurat jeung lieur sirah téh. Awak ngeleper, napas mingkin sesak, mengi. Sakapeung pacampur batuk jeung getihna. Leumpang lalaunan mapay-mapay témbok imah. Kuring inget baheula kungsi nunda bako jeung daun kawungna digudang. Ngahaja piparantieun mun pareng teu boga duit keur meuli roko. Ditéang susuganan aya kénéh, geus teu kuat ku awak nu mingkin teu puguh rasana.
Asa jauh pohara gudang téh, padahal lamun keur séhat mah moal samenit-menit acan. Luut léét késang, suku geus teu kuat ku léngkah. Haseup tuluy gugupay, sumanget hayang cageur beuki ngagedur, ngeureuyeuh ngised-ngisedkeun léngkah.
Nepi di gudang, karasa awak mingkin lungsé, panon ranyay, rénghap napas nu parendek karasa peurih. Ku sésa-sésa tanaga, gura giru néangan kotak kai hideung panundaan bako. Ngahaja dikotakan kawantu aya sajarahna. Titinggalan aki, lengkep jeung gasolin klasikna, pasagi hérang, tina almunium. Tara kuat ari geus mindeung kana roko mah kana bako téh. Harita basa aki maot, kuring pangangguran nyokot gasolin klasikna. Sakalian jeung bako moléna, bisi butuh cekeng téh. Itung-itung kenang-kenangan waé.
Peti kai dibuka. Asa manggih milik gedé barang nénjo bako nu dibungkus pelastik leutik. Dina bungkusan éta kénéh aya sababaraha lambar daun kawung nu geus garing jeung pahpir.
Nyewol bako, karasa tiis jeung rada ngabagel. Diambeuan karasa bauna seungit asup kana alam pikiran. Daun kawung dibébér-bébér, bako nu diambeuan digulungkeun. Dilinting leutik. Gap kana gasolin, hésé hurung, cekés cekés cekés… sanggeus sababaraha kali karék.
Bako diseungeut, karasa haseupna ngageleser asup ngaliwatan genggerong, ereun sakeudeung dina dada, bayah pahibut ngompakeun haseup ka sakabéh awak, kana jantung, kana urat-urat, kana otak, narapel dina daging, namper dina tulang, ngahiji jadi getih. Eureun sakedapan, jajantung, napas, wanci… haseup.
Panon peureum ngararasaeun haseup nu kaluar asup minuhan awak.
Haseup ka luar deui ngabreng paheula-heula, moékeun pangeusi gudang, moékeun sakabéhna, tuluy ngajaul nembus ka langit. Karasa awak harampang, asa ngalayang, napas ngemplong, awak cageur sabihara-sabihari deui. Nyaah beunta, katinggal haseup ngelun ngahalangan téténjoan.
Hawar-hawar ti rohangan tengah aya nu ceurik ngabangingik, sakapeung diselang ku nu ngaji yasin patémbalan. Gura-giru kuring nyampeurkeun. Horéng di tengah imah geus loba jalma ngagimbung, karérét pamajikan mah teu ingeteun dina lahunan tatangga. Budak jeung dulur-dulur rarambisak. Di tengah-tengah katémbong aya nu ngajepat dikurungan samping.
Bet asa reuwas, nya saha éta? Disampeurkeun, lalaunan dibukakeun samping nu nutupan. Ngagebeg. Asa leuleus saawak-awak. Horéng kuring nu ngajepat téu nyawaan téh. Teu kawawa undur-unduran ngajauhan layon.
Ngagorowok satarikna, jelema-jelama bangun nu teu miroséa. Jejeritan mingkin tarik angger taya nu ngadéngé. Kalah jarongjon mulasaraan layon kuring. Geus béak déngkak. Diuk cindekul luhureun sirah layon kuring. Rét kana layon nu ngajengjen, rét ka diri nu ayeuna geus mangrupa haseup. Semu hideung ngabelegbeg. ***

Cisompét, bulan katilu 2011
Bengkel Ngarang Sunda
Mugia anjeun nampi, ieu serat nu eusina pangebrehan eusi ati, gerentes nu ngajorojoy tina sanubari.

Mugia anjeun nampi, sagala rupi kakirang ieu diri.

Teu karaos jungjunan, tos wuwulanan urang silih cantelkeun hate, pautkeun angen, silih ebrehkeun eusi ati. Tangtos urang duaan ge pada pada apal, pada pada uninga, yen asih urang, tresna urang saestuna kaluar tina nu samistina.

Diri urang jungjunan, geus aya nu mibanda. Ari umur tunggang gunung, angen -  angen pecad sawed, eta panginten babasan nu meneran kangge urang. Teu nyalahan jungjunan, urang duaan, tos teu ngemutkeun deui kana lalampahan.  

Tapi, dalah dikumaha, geningan, hate mah teu tiasa di bobodo, angen teu tiasa diakalan.

Munggaran tepang, anjeun sababaraha kali maledog ku imut, ngalungkeun teuteup. Endah jungjunan … kiwari ge aya keneh na lelembutan.

Sakedik ge teu nyangki, yen lalakon urang bakal manjang. Teu nyangka sacongo buuk, dugi ka kitu gening lalampahan urang. Nanging, moal bade ngaraos hendeueul, teu, teu pisan pisan abdi ngaraos hanjelu, malih ngaraos bagja kamanyangan. 

Naon atuh nya nu kedah diserat didieu, da gening, imut anjeun nu micangcam, soca anjeun nu ngabongroy, ngajantenkeun diri abdi teu walakaya, kagembang ku jungjunan.

Kemis, pasisiang, emut keneh jungjunan? urang duaan aya di hiji kamar. Duh, seungitna rohangan, aya keneh dina implengan, malati, enya malati nu ngahibaran, ngahibaran urang duaan.

Laksana panganten anyar urang duaan silih udar rasa kasono, silih ebrehkeun rasa kacinta. Rasa nu salami ieu ngagalura, nu sumarambah dina unggal paguneman urang.

Kemis, enya kemis, di hiji kamar, aya lalampahan antara urang nu sapanjang yuswa panginten moal dugi ka ilang tina emutan.

Kasawang keneh jungjunan, waktos harita paduduaan nyiar tanjakan, silih kaleng na teteclean. Panto kamar dibuka, bray, kabungah datang sapada harita.Teu nyangka impenan teh seja tinekanan.

Mugia anjeun nampi, jungjunan, sagala rupi kakirang ieu diri. 



~ Sofy Krismawati~
Fitri W
Keur nempoan status dina pesbuk, panon teh langsung eunteup dina hiji ngaran. Meureun maksudna  mah ngarah gaya nulisna cara kitu teh. Ngan kuring nu ningali langsung nyerengeh. Eta ngaran di tulisna Énéng lain Enéng, beda pan?
Label: 0 pairan | edit post
Fitri W
Wilujeng sumping ka sadayana nu aya dina beungkeutan bengkel ngarang sunda. Mugia dina ieu wadah tiasa dianggo pikeun silaturahmi & ngaapresiasi karya-karyana